Anda di halaman 1dari 8

3

BAHASA SUNDA PAKET B


A. Pilihan Ganda

Waktos abdi ngasongkeun artos tilu rebu rupia, Pa Guru teu langsung nampi,
malah anjeuna neuteup. Rerencangan sekelas oge arolohok
“Ieu the enya rek nyumbang tilu rebu, Win?”, pa Guru naros, “muhun” waler
abdi
“Gede-gede teuing” Pa Guru sapertos nu teu percanten, atuda rerencangan mah
paling ageung nyumbang lima ratus.
“Wios da nuju gaduh”
“Nya ari kitu onaman”, Saurna bari nampi artosna
“Hebat euy, Winny loba duitna” ceuk ferry
“Bapa na petugas kepala Bank” ceuk Tini
“enya Win” Sany nu diuk gigiren nanya.
Abdi unggeuk, mani asa rebeh irung.
Saparantosna sadayana di sungkeun sumbangan, Pa Guru ngumumkeun yen
artos sumbangan kanggo bencana di Irian Jaya di ti kelas abdi kengeng sakitu,
aageungna ti abdi saurna. Rerencangan keprok, muji ka abdi.

Di Cutat tina Gapura Basa

1. Nu dicaritakeun dina sempalan carita pondok nyaeta….

A. Winny nyumbang keur bencana kalaparan di Irian Jaya

B. Winny teu daek nyumbang keur bencana kalaparan

C. Pak Guru miwarang barudak kudu daek nyumbang

D. Artos Winny kacida seueurna kumargi putra Kepala Bank

2. Amanat anu di kandung tina sempalan carita pondok ieu nyaeta….

A. Nyumbang kanu butuh teh kudu iklas ulah hayang kapuji

B. Jadi Guru kudu wijaksana jeung nyaah ka murid-muridna

C. Lamun aya nu nyumbang leuwih gede kudu di puji

D. Kudu siga Winny daek tutulung ka batur

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi
4
BAHASA SUNDA PAKET B
3. Palaku utama dina carita pondok ieu nyaeta….

A. Pa Guru C. Winny

B. Fery D. Tini

4. Sifat anu ditunjukeun ku Winny dina eta carita nyaeta….

A. Sabar C. Pupujieun

B. Berehan D. Koret

5. Latar tempat dina sempalan carita pondok diluhur nyaeta….

A. Buruan Sakola C. Ruang Guru

B. Jero Sakola D. Kantin Sakola

6. Sikap nu bisa di jadikeun picontoeun tina sempalan carita di luhur nyaeta ….

A. Silih puji lamun aya nu leuwih gede mere sumbangan

B. Nurut kana parentah Guru

C. Silih tulungan jeung nu kesusahan ku cara mere sumbangan

D. Mere sumbangan teh kudu pagede-gede

7. Tah ayeuna mana anu di sebut kecap kantetan Endo Sentris ….

A. Seuri Koneng C. Kaca Piring

B. Amis Budi D. Cacag lauk

8. Cik ari kecap kantetan Eksosentris nu mana bae….

A. Meja Makan C. Buku tulis

B. Jeruk Garut D. Amis Cau

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi
5
BAHASA SUNDA PAKET B
9. Cik sebutkan ciri-ciri kecap barang….

A. Mibanda harti anu beda tina unsur pangwanguna

B. Bisa dituturkeun ku kecap bilangan

C. Unsur-unsurna teu bisa di robah

D. Upama di rajek keuna kana sagemblengna unsur kecapna

10. Ari nu disebut kecap sulur teh naon?

A. Kecap gaganti kecap sifat C. Kecap gaganti kecap pagawean

B. Kecap gaganti kecap pangantet D. Kecap gaganti kecap barang

11. Mana ari nu disebut gaganti jalan kahiji….

A. Maneh C. Abdi

B. Anjeun D. Didinya

12. Bapa kaasup gaganti jalma ka sabaraha….

A. Gaganti jalma kahiji C. Gaganti jalma katilu

B. Gaganti jalma kadua D. Sesebutan/gaganti milik

13. Kecap panuduh dina basa Sunda dibagi ….

A. Dua bagian C. Opat bagian

B. Tilu bagian D. Lima bagian

14. Kecap naon anu ampir mustahil jadi jejer ….

A. Kecap pagawean C. Kecap sifat

B. Kecap bilangan D. Kecap bilangan tahapan

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi
6
BAHASA SUNDA PAKET B
Kocapkeun sanghyang Borosngora teh tos dugi ka kaprabon nu dibageakeun ku
kabingah para wargi-wargi sareng ramana. Sanghyang Borosngora teu hilap
ngadugikeun syiar Islam kanu aya di Istana. Prabu Sanghyang Cakradewa mah
nolak sacara lemes ajakan putrana, anjena milih janten pandita. Ari karajaan mah
di pasrahkeun ka putrana anu cikal Sanghyang Lembu Sampulur II.

Cai zam-zam nu dicandak ku Sanghyang Borosngora teh janten cikal bakal cai Situ
Lengkong nu asalna mangrupa lengkob nu di kurilingan Pasir Jambu. Ari gayung
nu di alungkeun robah jadi tangkal paku anu wanguna siga gayung. Sanghyang
Borosngora mah neraskeun lalampahanana pikeun syiar Islam. Ka wewengkon
Tasikmalaya, Garut, Bandung, Cianjur jeung Sukabumi.

Prabu Sanghyang Lembu Sampulur II, teu lami marentah kerajaan Panjalu teh
anjenna ngalih ka Cimalaka di Suku Gunung Tampomas Sumedang, ngadegkeun
karajaan anyar diditu. Karajaan Panjalu di pasrahkeun ka Sanghyang Borosngora
nu ahirna Panjalu mekar jadi Karajaan Islam.

15. Kajadian aheng tina sempalan babad di luhur nyaeta….

A. Prabu Sanghyang Cakradewa milih janten pandita

B. Karajaan Panjalu di pasrahkeun ka Sanghyang Borosngora

C. Gayungna di alungkeun ka Gunung Sawal nu antukna salin jenis jadi


tangkal paku

D. Prabu Syanghyang Lembu Sampulur ngadegkeun karajaan anyar

16. Cai zam-zam anu candak ti Mekah teh ahir na jadi ….

A. Walungan nu aya di Panjalu

B. Cai Sumur ti Panjalu

C. Cikal bakal Situ Panjalu (Lengkong)

D. Situ nu aya di Gunung Tampomas

17. Tokoh utama nu aya dina carita babad ieu nyaeta ….

A. Sanghyang Cakradewa C. Sanghyang Lembu Sampulur II

B. Sanghyang Borosngora D. Raja Panjalu

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi
7
BAHASA SUNDA PAKET B
18. Daerah nu di caritakeunana dina babad di luhur, kiwari ka asup wewengkon
….

A. Ciamis C. Tasikmalaya

B. Kuningan D. Cirebon

19. Unsur sajarah nu aya dina dongeng babad di luhur nyaeta ….

A. Asal usul karajaan Panjalu jadi karajaan Islam

B. Sanghyang Cakradewa anu milih janten Pandita

C. Asal usulna Situ Panjalu jeung tangkal Paku

D. Pembagian wilayah karajaan di Jawa Barat

20. Prabu Sanghyang Cakradewa mah nolak sacara lemes ajakan putrana.
Kalimah di luhur teh nuduhkeun yen ….

A. Raja jalmi wijaksana C. Raja jalmi teu sabaran

B. Raja jalmi nu babari bendu D. Raja jalmi nu elehan

21. Ari kecap panuduh bilangan tina bilik naon ….

A. Rirang C. Gebing

B. Sihung D. Ponggol

22. Am, beretek, barakatak jeung biur ka asup kana kecap ….

A. Kecap panambah C. Kecap kantetan

B. Kecap panganteur D. Kecap pagawean

23. Kecap panyambung dina kalimah di bagi jadi ….

A. Tilu golongan C. Lima golongan

B. Opat golongan D. Genep golongan

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi
8
BAHASA SUNDA PAKET B
24. Cik naon nu disebut kalimah salancar ….

A. Kalimah anu diwangun ku hiji jejer jeung hiji caritaan

B. Kalimah anu diwangun ku hiji obyek jeung hiji caritaan

C. Kalimah anu diwangun ku hiji caritaan jeung hiji katerangan

D. Kalimah anu di wangun ku hiji katerangan jeung hiji obyek

25. Naon atuh anu di sebut katerangan tempat ….

A. Anu nerangkeun waktu lumangsungna hiji kajadian

B. Anu nerangkeun tempat lumangsungna hiji kajadian

C. Anu nuduhkeun hiji tujuan atawa maksud

D. Anu netelakeun cara-cara lumangsungna hiji kajadian

26. “Tina omonganana katangen, yen manehna lain jalma jore-jore”

Tah kalimah diluhur ka asup kana hubungan naon?

A. Hubungan Kanyataan C. Hubungan Cara

B. Hubungan Hasil D. Hubungan Pangjentre

27. Cik naon atuh ari nu disebut kalimah pasif?

A. Jejerna jadi palaku oge nu ngarandapan

B. Jejerna jadi palaku

C. Jejerna jadi pangrandap

D. Jejerna jadi tulang punggung kaluarga

28. Lamun urang nyaho kana hiji hal aya kalana sok hayang mere nyaho kabatur
cik kalimah naon anu digunakeunana….

A. Kalimah wawaran C. Kalimah parentah

B. Kalimah pananya D. Kalimah panyeluk

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi
9
BAHASA SUNDA PAKET B
29. Cik naon ari kembang sampeu?

A. Ancal C. Dingdet

B. Alewoh D. Angkruk

30. Cik ari anak kueyeup disebutna naon ….

A. Bangkanang C. Bocokok

B. Bilatung D. Bonceret

31. Naon hartina paribasa ieu “Ayakan mah tara meunang kancra”

A. Usaha ku modal leutik hasilna oge moal gede

B. Lubak libuk ku harta, tapi teu bisa make da lain anuna

C. Meunang dina kauntungan

D. Mapatahan kajalma nu luewih loba kanyahona

32. Cik pilih mana kalimah nu ka asup kana rakitan lantif….

A. Mapatahan ngojay ka Meri

B. Bandung mah heurin ku tangtung

C. Jang buru-buru eusian bak, Bapak rek mandi

D. Didieu mah kumaha dinya bae

33. “Bulan anteng ngintip dina sela-sela camara”, cik eta mangrupakeun gaya
basa naon?

A. Gaya basa lalandian C. Gaya basa silib

B. Gaya basa ocon D. Gaya basa mijalma

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi
10
BAHASA SUNDA PAKET B
34. Ari gaya basa ngasor nu kumaha….

A. Tuang putra teh kirang pisan dina matematikana

B. Nu mawi abdi teh nuju ngadamel sasaungan di lembur

C. Awak sagede gajah naek sapedah, mani teu pantes

D. Kuring oge ngadenge ku ceuli sorangan

35. Kecap-kecap nu patali jeung pancakaki biasa di piheulaan ku kecap tuang, eta
teh basa naon!

A. Basa hormat keur sorangan C. Basa hormat keur ka batur

B. Basa loma D. Basa sedeng

B. ESSAI

1. Naon anu dimaksud kalimah ngantet seler sumeler?

2. Ari kalimah repleksif anu kumaha pek jelaskeun?

3. Cik sebutkeun salah sahiji ciri-ciri kecap sifat?

4. Kecap rundayan teh naon pek terangkeun sing jelas?

5. Abdi … ti sakola teh tabuh dua welas.

@
B.SUNDA-PKT B-2017/2018 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Kota Cimahi

Anda mungkin juga menyukai