Anda di halaman 1dari 6

YAYASAN PENDIDIKAN ISLAM HAJI ABDULLAH ( YADIKHA )

AKTA NOTARIS : H. BURHANUDIN HUSAINI, SH, Sp.N, M.Kn Nomor : 1 Tahun 2016
SK. Men Kum Ham RI Nomor : AHU-0043388.AH.01.04.Tahun 2016
MADRASAH TSANAWIYAH AR RAHMAH
NSM/NPSN : 121232010091/20280501
Alamat : Kp. Waringin Jaya Rt.01/03 Desa Waringin Jaya Kec. Bojonggede Kab. Bogor 16925

PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)


TAHUN PELAJARAN : 2022/2023

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA Kelas : VII (TUJUH)


Hari/Tanggal : JUM’AT, 09 Juni 2023 Waktu : 09.00-10.00

I. SILANG (X) SALAHSAHIJI A, B, C, ATAWA D ANU DIANGGAP PANGBENERNA !


Baca potongan dongeng sasakala di handap ieu pikeun ngajawab soal nomer 1-5 !

Sasakala Cigondewah

Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari.


Ari anu jadi rajana katelah Bagenda Raja singa Mandala. Raja anu adil
tur wijaksana. Bagenda Raja kagungan putri anu keur semedeng rumaja
putri, nyaeta Putri Mayang sawitri.
Putri geulis bawa ngajadi, endah bawa ti kudrat. Kageulisan Putri
Mayang sawitri geus kawentar ka mana ka mendi. Loba pangeran
ngalamar, tapi kabehanana ditolak ku Putri Mayang Sawitri. Bagenda
Raja Singa Mandala kacida hariwangna, dumeh sakabeh pangeran
jeung raja ditolak lamaranana.
Bagenda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana teh nyerang ka
Nagara Sindang sari. Hiji waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih
datang jeung rombonganana. Maksudna taya lian, rek miharep ka Nyi
Putri Mayang Sawitri. Tapi nu ieu ge sarua deuih ditolak lamaranana.
Atuh Bagenda Raja Singa Mandala teh beuki geumpeur kacida.

1. Dongeng di luhur teh nyaritakeun ….


A. Nyi Putri Mayang nu dilamar ku para putra jeung raja
B. Bagenda Raja Singa Mandala
C. Nagara Cigondewah
D. Putri raja anu narima lamaran
2. Raja Karajaan Sindang sari teh nyaeta ….
A. Putri Mayang Sawitri C. Raja singa Mandala
B. Raja Jaya Dilaga D. Putri Purbasari
3. Raja ti Margaasih nu rek ngalamar Nyi Putri Mayang Sawitri nyaeta ….
A. Putri Mayang Sawitri C. Raja Singa Mandala
B. Raja Jaya Dilaga D. Putri Purbasari
4. Di handap ieu mangrupakeun eusi tina potongan dongeng di luhur, iwal ….
A. Kageulisan Putri Mayang Sawitri teu kawentar ka mana ka mendi
B. Raja Karajaan Sindangsari nyaeta Bagenda Raja Singa Mandala
C. Raja Karajaan Sindangsari Raja anu adil tur bijaksana
D. Bagenda Raja kagungan putri anu keur sumedeng rumaja putri
5. Parasaan Bagenda Raja Singa Mandala nu ka gambar dina dongeng di luhur nyaeta ….
A. Bagja C. hariwang
B. Galau D. ambek
6. Kalimah wawaran …____ nyaeta kalimah wawaran anu diwangun ku subjek jeung predikat, sarta bisa
ditambah ku objek atawa henteu.
A. Langsung C. aktif
B. Basajan D. jembar
7. Kalimah wawaran …_____ nyaeta kalimah wawaran basajan anu dijembaran atawa ditambah ku
katerangan.
A. Langsung C. aktif
B. Basajan D. jembar
8. Di handap ieu contokalimah wawaran, iwal ….
A. Ucing anu ngagiwing lauk ti balok teh anu bi Ani
B. Pangnyalukeun si Bibi !
C. Di warung bi Ani mah euweuh jajanan minyak tanah
D. Pa Bupati sumping disarengan ku Pa Camat
9. Di handap ieu nu kaasup conto kalimah wawaran nyaeta ….
A. Ti mimiti taun 2020 Kemendikbud teu ngayakeun deui Ujian Nasional
B. Mugia Ibu Bapa sehat saterasna !
C. Pangmawakeun simbut kadieu !
D. Cik tong miceun runtah di dinya !
10. “ Ucing anu ngagiwing lauk ti balok teh anu bi Ani “
Di luhur mangrupakeun conto kalimah ….
A. Pananya C. wawaran
B. Panyaram D. pasif

Baca sajak di handap ieu pikeun ngajawab soal nomer 11-15


Silih Tulungan

Nyiruan dina pancuran Titiran ku paninggaran


Titeuleum meh bae paeh Diintip-intip dipanah
Titiran nenjo nyiruan Nyiruan mulang tarima
Kanyaah mapes hate Nyeureud bitis paninggaran

Geuwat metik dangdaunan Paninggaran ngagurubug


Diragragkeun kana cai Teu tulus manah titiran
Nyarayap eta nyiruan Geus lesot kabeh bangbaluh
Teu tulus nemahan pati Lantaran silih tulungan

11. Nu rek titeuleum teh nyaeta ….


A. Monyet C. oray
B. Nyiruan D.lauk
12. Sajak di luhur teh ngagambarkeun ngeunaan ….
A. Silih jongkrokkeun C. balas dendam
B. Kahirupan nu keras D. hirup silih tulungan
13. Titiran nyalametkeun nyiruan ku cara ngaragragkeun ….
A. Tangkal C. dangdaunan
B. Buah D. batu
14. Sajak di luhur teh ngagambarkeun pikeun ….
A. Bales budi C. ngantep batur
B. Bales dendam D. silih carek
15. Nu diseureud ku nyiruan teh nyaeta ….
A. Paninggaran C. kembang
B. Titiran D. dangdaunan
16. Ieu di handap mangrupakeun kalimah panitah, iwal ….
A. “ Jang eta tutupkeun panto bisi aya hayam abus ka imah !”
B. “ Nyai, pangmeulikeun sambeleun ka warung !”
C. “ hayu atuh ari hayang balikayeuna mah !”
D. “ Isukan mah panggalakeun awi nya, mang, keus mager !”
17. Kalimah panitah nyaeta kalimah anu eusina ….
A. Ngajak jalma lian ngarah migawe babarengan jeung urang
B. Maksa jalma lian milampah pagawean
C. Ngebrehkeun hareupan lumangsungna paristiwa
D. Nyaram nu lian milampah kana pagawean anu teu hade
18. Kalimah panyaram nyaeta kalimah anu eusina ….
A. Ngajak jalma lian ngarah migawe babarengan jeung urang
B. Maksa jalma lian milampah pagawean
C. Ngebrehkeun hareupan lumangsungna paristiwa
D. Nyaram nu lian milampah kana pagawean anu teu hade
19. Ieu di handap nu mangrupakeun kalimah panitah nyaeta ….
A. “Hayu urang ka Situ Gede poe Minggu !”
B. “ Urang nginjeum buku ka perpustakaan yu !”
C. “ hayu atuh ari hayang balik ayeuna mah !”
D. “ isukan mah panggalakeun awi nya, mang, keur mager !”
20. “ Urang nginjeum buku ka perpustakaan yu !”
Kalimah di luhur teh conto kalimah ….
A. Panyaram C. panitah
B. Panghareupan D. pangajak

Baca pupujian di handap pikeun ngajawab soal nomer 21-25 !

Babawaan ka jero kubur

Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul


Hiji sodakoh jariah iklas kerna Allah
Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat
Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun teu weleh weleh
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim

21. Pupujian di luhur teh eusina ngeunaan ….


A. Hal-hal nu kudu dilakonan C. nungtut elmu nepi ka jero kubur
B. Amalan nu ngucur ka alam kubur D. anak nu tara ngado’a
22. Sodakoh jariah nu diamalkeun kudu ….
A. Ria C. dibeja-beja
B. Agul D. ikhlas
23. Perhatoskeun parnyataan di handap ieu !
(1). Sodakoh jariah (3). Budak soleh nu ngado’akeun
(2). Elmu nu mangfaat (4). Puasa Senen Kemis
Dumasar kana pernyataan di luhur, amalan nu ngocor ka alam kubur nyaeta nomor ….
A. (1), (2), jeung (3) C. (1), (3), jeung (4)
B. (2), (3), jeung (4) D. (3), (4), jeung (2)
24. Elmu nu bakal ngocor pahalana ka alam kubur nyaeta elmu ….
A. Nu mangfaat C. karuhun
B. Hitam D. nu loba
25. Nu bakal ngocorkeun pahala ka alam kubur teh nyaeta budak soleh nu ….
A. Rajin diajar C. teu poho ka indung bapa
B. Tara ulin peuting D. teu weleh ngadu’a
26. Di handap ieu mangrupakeun conto purwakanti pangluyu, iwal ….
A. Diteuteup ti hareup sieup (eu, eup) C. ditilik tigigir lenggik
B. Disawang ti tukang lenjang (a, ang) D. ambek nyedek tanaga midek (e)
27. Di handap ieu nu mangrupakeun conto purwakanti maduswara nyaeta ….
A. Kokoro nyoso malarat rosa (o,o,a,a)
B. Cing cangkeling manuk cingkleng cindeten (tina kakawihan)
C. Laut kidul kabeh katingali ( tina guguritan)
D. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)
28. “ Nyaeta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejen nu sipatna nembrak.”
Di luhur mangrupakeun definisi gaya basa ….
A. Ocon C. ngumpamakeun
B. Ngasor D. rautan
29. “ Nyaeta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salah sahiji barang pikeun nyebut barangsejen anu
aya patalina sacara logis.”
di luhur mangrupakeun definisi gaya basa ….
A. Ocon C. ngumpamakeun
B. Ngasor D. rautan
30. Di handap ieu nu mangrupakeun conto gaya basa ngumpamakeun nyaeta ….
A. Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah
B. Jang, pangmeulikeun Gudang garam
C. Kawas gang katincak
D. Ah gaduh tanah oge ngan satapak peucang

Baca carita pangalaman di handap pikeun ngajawab soal nomor 31-35 !

Pangalaman liburan sakola ka Pantai Pangandaran

Di liburan pere sakola ayeuna, abdi sakulawargi sareng rerencangan, angkat liburan warsih
2020 ka pantai Pangandaran, nu aya di Ciamis, Jawa Barat. Saking atohna, abdi tos mimiti
nyiapkeun sagala rupi persiapana ti wengi keneh sapertos acuk, kamera, kaemaman, sareg nu liana
Abdi sakulawargi angkat nganggo mobil ti Bandung kirang langkung tabuh 5 subuh, supados
teu keuna macet sareng tereh dugi ka tempat nu dituju. Sabenerna mah abdi ngarasa tunduh
keneh enjing eta teh, tapi abdi ngarasa atoh oge lantaran ku hoyong-hoyongna nganjang ka pantai
eta
Saatos sababaraha jam, ahirna abdi dugi oge ka pantai Pangandaran tabuh 8 enjing, abdi
sakulawarga sareng rerencangan langsung bae ngampar samak di basisir pantai, dilajengkeun
sareng acara papahare, hehehe !. rengsena papahare eta teh, abdi sareng rerencangan teras
langsung bae ameng ka pantai Pangandaran. Ti mimiti nyobian ngadamel istana tina pasir, maen
bal, ngojay, sareng nu liana.

31. Eusi teks di luhur teh nyaeta ngeunaan ….


A. Liburan jeung kulawarga ka pantai C. teu meunang kamamana nalika liburan
B. Liburan di imah wae D. perjalanan ka Candi Borobudur
32. Di handap ieu pernyataan nu saluyu jeung teks di luhur nyaeta ….
A. Sakulawarga angkat ka Pangandaran nganggo mobil
B. Dugi di pantai Pangandaran tabuh 9 enjing
C. Angkat ka Pangandaran kirang langkung tabuh opat subuh
D. Angkat subuh supados macet jeung rame di jalanna
33. Angkat ka Pangandaran na teh ti ….
A. Jakarta C. Solo
B. Bandung D.Malang
34. Pantai Pangandaran teh aya di propinsi ….
A. Jawa Timur C. DI Yogyakarta
B. DKI Jakarta D. Jawa Barat
35. Angkat isuk keneh teh ngarah ….
A. Teu kabeakeun tiket asup C. jalanna lowong tur tereh nepi
B. Aweuh pulisi dijalanna D. teu panas di jalanna
36. Di handap mangrupakeun ciri-ciri dongeng, iwal ….
A. Sumebarna sacara lisan
B. Teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim)
C. Eusi caritrana mangrupa rekaan, malah rea nu pamohalan
D. Ukuranana ilaharna panjang
37. Ieu di handap mangrupakeun papasingan dongeng, iwal ….
A. Mite C. drama
B. Legenda D, fable
38. Dongeng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan disebut dongeng ….
A. Mite C. drama
B. Legenda D. fable
39. Dongeng nu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan, disebut
dongeng ….
A. Mite C. drama
B. Legenda D. fable
40. Mite/mitos nyaeta dongeng anu nyaritakeun makhluk hidup ciciptaan bangsaning jurig jeung ….
A. Siluman C. tutwuhan
B. Sato D. asal-usul hiji tempat

Baca sajak di handap pikeun ngajawab soal nomor 41-45 !

Kakang

Gurat angina jadi haleuang


Asih urang dina dalingding
Halimun jadi panuyun
Kana hemana salira
Katampi deudeuh nu geugeut
Dimumule dina hate
Cahaya natrat sumirat
Nyaangan bagja duaan
Mugia ulah lekasan

41. Sajak di luhur teh eusna ngeunaan ….


A. Sosok nu jadi salaki C. ceramah pamajikan ka salaki
B. Perjuangan pamajikan D. salaki nu ngumbara
42. Asih urang dina ….
A. Boboko C. dalingding
B. Kaayaan D. dandang
43. Cahaya natrat ….
A. Kaserat C. kaserab
B. Sumirat D. kacatet
44. Gurat angina jadi ….
A. Hanjakal C. haleuang
B. Paminggir D. pangampura
45. Di ahir sajak, nu jadi harepan nyaeta ….
A. Mugia ulah lekasan C. sumanget digawe pikeun kabagjaan duaan
B. Mugia sing kuat digawe D. balikan deui sakumaha baheula

Baca pupujian di handap pikeun ngajawab soal nomor 46-50 !

Sarat wajib saum

Ari sarat wajib saum


Sing apal heh sepuh anom
Aya lima hiji islam
Dua mukalap multalajam
Katiluna kudu kuat
Opat cageur teu madorot
Lima cicing teu angkat
Lalakon dua marhalat

46. Pupujian di luhur teh nyaritakeun ngeunaan ….


A. Syarat jadi muslim C. kawajiban saum
B. Kawajiban muslim D. sarat wajib saum
47. Sarat wajib saum nu kadua nyaeta ….
A. Cageur teu madorot C. mukalap multalajam
B. Islam D. kudu kuat
48. Sarat wajib saum nu kaopay nyaeta ….
A. Cageur teu madorot C. mukalap multajam
B. Islam D. kudu kuat
49. Sarat wajib saum teh aya ….
A. Tilu C. lima
B. Opat D. genep
50. Di handap ieu sarat wajib saum, iwal ….
A. Cageur teu madorot C. mukalap multalajam
B. Islam D. gering

Anda mungkin juga menyukai