Anda di halaman 1dari 9

Narator: Baheula,aya salah sahiji karajaan nu boga raja anu bager pisan,darmawan,someah,asih,sareng

darmawan ka para rakyatna teh,ku kituna di pangagung ku rakyat rakyat na teh.namina nyaeta pangeran
panagehan.

Pangeran panagehan boga anak awewe mejehna parawan.gelisna kawanti wanti,endah na kabina
bina,ku kitu kalakuan hade pisan.nyai saringkin namina.

Ti leleutik nyai saringking tara di ogo ciga putra putri raja anu lain.anggoana tara anu alus²,biasa wae.ku
kituna ge lain indung bapa na teu nyaah atawa ulah.tapi nyi saringking paur make baju nu kasebut teu
hade.

Nya ku kitu nyai saringking,anu pinuh ku piwulang,kasipuh ku kepuh,adatna henteu minculak,hade basa
tata ka sasama.henteu sombong ciga abong aing anak raja.amun boga kahayang tara sok menta indung
bapa.upamana kitu oge engges di siapkeun ku indung bapana.

Hiji waktu indung na si nyai teh keur gering parah,ntos di ubaran ku saha wae,sampe ka daratang dukun
ti mana mana anu arek nagbales ka hadean raja. Tapi angger teu bisa di ubaran panyakitna teh.

Isukna teh engges di umumkeun ka mana² bahwamana indung na nyi saringking teh ntos maot,terus
para pangagung raja daratang ka karajaan,rek bela sungkawa sareng jajap layon ka kuburan.

Saangges di sholatan mayitna tur di gotong ka kuburan ku kulawarga pangeran panageuh an.loba pisan
anu ngiring na teh.

Kasedihan pangeran panagehan jeng nyai saringking geus lain caritakeunen,komo sabalikna ti kuburan
mah,hente angges angges nyi saringking ceurik,raja panageuhan mah ngan ukur bisa camebluk
ngalamun.

Lewat satahun santos maotna jenat,pangeran panaggeuhan kagungan mana keur neangan deui
pamajikan deui anu kos jenat.

Raja : Neng Bapa teh Bade milarian deui panglanjut Ambu kos jenatna Ambu Eneng? Wios teu neng?

NYI Sarikingkin :Wios Bapa,ambeh Aya NU nguruskeun Rama sareung kingkin"

geus lila manehna milihan tapi teu aya keneh anu cocok.ari anu geulis mah loba ngan palaur henteu
nyaah ka anak hiji hiji na nyaeta nyi saringking.

Engges lila pangeran neangan pamajikan nu cocok akhirna kapanggih oge,anu nyaaheun ka nyi
saringkingkin,terus Awewe teh boga dua anak sapantaran nyi saringkingkin awewe dua nana,jadi ku
kitu bisa silih pihapekeun.

Gancang na eta awewe teh ntos jadi kulawarga pangeran pananngeuhan.da ku raja ntos di tingali ti ka
nyaah na eta awewe ka nyai saringkingkin sae pisan kalakuana mirip almarhumah.
Tapi da ngarana ge jelema bisa rubah kalakuana,sarua kos pamajikan pangeran panageuhan nu anyar ge
nya kitu,lewat tilu bulan ganti kalakuana teh,mulai goreng adatnateh,da emang bohongan kalakuan
hadena mah.ambeh bisa ka pandang ku pangeran panageuhan hungkul.

Nu tadi na adatna hade jeung someah naha jadi sok sesentak ka para prajurit prajurit raja,malahan aya
nu sampe rek di usir.raja ge jadi binggung nu aya,karek manggihan nu barangasan da tiheula mah teu
kos kieu.komo nyi saringking kin mah unggal peuting teh sok kaluar cai mata da ngarasa di bedakeun ku
duduluran anyarna tea.nyi purba asih jeung nyi purba ratna mah da puguh sok make baju anu aralus.ari
nyi saringkingkin mah baju na kucel teu bisa di sebut biasa² acan.nya intinamah teu pantes anak raja
makena.

NYI Asih : " Kin kadieu heula "

NYI SARIKINGKIN : " Enya teh Aya naon "

NYI Asih : " Geuraan atuh Kin kadie "

NYI Sarikingkin : " Aya naon teh ngagoroan kingkin "

NYI Asih : " iyeu bantuan mersihan kamar "

NYI Sarikingkin : " oh enya atuh hayu dibantosan ku kingkin "

NYI Asih : " kedap nya kin teteh Bade ka Ambu

Tuluy teh datang NYI asih Jeung indung terena.nyi asih tuluy ningali perhiasan lengit nyalahkeun Nyi
Sarikingkin

NYI Asih : " Bu perhiasan asih teu Aya "

NYI pangeran : " kamana emang perhiasanna neng ? "

NYI Asih : " kumaneh lain Kin dicokot "

NYI Sarikingkin : " kingkin mah teu nyandak perhiasan teteh tatadi ge mereskeun kamar teteh doang "

NYI Asih : " geuning perhiasan asih iye eweh NU Aya dikamar kan maneh doang "

NYI Ratna : " Aya naon iyeu Ambu "

NYI pangeran : " iyeu si kingkin nyokot perhiasan si asih "

NYI Sarikingkin : " henteu Ambu da kingkin mah te nyandak "

NYI Asih : " Engges Ambu bawa weh ka bapana "

NYI pangeran : " nggeus hayu ngilu maneh kingkin ka bapa maneh "

NYI pangeran : "Akang tuh si kingkin nyandak perhiasan na si asih "


Raja : piraku ah nyai , da si kingkin mah ti leletik ge bageur budak na Tara cukat cokot "

NYI pangeran : " Ari akang teu percaya ka nyai teh, tah sok tanyakeun ka si asih Ari akang teu percara ka
nyai mah "

Nyi asih : " Muhun bapa perhiasan asih te Aya di kamar . Da NU Aya dikamar asih si kingkin dong teu Aya
deui sasaha "

Raja : " Neng eta NU bener nyandak perhiasan teh asih henteu ? "

NYI Sarikingkin : " henteu pa kingkin mah cuma mereskeun kamarna teh asih doang "

NYI Ratna : " maneh mah sirik wae kingkin jadi na nyokot perhiasan asih "

NYI Sarikingkin : " sok coba hayu pariksaan kamar kingkin Aya henteu perhiasan teh asih "

Dikamarna NYI Sarikingkin sakabeh kaluwargi raja sareng 2 pengawalna mariksaan kamarna kingkin

Pengawal 1 : " iyeu perhiasan Saha Tuan "

NYI Asih : " Tah iyeu perhiasan asih pa Bu "

NYI Sarikingkin : " hoh gening eta bisa Aya didinya perhiasanna teh asih "

NYI pangeran : " Tah Rama bener tingali anak Rama NU ku akang di reueus pisan "

Raja : " bapa teu nyangka ka Eneng , kunaon Eneng ngalakukeun NU kos Kitu,da bapa mah te ngajarkeun
Eneng kos Kitu.Dina kalakuan Eneng eta bakal Aya pangwalesna nyaeta Eneng bakal dipindahkeun
kamarna ka kamar NU Aya di pang tukangna "

NYI Sarikingkin : " henteu Rama kingkin mah tatadi ge cuma ngabantosan teh asih mereskeun kamar
doang " ( sabarian ceurik)

NYI pangeran : Ari iyeu naon maneh teh? Dek ngawadul naon Deui?

Raja : Herdi anterkeun si kingkin ka kamar tukang "

Pengawal herdi : " Siap tuan.Hayu neng ngilu "

pengawal herdi : " Punteun nya neng abdi mah cuma ngalakukeun parintah hungkul "

Saengges si kingkin dikamar Indung tere na terus ngagogoreng si kingkin di hereupen raja,nepi ka raja ge
kapaksa ngajauhan si kingkin anu teu dosa jeng teu salah nanaon.da engges ka hasut ku istrina nu
ayeuna.beuki lila beuki di bedakuen NYI Sarikingkin teh.
Kamarna deuket kamar badega,amun aya raramean nyai saringkingkin mah tara katingali,amun sakalina
di candak ge di icingkeun ku indung terena teh.Pangeran panageuhan teu nyadar,anak kandung na teh
di nyeyeri ku kulawarga nu anyarna teh

Leuwih dua tahun nyi saringkingkin di nyenyeri ku indung terena teh,amun di kamarna teh pray cai mata
sasambat ka indung nu ngges teu aya.

Hiji waktu aya pesta gede di karajaan nagara nyaeta,pesta jejeg lima puluh tahun jumeneng raja narpati
ngasta nagara.para tatangga jeung pangagungna raja nagara nggs di arondang.geus puguh para wargi
jeung soba sobatna,malah pangeran panageuhan mah ges pisabulanen deui kana brengna narima
ondangan mah

Di pesta eta teh aya acara pemilihan jodoh.nu di hadiran ku putraraja pangeran amon anu di gadang
gadang bakal ngagantikeun bapana.

Pitilupoen deui kana brengna pesta karajaan ngs di hias ku sagala parabotan,para menak istri ataupun
pameget geus siap make baju nu aralus.

Di antara anak anak raja nu lain ngan nyi saringkingkin nu teu meunang ngilu ku imdung tere na.nggs
barabarakali nyi saringkingkin ngomong hayang ngilu.tapi ku sabab indung tere na kekeuh.

Indung Tere : "Kang itu kingkin ngadumel wae kekeuh hayang ngilu"

Raja : "Wayahna geulis teu di bawa lalajo sakali ieu mah,da bareto ge basa ibu aya keneh,leuwih ti lima
kalina di bawa kana pesta karaton teh"

Teu percaya bapana sorangan ngomong kitu leuwih milih indung tere na daripada anak sorangan.Nyai
saringkingkin ngan ukur tungkul hnte di tembalan² acan,tapi di jero hatena mah ngajerit sasambat ka
indung na nu geus teu aya.

"Mah!,hirup abdi kieu kieu teuing,tulungan mah!"

NYI Purba Asih (Intan) : "Lah budak leutik sagala hayang ngilu ka pesta gede pieraeun wae".

NYI Purba Ratna (Fadila) : "heeh nya teh,meuning ge ditu buruan mangkat ka kebon".duaan nana keur
ngarintip dinu balik jendela.

Tuluy mangkat nyi saringkingkin teh ka kebon,sanangges nepi ka kebon ngan bray cai mata ngagoak nyi
saringkingkin ka indungna kahayang hiji hiji na teu di turut keun ku bapana.
Para prajurit nu ningali etateh pahuela heula nyalampeurkeun,arek ngarepehkeun.cek babu nu
pangkolotna

"Duh nyai naha ceurik bari sasambat ka almarhumah?ku naon di nyenyeri ku ibu kawalon deui?ntos
ayeunamah engtong di anggo manah,da biasana ari ibu kawalon mah tara aya nu bageur,ntos nyai
ayeunamah ulah sasambat kanu ntos teu aya kirang sae,anggursi doakeun sing kenging rahmat
kubur,didieu nyai heunteu nyalira seueur keneh nu mikaasih.nkin ge jalmi nu kitu mah aya balesan na ti
nu kawasa nu murah asih ka abdina"

Nyi saringkingkin rada repeh ngadangu pepeling ti babu kokolot teh

Barang bedug maghrib para anak anak raja ngges darangdan nganggo baju anu aralus ngan nyi purba
asih jeung nyi purba ratna mah ncan siap siap acan da hese di pakean itu ieu teu cocok,tur nyalah keuna
na ka babu juruhias ngan ukur sesengor teu puguh,sarua kos indung na bulak balik ngawur ngawue saur
nu teu patut ka nu ngadarangdana.

"Saria teh bisa teu sih ngadarang danan,anak aing tebegug begug acan"ceuk nyi pangeran.

"Nya hapunten pisan nyi pangeran,da hnt aya acuk anu pas sareng anjeuna teh"

"Teu bisa mah ngomong weh teu bisa,ulah sagala aleusan baju lah naon lah,eh ari si kingkin mun teu
sala bisa ngadangdanan coba cinah kadieu"

"Muhun nyi pangeran"

Para juruhias tur ngagoroan si kingkin.

"Nya kulan ambu,aya naon nyauran kingkin teh?," cek nyi saringkingkin.

Ceuk nyi purba pangeran bari ngolo"kingkin cenah maneh bisa nturusup pakean,cing itu bantuan
lancekna,titadi dangdana teu acan angges wae,amun maneh bisa berarti maneh teh pinter"

Nyi saringkimgkin lain ku sabab atoh di olo,ngan aya pangarahan saeutik,sugan bisa di ajak lalajo ka
karaton sanajan teu kudu dangdan ku nu aralus oge.

Tur nyi saringkingkin asup ka kamar lancekna.duaana teh narempo nyi saringkingkin.

"Rek naon maneh kadie,rek dangdan jeung naon da moal di ajakan lalajo barinage" ceuk nyi purba asih
"Bener,awewe pantar maneh mah ngilu lalajo jeung para putra putri pangagung moal pantes sing boga
kaera jadi jelema teh coba"ceuk nyi purba ratna

Nyi sarikingkin hente ngajawab omongan eta da paur aya ucapan nu teu hade.kanyeri kapeurih ngan di
legleg wae ku nyi saringkingkin teh.

Ku kituna Nyi saringkingkin ngan keur leutik doang di dangdanan ku juruhias teh ari geus gede mah tara
ngahesekeun ka batur,nutur ka indungna.tina gancang jeung biasana nu ngadangdanan sakeudeung ge
engges angges sarta enya alusna teh deui,tur tuluy ka luar deui ti kamar.

Ngs nepi kaluar,indung tere na panasaran hayangen nyaho kana bebenangana nyi saringkingkin
teh,barang di tempo indung terena ngan molohok,kesel ningali anak na nu ngges di pakean baju nu alus
ku nyi saring kingkin teh.

Ngan angger nyi saringkingkin di tinggalkeun,da sinah beberes heula,mereskeun pakean lanceukan nu
awut awutan urut dangdan tadi.

Pangeran panageuhan jeung nu lain geus marangkat tiheula,nyi saringkingkin nempo tina jendela bari
nyusitan cai mata,ningali inditana kulawargana.

Saengges kareta teu katingali segruk nyi saringkingkin ceurik,ngarasa di siksa ku indung terena sagala
karesep sok di cokot,nu di pikahayang sok di halangan.

Padahal kudu namah nu di ondang ku kapangeranan teh manehna,ari indung tere jeung lanceuk tere
namah hesaringkingkin.

Di tempat lain nyi pohaci nyaeta sesepuh nagara eta,keur diuk di gunung payung,nyaksian iincuanana di
nyeyeri ku indung terena.tadina ku nyi pohaci teh rek diantep wae nyi pangeran anyar teh,sugan jeung
sugan nyi pangeran anyar balik mikir.eling nyiksa jeleman nu hente dosa,tapi beuki lila beuki tambah
ceucebeunana.

Saengges di tingalkeun kukulawarga na mangkat nyi saringkingkin ngan ukur ceurik bari sasambat ka
indung na nu ngges maot.ngarasa di jelema nuggeulis pahatu lalis.nyi saringkingkin teu ingten nyi pohaci
windurarang salilana ningalikeun.

Harita nyi saringkingkin aya nu nagbisikan l

"Geulis,kingkin ntos ulah ceurik wae,meuning kadieu kaluar tepungan nini"

Nyi saringkingkin tur gura giru jaluar,nepungan nyi pohaci"

"Geulis,bisa jadi oge samar ka nini,sabab nini geus lila tara papanggih jeung geulis,nya ni pohaci
teh,datang ka dieu hayang nyaho kaayaan di diedieu saangges di nyenyeri ku ambu"ceuk nyi pohaci

Geus ngadangu nyi pohaci ngomong kitu,nyi saringkingkin nyuuh ka sukuna bari ceurik.di jero
hatenamah asa ka ingetkeun ka indung na nu engges maot.emang nyi saringkingkin engges ngadangu ti
indungna,nyi pohaci teh pas nyi saringkingkin pas orok keneh sok di aasuh ku nyi pohaci.nu matak nyi
saringkingkin beda ti anak anak raja raja nu sejen.

"Geulis meureun hayang milu masamoan jeung para putra pangeran di karaton,tapi ulaheun ku ambu
kawalon nya?"

"Ni,langkung tingali tina perkawis kaayaan abdi,anu tangtos teu kedah unjukan deui"

Nyi pohaci geus nyahoen adat na nyi saringkingkin persis kos indung na,tara osok bebeja ka batur amun
boga masalah teh.

"Geulis ulah sok nangis bari sasambat ka nu geus teu aya,pamali.engke deui ari aya ka susah ,hade
sasambat ka nini wae sugan emabh bisa nulungan,ayeuna meureun geulis henteu sadia papakean keur
kaditu.tah ieu pake geulis"

Nyi pohaci tulu muka buntelan nu isi na papakean jeung perhiasan anu pohara aralusna.eweh
bandinganana jeung nu di pake jeung anak raja nu sejen da papakeana meunang ti kahiayang.

Saengges beres dangdanana,manehna tukuy ningali kaca,kageteun bakating panglingna.ekeurmah enges


geulis katambah sagala nu di anggo jaba aralus.

"Peureum" ceuk nyi pohaci"ku nini rek di di jiad"

Ku nyi pohaci di geberan kekemben cinde sutra.tuluy di kaleng ku nyi pohaci di bawa ka latar bari di
bejaan pisaureun keur engke di pasamoan.kudu ngaku jadi putri nagara sabrang.

Di dinya ku nyi pohaci ngges di sadiaan kareta kuda.samemeh mangkat di jangjian ku nyi pohaci,di
pasamoan teu meunang liwat ti jam dua belas.sabab eta papakean menang nginjem ti ratu widadari,eta
sarat tinu bogana.emun engges lewat jam dua belas eta kareta jeng papakean teh baralik deui ka
nubogana.

"Ari tanda mata ti nini mah ngan eta wae,sapatu buludru pulas cai di tabur ku berlian jeung mirah
delima talina sutra wilis,pusaka ti ratu jin,ayeuna mah geura clak bae tumpak kareta,bisa enggesan
manten,isukan ninisaringkingkin

Saengges ngomong kitu nyi pohaci,leus leungit teu katempo tapak bujurna acan.ari nyi saringkingkin
tuluy tunggang kareta,gredeg maju ka alun alun rek ka pasamoan.

Barang nepi ka alun alun,kusir nabeuh pecut tarik pisan, nga arawaskeun jelema ka kenca
katuhu,arolohok ningalk kareta alusna.kabeh mata ningalieun ka nu numpak na.

Rupa rupa pisan omongan jalma anu hareraneun ku kageulisan nyi saringkingkin.mantri jaga tamu
gugup,tuluy,mere isyarat ka tukang,kudu nyeunget kembang api.jegur bae meriem di sada ,breng
tatabehan muni deui.

Aria patih mapag tamu nu karek datang.dina pangirana moal salah deui nu datang teh ratu
sabrang.sabab ngan manehna tamu nu ncan datang teh.di sangka kapal na teu menang angin,tapi
barang di tingali amprok jeung tamu anyar nilik kana anggoana,anu sakitu marodelna,ciga lain anak raja
deukeut deukeut.

Nyi saringkingkin geus nyangkan aria patih bakal panglingen ka manehna.tuluy manehna nanya bari api
api teu wawuh

"Ieu saha?sanes bapa aria patih" ceu nyi saringkingkin.

"Leres sapi saur agan,papatih ieu nagara" jawab aria patih.

"Bilih teu acan uninga ka sim kuring,aim kuring teh putri sabrang pang dongkap kadieu ,ngiring rama
prabu nu di lungsur linggih ku sang raja di ieu nagara,nagging kapal nu ditunggangan ku rama prabu teu
tiasa majeng jalaran teu kenging angin"ceu nyi saringkingkin.

Nurutkeun nu di bejaan ku nyi pohaci tea,tujuan nyi putri kadieu hayang di wawuhkeun jeung putra
pangagung.

Ku aria patih tuluy di di candak ka unggal pasamoan terus di panggihkeun ka sang raja jeung
prameswari.

Harita tatabeuhan jep jempe,kabeh nu aya didinya ngan neutep nyi putri nu keur sasauran jeng
prameswari.komo pangeran anom mah meunis geus samar polah.dina hatena teu eren eren sasambat
ka nu kawasa.

"Duh gusti samoga eta putrj bisa di kapiwargi nu abdi"jero hate pangeran anom.

Teu lila putri sabrang teh di nyamperkeun pangeran anom jeung pamuda pamudi nu aya di pasamoan
"deuket jodoh"teh da di ajak ku prameswari.sakabeh di ajak ngomong eweuh nu kalewat,komo nyi
purba sari jeung nyi purba ratnamah tuang kueh sakeureut ge nepi ka di potong tilu.

" punten,nepangkeun nabi abdi nyi putri,ti nagara sabrang,dupi abdi terang saha nami aranjeun
teh?"ceuk nyi putri

"Nya nyi putri nami abdi nyi purba asih ari ieu adi abdi nami na nyi purba ratna"ceuk nyi purba asih

Dua lanceukna teu pisan nyahoeun eta teh nyi saringkingkin.

Dina lobana menak nu barang sareuri,ngan saurang nu simeblak,pangran panageuhan ingeten ka anakna
nyi saringkingkin.

" karunya ka nyi kingkin ,meureun hayangeun campur jeung batur dina pasamoan gede .naha mana teu
di bawa ku aing teh?,jeung ari nilik kana rupa mah asa moal sabaraha katitihna ku putri sabrang teh
hanjakal"

Nyi pangeran ge aya ingetna ka anak tere na teh.


"Hadena bae si kingkin ku aing heunteu di bawa,lamun heug manehna di pindangkeun,tangtu manggih
pasanganana.moal salah deui anak aing bakal katitih.hadena bae ieumah.ieumah kabeneuran!"

Harita geus arek jam dua belas dinpasamoan mejeuhna keur rame pisan.nyi saringkingkin henteu
hilapeun ka bejaan nyi pohaci ku balik jam dua belas teh.

"Upami gamparan welas jisim abdi,mugi kersa ngajajapkeun ka latar pamengkang,nagging moal pamitan
ka sasaha,margi inggis biluh ku rama prabu di timbalan mondok di karaton" saur nyi saringkingkin

"Perkawis unjukan ka rama prabu sareng prameswari nya kitu ka kanca kamca nu sanes.mung aya
saurang nu baris kacida leungiteunana ku anjeun teh.sareng kacida inggiseunana bilih anjeun wengi
enjing heunteu sumping"ceuk pangeran amon.

" jisim abdi mah tara cidra kana jangji,mudi di saurkeun bae ka nu leungiteun tea,yen jisim abdi ge
ngantunkeun tineung"walon nyi putri sabrang bari imut.

Gancang na nyi putri pangeran anom ka latar pamengkang,barang balik ka latar kapangeranan,kareta
jeung pakeanan lusles laleungitan.nu tinggal teh ngan kari anggoam anjeuna nu tadi di pake rangkep.

Anda mungkin juga menyukai