Anda di halaman 1dari 1

Ambahan Materi Carita Wayang

Carita wayang nyaeta salahsahiji karya sastra dina wangun lancaran atawa sok disebut
oge prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung
prosa modern. Carita wayang kaasup kana prosa buhun. Conto karya sastra lianna,
salian ti carita wayang, nu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti dongeng.
Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung
carita pondok atawa carpon. Carita wayang nu aya di daerah Sunda ditulis dumasar
kana carita nu aya ti nagri Indina, nyaeta carita Mahabarata jeung Ramayana.
Sanajan carita wayang ditulis dumasar kana carita Mahabarata jeung Ramayana anu
mangrupakeun kitab suci umat Hindu, carita wayang nu aya di daerah Sunda mah geus
kapangaruhan boh ku adat istiadat Sunda ku ajaran agama Islam.
Carita nu aya dina carita wayang bisa pondok atawa bisa oge panjang saperti novel
atawa wawacan anu bisa dibaca nepi ka sapeupeuting atawa malahan bisa nepi ka
mangpoe-poe. Palaku nu aya dina carita wayang biasana mangrupa jalma, atawa dewa
anu mangrupa jalma.
Di daerah Sunda, carita wayang sumebar ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung
sumebar sacara tinulis mangrupa carpon, novel, dangding atawa wawacan. Carita
wayang biasana ditulis ku pangarang anu jelas jeung biasana mangrupa tulisan
fragmen atawa bagian-bagian anu dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata.

Anda mungkin juga menyukai