Anda di halaman 1dari 1

PENDIDIKAN BAHASA SUNDA

Nama : MIRA MAHARANI Dosen Pengampu : Anih Sumiati, S.Pd, MM


NIM : 211641009 Kelas : SD19E – Konversi PGSD

BIANTARA BASA SUNDA


Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Ibu Anih Sumiati salaku dosen Pendidikan Bahasa Sunda anu ku simkuring dipihormat,
sareng rerencangan sadaya nu kusimkuring dipiheman. Langkung tipayun, hayu urang
sanggakeun kanu maha kawasa anu tos ngalimpahkeun rahmatna ka urang sadaya.
Alhamdulillah dina dinten ieu tiasa kempel ngariung didieu dina kaayaan sehat walafiat.
Teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina kacurah limpahkeun kajunjungan
urang sadaya nyaeta Nabi Muhammad SAW, oge ka para kulawargina, ka para
sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Aamiin yaa
rabbal'alamin.
Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget nu judulna
"Pentingna Pendidikan". Pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo
putra-putri urang salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap. Cobi emutan ku
urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putra sareng putri
urang teu di bahanan ku pangarti?
Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih ku persaingan kerja, kumargi ayeuna oge
pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu
sae mah. Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu
atanapi pangarti. Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan teh
saumur hirup, teu mengenal yuswa.
Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun putra
putri urang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna. Kumargi tos karaos ku
urang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kango bekel hirup urang kapayun.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat, rupina cekap sakieu biantara anu didugikeun.
Hapunten bilih aya saur teu ka ukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.
Hatur nuhun kana perhatosannana.
Ahirul kalam. Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Anda mungkin juga menyukai