Anda di halaman 1dari 2

Masalah Lingkungan Pikeun Manusa

Intan Putri
Masalah lingkungan hirup beuki lami beuki ageung,beuki ngalegaan,sarta beuki
serius.Sapertos bola salju anu ngagorolong, beuki lami beuki ageung.Persoalana
sanes ngan boga sipat lokal hungkul nanging tos nepi global.
Akibat-akibat anu kapayunen ka lingkungan teh lain saukur nyantol dina hiji
atawa dua segi wae,nanging silih pangait saluyu sareng sipat lingkungan anu
ngabogaan silih mangpangaruhan sacara subsistem.
Jadi,lamun hiji aspek ti lingkungan atos kena masalah mangka sagala rupa
aspek lianna tiasa oge kena ngalaman dampak sareng akibatna.Dina
mimitina,masalah lingkungan hirup teh mangrupakeun masalah alami, proses
alami ieu moal nimbulkeun akibat anu serius kana tata letak lingkungan sareng
tiasa pulih saterusna sacara alami oge (homeostasi).
Tapi ayeuna masalah lingkungan henteu deui tiasa disebutkeun masalah
alami, sabab jalmi nu nyieun faktor penyebab signifikan sacara variabel kanggo
kajadian-kajadian nu aya dilingkungan sapertos banjir, longsor sareng sajabana.
Henteu tiasa disangka yen masalah-masalah lingkungan anu wedal sarta
ngembang kumargi faktor jalmi leuwih langkung ageung, sarta rumit alabatan
dibandingkeun sareng faktor alam eta sorangan.
Jalmi tina sagala rupa dimensinya,utamina tina faktor mobilitas sapertos
akal fikiran,sareng saniskanten hal anu mekar dina aspek-aspek kabudayaana,
sarta faktor jaman anu ngarobah sipat sarta tetempoan jalmi, mangrupakeun faktor
anu tiasa dikaitkeun sareng masalah-masalah lingkungan hirup.
Ku margi eta, masalah-masalah lingkungan sepertos karusakan sumber daya
alam sapertos di tuarna tatangkalan di leuweung,musnahnya sagala rupa spesies
hayati,erosi,banjir,longsor,sareng rupi-rupi deui panyakit anu ngembang ayena-
ayeuna ieu,diyakinan eta teh mangrupakeun gejala-gejala negatif anu sacara
dominan di mimitian ku faktor jalmi eta sorangan.
Teu salah lamun ayeuna aya babasan anu nyebutkeun,yen di mana aya
masalah lingkungan mangka di dinya aya jalmi.anu masalah-masalah lingkungan
sepertos pencemaran,banjir,taneuh longsor,gagal panen gara-gara hama, punahna
sagala rupa spesies sato langka,lahan jadi tandus,gajah sarta maung ngaganggu ka
lembur balarea, sarta sanes deui lianna.
Dina raraga sistem pencegahana sarta penanggulangan anu dipigawe,ku
kituna moal efektif lamun ngan ditungkulan ku paradigma fisik,elmu kauninga
sarta teknologi,atawa ekonomi hungkul.
Mangka dina perkawis ieu,peran elmu-elmu humaniora oge sepertos
sosiologi, antropologi,psikologi,hukum,kasehatan, religi,etologi,sarta sajabana
tiasa dilakukeun,sabab eta tiasa lewih strategis pisan kana nuntaskeun masalah
tina lingkungan hirup ieu.

Anda mungkin juga menyukai