Anda di halaman 1dari 14

DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK

1
DOKUMEN NEGARA
SANGAT RAHASIA
SANGAT RAHASIA

KEMENTERIAN PENDIDIKAN
DAN KEBUDAYAAN

UJIAN SEKOLAH
BERSTANDAR NASIONAL
TAHUN PELAJARAN 2020/2021

BAHASA DAN SASTRA SUNDA


SMA

Paket 1

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT


2021 BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/SMK

USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN


DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
2
SANGAT RAHASIA

MATA PELAJARAN
Mata Pelajaran : BAHASA DAN SASTRA SUNDA
Jenjang : SMA/SMK
Program : IPA/IPS/....

WAKTU PELAKSANAAN
Hari/Tanggal :
Jam :

PETUNJUK UMUM

1. Periksalah naskah soal yang anda terima sebelum mengerjakan soal yang meliputi :
a. Kelengkapan jumlah halaman atau urutannya.
b. Kelengkapan dan urutan nomor soal.
c. Kesesuaian nama mata uji dan progran studi/peminatan yang tertera pada kanan
atas naskah soal dengan Lembar Jawaban Ujian Sekolah Berstandar Nasional
(LJUSBN).
2. Laporkan kepada pengawasruang ujian apabila terdapat lembar soal, nomor soal yang
tidak lengkap atau tidak urut, serta LJUSBN yang rusak atau robek untuk mendapat
gantinya.
3. Isilah pada LJUSBN Anda dengan :
a. Nama peserta pada kotak yang disediakan, lalu hitamkan bulatan di bawahnya
sesuai dengan huruf di atasnya.
b. Nomor peserta dan tanggal lahir pada kolom yang disediakan, lalu hitamkan
bulatan di bawahnya sesuai dengan huruf/angka di atasnya.
c. Nama sekolah, tanggal ujian, dan bubuhkan tanda tangan Anda pada kotak yang
disediakan
4. Tersedia waktu 120 menit untuk mengerjakan naskah soal tersebut.
5. Jumlah soal pilihan ganda (PG) sebanyak 40 butir dan soal uraian (essay) sebanyak 5
butir.
6. Tidak diizinkan menggunakan kalkulator, HP, tabel matematika atau alat bantu hitung
lainnya.
7. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ruang ujian.
8. Lembar soal dan halaman kosong boleh dicoret-coret, sedangkan LJUSBN tidak boleh
dicoret-coret.

SELAMAT MENGERJAKAN
Kerjakan dengan jujur, karena kejujuran adalah cermin kepribadian

USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN


DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
3
SANGAT RAHASIA

I. PILIHAN GANDA

1. Tengetan ieu kalimah di handap!


Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, Jumat (8/2) malam, menjadi
ajang saling bongkar kesalahan calon gubernur. (Dicutat tina Koran PR, 09/02/18).

Tuduhkeun mana kalimah tarjamahan nu merenah tina  kalimah di luhur!


A. Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, jumaah (8/2) peuting, jadi
ajang silihbongkar kasalahan calon gubernur.
B. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV dina malem jumaah
(8/2), mangrupa ajang pikeun silihgebruskeun antara calon gubernur.
C. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta,
jumaah  (8/2) peuting, jadi kasempetan pikeun silihbolékérkeun kasalahan
calon gubernur.
D. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina malem
jumaah  (8/2), jadi jalan pikeun silihtembrakeun kasalahan calon gubernur.
E. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina jumaah
(8/2) peuting,  jadi kasempetan pikeun silihampura kasalahan calon gubernur.

2. Rahayat Indonésia ngaharepkeun yén pilihan umum téh bisa lumangsung kalayan
lancar, jujur, jeung adil.
Kecap nu teu merenah di luhur, nyaéta…

A. Rahayat
B. Ngaharepkeun
C. Pilihan umum
D. Lumangsung
E. Kalayan

3. “Saya berangkat ke sekolah pukul 6.00, ayah saya berangkat bekerja pukul 7.00”
Kalimah di luhur lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....
A. Abdi angkat ka sakola tabuh 6.00, bapa abdi angkat damel tabuh 7.00
B. Abdi angkat ka sakola tabuh 6.00, pun bapa angkat damel tabuh 7.00
C. Abdi mios ka sakola tabuh 6.00, pun bapa mah angkat damel tabuh 7.00
D. Abdi indit ka sakola tabuh 6.00, bapa abdi mios damel tabuh 7.00
E. Abdi mios ka sakola tabuh 6.00, bapa abdi angkat damel tabuh 7.00

4. Baca téks kawih di handap!


Amparan Sajadah

Dina amparan sajadah


Abdi sumujud pasrah
Diri nu lomokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya daya

Dina amparan sajadah


Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Alloh robhul ijati

Taya deui panglumpatan


Taya deui pamuntangan
USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
4
SANGAT RAHASIA

Mung Alloh pangeran abdi


Pangeran anu sajati

Diri nu lomokot ku dosa


Nyanggakeun sadaya-daya

Dina éta kawih ngébréhkeun rasa ....


A. sumerah pasrah
B. loba dosa
C. teu walakaya
D. teu aya kakuatan
E. nalangsa

5. Amanat rumpaka kawih Amparan Sajadah di luhur nya éta ....


A. urang mah loba dosa
B. urang mah teu daya teu upaya
C. urang kudu pasrah sumerah
D. urang kudu néangan pamuntangan
E. urang kudu ménta hampura

6. Topik kawih Amparan Sajadah di luhur nya éta ....


A. Ngeunaan ajén sosial
B. Ngeunaan ajén diri
C. Ngeunaan ajén atikan
D. Ngeunaan ajén budaya
E. Ngeunaan ajén - inajén

7. Baca téks kawih di handap!


Kira-kira dina abad ka-16 Maséhi di wewengkon Maja Kidul aya hiji pilemburan
dekeut sisi walungan Cilongkrang. Harita mah walungan Cilongkrang téh estu jadi tempat
pangjugjugan balaréa, sabab salian ti caina canémbrang hérang turta beresih ogé kasohor
loba laukan, kayaning lauk beunteur, tawés, jeung pangpangna panglobana mah nyaéta lauk
hurang. Ari anu mingpin éta kampung téh nyaéta hiji jalma anu luhung ku élmu jembar ku
pangabisa, nu asalna ti Cirebon. Jenenganana Syekh Abdul Jalil. Anjeunna diutus pikeun
nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan. Kusabab anjeunna resep tuang jeung
hurang, nya ti harita katelah ngarana jadi “Dalem Sukahurang” nu ayeuna makamna aya di
Blok Salasa Desa Maja Selatan. Dina mancen tugasna, Dalem Sukahurang téh dibaturan ku
réncangna nya éta Bapa Kelindur. Ari Bapa Kelindur téh nyaéta muridna Pangeran
Cakrabuana ti Cirebon.

Dumasar téks carita di luhur, éta carita téh kaasup kana....


A. Parabel
B. Sasakala
C. Sage
D. Fabel
E. Babad
8. Nu jadi latar tempat dina carita di luhur nya éta ….
A. Cilongkrang
B. Maja Kidul
C. Blok Salasa
D. Cirebon
USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
5
SANGAT RAHASIA

E. Majalengka
9. “… salian ti caina canémbrang hérang turta beresih ogé kasohor loba laukan…”
Kecap turta dina kalimah di luhur miboga sasaruan harti jeung kecap ….
A. atawa
B. jeung
C. boh
D. sarta
E. tapi

10. Dina aksara sunda, rarangkén nu ditulis di luhureun aksara dasar nyaéta panghulu ,
pamepet, paneuleung, panglayar, panyecek. Rarangkén anu gunana pikeun ngarobah
vocal /a/ jadi / i/ nyaéta…

A. panghulu
B. pamepet
C. paneuleung
D. panglayar
E. panyecek

11. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok.


Kalimah di luhur lamun ditulis dina aksara Sunda nyaéta...

12. Bibi nuju sasapu di buruan basa Bapa ngumbah mobil.


Kalimah di luhur lamun ditulis dina aksara Sunda nyaéta...

13. Baca sempalan téks sajak di handap!

Dina tungtung peuting


Basa hujan teu jadi datang
Aya haréwos na jeroning haté

Sempalan sajak di luhur ngagunakeun gaya basa....


A. Ngumpamakeun
B. Lalandian
USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
6
SANGAT RAHASIA

C. Mijalma
D. Rarahulan
E. Ngasor

14. Baca teks sajak di handap!

BANDÉRA URANG
Karya: Ajip Rosidi

Ngéab-ngérab katebak angin


Beureum bodas matak waas
Dua warna pulas polos
Perlambang wangi tur suci

Teguh tangguh tur gagah


Dina perang tarung
Suka rajét batan ngejat
Kajeun lebur naruhkeun pati
Buméla ka nagara

Jejer sajak di luhur nyaéta…


A. Silihasih
B. Sosial
C. Kaagamaan
D. Kapahlawanan
E. Nasionalisme
15. Rasa nu nyampak dina sajak BANDÉRA URANG nya éta ….
A. Sedih kingkin
B. katugenah
C. ngabebela
D. sesebred
E. guligah
16. Baca teks sajak di handap!
Priangan
(Rahmat M. Sas Karana)

Mojang lenjang nu hideung santen


Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(Dicutat tina Tepung di Bandung, ......)

17. Titénan ungkara di handap!


Bapa Kapala Sakola kedahna maparin biantara dina acara pentas seni. Tapi ujug-ujug pas
acara ngadadak Bapa Kapala Sakola aya peryogi nu teu tiasa dikantunkeun. Ahirna
ditunjuk sacara ngadadak Pembina OSIS pikeun biantara ngawakilan Kapala Sakola.
Tina kasus di luhur, cara biantara nu dianggo ku pembina OSIS nya éta ....
A. biantara ku cara ngapalkeun
B. biantara ku cara maca naskah
USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
7
SANGAT RAHASIA

C. biantara ékstémporan
D. biantara kontémporer
E. biantara impromtu
18. Hadirin anu sami rawuh,
Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina
paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum.

Ungkara “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”dina téks di luhur ngandung harti....
A. kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai.
B. kudu nyieun ngaran tempat dimimitian ku ci.
C. kudu sauyunan, sapapait-samamanis.      
D. mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu
E. kudu ngutamakeun miara cai.

19. Hadirin anu sami rawuh,


Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina
paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum.

Ungkara “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”dina téks di luhur ngandung harti....
A. kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai.
B. kudu nyieun ngaran tempat dimimitian ku ci.
C. kudu sauyunan, sapapait-samamanis.      
D. mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu
E. kudu ngutamakeun miara cai.

20. “Sadaya Puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi
dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.”
Kalimah biantara di luhur kaasup kana bagian...
a. Salam pamuka
b. Salam panutup
c. Ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir
d. Eusi biantara
e. Mukadimah (bubuka)

21. Tengetan téks sisindiran di handap !


Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat

Amanat anu bisa kapetik tina sisindiran di luhur nyaéta….


A. Kudu bisa ngahargaan waktu tur kasempetan
B. Kudu rajin digawé sangkan teu hésé barang dahar
C. Kudu daék néangan élmu nu mangpaat dunya jeung ahérat
D. Jadi jalma mah kudu béréhan
E. Urang kudu bisa ngahormatan ka nu jadi kolot
USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
8
SANGAT RAHASIA

22. Tengetan téks sisindiran di handap !


Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat

Dumasar wangunna sisindiran di luhur kaasup….


A. Paparikan
B. Rarakitan
C. Wawangsalan
D. Piwuruk
E. Silihasih

23. Tengetan téks sisindiran di handap !


Lamun hayang nyieun pager,
Kudu daék mawa paku,
Lamun hidep hayang pinter,
Kudu daék maca buku.

Dumasar eusiba sisindiran di luhur kaasup….


A. Paparikan
B. Rarakitan
C. Wawangsalan
D. Piwuruk
E. Silihasih

24. Tengetan téks di handap!


Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun
aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan
maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo.
Pikeun pelajar putra disarankeun maké pakéan pangsi jeung iket. Pelajar putri
maké kabaya.
Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program
ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan.
Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep anu hadé kana budayana
sorangan, anu ahir-ahir ieu geus kadéséh ku nerekabna budaya deungeun.
Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun
sangkan aparat pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun
program ngagunakeun basa Sunda unggal poé Rebo, boh dina suasana resmi boh teu
resmi.
Poko pikiran utama anu aya dina warta di luhur, nyaéta ....
a. Dipiharep para pelajar ngabogaan sikep anu hadé
b. Dina raraga ngamumulé budaya Sunda
c. Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program
d. Walikota Bandung ngaluarkeun aturan anyar sangkan maraké pakéan adat Sunda
e. Budaya Sunda geus kadéséh ku budaya deungeun
25. Salian ti aktual, warta ogé ngabogaan sipat faktual anu hartina nya éta....
a. Heubeul
b. Anyar
c. Nyata
d. Rékaan
USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
9
SANGAT RAHASIA

e. Mangpaat
26. KUNINGAN-, Dina raraga miéling Poé Basa Indung sadunya, Sekretaris Daerah
Kuningan Dr. H. Dian Rachmat Yanuar, M.Si. ngaluuhan acara Launching jeung Bedah
Kamus Basa Sunda Wewengkon Kuningan di Gedung Raksawacana Kuningan, Senén
(22/02/2021). Medalkeun kamus Basa Sunda Wewengkon Kuningan mangrupa salah
sahiji tarékah pikeun lumangsungna generasi muda jaga tur mikanyaho basa indung nu
jadi cicirén warga Kuningan éta sorangan. Lain ngan saukur pamaréntah, UNESCO ogé
netepkeun tanggal 21 Pébruari minangka International Mother Language Day atawa Poé
Basa Indung Sadunya. Éta hal nu jadi dadasar dipélingna poé basa indung di sakuliah
dunya.

Poko pikiran utama anu aya dina warta di luhur, nyaéta ....
a. Sekretaris Daerah Kuningan Dr. H. Dian Rachmat Yanuar, M.Si. ngaluuhan acara
Launching jeung Bedah Kamus Basa Sunda Wewengkon Kuningan
b. Medalkeun kamus Basa Sunda Wewengkon Kuningan
c. Launching jeung Bedah Kamus Basa Sunda Wewengkon Kuningan
d. Dadasar dipélingna poé basa indung di sakuliah dunya
e. Dina raraga miéling Poé Basa Indung sadunya

27. Baca sempalan novel di handap!

Prasasti nu Ngancik dina Ati


(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-
nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“Éta téh buku énggal?” tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang di balik buku!”
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
“Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.”
Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring
némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
“Mani perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya... gitu déh,” ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?”
Bari panon mah anteng kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!”

Téma dina sempalan novel di luhur nyaéta ....


a. Kanyaah d. Di rohang tamu
b. Timburu e. Maca buku
c. Perhatian

USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN


DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
10
SANGAT RAHASIA

28. Babasan anu pas pikeun ngagambarkeun jalma korét nyaéta ...
a. Amis budi d. Buntut kasiran
b. Héjo tihang e. Hampang leungeun
c. Beurat birit

29. Manéhna mencrong kénéh.


Dina kalimah di luhur, kecap mencrong sarua hartina jeung ....
A. ngadéngé
B. mirengkeun
C. molotot
D. neuteup
E. jamedud

30. Baca sing gemet téks sempalan wawacan di handap!


Teu kacatur dijalan, paman léngsér geus tepi katempat anu dijugjug, nya éta pasantrén
Syéh Kuro di Karawang. (1) Geuwat baé manéhna asup ka pakarangan pasantrén
kayaan pohara resikna. (2) Pakarangan aya taman pinuh kekembangan. (3) Jalan
laleutik nu diampar ku batu karikil but-bat kaditu kadieu. (4) Tatangkalan ting kuyupuk,
tangkal buah jeng jambu keur mejehna meuhpeuy.(5)

Kalimat di luhur nu nuduhkeun latar tempat nya éta ....


A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
E. 5

31. Anu ngabédakeun wawacan jeung guguritan, nyaéta…


a. Guru gatra jeung watek pupuh
b. Panjang karangan jeung wanda pupuh
c. Struktur carita jeung motif carita
d. Palaku caritakatut watekna
e. Latar jeung eusi karangan

32. Pupuh anu mindeng dipake dina wawacan, kaasup Sekar Ageung, nyaeta….
a. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula,
b. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
c. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Juru demung
d. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Pucung
e. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Magatru

33. Tradisi mangrupa kabudayaan nu turun timurun ti karuhun nepi ka kiwari, nu


ngalantarkeun hiji tradisi bisa tetep dipake ku masarakatna nyaeta ....
a. miboga ajen (nilai) nu luhur
b. dipikaresep ku masarakatna
c. ciciren hiji wewengkon
d. aya parentah ti karuhun
e. bisi doraka ka karuhun

USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN


DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
11
SANGAT RAHASIA

34. Adat kabiasaan nu dilaksanakeun tujuh poe sanggeus lahirna anak nyaeta ...
a. Nujul
b. Babarit
c. Muput
d. Puputon
e. ekah / aqiqah

35. Tradisi menta hujan dina mangsa halodo nu nyampak di Kabupaten Kuningan ....
a. Nyungsung
b. seren taun
c. kawin cai
d. nyuguh sri
e. cingcowong

36. Rama katut pasukanana ngababakan di wewengkon anu paeunteung-eunteung jeung


Nagara Aléngka, kahalangan ku laut. Ti dinya Anoman di utus pikeun mubus ka
Aléngka. Sakalian ngalongok kaayaan Déwi Sinta. Sempalan carita wayang di luhur,
kaasup kana babon….
a. Kurawa
b. Mahabarata
c. Ramayana
d. Astina jeung Aléngka
e. ArjunaSastra bahu

37. Dina kahirupan asmarana Rama jeung Sinta éstuning ngalaman rupa-rupa cocoba, tapi
sok sanajan kitu maranéhna tetep silih pikacinta jeung silih pikahéman. Aya hiji Raja
Aléngkadirja anu kacida mikahayang ka Déwi Sinta sarta hayang ngarebut ti Sri Rama,
éta raja téh nyaéta....
a. Hanoman
b. Dasamuka
c. Duryudana
d. Jatayu
e. Bisma
38. Carita Mahabarata mangrupa carita ngeunaan rundayan ti Barata anu mangrupa pawaris
Karajaan Astina. Tokoh pawayangan nu ngarundaykeun Nakula jeung Sadéwa nyaéta
Déwi…
a. Kunti
b. Madrim
c. Gangga
d. Setiawati
e. Gandari
39. Dina carita wayang di Indonesia, tokoh Gandari téh praméswari ti ….
a. Arjuna
b. Bima
c. Yudistira
d. Nakula
USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
12
SANGAT RAHASIA

e. Sadéwa
40. Ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, film, atawa pintonan drama jeung
musik disebutna ….
a. Aprésiasi
b. Éksprési
c. Résénsi
d. Éséy
e. Kritik
41. Ieu di handap hal-hal anu teu kaasup kana unsur-unsur résénsi, nyaéta ….

a. Nuliskeun idéntitas buku


b. Medar ngeunaan eusi buku
c. Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran eusi buku
d. Nepikeun kaayaan pribadi pangarang
e. Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balaréa
42.Wanda résénsi nu eusina ngulas wincik tur maké métodologi nu obyéktif tur kritis nya éta
….
a. Résénsi informatif
b. Résénsi déskriptif
c. Résénsi kritis
d. Résénsi umum
e. Résénsi husus

43. Tengetan téks di handap!


Pun Sapun Hyang Prabu Wastu
Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bahé nya carék
Kami ngan darma mitutur
Lalakon dilalakonkeun
Téks di luhur nyaéta bagian carita pantun anu disebut ...
a. Dialog d. Rajah bubuka
b. Narasi e. Rajah panutup
c. Monolog

44. Pamirig nu dipaké dina carita pantun nyaeta ...


a. Calung d. Angklung
b. Degung e. Gamelan
c. Kacapi

45. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana pola carita pantun, nyaeta…
a. Ngadeg raja d. Rajah
b. Tokoh meunang ujian e. Ngadahup ka putri
c. Satria ngalalana

46. Baca artikel di handap!

USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN


DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
13
SANGAT RAHASIA

Waktu gunung Rakata (Krakatau) bitu, cenah laut téh kawas nu kaserot. Basisirna ogé
nepi ka saat ngolétrak. Loba lauk nu tinggolépak kasaatan. Jalma pahibut nyarokotan
lauk nepi rada tengah. Tapi teu kungsi lila basisir nu tadina ngolétrak téh ngadak-
ngadak pasang. Ujug-ujug léb baé kagulung ku lambak –harita mah can aya istilah
tsunami- anu pohara ngagulidagna méh 24 méter luhurna. Jelema nu ngaralaan lauk téh
kabéh carem kaléléd lambak. Lambak nu rosa kebat hanjat ka darat, neumbrag jeung
ngababukan naon baé nu ngahalangan. Sabada surud, naon-naon anu kasorang ku cai
tuluy kabawa palid ka tengah laut. Tatangkalan, sasatoan jeung pirang-pirang jalma lir
beunang nyapukeun baé, jadi runtah di tengah laut.

Anu jadi téma dina artikel di luhur, nyaéta ....


a. Kaayaan laut d. Lingkungan
b. Lauk tinggolépak e. Gunung Rakata bitu
c. Kaléléd lambak

47. Nu kaasup ciri artikel nyaéta…..


a. Plagiat d. Teu kudu aya pangarangna
b. Orisinal e. Teu miboga gagasan nu actual
c. Teu singget jeung teu tuntas

48. Ahmad : Buru, lalaunan….lalaunan!


Ujang : Buru bantuan! Lain lalaunan-lalaunan!
Ahmad : Sip atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna!
Ujang : bawa tuh katel jeung sosodok!

Cutatan diluhur dina naskah drama, kaasup kana bagéan….


a. Babak d. Epilog
b. Adegan e. Dialog
c. Prolog

49. Dina hiji drama, tokoh Si Kabayan boga watek hadé, boga tugas merjoangkeun rahayat
leutik tur kacida bumela ka mitoha. Nilik kana sipatna, Si Kabayan mangrupa tokoh ...
a. Utama d. Protagonis
b. Antagonis e. Tritagonis
c. Piguran

50. ISAH    : (semu nyungkun) Ari Ujang ti mana baé atuh, wayah kieu nembé mulih. pan
biasa ogé, bubar sakola mah jam hiji, lin?
IPIN    : (ngajawabna henteu saregep) Biasa, Ma. Diskusi kelompok!
ISAH    : Moal enya diskusi mani saban poé. Ulah sok ngabohong ka indung mah, bisi
doraka!
IPIN    : Kajeun ari teu percaya mah.
ISAH    : Tuh, da mawa karep sorangan baé manéh mah.
IPIN    : Isukan Ipin butuh duit, Ma!
ISAH    : Nya, kana duit deui lumpatna téh. Meunggeus ah, bosen ngadéngéna ogé, saban
usik menta duit. Ilikan atuh kaayaan kolot, sakieu teu bisa usaha teh. Bapa manéh
apan kalah ka beuki maceuh, ayeuna ogé teuing ka mana.
IPIN    : Kudu aya isuk, Ma. Keur mayar buku. Mun henteu mawa, Ipin bakal dicarékan ku
guru!

USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN


DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA /SMK
14
SANGAT RAHASIA

ISAH    : Keun baé dicarekan ogé. Ari euweuh, nya kudu kumaha deui. Guru ogé ngamalum
meureun. Atuda bongan sorangan, boga duit téh sok dihambur-hambur. Anggur
ditabungkeun, ngarah aya sampeur-sampeureun upama pareng euweuh.

Watek Ipin dina sempalan drama di luhur nya eta ...


A. loba ngabohong
B. loba kahayang
C. pinter tapi judes
D. babari ngambek
E. getol diajar

USBN 2020/2021 MGMP BASA SUNDA SMA/SMK KAB.KUNINGAN

Anda mungkin juga menyukai