Anda di halaman 1dari 3

LAPORAN WAWANCARA

Topik/tema : Kasehatan di mangsa pandemi


Maksad sareng tujuan : Cara ngajaga kaséhatan di mangsa pandemi
Waktos sareng tempat kagiatan : Salasa, 15 Maret 2022, tabuh 17.00 WIB, Via Zoom
Narasumber : Diandra Rayyafahira
Juru wawancara : - Dyananda Ramadhani
- Felita Valentina
- Freya Aishya Khatami
(Murid perempuan kelas X MIPA 7 ada ganjil, jadi
kelompokku bertiga)

Hasil Wawancara
Freya : “Assalamualaikum, Diandra. Hatur nuhun pisan atos hadir di dieu. Kumaha kabarna,
Diandra?”
Diandra : “Waalaikumsalam, halo Freya. Alhamdulillah damang. Kumaha kabar anjeun?”
Freya : “Alhamdulillah, damang oge. Diandra, abdi sareng babaturan abdi Felita Valentina
jeung Dyananda Ramadhani bade ngawawancara anjeun ngeunaan ‘Kasehatan di
masa pandemi’.”
Diandra : “Sumuhun, mangga.”
Freya : “Abdi mulai wawancarana ya. Nurutkeun Diandra, naon anu dimaksud dengan
pandemi
jeung covid-19?”
Diandra : “Jadi pandemi teh kaayaan nalika hiji panyakit nyebar kalawan laju sumebarna tinggi
jeung teu stabil serta sumebarna ngahontal benua sejen. Covid-19 atawa Corona
Virus
mangrupi virus anu nyababkeb pandemi ayeuna. Virus ieu asalna ti Wuhan, Cina
jeung
kapanggih dina ahir Desember 2019. Covid-19 nyaeta virus anu nyerang sistem
parnapasan manusa. Sacara umum, nalika jalma anu katepaan ku virus ieu, bakal
ngalaman gejala demam tinggi, batuk, pilek, sareng sesak napas.”
Freya : “Iraha pertama kalian Covid-19 dikonfirmasi nyebar di Indonesia?”
Diandra : “ Covid-19 munggaran dikonfirmasi asup ka Indonesia tanggal 2 Maret 2020.”
Freya : “Naon anu baal kaantenan upami urang henteu ngajaga kasehatan salami pandemi?”
Diandra : “Mun urang teu ngajaga kasehatan, kekebalan urang bakal turun. Dina kaayaan ieu,
panyakit bakal gampang asup kana awak urang, khususna panyakit Covid-19’”
Felita : “Saha anu beresiko ka tularan Covid-19?”
Diandra : “Sabenerna sadayana boga potensi kainfeksi virus Covid-19. Tapi, anu paling beresiko
nyaeta jalma anu sepuh, gaduh panyakir engapan sareng kardiovaskular kronis,
sareng
jalma anu sistem imunna turun.”
Felita : “Numutkeun Diandea, naha urang kedah taat kana protokol kesehatan?”
Diandra : “Sadayana kedah taat kana protokol kasehatah supados urang henteu katularan
Covid-
19, supados ngurangan jumlah korbanna.”
Felita : “Dimana tempat anu berpotensi tinggi nyebarkeun Covid-19?”
Diandra : “Di tempat-tempat anu rame, contona, restoran, kelas, diskotik, mall, pameran, jeung
festival. Biasana Covid-19 leuwih berpotensi nyebaar dijero ruangan kusabab
sirkulasi
hawa anu goreng. Janten, nalika urang aktip di luar ruangan, urang kedah nganggo
masker sareng ngajaga jarak."
Freya : “Teras kumaha urang ngajaha kasehatan salami pandemi ieu?”
Diandra : “Urang tiasa ngamimitan ngajaga pola makan jeung tuang tepat waktu. Pastikeun
urang
dapet gizi anu bagus tina tuangen anu urang emam. Teras lakukeun olahraga di
bumi,
sapertos yoga, aerobik, skipping. Urang ge harus jaga pola kulem, ulah begadang
jeung
kurang kulem sabab begadang bakal nurunkeun kekebalan tubuh. Anu terakhir
nyaeta
ngejaga kabersihan badan sareng lingkungan supados henteu janten sarang
panyakit.”
Felita : “Kumaha cara pencegahan supados teu kainfeksi Covid-19?”
Diandra : “Urang tiasa nyegah panyebaran covid ku cara ngalakukeun 6M, nyaeta ngumbah
leungeun nganggo sabun sareng cai ngalir, anu kadua nganggo masker, anu katilu
ngajaga jarak sareng jalma lain jarakna kirang langkung 1,5 meter, anu kaopat
ngahindarkeun balarea, anu kalima ngirangan mobilitas, anu terakhir nyaeta
vaksinasi.”
Freya : “Upami urang katepaan ku covid-19 dimana tempat anu aman pikeun pulih?”
Diandra : “Urang tiasa ngasingkeun diri di bumi atanapi di hotel anu khusus pikeun
ngasingkeun
diri. Lamun urang cicing jeung jalma sejen di bumi, pastikeun urang teu aya kontak
fisik jeung jalma sejen sareng henteu nganggo kamar mandi, alat kulem, alat mandi,
jeung barang-barang tanpa disterilisasi heula.”
Freya : “Alhamdulillah, wawancarana tos rengse. Sadaya patarosan parantos dijawab ku
Diandra, hatur nuhun kana pandapat, jawaban, sareng waktosna pikeun wawancara
ieu.”
Diandra : “Muhun Freya, bungah pikeun mantuan.”
Freya : “Mugia Diandra salawasna dipasihan kasehatan ku Allah SWT. Supados salawasna
salamet tina panyakit. Wassalamualaikum wr. wb.”
Diandra : “Hatur nuhun, mugia do’a tiasa ngancik, waalaikumsalam wr. wb.”

Anda mungkin juga menyukai