Anda di halaman 1dari 3

RUNTUYAN ACARA

UPACARA KHUSUS GUPAY PILEULEUYAN SEUWEU-SIWI KELAS 9


SMP NEGERI 1 CIHAURBEUTI TAHUN AJARAN 2022/2023

NARASI AWAL UPACARAA ADAT


Bissmillahhirahmanirohim....
Kun, assalamualaikum, sampurasun kanu ngariung, neda widi kanu lalinggih,, sejengah riring
karing asih, sejang haleuang sora sareukara, kempring ngahariring kemprang ngahaleuang,
kempring mirig nu sumping kemprang mapag nu datang, dinararangke budaya sunda, karesmenen
khusus, palepasan kelas salapan, SMP NEGRI HIJI CIHAURBEUTI, DIKAAAWITANNN...
OPENING nyambung RAJAH
Pun...... sampun. uwa hampunten
Manawi tatamu saha
Rumaos uwa leleda
Sakedap antosan heula uwa mundut kasa....lira
Seja ngembarkeun bewara kasakumna ba....larea
Pun sampun
Uwa nebarkeun sumping...
Tuh.... atra ngaleut ngalabring
Der gending geura ramekeun
Bral miang geura papageun
Bur payung geura bukakeun 3X
PAYUNG
Sampiung ngapung kamanggung ngapak mega ngawang... burudung...
Burudu sawung baju marabay soledat....
Rep ku sambuu..tt rep ku lemaaaa....ttt
Kadiinan indung peuti...ng
Kaha...langan mega melaa..ng enggeee...ss
Ri...ntok sagede papatong...
Reungkaa..s sagede bangbara..nga...
Tarik batan mimis meeu..dil
Rinn..tass badan kuda.. lumpat
Awak wawuh jeung nu lembut awak lumang juragan..
Duh jeu...ng dewataaa...

GUGUNUNGAN
PAMAYANG (PAJAJARAN)
Jung nanjung 4X
Mugi gusti nangtayungan

LENGSER (MASUK) “musik masuk”


Lengser : Kela kela, aduhh... alah alah ieu cangkeng meni kieu, gusti...
(penonton) : ku naon atuh abah
Lengser : heeh ieu astagfirullah teuing, tatadi ges di tukang wae, jabaning ieu teh asa culak cileuk,
ai tadi 2 an aiieu kela, kamana ieu si ambu, sambu ambu...
wayah kieu batur didarieu ges sariap astagfirulah, nya kamana,. uluh tinggaleun boa boa ieu teh.
kela ai sugan di jero nyelap kudu diteangan heula. Ambu,. ari sugan dibelah ieu aya..
(penonton) : kudu ku lagu si ambu mah..

AMBU (MASUK) “domba kuring”


Lengser : Ai maneh kamana wae ambu batur ges siap.. astagfirulah..
Ambu : cicing cicing ieu boga sisindirain..
Lengser : naon sisindiran naon ?
Ambu : ka cai jadi salewi kadarat jadi salogat,
Lengser : cakep..
Ambu : kuring geulis kawanti wanti , sasaha pada kabeh ka embat
Lengser : ges aya aya we...

Ambu : cenah pajar ieu teh aya acara heheh?


Lengser : heheh kapan aya acara
Ambu : acara naon ? ieu teh urg hayang joget..
Lengser : kapan ieu teh acarana SMP hiji Cihaurbeuti pelepasan kelas salapan..
Ambu : naon nu lepaskeun teh naon, sugan teh nu dikandangan
Lengser : eh lain.. eta mah beda deui ambu..
Ambu : oh atuh naon
Lengser : yeh pelepasan teh kapan urg ges di ajar nah ayeuna bagean pelepasannana poena paturay
tineung..
Ambu : oh kitu, mangkaning kepala sekolahna ge kasep..
Lengser : mana...
Ambu : itu Pa Endang...hehe
Lengser : lain lain ari pa endang di geroan moal kitu mekelan, heheehe
Ambu : eh ulah waka ngomong sawer sawer ke eta mah berang..
Lengser : ih eta mah heurey..
Ambu : bapa hapuntenna bapa si akang mah sok kitu pohoan..
Lengser : ah si ambu mah sok ngerakeun ah keur kieu teh.

Ambu : kela bah ieu abi tos geulis teu acan ?


Lengser : heeh maneh ges gelis, ges menor aduhh meni jiga luna maaya gusti..
Ambu : kela eta ku naon kumis abah coplokan wae ?
Lengser : heeh puguh..
Ambu : saha nu ngadandanan saha.. (ah eraa)
Lengser : lain kitu ambu eh, sok kabayang lamun kumis abah rek di altekoan, kabayang eta
sabarah poe mukana, da embung tadi teh jadi we kabur..
Ambu : nya ketang da abah mah tos kasep ti orok, matak ambu bogoh ge
Lengser : aduhhh si eta bisa wae..., ari eta beungeut ni jiga naon wae gusti duh..
Ambu : eh abi teh tos pesell abah...
Lengser : pesel teh naon ?
Ambu : eta nu pake lumpur jiga batur hararejo bengeutna..
Lengser : hahaaha gusti teuing..
gess gess ah sok ambu bagean maneheun gera kaul kadinya..
Ambu : yu ah derrr mussrikk...

LENGSER AMBU JOGET (MUSIK LENGSER) 2X balikan


Mamang lengser 2X
Geus miang mapag nugandang
Leumpangna rurusuhan
Bangun taya karingrang
Diudag-udag kalangkang 2X
mamang lengser mamang lengser
pancen tugas piwaraman.

CATRIK (MAPANG siswa siswi ka panggung) solawat

Sungkem (-+ 10 menit narasi)

Tari persembahan (BADAYA)

Anda mungkin juga menyukai