Anda di halaman 1dari 7

PELAJARAN 8 LAPORAN KAJADIAN

A. MATERI POKO
1. WACANA LAPORAN KAJADIAN
Conto laporan kajadian (baca kalawan daria)
SEBA NAGRI DI PURWAKARTA MERE KABAGJAAN KA MASARAKAT
Rebuan apparat desa sa-kabupaten Purwakarta, poe rebo , ping 26 April 2017 isuk-
isuk ngaleut ngeungkeuy ngabandalet ngembat-ngembat nyatang pinang ngadongdon
komplek Setda Kabupaten Purwawarta nu pernahna di jalan Gandanegara No. 25
Purwakarta.
Nu ngadareuheusan komplek Setda Kabupaten Purwakarta the horeng henteu
lalengoh, da gening ranggem ku rupa-rupa hasil tataten jeung palawija , saperti
beubeutian,sayuran,bungbuahan, tug nepi ka kaolahan pangan has sunda. Malah aya
oge nu marawa beas lengkep jeung ingon-ingon.
Eta kagiatan diayakeun sataun sakali the jadi kagiatanmaneuh masarakat
Purwakarta saban bulan April katempornakeun. Masarakat Purwakarta ngagelar “seba
Nagri” atawa mere ka nageri pikeun hiji ungkapan syukur kana hasil tataten jeung
ekonomi nu aya di wewengkon Purwakarta.
Yanto (31) , salah saurang apparat Desa Babakan Cikoa, netelakeun, yen eta kagiatan
dipigawe babarengan jeung apparat desa nu sejen nu geus disiapkeun ti kamarina
saperti dongdang,wadah nu dihias pikeun mawa bekel daheureun jeung hasil bumi.
“Ti kamari sim kuring saparakanca ngadamel dongdang, enjing-enjing ngunder jeung
ngala sampeu sarta sayur-sayur sejenna. Janten, saatos panon poe surup, sim kuring
saparakanca tos aya di pendopo pikeeun seba nagri,” ceuk Yanto.
Bupati Purwakarta, Dedi Mulyadi, nu narima langsung Sakabeh apparat Desa,
netelakeun,yen makna Seba Nagri the lain hal nu anyar, tapi geus dilaksanakeun turun-
tumurun ti baheula keneh.
Sabeh hasil bumi nu dibawa ku masarakat Purwakarta, ceuk Dedi, kabehanana oge
didistribusikeun deui ka anggota masarakat sejenna nu butuheun.
’Ieu tangtos janten tradisi taunan. Nya kieu ari masarakat desa mah, teu weleh
silihseba, silihanteuran, sareng silih nganteuranb rejeki antara sasama,” pokna.
Bupati nu resep make kopeah hideung jeung baju bodas the, netelakeun, teu
hariwang lamun aya pihak sejen nu nyebutkeun yen eta acara the gratifikasi masal.
“Pami aya nu bade ngaudit mah, manga the teuing.” Dedi Mulyadi nandeskeun.
“Tujuan digelar ieu acara saleresna kanggo maparin kabagjaan ka sadaya masarakat
Purwakarta, hususna masarakat nu teu mampuh. Katuangan tangtos wae teu ku sim
kuring sadayana, tapi dibagi-bagi ka nu sanes.”
Kagiatan eta oge dihadiran ku para apparat desa jeung kacamatan sejen luareun
Purwakarta.”Katawisan mah wawakil ti kacamatan di sakuliah Jawabarat hadir sareng
maparin apresiasi patali sareng ieu kagiatan.
(Dicutat tina majalah Mangleno 26273 taun 2017)

KANDAGA KECAP
a) Ngadongdon = ngadatangan
b) Pernahna = tempatna, lebah-lebahna
c) Ngadareuheusan = nepungan ka jalma nu di hormat
d) Maneuh = biasa, tetep
e) Katempernakeun = ahir
f) Wewengkon = wilayah, daerah
g) Dongdang = wadah nu dihias
h) Ngundeur = ngala pilalabeun
i) Panatacalagara = panitia penyelenggara

MAHAM EUSI WACANA

Pek jawab pananya ieu di handap !

1. Saha nu ngalaksanakeun atawa milampahkeun atawa milampah eta kagiatan ?


________________________________________________________________
2. Di mana tempat lumangsungna eta kagiatan ? __________________________
________________________________________________________________
3. Dina bulan naon eta kagiatan rutin dilaksanakeun ? ______________________
4. Ka mana tempat nu dituju dina eta kagiatan ? ___________________________
5. Naon nu jadi tujuan tina eta kagiatan ? ________________________________
________________________________________________________________
6. Naon bae nu disebakeun dina eta kagiatan? ___________________________
_______________________________________________________________
7. Saha nu narima sagala barang seba dina eta kagiatan ? ___________________
________________________________________________________________
8. Di kamanakeun sakabeh barang Seba dina eta kagiatan ? _________________
________________________________________________________________
9. Saha wae nu ngahadiran eta kagiatan? ________________________________
10. Laporan kagiatan eta di muat di majalah ____________________ tahun ______

Conto nu lain laporan kajadian

CAAH RONGKAH DI BANDUNG SELATAN


Leberna cai walungan Citarum jeung sawatara seler walunganana
ngabalukarkeunwewengkon anu katarajang caah nepi ka senen,21/2/2005, beuki ngalegaan.
Rewuan warga mimiti minuhan sawatara tempat ngungsi.
Beh dieuna, kasakit diare mimiti nerekah lantaran kondisi lingkungan anu goreng
jeung teu nyampakna sarana sanitasi anu nyumponan. Sawatara anu kungsi utamana
barudak, mimiti katarajang diare. Kadaharan jeung cai beresih pohara pisan hesena, balukar
tina baliwetna prosedur anu kudu dipilampah dina ngajukeun batuan ka pamarentah.
“Isuk-isuk biasana cai the orot, ytapi dina usum caah ayeuna mah nepi ka tabuh 10.00 WIB
the kalah ka beuki rohaka,” ceuk Kasi Informasi jeung Kahumas Kcamatan dayeuh Kolot.
Wewengkon anu kacaahan jeung jumlah anu kamusibahan bisa dititenan dina table
ieu di handap.
Tabel Wewengkon Nu Kakeurem
Jeung Jumlah Jiwa/Harta nu jadi Korban

Jumlah korban Imah KK Jiwa Fasilitas Umum


Wewengkon
a. Kac. Dayeuh Kolot
1. Kel. Pasawahan 343 unit 795 2205 18 masjid
2. Desa Cangkuang 919 unit 1167 2796 1 masjid
3. Desa Citeureup 225 unit 410 785
4. Desa dayeuh Kolot 37 unit 78 120
b. Kac. Baleendah
1. Kel. Baleendah 729 2170 3180 1 masjid
3 SD
2. Desa Andir 1325 1755 9450 7 Ha. Sawah
8 masjid
3. Desa Bojongmalaka 276 unit 253 1003 3 SD
525 unit 707 1018 83 Ha. Sawah
4. Desa Rancamayar - - - 60Ha. Sawah
3 SD
5. Desa Manggalang

RUMUSAN LAPORAN KAJADIAN

Laporan kajadian bisa jadi hiji reperensi penting . Sabab, laporan kajadian bisa mereiji
gambaran hiji kajadian kalawan lengkep. Eusi laporan kajadian mangrupa hasil tina proses
manggihan jeung ngimeutan rupa-rupa informasi anu nyampak nalika lumangsungna kajadian anu
dilaporkeun.

Dina laporan kajadian, informasi anu leuwih ditekenkeun the utamana museur dina hiji
rumusan anu disebut 5W + 1H, nyaeta what (naon), who (saha), where (di mana), when (iraha),
why(naha), jeung how(kumaha). Eta rumusan the dina unggal laporan agiatan sateah polah udu aya ,
sangkan eusi laporan kajadianna jentre tur tetela nepi ka anu maca atawa anu ngabandungan eta
laporan kajadian bisa meunang informasi anu salengkep-lengkepna.

Sangkan leuwih jentre, geura hayu titenan conto larapna dumasar laporan kagiatan nu
judulna “Seba Nagri di Purwakarta Mere Kabagjaan ka Masarakat”!

Rumusan Laporan Conto Larapna


Kajadian
Naon / what “Seba Nagri” atawa mere ka nagri pikeun hiji ungkapan syukur kana hasil
tatanen jeung ekonomi nu aya di wewengkon Purwakarta
Saha / who 1. Apparat desa sa kabupaten Purwakarta
2. Bupati Purwakarta, Dedi Mulyadi
3. Apparat desa jeung kacamatan sejen luareun Purwakarta
Di mana/where 1. Purwakarta
2. Komplek Setda Kabupaten Purwakarta
Iraha/when 1. Poe Rebo
2. Ping 26 April 2017
Naha/ why 1. Masarakat des amah teu weleh silih seba, sili anteuran, sareng silih
nganteuran rejeki antara sasamana.
2. Pikeun maparin kabagjaan ka sadaya masarakat Purwakarta, hususna
masarakat nu teu mampuh.
Kumaha/how 1. Nu ngadareuheusan komplek Setda kabupaten Purwakarta the
horeng henteu lalengoh, da gening ranggem ku rupa-rupa hasil
tatanen jeung palawija, saperti beubeutian, sayuran, bungbuahan,tug
nepi ka kaolahan pangan has Sunda. Malah aya oge nu marawa beas
lengkep jeung ingon-ingon.
2. Sakabeh hasil bumi nu dibawa ku masarakat Purwakarta, kabehanana
oge didistribusikeun deui ka anggota masarakat sejenna nu
butuheun.
UJI KOMPETENSI

PANCEN 1

Sangkan Lewih paham, pigawe pancen ieu di handap!!

1) Jieun kelompok anu anggotanya 5-6 urang!

2) Titen laporan kajadian anu judulna “Caah Rongkah di Bandung Selatan! Tuluy
tangtukeun:
a. Jejerna:
______________________________________________________________
______________________________________________________________
b. Jieun ringkasanna!
_______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________
______________________________________________________________

c. Teangan rumusanna. Pikeun nangtukeun rumusanna, pek eusian table di handap!

RumusanLaporan Kajadian Larapna dina Laporan Kajadian


Naon/What

Saha/Who

Di mana/ Where

Iraha / When

Naha/ Why

Kumaha/ How

PANCEN 2
TULIS HIJI LAPORAN KAJADIAN ANU SUMBERNA TINA KAJADIAN-KAJADIAN NU
LUMANGSUNG DI SABUDEUREUN WEWENGKON PADUMUKAN HIDEP. SABADA
RENGSE TERUS LAPORKEUN :
1) SACARA LISAN DI HAREUPEUN KELAS!
2) SACARA TINULIS, KETIK SING RAPIH, MUATKEUN DINA MAJALAH DINGDING
SAKOLA.
B. KALIMAH WAWARAN

Kalimah Wawaran nyaeta kalimah anu eusina mere beja atawa mere nyaho. Informasi
nu ditepikeun dina kalimah wawaran mah henteu mikabutuh respon nu mangrupa jawaban
atawa kalakuan ti nu diajak nyarita. Respon anu dipiharep dina kalimah - kalimah wawaran mah
mangrupa paniten hungkul.

Conto kalimah wawaran

1. Apparat desa sa-kabupaten Purwakarta ngadongdon komplek Setda kabupaten


Purwakarta.
2. Seba Nagri geus dilaksanakeun turun-tumurun ti baheula keneh.

Informasi anu nyampak dina kalimah,(1) nyaeta aya apparat desa sa-Kabupaten Purwakarta
anu ngajugjug ka gedong Setda Kabupaten Purwakarta.

Upama diwincik unsur-unsurna,klaimah(1) bisa digambarkeun kieu:

Aparat desa sa-Kabupaten ngadongdon Komplek Setda Kabupaten


Purwakarta Purwakarta.
Pungsi Jejer ( J ) Caritaan( C ) Katerangan ( K )
Kategori Prasa barang Kecap pagawean Prasa barang
Peran palaku kalakuan Katerangan tempat

Dina kalimah ( 2 ), informasi anu nyampak the nyaeta aya kagiatan nu disebut seba nagri nu
geus dilaksanakeun turun-tumurun ti baheula mula tepi kaayeuna.

Upama diwincik unsur-unsurna, kalimah ( 2 ) bisa digambarkeun kieu:

Seba Nagri Geus Turun-tumurun Ti baheula


dilaksanakeun keneh.
Pungsi Jejer ( j ) Caritaan ( C ) Panglengkep Katerangan ( K )
( Pang.)
Kategori Prasa barang Prasa pagawean Prasa pagawean Prasa pangantet
Peran Pangrandap kalakuan panglengkep Katerangan
waktu

PANCEN 3

a. Ieu di handap aya kalimah-kalimah anu susunan kekecapanana diacak. Susun ku hidep eta
kekecapan nu diacak the nepi ka jadi kalimah wawaran anu merenah!
1) Maraen – barudak – bal – di – lapang
Kalimahna : _____________________________________________
2) Ngala- lauk – balong – Haji Murod – Barudak – di
Kalimahna : ______________________________________________
3) Kamari – motor – aya – tabrakan – jeung – treuk
Kalimahna : _____________________________________________
4) Euyeubna – kacida – teh – seni daerah – di – Jawabarat
Kalimahna : _____________________________________________
5) Helaran – dina – wangun – rupaning – daerah – unggulan – seni – dipintonkeun
Kalimahna : ____________________________________________________________
b. Sabada kalimah dina bagian ( a ) diluhur disusun kalawan bener, tangtukeun ku hideup unsur
Pungsi jeung Peranna! Tabelkeun kawas conto dina pedaran!

C. SOAL LATIHAN
Titenan table ieu di handap, keur ngajawab soal nomer 1 – 3 !

Tabel Wewengkon Nu Kakeurem


Jeung Jumlah Jiwa/Harta nu jadi Korban

Jumlah korban Imah KK Jiwa Fasilitas Umum


Wewengkon
c. Kac. Dayeuh Kolot
5. Kel. Pasawahan 343 unit 795 2205 18 masjid
6. Desa Cangkuang 919 unit 1167 2796 1 masjid
7. Desa Citeureup 225 unit 410 785 -
8. Desa dayeuh Kolot 37 unit 78 120 -

1. Dumasar kana informasi dina table di luhur, aya kajadian naon nu tumiba the ?
a. banjir b. urug c. lini d. tabrakan
2. di mana tumibana eta kajadian teh ?
a. Kac. Dayeuhkolot b. Kac. Pasawahan c. Kac.Citeureup d. Kac. Cangkuang
3. Wewngkon anu pangrongkahna katarajang caah the nyaeta …
a. Desa dayeuhkolot b. Kel. Pasawahan c.Desa Citeureup d. Desa Cangkuang

Titenan ieu sepalan wacana , keur ngeusian nomor 4 -8!


Lembaga kabudayaan bandung Selatan, gawe bareng jeung paenerbit Sunda nanjung,
ngayakeun pasanggiri ngajen buku carponmini Sunda. Tujuanana ngarojatkeun pangajen
balarea kana buku-buku Sunda, pangpangna buku carpon mini.

4. Eusi laporan di luhur nyaeta …


a. Gawebareng jeung para penerbit
b. Ngaronjatkeun pangajen balarea kana carpon
c. Pasanggiri ngarang buku carpon
d. Pasanggiri ngajen buku carpon mini sunda
5. Nurutkeun laporan di luhur, nu bisa miluan kana eta pasanggiri the nyaeta …
a. Pasngarang buku carpon mini
b. Lembaga Kebudayaan Bandung Selatan
c. Penerbit buku cartpon
d. Sakabeh bala5rea nu boga karep
6. Nu diajen nurutkeun laporan diluhurb the nyaeta …
a. buku carpon mini b. buku puisi c. buku carpon d. buku pangajaran
7. Nu ngayakeun pasanggiri ngajen buku carponmini Sunda tehnyaeta…
a. Pangarangbuku carpon mini
b. Lembaga kabudayaan bandsung selatan
c. Perbitan carpon
d. Sakabeh balarea nu boga karep
8. Tujuan diayakeunanas pasanggiri ngajen buku carpon mini sunda the nyaeta …
a. Ngaronjatkeun pangajen
b. Neangan pinunjul
c. Meunteun alus henteuna
d. Ngalahirkeun pangarang

Titenan ieu sempalan wacana , keur ngesian nomor 9-10!

Wanci peuting tanggal 9 Juli 1946 pasukan Mohamad Toha,anu katelah Pasukam
Hizbullah,jeung pasukan Pangeran Papak meuntasan Citarum rek nyusup kawewengkon
musuh.Hanjakal kaburu kanyahoan lantaran aya salasaurang anggotana anu nincak
ranjau.Antukna,Mohamad Toha jeung baturna anu ngaran Mohamad Ramdan kacerek ku
pihak Walanda sarta ditawan di gendong listrik anu teu jauh ti Gudang senjata anu keur
diincerna.

Isukna,tanggal 10 Juli 1946,Mohamad Toha najan bisa ngaloloskeun diri henteu


tuluy kabur,tapi ngadeukeutan gudang senjata.Kalawan ngagunakeun granat,Mohamad
Toha nu leber wawanenna ngancurkeun eta gudang senjata.

9. Jeung pasukan naon bae Mohamad Toha asup ka wewengkon msush teh?
a. Pasukan Pangeran Papak
b. Pasukan Paskhas
c. Pasukan Kopassus
d. Pasukan Marinir
10. Naon sababna Mohamad Toha teu terus kabur sabada bisa lolos tina pangcerekan musuh?
a. Rek biluk ka musuh
b. Rek maok senjata heula
c. Rek ngancurkeun markas musuh
d. Rek nyumput

Anda mungkin juga menyukai