Anda di halaman 1dari 2

TOKOH PAHLAWAN KULAWARGI

Sampurasun teupangkeun wasta pun Nova Candra Qadrila. Tokoh anu ku simkuring
dibanggakeun nyaéta pun uwa Aang Subarya. Pun uwa Aang Subarya mangrupi pahlawan
bangsa anu janten korban rag-ragna kapal udara Hércules C-130.

Uwa Aang Subarya gumelar di Bandung taun 1972. Putra ka 7 ti dalapan sawargi, ti
pasangan bpk.H. Aléh Widjaya sareng Ibu Hj. Icun. Nuju yuswa 15 taun, anjeunna sakola di
STM Angkasa Bandung. Saatos lulus sakola, anjeunna ngiring pandidikan jantén anggota
TNI AU. Anjeunna kalebet anggota TNI anu cérdas, berpréstasi. Anjeunna oge kaanggo
dipadamelannana. Kantos dipiwarang ngiring lomba MTQ, sareng sok dijanténkeun sesepuh
dina pérkawis agama. Anjeunna oge toladan sareng rapékan kana sagala rupi padamélan,
contona anjeunna sagala tiasa kana ngoméan barang, otomotif, kitu deui anjeunna resep pisan
kana séni, diantawisna anjeunna tiasa nganggo pakakas musik sareng nyinden anu mana eta
teh ngagunakeun basa Sunda anu saé, lemes tur merenah.

Pun Uwa Aang Subarya aktif diwéwéngkon bumina salaku katua DKM Masjid Al-Mu'min
anu aya dikalurahan Campaka Kacamatan Andir Kota Bandung. Anjeunna rajin ngurus
kagiatan pasantrén sareng ngamajukeun masjid anu atos pakum salami 10 taun.
Dipadamelanna pun Uwa kapilih jantén anggota Depo Pemeliharaan (Depohar) 70 Lanud
Sulaiman Margahayu Bandung. Anjeunna oge sering ditugaskeun kaluar kota, dina rangka
operasi bantosan pamiaraan lapangan di Tanjung Riau. Pun Uwa ngiring ngagabung oge dina
pasawat Hercules C-130 anu jantén tutumpakan pamungkasna, anu ragrag di Jalan Jamin
Ginting, Medan dina dinten Salasa kaping 30 Juni 2015 dina bulan Romadhon. Kapal teh
ragrag dina tabuh 12.08 saatos lepas landas di Lapang Pangkalan Udara Soewondo Medan,
tabuh 11.48 waktos bade angkat ka Lanud Tanjung Pinang Kepulauan Riau.

Tetela teu nyangki pisan pun Uwa angkat kanggo salalamina. Pun Uwa salah sahiji nu
jantén korban kacilakaan ragrag na kapal udara Hercules C-130 anu diwartakeun dina siaran
televisi. Layon pun uwa Aang Subarya dongkap ka Bandung wengi-wengi, kumargi
ngantosan diidentifikasi kulantaran seueur korbanna. Uwa Aang Subarya dimakamkeun
dipamakaman kulawargi anu aya di Babakan Cianjur RW 07 Kalurahan Campaka,
Kacamatan Andir, Kota Bandung, dinten Kemis kaping 2 Juli 2015 tabuh 10.15 WIB. Pun
Uwa ngantunkeun dina yuswa 43 taun. Pamakaman pun Uwa digelar sacara militer anu
dipimpin ku Kolonel Tek Bambang Triono, Komandan Depohar 10 Lanud Husein
Sastranagara Bandung. Peti di tutupan ku bendera merah putih. Istri, palaputra, sareng sadaya
kulawargi manjatkeun pidu'a kanggo almarhum pun uwa Aang Subarya. Pamukiman
pamakaman dipinuhan ku warga sakitar.

Teu kantos lami almarhum pun uwa di taekeun pangkatna janten Serka sareng di
pangadameulkeun lapang sepak bola nu dinamian LAPANGAN SEPAK BOLA "AANG
SUBARYA" SATHAR 71 anu aya di Bandara Lanud Sulaiman Margahayu Bandung anu
mangrupi panghargaan kanggo Almarhum Pun Uwa pikeun jasa-jasana nu tos ngabdi ka
Nagara. Sanaos Anjeunna mangrupi abdi nagara, Anjeunna jalmi anu handap asor sareng
béréhan. Naon baé anu diperyogikeun ku kulawargi, réréncanganna, atanapi tatanggina
anjeunna salawasna sok ngabantosan. Kukituna simkuring rumaos bangga ka Uwa Aang
Subarya lantaran anjeunna tos janten pajuang pikeun nusa, bangsa, agama, sareng nagara.

Anda mungkin juga menyukai