Anda di halaman 1dari 1

Dongeng Sunda “Kuda Hade Budi”

Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia
mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil maung nu keur gegerungan.

Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan.

Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo
sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg.

Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku sampean!
Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh.
Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge
paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu'

Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan
Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.

Anda mungkin juga menyukai