Anda di halaman 1dari 5

ISTQOMAH

‫ َاْش َهُد َاْن اَّل ِاَلَه ِااَّل ُهللا اْلَم ِلُك اْلَح ٌّق اْلُم ِبْيُن َو َاْش َهُد َاَّن َس ِّيَدَنا ُمَح َّم ًدا َع ْبُد ُه‬. ‫َاْلَحْم ُد ِهَّلِل اَّلِذ ْي َاَع َّد اْلَج َّنَة ِلْلُم َّتِقْيَن‬
‫ َاَّم ا َبْعُد‬. ‫ َالَّلُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم َو َباِر ْك َع َلى َس ِّيِد َنا ُمَح َّمٍد َو َع َلى آِلِه َو َص ْح ِبِه َاْج َم ِع ْيَن‬. ‫َو َر ُسْو ُلُه َر ْح َم ًة ِلْلَع اَلِم ْيَن‬
‫ َفاْسَتِقْم َك َم ا‬: ‫ َاُع ْو ُذ ِباِهلل ِم َن الَّش ْيَطاِن الَّر ِج ْيِم‬. ‫َفَيا ِعَباَد ِهللا ِاَّتُقْو ا َهللا َح َّق ُتَقاِتِه َو اَل َتُم ْو ُتَّن ِااَّل َو َاْنُتْم ُم ْس ِلُم ْو َن‬
‫ُاِم ْر َت َو َم ْن َتاَب َم َع َك َو اَل َتْط َغ ْو ا قلى ِاَّنُه ِبَم ا َتْع َم ُلْو َن َبِص ْيٌر‬
" Ku sabab eta prak geura istiqomah anjeun sakumaha anu geus diparentahkeun ka Anjeun,
nyakitu deui jalma-jalma anu geus tobat bareng jeung Anjeun, sarta ulah pisan aranjeun
ngaliwatan wates wangen. Saestuna Manteuna { Allah } Maha Ningali kana saniskara anu
geus dipigawe ku aranjeun ". { QS. Huud, ayat 112 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !
Istiqomah teh Nyaeta cepet lempeng dina bener tur angger, sanes angger dina polahna tapi
angger dina benerna, margi ari bener teh henteu angger tapi ningali kana Muqtadhol Hal
sareng Muqtadlol Maqomna dina hartos ningali kana situasi sareng kondisina, ningali kana
taqdir anu nuju karandapan, margi satiap taqdir pasti nyandak shirot { jalan pileumpangeun }.
Upami urang hoyong istiqomah, maka satiap gerak langkah urang kedah di ukur ku shirotol
mustaqim ( jalan anu hak alias tugas sareng parentah Allah ), ngan upami ti kosewad kana
batil enggal tobat bari balik deui kana bener, da namina manusa mah aya bae tumiba kana
salah, jeung anu disebat :
‫َم ْن َتَو اَلْت َطاَع ُتُه‬
“ Jalmi anu teras-terasan ta`at “ teh sanes anu teu pernah dosa sareng lepat, sanes anu tara
keuna ku musibah. Tapi anu enggal-enggal tobat nalika tikosewad kana lepat sareng
ngalaksanakeun sabar nalika keuna ku musibah. Da memang waktu-waktu anu sok tumiba ka
jalmi iman mah ukur opat waktu; nyaeta : ni`mat, musibah, taat jeung ma`siat. Sakumaha
kasauran Syekh `Abbas r.a.:
‫ َطاَع ٌة َاْو َم ْع ِصَيٌة‬, ‫ ِنْع َم ٌة َاْو َبِلَّيٌة‬: ‫َاْو َقاُت اْلَع ْبِد َاْر َبَع ٌة َال َخ اِمَس َلَها‬
" Ari pirang-pirang waktu nu tumiba ka hamba teh ukur aya opat, henteu lima. Nyaeta waktu
kenging ni`mat atawa musibat, waktu nuju taat atawa ma`siat ". { `Iqodul Himam, kac 358 }.
Dina mayunan tiap eta kaayaan; aya kawajiban anu kedah dilakukeun, dimana nuju kenging
ni`mat kedah syukuran, keuna ku musibat kedah sabar, midamel taat tebihan sipat ujub jeung
riya, ngarumpak larangan payunan ku tobat sareng istighfar tegesna nyuhunkeun pangampura
ka Allah sarta ngamaksad moal uih deui ngahaja kana dosa.
Janten sanes teu pernah ngalakukeun lepat, tapi anu penting mah kedah usaha sangkan urang
salawasna cicing dina leres. Sakumaha pidawuh Gusti Allah SWT:
‫َفِبَذ اِلَك َفاْدُع ج َو اْسَتِقْم َك َم ا ُاِم ْر َت ج َو َال َتَّتِبْع َاْهَو اَء ُهْم – َاآْل َيَة‬
" Ku Kituna prak geura ajak ku Anjeun jeung geura istiqomah sakumaha anu diparentahkeun
ka Anjeun ". { QS. Asy-Syuro, ayat 15 }.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Ari ngalakonan istiqomah teh gampang-gampang susah, gampangna pira oge milampah
parentah jeung nyingkahan larangan Allah, pidawuh Gusti Allah :
‫ َاَآْلَيَة‬- ‫َو َم ا َجَعَل َع َلْيُك ْم ِفي الِّدْيِن ِم ْن َحَر ٍج‬
" Mantenna { Allah } henteu nyieun kahesean ka aranjeun dina agama ", { QS. Al-Hajj, ayat
78 }.
Ngan kulantaran dina diri manusa aya nafsu sareng gangguan syetan, istiqomah teh jadi
beurat jeung hese karaosna, dipasihan ni`mat teu syukuran, keuna musibat ngarasula,
dikersakeun toat tapi dibarengan ujub, riya jeung sombong, ma`siat teu daek tobat jeung
istighfar. Hirup gigireun masjid tapi langka ka masjid, caket ka pangaosan tapi hare-hare teu
malire, hirup kalah patojaiah jeung aturan agama. Ieu mangrupi hasil tina jangji syetan anu
terus-terusan ngamaksud nyasarkeun manusa tina ngalaksanakeun istiqomah:
Hadirin Anu Mulya !.
Jalmi anu tos tiasa istoqomah, dina hartos anu mampu nalukeun pangajak hawa nafsu sareng
syahwat anu nyimpang tina papagon agama, anu mampu ngalawan pangajak syetan kana
kasasaran, maka hirupna bakal diriksa tina kasieun, kanalangsaan jeung bakal dibubungah ku
sawarga anu tos dijangjikeun jang dirina. { QS. Fushshilat / Ha Mim Sajdah, ayat 30 }.
‫َباَر َك ُهللا ِلْي َو َلُك ْم َو ِلَجِم ْيِع اْلُم ْس ِلِم ْيَن َو اْلُم ْس ِلَم اِت ِاَّنُه ُهَو اْلَغ ُفْو ُر الَّر ِح ْيُم‬
KHUTBAH KA II
‫ َو َاْش َهُد َاَّن َس ِّيَدَنا َو َنِبَّيَنا ُمَحَّم ًدا َع ْبُد ُه َو‬. ‫ َاْش َهُد َاْن اَّل ِاَلَه ِاَّال ُهللا اْلَم ِلُك اْلَع َّالُم‬. ‫َاْلَحْم ُد ِهَّلِل اَّلِذ ْى َاْنَع َم َع َلْيَنا ِبِنْع َم ِة ْاِإل ْيَم اِن َو ْاِال ْس َالِم‬
‫ َاَّم ا َبْعُد‬. ‫ َالَّلُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم َع َلى َس ِّيِد َنا ُمَحَّمٍد َخ اَتِم الَّنِبِّيْيَن َو ِاَم اِم اْلُم ْر َس ِلْيَن َو َع َلى آِلِه َو َاْص َح اِبِه َاْج َم ِع ْيَن‬. ‫َر ُسْو ُلُه َس ِّيُد َو َلِد آَد َم‬
‫ َالَّلُهَّم اْغ ِفْر ِلْلُم ْس ِلِم ْيَن َو اْلُم ْس ِلَم اِت َو اْلُم ْؤ ِمِنْيَن َو اْلُم ْؤ ِم َناِت‬. ‫َفَيا َا ُّيَها الَّناُس ِاَّتُقْو ا َهللا ِفْيَم ا َاَم َر َو اْنَتُهْو ا َع َّم ا َنَهى َع ْنُه َو َز َج َر‬
‫ َالَّلُهَّم ِاَّنا‬. ‫ َالَّلُهَّم ِاَّنا َنْسَئُلَك اْلُهَدى و َ الُّتَقى َو اْلَع َفاَف َو اْلِغ َنى‬. ‫ْاَألْح َياِء ِم ْنُهْم َو ْاَألْم َو اِت ِاَّنَك َسِم ْيٌع َقِر ْيٌب ُمِج ْيُب الَّد َع َو اِت‬
‫َنْسَئُلَك ِر َض اَك َو اْلَج َّنَة َو َنُعْو ُذ ِبَك ِم ْن َس َخ ِط َك َو الَّناِر َر َّبَنا آِتَنا ِفى الُّد ْنَيا َحَس َنًة َّو ِفى ْاآلِخَر ِة َحَس َنًة َّو ِقَنا َع َذ اَب الَناِر َو َاْد ِخ ْلَنا‬
‫اْلَج َّنَة َم َع اَأْلْبَر اِر ِبَر ْح َم ِتَك َيا َاْر َح َم الَر اِحِم ْيَن َو اْلَحْم ُد ِهَّلِل َر ِّب اْلَع اَلِم ْيَن‬
AMAL DUNYA KEUR KAPENTINGAN AKHERAT**
**Khutbah ka I**
‫ِإّن اْلَحْم َد ِِهلل َنْح َم ُد ُه َو َنْسَتِع ْيُنُه َو َنْسَتْغ ِفُر ُه َو َنُعْو ُذ ِباِهلل ِم ْن ُش ُرْو ِر َأْنُفِس َنا َو َس ّيَئاِت َأْع َم اِلَنا َم ْن َيْهِدِه ُهللا َفَال ُمِض ّل َلُه َو َم ْن ُيْض ِلْل‬
‫َفَال َهاِدَي َلُه َأْش َهُد َأْن َال ِإلَه ِإّال ُهللا َو َأْش َهُد َأّن ُمَحّم ًدا َع ْبُد ُه َو َر ُسْو ُلُه‬
‫َاللُهّم َص ّل َو َس ّلْم َعلى ُمَحّمٍد َو َعلى آِلِه ِو َأْص َح اِبِه َو َم ْن َتِبَع ُهْم ِبِإْح َس اٍن ِإَلى َيْو ِم الّد ْين‬.
‫َياَأّيَها اّلَذ ْيَن آَم ُنْو ا اّتُقوا َهللا َح ّق ُتَقاِتِه َو َال َتُم ْو ُتّن ِإّال َو َأْنُتْم ُم ْس ِلُم ْو َن‬
‫َياَأّيَها الَناُس اّتُقْو ا َر ّبُك ُم اّلِذ ي َخ َلَقُك ْم ِم ْن َنْفٍس َو اِحَدٍة َو َخ َلَق ِم ْنَها َز ْو َجَها َو َبّث ِم ْنُهَم ا ِر َج اًال َك ِثْيًرا َو ِنَس اًء َو اّتُقوا َهللا اَلِذ ي‬
‫َتَس اَء ُلْو َن ِبِه َو ْاَألْر َح ام َ ِإّن َهللا َك اَن َع َلْيُك ْم َرِقْيًبا‬
‫َياَأّيَها اّلِذ ْيَن آَم ُنْو ا اّتُقوا َهللا َو ُقْو ُلْو ا َقْو ًال َسِد ْيًدا ُيْص ِلْح َلُك ْم َأْع َم اَلُك ْم َو َيْغ ِفْر َلُك ْم ُذ ُنْو َبُك ْم َو َم ْن ُيِط ِع َهللا َو َر ُسْو َلُه َفَقْد َفاَز َفْو ًز ا‬
‫ َأّم ا َبْعُد‬،‫ َع ِظ ْيًم ا‬...
‫ َو ُك ّل ُم ْح َد َثٍة ِبْد َع ٌة َو ُك ّل‬،‫ َو َشّر ْاُألُم ْو ِر ُم ْح َد َثاُتَها‬، ‫ َو َخْيَر اْلَهْد ِى َهْد ُى ُمَحّمٍد َص ّلى هللا َع َلْيِه َو َس ّلَم‬،‫َفِأّن َأْص َدَق اْلَحِد ْيِث ِكَتاُب ِهللا‬
‫ َو ُك ّل َض َالَلِة ِفي الّناِر‬،‫ِبْد َعٍة َض َالَلًة‬.
**Hadirin Kaum Muslimnin Sidang Jum'ah Rohima kumullOh**
Saparantosna urang ngedalkeun kalimat tahmid, kalimat tahlil, minangka muji ka Alloh swt
Dzat anu hiji hijina tempat panyalindungan pikeun urang tina sagala perkara, mangka teuaya
sanes anu pang pantesna didugikeun dina majelis ieu salian ti wasiat taqwa,
Ikhwatu ieman Rohimakumulloh , Allah swt. Ngadawuh dina Qur'an surat ( As Suraa 20)
‫َم ْن َك اَن ُيِر يُد َح ْر َث اآْل ِخ َر ِة َنِز ْد َلُه ِفي َح ْر ِثِه َو َم ْن َك اَن ُيِر يُد َح ْر َث الُّد ْنَيا ُنْؤ ِتِه ِم ْنَها َو َم ا َلُه ِفي اآْل ِخ َر ِة ِم ْن‬
)٢٠ ‫َنِص يٍب (الشرى‬
Sing saha anu miharep ganjaran akherat, Kami baris nambahan keur manehna ganjaranana,
jeung sing saha anu miharep ganjaran dunya, kami baris mere maparin ka manehna tina
ganjaran dunya, tapi pikeun manehna henteu aya bagian diakherst ( As Suraa 20)
‫َو اِإل َر اَد ُة َم ْنُقْو َلٌة ِم ْن َر اَد َيُر وُد ِإَذ ا َسَع ى ِفى َطَلِب َشْيٍئ َو اِإل َر اَد ُة فِى ْاَالْص ِل ُقوٍة ُمَر َك بٌة ِم ْن َشْهٍو َو َح اَجٍة َو َع َم ٍل َو ُج ِع َل ِاْس ٌم‬
‫ِلَنُز وٍع الَّنْفِس ِإلَى َشْيٍئ َم َع اْلُح ْك ِم ِفْيِه ِبَاَنُه َيْنَبِغ َأْن َيْفَعَل َاِو َال َيْفَعَل‬
Al Irodah asal kecap na tina Roda ya ruddu nyaeta gura giru tina nyumponan tuntutan hiji
perkara. Makna Irodah asalna tina hiji kakuatan anu di susun tina karesep, kabutuhan,
pangharepan terus dijadikeun ngaran pikeun hiji kahayang kana hiji perkara pribadi kana hiji
perkara bari aya dina pertimbangan yen perkara kasebut teh nu dilarang atawa henteu, pantes
atawa teu dilakonan ( Ar Ragif 212)
‫ َتَال َر ُسوُل ِهللا َص َّلى ُهللا َع َلْيِه َو َس َّلَم َم ْن َك اَن ُيِريُد َح ْر َث اآْل ِخَر ِة َنِزْد َلُه ِفي‬: ‫عن ابي هريرة َرِض َي ُهللا َع ْنُه َقاَل‬
‫ َو َلْم‬,‫ َو َال َتْفَع ْل َم َألُت َص ْد َر َك ُشْغًال‬, ‫ َيُقْو ُل ُهللا ِإْبَن َأَد َم َتَفَر ْغ ِلِعَباَد ِتْي َأْم أَل َص ْد َر َك ِغ ًّنى َو َأُس َّد َفْقَر َك‬: ‫ ُثَّم َقاَل‬- ........... ‫َح ْر ِثِه‬
)‫َأُس َّد َفْقَر َك ( رواه الحاكم‬
Katampi ti Abu Hurairah rd. anjeuna sasauran yen Rasulullah kungsi ngaoskeun ayat “ Man
kaana Yuridul harsal akhiroti nazid lahu fie harsihi ” teras anjeuna ngandika ‘ Parantos
ngadawuh Allah anu maha gagah “ Yeuh anak Adam prak geura sempetkeun diri aranjeun
ibadah ka kami pasti kami bakal minuhan dada maraneh ku rasa kacukupan sarta dijauhkeun
ku kami ti maranehna rasa ka fakiran (kakurangan) Tapi lamun henteu, maka kami baris
minuhan didada maranehna ku rupa rupa kariweuh nu teu aya tungtungna sarta rasa
kakurangan (fakir) teu weleh aya dina dada maranehna (HR Hakim)
Hadirin Kaum Muslimnin Sidang Jum'ah Rohima kumullah
Lamun ku urang dilenyepan Parentah Allah swt dina Hadist Qudsi nu nembe teras kuurang
diakur akur sareng kanyataan anu aya yen kabuktian gening sing horeng anu sok pirajeunan
ngarugikeun nagara ku jalan korupsi teh lain jalma kokoro nyoso atawa malarat tapi justru
dipigawe ku jalma nu sacara ekonomi geus cukup beunghar, kalayan boga kalungguhan
atawa pangkat anu luhur, oge status dimasyarakat anu cukup terhormat. Tapi naha masih
keneh nyokot anu lain hak na ? Tah ieu hiji bukti benerna Jangji Allah:
‫َو َال َتْفَع ْل َم َألُت َص ْد َر َك ُشْغًال‬
Tapi lamun henteu (Teu ngalksanakeun ibadah ka kami), maka kami baris minuhan didada
maranehna ku rupa rupa kariweuh nu teu aya tungtungna
‫َو َلْم َأُس َّد َفْقَر َك‬
sarta rasa kakurangan ( rasa fakir/ rasa miskin ) teu weleh aya dina dada maranehna.
Kukituna hayu pinuhan pagawean sarta kasab urang ku dadasar ibadah ka Allah sangkan
kapibanda rasa kacukupan sarta dijauhkeun tina rupa rupa kariweuh anu ngajadikeun diri teu
weleh aya dina rasa kafakiran.
‫بارك هللا لى ولكم فى القران العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من االيات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم تالوته إنه هو السميع‬
‫العليم‬
Khutbah ka II
‫اْلَحْم ُد ِهَّلِل اَّلِذ ي َأْر َسَل َر ُسوَلُه ِباْلُهَدى َوِد يِن اْلَح ِّق ِلُيْظِهَر ُه َع َلى الِّديِن ُك ِّلِه َو َلْو َك ِر َه اْلُم ْش ِر ُك وَن َأْش َهُد َأْن َال ِإلَه ِإّال ُهللا َو َأْش َهُد َأّن‬
‫ُمَحّم ًدا َع ْبُد ُه َو َر ُسْو ُلُه َاللُهّم َص ّل َو َس ّلْم َعلى ُمَحّمٍد َو َعلى آِلِه ِو َأْص َح اِبِه َو َم ْن َتِبَع ُهْم ِبِإْح َس اٍن ِإَلى َيْو ِم لّد ْين‬.
**Hadirin Kaum Muslimnin Sidang Jum'ah Rohima kumullOh**
Allah swt parantos nga uningakeun ka urang sadaya
)46‫اْلَم اُل َو اْلَبُنوَن ِزيَنُة اْلَحَياِة الُّد ْنَيا َو اْلَباِقَياُت الَّصاِلَح اُت َخْيٌر ِع ْنَد َر ِّبَك َثَو اًبا َو َخْيٌر َأَم اًل (الكهف‬
Ari harta banda jeung anak teh papaes kahirupan dunya, tapi amal sholeh nu langgeng mah
leuwih hade genjaranana mungguhing Pangeran maneh, sarta jadi pangharepan nu pang hade
hadean. (QS; Al Kahfie 46)
Rasulullah saw parantos ngandika dina salah sawios hadis
‫ َو َلْم َيْج َد ْد ِم َن الُّد ْنَيا‬, ‫َع ِن ْأبِن َعَّباٍس َرِض َي ُهللا َع ْنُه َقاَل َم ْن ُيْؤ ثُر ُد ْنَياُه َعلَى َأِخَرِتِه َلْم َيْج َع ْل َلُه َنِص ْيًبا فِي اآلِخَر ِة ِإَّال الَّناُر‬
)‫ِبَذ ِلَك َشْيًئا ِإَّال ِر ْز ًقا َقْد َفَر َغ ِم ْنُه َو َقَس َم َلُه ( رواه إبن المنذر‬
Ti Ibnu Abbas rd. anjeuna sasauran “ Sing Saha anu leuwih mentingkeun urusan dunya
tibatan akheratna maka Allah baris moal mamaprin iwal ti seuneu naraka Sarta didunya ieu
moal bakal manggih kasugemaan sarta moal karasa cukup iwal ti rizki anu geus lolos ka
manehna ( HR Ibnu Mundzir)
‫ ِإَّنَك َسِم ْيٌع َقِر ْيٌب ُمِج ْيُب الّد َع َو اِت‬،‫ َو اْلُم ْؤ ِمِنْيَن َو اْلُم ْؤ ِم َناِت ْاَألْح َياِء ِم ْنُهْم َو ْاَألْم َو اِت‬،‫َالَّلُهَّم اْغ ِفْر ِلْلُم ْس ِلِم ْيَن َو اْلُم ْس ِلَم اِت‬.
‫َر ّبَنا َالُتَؤ اِخ ْذ َنا ِإْن َنِس ْيَنا َأْو َأْخ َطْأَنا َر ّبَنا َو َال َتْح ِم ْل َع َلْيَنا ِإْص ًرا َك َم ا َح َم ْلَتُه َع َلى ّالِذ ْيَن ِم ْن َقْبِلَنا َر ّبَنا َو َال ًتَحّم ْلَنا َم اَال َطاَقَة َلَنا ِبِه‬
‫َو اْعُف َع ّنا َو اْغ ِفْر َلَنا َو اْر َحْم َنا َأْنَت َم ْو َالَنا َفاْنُصْر َنا َع َلى اْلَقْو ِم اْلَك اِفِرْيَن‬.
‫‪َ.‬رَبَنا َء اِتَنا ِفي الّد ْنَيا َحَس َنًة َوِفي ْاَألِخَر ِة َحَس َنًة َوِقَنا َع َذ اَب الّناِر‪ .‬والحمد هلل رب العالمين‬
‫وصلى هللا على نبينا محمد وعلى أله وصحبه ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين وآخر دعوانا أن الحمد هلل رب العالمين‬

Anda mungkin juga menyukai