Anda di halaman 1dari 2

Nomor : 159

Jumat Ka 1, Pebruari 2024


RAJAB SASIH MUNGGARAN DIWAJIBKEUN SHALAT

‫ِا ِا‬ ‫ِج‬ ‫ِة‬ ‫ِل ِذ‬


‫ َاْش َه ُد َاْن اَّل َلَه اَّل اُهلل َو ْح َد ُه اَل َش ِر ْيَك‬. ‫َاَحْلْم ُد َّلِه اَّل ْى َبَنَّي َطِر ْيَق الَّس َعاَد ِم َن اُحْلُقْو ِق َو اْلَو ا َباِت‬
‫ِل‬ ‫ِج‬
‫ َالَّلُه َّم َص ِّل‬.‘‫َله‘ َش َه اَدًة ُتْن ى َقاِئَلَه ا ِم َن اْلُم ْه َك اِت َو َاْش َه ُد َاَّن َس ِّيَدَنا َو َنِبَّيَنا َحُمَّم ًد ا َعْبُد ه‘ َو َرُسْو ُله‬
‫ِا ِم‬
‫ َاَّم ا َبْع ُد‬. ‫َو َس ِّلْم َو َباِر ْك َعلى َس ِّيِد َنا َحُمَّم ٍد َو َعلَى آِلِه َو َا ْص َح اِبِه َو َمْن َتِبَعُه ْم ِبِاْح َس اٍن ىَل َيْو اْلِق َياَم ِة‬
‫ِن ِج‬ ‫ِب ِهلل ِم‬ ‫ِت‬ ‫ِتِه ِف‬ ‫ِع ِهلل ِا‬
‫ َو ْأُمْر‬: ‫ َاُعْو ُذ ا َن الَّش ْيَطا الَّر ْيِم‬. ‫َفَيا َباَد ا َّتُقْو ا اَهلل َح َّق ُتَق ا َيْغ ْر َلُك ُم الُّذ ُنْو َب َو الَّز اَّل‬
‫َأْه َلَك ِبالَّص َالِة َو اْص َطْرِب َعَلْيَه ا قلى َال َنْس َأُلَك ِر ْز ًقا قلى ْحَنُن َنْر ُز ُقَك قلى َو اْلَعاِقَبُة ِللَّتْق َو ى‬
" Jeung parentahkeun ka ummat anjeun supaya ngaradegkeun shalat sarta masing salabar
dina ngalakonanana. Kami teu menta rezeki ka anjeun. nya Kami anu maparin rezeki ka
anjeun. Jeung ari akibat (anu hade nyaeta surga) teh pikeun jalma anu takwa” { QS. To-Ha,
ayat 132 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Sasih Rajab, sasih kajantenan Isro sareng Mi`rajna Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Hiji kajantenan anu matak ngageunjleungkeun sareng mangaruhan sikep jalmi anu aya dina
mangsa harita kana karosulan Muhammad SAW. Aya sabahagian jalmi anu tambih yaqin,
aya anu tambah kafir, malih aya oge anu ragu-ragu antara percaya sareng teu percaya kana
eta kajantenan. Nyakitu tea tos janten sunnatullah antara anu satuju sareng anu teu satuju,
oge anu teu kaditu teu kadieu dina mayunan hiji pasualan, sanaos teu aya dalil atanapi jalan
kanggo nolak kana leresna eta pasualan. Janten akhirna mah urang tiasa ngabandungan saha
anu ku Allah bade dikersakeun jadi jalmi iman sareng saha anu bade dikersakeun jadi jalmi
kafir.
Hasil tina Isro Mi`raj, Kanjeng Nabi SAW nampi tugas ti Gusti Allah SWT. nyaeta
diwajibkeunana shalat fardlu anu lima waktos anu jumlah bilangan rokaatna aya 17, upami
henteu nuju diqoshor (diringkes). Ieu shalat fardlu anu lima, wajib dilakonan ku ummat
Islam anu tos baleg, ngagaduhan akal kalayan nyumponan syarat sareng rukunna.
Shalat janten bates pamisah kakafiran hiji jalmi. sakumaha ditandeskeun ku
Rasulullah SAW:
‫َبَنْي الَّر ُج ِل َو َبَنْي اْلُك ْف ِر َتْر ُك الَّصاَل ِة – رواه امحد و مسلم‬
" Bates pamisah antara hiji lalaki jeung kakafiran teh nyaeta ninggalkeun shalat ”. (Fiqih
Sunnah I, kaca 80).
‫َمْن َمَجَع َبَنْي َص اَل َتِنْي ِم ْن َغِرْي ُعْذ ٍر َفَقْد َاَتى َباًبا ِم ْن َاْبَو اِب اْلَك َباِئِر – رواه احلاكم‬
" Sing saha anu ngajama‘ dua shalat bari teu aya uzur, nyata-nyata eta jalma geus
ngadatangan hiji panto tina panto-panto dosa gede ". (Fadhoil `Amal, kaca : 31).
Dina kitab Qishshotul Mi’raj anu sok katelah Kitab Bainama kaca 10 dicarioskeun
yen Kanjeng Nabi SAW mendakan sagolongan jalmi anu teu eureun-eureun mekprekan
sirahna nyalira ku batu. Kanjeng Nabi SAW naros ka Malaikat Jibril : " Saha eta kaom
teh ?", Waler Jibril: " Eta teh kaom anu ninggalkeun shalat fardlu karana males nepika kaluar
waktuna shalat ”.
Hadirin Rahimakumullah !
Hayu urang laksanakeun ieu kawajiban shalat sasae-saena. Dina ngalaksanakeunana
usahakeun dina awal waktos bari berjamaah di masjid supados katingal hirupna syi’ar agama
Islam. Katingal ngahijina ummat Islam, ngahiji sasarengan ibadah, dzikir sareng ngado’a ka
Allah dipingpin ku imam, mayunkeun heula kapentingan sarerea sateuacan kapentingan
pribadi. Kanjeng Rasulullah SAW ngadawuh:
– ‫احلديث‬... ‫َلْو َيْع َلُم الَّناُس َم ا ىِف ْاآلَذاِن َو الَّص ِّف ْاَالَّو ِل َّمُث ْمَل ِجَي ُد ْو ا ِااَّل َاْن َيْس َتِه ُّم ْو ا َعَلْيِه اَل ْس َتَه ُّم ْو ا‬
‫رواه البخارى‬
" Lamun mah jalma-jalma apal kana kautamaan (ganjaran gede) anu aya dina adzan jeung
jajaran kahiji, tuluy maranehna teu bisa manggihan kajaba kudu diundi, yakin maranehna
bakal ngayakeun undian" . ( Fiqih Sunnah I, kaca 94)

Hadirin Anu Mulya !.


Hayu urang sami-sami istiqomahkeun shalat fardlu bari berjamaah di masjid, bilih
urang dianggap jalmi anu bodo kumargi milih kapentingan sareng kauntungan dunya tibatan
kapentingan akherat, bari padahal sakadar ngageser waktos, sanes ngantunkeun padamelan
dunya. Shalat berjamaah teu kenging dianggap ngagokan hancengan padamelan, dianggap
ngahalang piuntungeun sareng pibatieun.
Muga-muga urang sadaya sareng kulawarga urang kalebet jalmi-jalmi anu ahli kana
ngadegkeun shalat, sangkan kagolongkeun jalmi anu bagja di dunya sareng di aherat.
Aamin !.
‫ِح‬ ‫ِل ِت ِا‬ ‫ِلِم‬ ‫ِم‬
‫َباَر َك اُهلل ْيِل َو َلُك ْم َو َجِل ْيِع اْلُمْس َنْي َو اْلُمْس َم ا َّنه‘ ُه َو اْلَغُفْو ُر الَّر ْيُم‬
KHUTBAH KA II

‫ِح‬ ‫ِا ِا‬ ‫ِث‬ ‫ِل ِه‬


‫ َو‬. ‫ َاْش َه ُد َاْن اَّل َل َه لَّا اُهلل َو ْح َد ه‘ اَل َش ِر ْيَك َل ه‘ اْلَو ا ُد اْلَق َّه اُر‬. ‫َاَحْلْم ُد َّل ْمَحًد ا َك ْيًر ا َك َم ا َاَم َر‬
‫ِّل َلى ِد َنا َّم ٍد لى آِل ِه‬
‫ َالَّلُه َّم َفَص ِّل َو َس ْم َع َس ّي َحُم َو َع‬. ‫َاْش َه ُد َاَّن َحُمَّم ًد ا َعْب ُد ه‘ َو َر ُس ْو ُلُه الَّنُّيِب اْلُم ْخ َت اُر‬
‫ِا‬
‫ َالَّلُه َّم‬. ‫ َاَّم ا َبْع ُد َفَي ا َا ُّيَه ا الَّناُس َّتُق ْو ا اَهلل ِفْيَم ا َاَم َر َو اْنَتُه ْو ا َعَّم ا َنَه ى َعْن ُه َو َز َج َر‬. ‫َو َاْص َح اِبِه ْاّألْبَر اِر‬
‫ِا‬ ‫ِء‬ ‫ِل‬ ‫ِل‬ ‫ِف ِل‬
‫ َأَأْلْح َي ا ِم ْنُه ْم َو ْاَألْم َو اِت َالَّلُه َّم َّن ا َنْس َئُلَك‬. ‫اْغ ْر ْلُم ْؤ ِمِنَنْي َو اْلُم ْؤ ِم َن اِت َو اْلُمْس ِم َنْي َو اْلُمْس َم اِت‬
‫ َر َّبَن ا َتَق َّب ْل ِم َّنا ِاَّنَك َاْنَت الَّس ِم ْيُع اْلَعِلْيُم َو ُتْب َعَلْيَن ا‬. ‫ِر َض اَك َو اَجْلَّن َة َو َنُع ْو ُذ ِب َك ِم ْن َس َخ ِتَك َو الَّناِر‬
‫ َر َّبَنا آِتَن ا ىِف الُّد ْنَيا‬. ‫ِاَّنَك َاْنَت الَّتَّو اُب الَّر ِح ْيُم َر ِّب اْجَعْلْيِن ُمِق ْيَم الَّصاَل ِة َو ِم ْن ُذِّر َّيْيِت َر َّبَنا َو َتَق َّبْل ُدَعاِء‬
‫ِمِح‬ ‫ِت‬ ‫ِخ‬ ‫ِق‬ ‫ِخ‬
‫َح َس َنًة َّو ىِف ْاآل َر ِة َح َس َنًة َّو َن ا َع َذ اَب الَن اِر َو َاْد ْلَن ا اَجْلَّن َة َم َع اَأْلْبَر اِر ِبَر َمْح َك َي ا َاْر َح َم الَر ا َنْي‬
‫ِم‬ ‫ِل ِه‬
‫َو اَحْلْم ُد َّل َر ِّب اْلَعاَل َنْي‬

Anda mungkin juga menyukai