Anda di halaman 1dari 2

NASKAH BORANGAN

Tema : Jati kasilih ku junti

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh


Sampurasun?

Simkuring ngaraos bingah tiasa icikibung ngiring aub dina pasanggiri borangan ieu.
Wargi, naon ari borangan teh nya ?...
leres ngabodor sorangan. kapungkurmah mah borangan teh gede kasieun; angkat tengah wengi
sorangan sieun, lebet ka bumi kosong sorangan sieun, ngalangkungan masjid oge sieun, aeh naha
nya?, margi di lembur mah nyimpen pasaran teh sok dipipireun masjid, atuh nu ngalangkungan masjid
teh sok rajeun sing berebet lalumpatan. Sami ayeuna oge borangan ngabodor sorangan tea, hawana
keueung gede kasieun, sieun teu diseungseurikeun jeung sieun teu dikeprokan, sok atuh kaleprok
heula ameh simkuring henteu keueung…..

Wargi-wargi, keprok teh sami sareng tepuk tangan. Sok emut kana pramuka geuning aya tepuk
pramuka anu tos teu bireuk deui, mangga geura tepuk pramuka (ngajak nu lalajo tepuk pramuka). Tah
borangan oge aya keprokna sapertos kieu, keprok borangan (bari keprok) :

Prok-prok-prok, ngomong sorangan


Prok-prok-prok, ngarigig sorangan
Prok-prok-prok, ngabodor sorangan
Prok-prok-prok, diseungseurikeun
Borangan ? ngabodor….sorangan

Ke ke ke, ngomong sorangan, ngarigig sorangan, ngabodor sorangan, tuluy diseungseurikeun deuih.
Cobi siga naon nya ? eit !!! ulah nyebatkeun siga anu henteu waras nya, siga lagu Caca Handika
Kieu geuning :

Ngomong-ngomong sorangan
Ngarigig ge sorangan
Ngabodorna sorangan
Tuluy seuseurian

Aya-aya wae nya, wargi …. Lagu teh rupi-rupi, dina basa sunda mah disebatna teh kawih atanapi
kakawihan, diantawisna aya kakawihan murangkalih sapertos oray-orayan

Oray-orayan luar-leor mapay sawah


Tong ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan luar-leor mapay leuwi
Tong ka leuwi di leuwi loba nu mandi

( Bari sedih ) mhhh karunya teuing nasib oray ngan dicaram we, rek ka sawah ulah, jig ka leuwi oge
ulah, tapi keun we da eta mah ukur kakawihan. Barudak ayeuna mah teu apaleun kana kakawihan
murangkalih, margi tos kapangaruhan ku gejed, eta geuning sarwa kaulinan dina HP. Maen gim,
tikotokan eta geuning gutak-gitek bari ulal-elel kana kamera HP, aeh…tiktokan maksad teh. Tah nu
kitu teh jati kasilih ku junti, kaulinan urang lembur geus kasilih ku kaulinan nagri deungeun.

Cobi maen gimna anu urang sapertos galah, ucing-ucingan, gatrik jeung sajabina. Atanapi kakawihan
tea anu teu eleh resepna, bari ngariung jeung rerencangan patempas-tempas ngawihna, model kieu :
Punten ? Mangga
Ari Ga ? Gatot Kaca
Ari Ca ? Cau ambon
Ari Bon ? Bonteng kolot
Ari Lot ? Lotek lada
Ari Da ? Dahan potong
Ari Tong ? Tonggong kebo
Ari Bo-bo-borangan; NGABODOR SORANGAN !!!

Sakitu anu kapihatur


Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Sampurasun ?...

Anda mungkin juga menyukai