Anda di halaman 1dari 3

PAPADON LOS KA KOLONG

Budak ayeuna can tangtu apal babasan papadon los ka kolong. Sarua budak baheula
model kula ge kakara apal ayeuna. He he... lamun palebah bapak satar plos ka kolong
mah pernah apal dina kawih kaulainan budak cing cang keling. Kieu geuning potongan
kawihna teh.

Cingcangkeling, manuk cingkleung cindeten


Plos kakolong bapa Satar buleneng

Ceunah, kawih cingcangkeling ngandung siloka anu jero, mapagahan ka urang dina
ngambah sgara kahirupan. Cingcangkeling, ceunah deui wae, asalna tina kecap sing
arèling, ari manuk cingkleung cindeten ngandung siloka “sesuatu yang mengawasi kita”.
Tah potongan kawih di luhur dikiratakeun jadi pèpèling pikeun manusa anu keur
kumelendang di alam dunya, tong dugikeun ka mabok ku dunya, tunggul dirarud catang
dirumpak, teu nyekel aturan, alias sakahayang. Kudu eling, yen urang hirup tèh salawasna
aya nu ngawaskeun.

Plos ka kolong, ceunah ngandung siloka mangsa geus teu nyawaan atawa geus asup kana
liang kubur. Bapa Satar buleneng, ngandung harti yen urang tong sombong, adigung
adiguna, kudu sadar urang mah “buleneng”, teu boga nanaon. Buleneng dina harti
satarabasna, jalma anu teu boga buukan, atawa botak, nyilokakeun yèn saenggeus
“meregang nyawa”, teu bèda ti kitu, urang buleneng, teu boga nanaon.
Sok sanajan keur hirup mah beurat beunghar, loba raja kayana, ngalayah di imah babah,
pon kitu deui pangawakan anu jangkung gedè, kasèp ngalempèrèng koneng, atawa geulis
kawant-wanti èndah kabina-bina, geus “kakolong” mah, ukur dibungkus ku lawon boèh, taya
bèdana jeung anu hirupna sangsara.

Eta..eta nah jadi kana cingcangkeling ieu teh, nya...


Uih deui ahh kana babasan di luhur, papadon los ka kolong. Jujur, kula teu apal naon harti
sabenerna tina kecap “papadon”. Pernah baheula diajar basa sunda dimana dua vokal
ngarendeng sok nyurup jadi hiji vokal. Contohna kecap pasantrian, hurup i jeuna a
ngarendeng nyurup jadi hurup e, pasantrian jadi pasantren. Boh kittu deui hurup u jeung a
ngarendeng nyurup jadi hurup o, contohna pakuwon tina pakuwuan. Tah meuereun,
papadon bisa jadi asalna tina kecap “papaduan” hartina paloba-loba omong alias guntreng.
Jadi, papadon los ka kolong bisa dihartikeun jelema anu teu tanggung jawab, ngan ukur loba
ngomong tapi dina prak-prakana mah malah kabur atawa teu bisa dicepeng omonganana,
alias teu pengkuh kana janji.

Singket caritana mah, 3 minggu ayeuna urang bakal disuguhan ku jelema-jelema anu keuna
ku babasan di luhur, papago los ka kolong, loba jelema anu ngumbar janji, lamu uing kapilih,
maraneh kabeh bakal hirup makmur, lamun ngaing kapilih, jalan-jalan di sabudereun
maraneh bakal lalucir, lamun sim kuring jadi diuk di korsi de pe er maraneh kabeh bakal
calageur, mereunah hirup, jrrd. Siga anu heueuh papaduan gogorowokan ngabentangkeun
visi-misi pangwangunan, nganyatakeun bebela ka rakyat leutik, pas geus jadi naon anu
diseja-na mah, kabur tina jangjina. Ditepungan ngadadak ngaleungit, paamprok di jalan
ngabalieus, ditelepon di’reject’. Beda pisan jeung 3 minggu ayeuna, rajin blusukan, teu
nyaho jalan becek, gang sempit, dijugjug nepungan rahayat, ceunah dalam rangka merebut
hati rakyat, memikat simpati rahayat. Geus jadi mah... nya kitu tea... Papagon Los Ka
Kolong. Prett ahhh.

Untuk itu, berhati2lah, pilih kelir acak corak, kudu asak-asak nya ngejo bisi tutung
tambagana, cing ati-ati panenjo urang bisi kaduhung jagana...Tunjukkan bahwa kita adalah
pemilih cerdas. Piraku tina ratusan calon euweuh anu sahulueun, nyak...! Sok sanajan aya
babasan kiruh ti girang kiruh ka hilir, lamun anu di luhurna teu calageur, teu balageur
jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu calageur, teu bener oge milu teu
bageur. Tunjukkan kita masih waras dan semoga berdampak waras kepada yang di atas
sanah.

Selamat ngejo, sobat... kade tutung tambagana.


Wilujeng...
Permios.
(insyaa Alloh abige nyolok da.)

Tafsiran kadua saur Kang Ermansyah, urang Seuseupan Bogor, anu ngumbara di Ciputat
Tangerang, kahèbatan pangarangna, anu nyumputkeun pagawèan jorang dina basa anu teu
katepi atawa kaudag ku jalma biasa. Cingcangkeling ngagambarkeun parabot awèwè, anu
diteruskeun ku ayana rèaksi ti bobogaan lalaki anu saterusna…sensor kadituna mah.
Teu salah lamun basa Sunda, komo beubeunangan sastrawan, atawa pujangga baheula
mah, loba pisan silokana, malah sakapeung mah teu bisa dihartian ku pikiran bolostrong.
Geura wè titènan dina wangsit Siliwangi anu diantarana aya budak angon atawa carita
ngahyangna Pajajaran anu rumpakana :
Pun, sapun kula jurungkeun, Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun, Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut,Ukireun dina lalangit, Tataheun di jero iga!
Saha anu dimaksud kula di dinya tèh? jeung ka saha mènta idzinna?, naon di maksud
mandepun, barang (pusaka, pituduh, budaya? ) atawa naon anu dihandeuleumkeun, ah
pokona mah, sakurangna kudu kerung tarang tah. Naha Carita Ngahyangna Pajajaran tèh
aya patula-patalina jeung wangsit Uga Siliwangi anu diantarana aya kalimah :
……………..Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku
nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang;
ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi,
pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari
ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul.
Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab
acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu
kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus
nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua
jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah
bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi
sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti
harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan
narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan……..jstna.
Saha ari Raja Panyelang, Budak Angon? Naha anu mènta dijurungkeun tèh Budak Angon
anu dimaksud dina wangsit? Ari anu disebut birit leuwi tèh di mana. Sabagèan aya anu boga
pamadegan yèn birit leuwi tèh hiji tempat anu aya di antara wahangan Cisadanè atawa
Ciliwung, aya ogè anu ngahartikeun yèn birit leuwi tèh gudangna èlmu (akademisi, dosèn.
guru?). Ah, pokona mah, loba pisan silokana? Sarta salila ieu “tafsir”na masih teu ragem.
Bakal aya kitu anu dimaksud dina èta wangsit tèh? Wallahualam Bissaawab!

Anda mungkin juga menyukai