Anda di halaman 1dari 40

Miwanoh kana kumpulan

Pupuh Sunda

Diterbitkeun ku :
CV. Bina Karya
Jalan Siliwangi No 308 Kawali Ciamis
Telepon 0265- 7763565 Fax 7763565
Website : www.binakarya.com
087767877258
Miwanoh kana kumpulan Pupuh Sunda

@ Nama Penyusun

Hak Cipta Dilindungi Undang-Undang

Editor :
Penata isi :
Diterbitkan oleh CV Bina Karya

Dilarang mengutip atau memperbanyak tanpa izin tertulis dari pemegang hak cipta, sebagain
atau selurunya dalam bentuk apa pun, seperti cetak, fotocopi, microfilm, CD-Rom, dan
rekaman suara.

Sanksi Pelanggaran Pasal 72

Undang-undang Nomor 19 Tahun 2002 tentang Hak Cipta

(1) Barangsiapa dengan sengaja dan tanpa hak melakukan perbuatan sebagaimana
dimaksud dalam Pasal 2 ayat (1) atau Pasal 49 ayat (1) dan ayat (2) dipidana dengan
pidana penjara masing-masing paling singkat 1 (satu) bulan dan/atau denda paing
sedikit Rp.1.000.000,00 (satu juta rupiah, atau pidana penjara paling lama 7 (tujuh)
tahun dan/atau denda paling banyak Rp.5.000.000.000,00 (lima miliar rupiah).
(2) Barangsiapa dengan sengaja menyiarkan, memamerkan, mengedarkan, atau menjual
kepda umum suatu ciptaan atau barang hasil pelanggaran Hak Cipta atau Hak Terkait
sebagaimana dimaksud pada ayat (1) dipidana dengan pidana penjara paling lama 5
(lima) tauhn dan/atau denda paling banyak Rp.500.000.000,00 (lima ratus juta rupiah.
Daftar eusi

A. Pangjajap …………………………………………………………………………………
B. Daftar Eusi …………………………………………………………………………………
C. Pupuh Sunda ……………………………………………………………………………..
D. Rupa-rupa Pupuh ………………………………………………………………………
1. Pupuh Asmarandana ……………………………………………………………..
2. Pupuh Balakbak ……………………………………………………………………
3. Pupuh Dangdanggula …………………………………………………………….
4. Pupuh Durma ……………………………………………………………………….
5. Pupuh Gambuh …………………………………………………………………….
6. Pupuh Gurisa ………………………………………………………………………..
7. Pupuh Juru Demung ……………………………………………………………..
8. Pupuh Kinanti ……………………………………………………………………….
9. Pupun Ladrang ……………………………………………………………………..
10. Pupuh Lambang …………………………………………………………………….
11. Pupuh Magatru ………………………………………………………………………
12. Pupuh Maskumambang ………………………………………………………….
13. Pupuh Mijil …………………………………………………………………………..
14. Pupuh Pangkur ………………………………………………………………………
15. Pupuh Pucung ………………………………………………………………………..
16. Pupuh Sinom ………………………………………………………………………….
17. Pupuh Wirangrong ………………………………………………………………….

E. Daftar Pustaka …………………………………………………………………………..


PAnGJAJAP

Ku medalna buku “Miwanoh 17 Pupuh Sunda” ieu, mudah-mudahan janteun

pangjurung laku ka para guru seni sunda anu teu aya kendatna tihothat usaha

nanjeurkeun seni sunda tur ngadidik ngating ngajaring ka siswa siswi khususna

ngenalkeun ngenaan rupa-rupa budaya jeung seni sunda.

Buku ieu ngabahas rupa-rupa pupuh timimiti pupuh Asmarandana, Balakbak,

Dangdanggula, Durma, Gambuh, Gurisa, Juru Demung, Kinanti, Ladrang, Lambang,

Magatru, Maskumambang, Mijil , Pangkur, Pucung, Sinom nepika pupuh

Wirangrong. Eta sakabeh pupuh dipasihan conto masing-masing jeung aturanna.

Kajurung ku karep anu gemleng sareng tekad anu nyampak, nu nyusun

gaduh karumasaan yen ieu buku kumpulan pupuh sunda teh masih tebih tina

hartos basa utama, ku margi kitu dina sagala kakiranganna omeaneun sadayana.

Ngahaturkeun nuhun ka saha bae anu parantos masihan pangrojong sareng

wewengan ti kawit gaduh niat dugi ka ngawujudna ieu buku, disarengan ku

pangdua ka Allah Swt, mugia tiasa ngahontal tujuanna.

Aamiin

Nu nyusun

A. Pupuh Sunda
Pupuh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa,
katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika
can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina
ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu
ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru
wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina
unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu
nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-
na sora vokal dina engang panungtung.
Masing-masing pupuh ngabogaan watek tur aturan nu beda-beda, ngawengku
jumlah padalisan (baris), guru wilangan atawa jumlah engang (suku kata) dina
unggal padalisan (baris), sarta guru lagu atawa sora a-i-u-e-o dina tungtung
padalisan. Sedengkeun jumlah pada (bait) mah henteu disengker, kumaha
kahayang nu nganggit guguritan.
Baheula mah pupuh teh sok dipake ngarang carita, disebutna wawacan.
Dina wawacan, suasana carita diluyukeun jeung watek pupuh. Upamana bae, nu
keur nalangsa ditinggalkeun kabogoh moal mungkin dicaritakeun dina pupuh
Durma, sabab Durma mah watekna heuras. Nu keur sedih mah leuwih cocog
dicaritakeun make pupuh Mijil atawa Maskumambang. Sabalikna nu keur perang
moal dicaritakeun make pupuh Pupuh Lambang anu watekna banyol atawa
pikaseurieun.

B. Tujuh Belas Pupuh Sunda


1. Pupuh Asmarandana
Watekna : Ngabambarkeun rasa kacintaan, silih asih silih pikanyaah,
atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan

Guru lagu jeung guru wilangan : 8i, 8a, 8e/o, 8a, 7a, 8u, 8a

Conto :

BEBAS WIRAHMA

Laras : salendro Surupan : 1 = Tugu


Watak : silih asih, silih pikanyaah 1 padu = 7 padalisan
Atawa mepelingan

2. Duanana pada nyeri (8 – i) 3. Akhirna jadi ngahiji


Anu kadupak nyarekan (8 – a) Sosobatan dalit pisan
Nu ngadupak bati bengong (8 – e) Ki lumpuh geus akod
Sasadu menta hampura (8 – a) Ku ki lolong anu bedas
Lataran henteu awas (8 – a) Tatapi henteu awas
Ahirna pada sasadu (7 – u) Ku pitulungna ki Lumpuh
Pedah pada henteu terang (8 – a) Bisa ngider kamana-mana
TANDAK/PANAMBIH
Gerakan : Sedeng

2. Nu lumpuh reujeung nu lolong


Mun daek garotong-royong
Nu lumpuh sadrah digandong
Nu lolong moal titajong

2. Pupuh Balakbak
Watekna : Pikaseurieun jeung banyol. Unggal pada diwangun ku 3
padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 12a(3e), 12a(3e), 2a(3e)


Conto :
BEBAS WIRAHMA at. TANDAK

Laras : Degung Surupan : 5 = Kenong/loloran


Watak : Pikaseurieun 1 pada = 5 padalisan

2. I. Kocap aya begog nu misah sorangan.............................garetek (15 – e)

II. Kulit manggu pirang-pirang dihakanan...........................diseget (15 – e)

Dipiceunan-dipiceunan sabab pait karasana .................molelel (19 – e)

3. I. Katenjoeun ku indungna dicontoan .............................dipesek

II. Nu dihakan eusina anu barodas ..................................amis teh

Geus kitu mah geus kitu mah anakna ngarasa bungah nyerengeh.

UCING NGARONTOK MANUK

1. I. Aya manuk eunteup dina regang dahan ………….. cineten


II. Ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan ………….. Si Emeng

Sanggeus deukeut dirontok arek dihakan …………. ber manten

2. I. Ucing sial tigebrus dasar keur sial ………. Katangen

II. Hanas ngintip ti tadi geus lila pisan …….. kerenyeng

Kari-kari kalah tigebrus cilaka ………………. Si Emeng

3. I. Kabeneran ku jalma anu rek nimba ………… katangen

II. Ditulungan ucing di asongan timba ………… nyanggereng

Per ditarik ati-ati lalaunan ……………………….. dikerek

4. I. Geus ka luhur Si Emeng gancang jleng luncat ……… ngelemes

II. Uang-eong nganuhunkeun ka nu haat ……………… geus ngerek

Tadina mah disangka eta jalma ……………………….. rek goreng

3. Pupuh Dangdanggula
Watekna : Ngagambarkeun rasa katengtreman, kawaasan),
keagungan , atawa kagumbiraan. Unggal pada
diwangun ku sapuluh padalisan.
Guru wilangan sareng guru lagu : 10i, 10a, 8e/u, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a

Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Pelog Surupan Sorong = 1 Panelu


Watak : Bungah atawa agung 1 pada = 10 padalisan

Lambang R.I jero ngandung harti Bhineka Tunggal Ika


Lamun bener diamalkeunana Maksudna gumulung
Persatuan tangtu tembong Kabeh seler-seler bangsa
Teu cukup ku disebut Beda-beda tatapi asal sagetih
Atawanana apal dina biwir Beda tapi sa asal.

TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Sedeng
2. Seler-seler ti mamana
Rasa tunggal jadi hiji
Jadi bangsa nu merdika
Boga banda nagri R.I.
Seler-seler suku bangsa
Ti wewengkon mana-mana
Sakasuka sakaduka
Wujud bangsa Indonesia

4. Pupuh Durma
Watekna : Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate atawa
sumanget. Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Guru wilangan jeung guru lagu : 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i
Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Degung Surupan : 5 = tugu


Watak : Heras atawa siap areng tarung 1 pada = 7 padalisan

2. Beuki bengis adatna teu suda-suda (12 – a)


Dasar nu kasar budi (7 – I)
Ngagawekeun jalma (6 – a)
Henteu jeung kira-kira (7 – a)
Anu teu nurut di bui (8 – I)
Nandang siksaan (5 – a)
Kejem teu aya tanding (7 – i)

3. Nu kalabur estu teu aya kendatna


Tina banget kanyeri
Ngan estu hanjakal
Karunya nu katewak
Rea nu nemahan pati
Mugia Pangeran
Ngarapeskeun “Si Dolim”.

TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Gandang

2. Nu sarakah beuki nista


Adat kakurung ku iga
Ngerja bodo ka sasama
Nyokcrok nyeuseupan hasilna
Nasib nu dijajah
Seunggah susah-payah
Ringkus, bangkol, nandangan siksaan
Nu ngajajah kejem
Dipunjung dialem
Weureu seubeuh hirup roroyalan

5. Pupuh Gambuh
Watekna : Ngagambarkeun rasa bingung, samar polah atawa
tambuh laku. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
Guru wilangan jeung guru lagu : 8-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o

Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Pelog/ Degung Surupan : 1 = tugu


Watak : Bingung, samarpolah atawa tambulaku 1 pada = 5 padalisan

2. Indungna pok mitutur (7 – u)


Anaking kudu waspada hirup (10 – u)
Lamun manggih hakaneun ngagantung seungit (12 – i)
Omat ulah rek katipu (8 – u)
Sabab enggeus rea conto (8 – o)

3. Rea beurit katipu


Ku eupan nu ngareunah ngagantung
Pek digegel jepret aya sora tarik
Panto senteg enggeus nutup
Beurit tea bati bengong

4. Anu salapan narurut


Tapi nu hiji mah teu ngagugu
Bareng nenjo daging ngagantung tur seungit
Heunteu kuat nahan napsu
Dasar leutik keneh bodo.
TANDAK/PANAMBIH
Gerak : Sedeng
2. Indung beurit
Pok wawangsit
Anaking kudu waspada
Entong moho
Ku pangolo
Bisi temahna cilaka
Kadaharan
Jadi eupan
Ngagantung matak kabita
Lamun gawok
Popolohok
Raga papisah jeung nyawa

3. Nu haripeut
Kekeureuweut
Dahar eupan nu ngagantung
Senteg nutup
Geus ngalingkup
Beurit bingung jeung kapahung
Anu matak
Samemeh prak
Kudu pilih piuntungeun
Sing waspada
Sing iatna
Kana hal nu pibahayaeun.

6. Pupuh Gurisa
Watekna : Ngagambarkeun jalma anu ngalamun, pangangguran,
lulucon atawa tamba kesel. Unggal pada di wangun ku
dalapan padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu :8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a

Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Salendro Surupan : 1 = tugu


Watak : Pangangguran, lulucon atawa 1 pada = 8 padalisan
tamba kesel

2. I. Amir ngomong ka baturna (8 – a)


Keur tamba kesel nungguan (8 – a)

II. Ngayakeun tatarucingan (8 – a)


Baturna pada mupakat (8 – a)
Amir kapeto ti heula (8 – a)
Tarucing dimimitian (8 – a)

TANDAK/PANAMBIH
Gerakan : Gumbira

2. Ngajungkiring awak beurat


Waruga weweg tur kuat
Tapi aneh taya guam
Sanajan mindeng dihiam
Wanda sabar sarta pasrah 2x
Sok mindeng tembong di sawah 2x
7. Pupuh Juru Demung
Watekna : Ngagambarkeun anu keur ngaranapan kaduhung,
atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima
padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu: 8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u

Conto :

BEBAS WIRAHMA

Laras : Madenda/nyorog Surupan : 4 = tugu


Watak : Kaduhung atawa hanjakal 1 pada = 5 padalisan

2. Saupama hayang senang


Gawe urang masing suhud 2x
Insya Allah hasil 2x
Asal muntang ka Pangeran
Ngadu’a sing hasil maksud
3. Mun pinanggih jeung kasusah
Omat ulah rek nguluwut 2x
Akal cara tadi 2x
Ihtiar ulah ditinggal
Neda kurnia Nu Agung

TANDAK/ PANAMBIH

Gerakan : Sedeng

2. Saupama hayang senang


Kudu usaha berjuang
Dina laku lampah jujur
‘tong dibarung ku takabur
Pereng panggih jeung kasusah
Kana kadar kudu pasrah
Ulah petot nya ihtiar
Dibarung hate nu janglar
8. Pupuh Kinanti
Watekna : Ngagambarkeun rasa deuduepeun, hariwang,
nungguan, miharep atawa prihatin. Unggal pada
diwangun ku genep padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

Conto :

BEBAS WIRAHMA
Laras : Pelog/degung
Lagu : Kidung Surupan : = tugu
Watek : Miharep atawa prihatin 1 pada = 6 padalisan

2. Semu teu aya kapaur


Henteu sieun henteu gimir
Abong geus asak latihan
Pinter paham juru mudi
Kapal nurut ka karepna
Ka mana-mana kasungsi

3. Saupama bisa ngapung


Moal boa senang ati
Nguriling kakalayangan
Nyaba ka mana ka mendi
Kawantu henteu ongkosan
Asal karep bisa indit.
TANDAK/PANAMBAH
Garakan : Sedeng

2. Teuneung ludeung henteu gimir


Abong geus asak latihan
Suat-siet mundar-mandir
Ngulincer kakalayangan

3. Lamun abdi bisa ngapung


Rek nyaba ka mana-mendi
Saban sore neang layung
Sabatae senang ati.
9. Pupuh Ladrang
Watekna : Ngagambarkeun rasa banyol anu maksudna nyidiran .
Unggal pada diwangun ku opat padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 10-i, 4-a (2x), 8-i, 12-a

Conto :
BEBAS WIRAHMA
Laras : Salendro Surupan : 1 = tugu
Watek : Pikaseurieun 1 pada = 4 padalisan

2. Nu ka dua aneh aya ceuli


Nu gunana (nu gunana)
Beda jeung ceuli nu galib
Ceuli naon tuduhkeun lebah gambarna

3. Nu ka tilu geura sidik-sidik


Digelungan (digelungan)
Ngarumbay lamun di cai
Musuh lauk di balong jeung di walungan
TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Sedeng

2. Nu ka dua aya ceuli


Ceuli naon sing taliti
Ceuli beda ti biasa
Tuduhkeun dina gambarna

3. Nu ka tilu sing taliti


Dibeberes digelungan
Sok ngarumbay mun di cai
Di balong jeung di walungan
10. Pupuh Lambang
Watekna : Ngagambarkeun rasa banyol tapi banyol eta ngandung
hal anu perlu dipikiran. Unggal pada diwangun ku opat
padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 8-a, 8-a, 8-a, 8-a

Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Salendro Surupan : 1 = tugu


Watek : Pikaseurieun 1 pada = 4 padalisan

2. Aya anu mawa gantar (8 – a)


Sawareh nyarekel regang (8 – a)
Rereana nu sapantar (8 – a)
Rikat pada hayang meunang (8 – a)

3. Lamun beunang ku saurang


Ku baturna ditarajang
Nu ngarebut pirang-pirang
Rajet da pada ngejewang.
TANDAK/PANAMBIH
Gerakan : Sedeng

2. Aya anu mawa gantar


Sawareh nyarekel regang
(nyekel regang)
Rereana nu sapantar
Rikat pada hayang meunang
(hayang meunang)

3. Lamun beunang ku saurang


Ku baturna ditarajang
(ditarajang)
Nu ngarebut pirang-pirang
Rajet da pada ngajewang
(silih jewang)
11. Pupuh Magatru
Watekna : Ngagambarkeun rasa sedih, handeueul ku prilaku
sorangan atauwa mapatahan. Unggal pada diwangun ku
lima padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Degung Surupan : 5 = kenong/luluran


Watek : Lulucon deket 1 pada = 5 padalisan
deket kana prihatin

2. Hulu nutug buntutna ngacung ka luhur (12 – u)


Buluna carentik rintit (8 – I)
Matana mangpuluh-puluh (8 – u)
Rasana haseum semu amis (8 – I)
Rajeg narangtung di kebon (8 – o)
3. Aya sumur di awang-awang ngagantung
Caina herang tur amis
Eusi daging bodas alus
Nyokotna estu babari
Boh dicokel boh dikerok.

TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Sedeng

2. Buntutna ngacung ka langit


Buluna curentik rintit
Matana mangpuluh-puluh
Tangginas anu rek neguh

3. Sumurna di awang-awang
Caina amis tur herang
Dagingna bodas ngagenyas
Mesekna kudu dikupas
12. Pupuh Maskumambang
Watekna :Ngagambarkeun rasa prihatin, sasambat atawa
nalangsa. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 12-i, 6-a, 8-i, 8-a


Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Madenda/Nyorog Surupan : 4 = kenong/luluran


Watek : Ngagambarkeun kanalangsaan 1 pada = 4 padalisan
Sedih bari ngenes hate

2. Teu ngarasakeun bong kena ka sato laip


Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula
3. Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua.

TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Sedeng

2. Abong kena abdi sato


Teu ngaraskeun ka nu cape
Sadidinten paeh-poso
Mogok soteh awak lungse

3. Coba kusir mun dipeupeuh


Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa
13. Pupuh Mijil
Watekna : Ngagambarkeun rasa kasedih, susah atawa cilaka.
Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u

Conto :

BEBAS WIRAHMA

Laras : Pelog/Degung Surupan : 1 = tugu


Watek : Sedih, susah atawa cilaka 1 pada = 6 padalisan

2. Pedah sepuh hina sareng miskin


Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditoker
Moal boa manahna ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo’lipur
3. Gaduh maksad rek babalik pikir
Mung anu didongdon
Weleh lapur teu kapendak bae
Sepuh ngiles heunteu kasungsi
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung.

TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Sedeng

2. Pedah sepuh taya harkat


Kokoro sareng masakat
Ku sim abdi teu diaku
Ditoker sarta disatru.
14. Pupuh Pangkur
Watekna : Ngagambarkeun rasa napsu, lumampah atawa sadia
rek perang. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i

Conto :
BEBAS WIRAHMA

Laras : Salendro Surupan : 1 = tugu


Watek : Nafsu, lumampah 1 pada = 7 padalisan
atawa sedia rek perang

2. Hiji mangsa Bapa Doblang


Weureu gadung kabebeng gulang-guling
Jol nu nagih hutang sarung
Gancang ngorejat hudang
Ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
Bapa Doblang leng ngoleang
Labuh nyugkur biwir suwing.
TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Sedeng

2. Mana kalakuan urang


Kudu bener ulah leuwih ulah kurang
Sabab laku lampah urang
Mawa jalan lara bagja nu disorang
Usik-malik beurang-peuting
Gusti Allah nu heman nu asih
Ucap lampah hate wening
Ciri jalma utama beresih.
15. Pupuh Pucung
Watekna : piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal pada
diwangun ku opat padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a

Conto :

BEBAS WIRAHMA

Laras : Salendro Surupan : 1 = tugu


Watek : Piwuruk, wawaran 1 pada = 4 padalisan
atawa mepeling

2. Naon-naon piwarangan Bapa Guru


Pigawe sing gancang
Omat ulah rek talangke
Piwurukna regepkeun ku sarerea

3. Kitu deui ka Ibu Guru nya Kitu


Teu aya bedana
Tegesna sarua bae
Sabab eta anu ngawulang ka urang.
TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Sedeng

2. Hirup mencil embung ngahiji jeung batur


Eta goreng pisan
Moal aya gotong royong
Mending mana rea batur jeung nyorangan ?

3. Jalma anu hirupna daek campur


Kanyahona kurang
Da bongan misahkeun maneh
Mun cilaka moal aya nu nulungan.
16. Pupuh Sinom
Watekna : Ngagambarkeun rasa gumbira atawa rasa kadeudeuh.
Unggal pada diwangun ku salapan padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu ; 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a

Conto :

BEBAS WIRAHMA
Laras : Madenda/Nyorong Surupan : 4 = tugu
Watek : Gumbira 1 pada = 9 padalisan

Rea nu nampa warisan


Ngadak-ngadak sugih-mukti
Salieuk beh hirup ngeunah
Senang ngahenang-ngahening
Gawe ukur pelesir
Duitna diawur-awur
Badan beuki suda
paingan ceuk Nini-Aki
Najan gunung ditugaran tangtu cepak

TANDAK/PANAMBIH

Gerakan : Anca

2. Anu beunghar ku warisan


Ngadak-ngadak roroyalan
Lamun hirup kitu laku
Harta teu jadi mangpaat
Najan harta leuwih cukup
Teu dipake modal hirup
Rajakaya nungtut ledis
Ahirna timbul musibat.
17. Pupuh Wirangrong
Watekna : Nagambarkeun rasa era atawa wirang. Unggal pada
diwangun ku genep padalisan.

Guru wilangan jeung guru lagu : 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a

Conto :

BEBAS WIRAHMA

Laras : Pelog/Degung Surupan : 1 = tugu


Watek : Era/Wirang 1 pada = 6 padalisan

2. Nagara jeung Lemah Cai


Perlu pangjaring-pangrojong
Pamumule panyarungsum
Malar tetep jaya sakti
Nagara tetep merdika
Sampurna mukti wibawa
3. Muji sukur ka Yang Widi
Ayeuna pareng kalakon
Di alam bebas nya hirup
Cacak mun Ibu Pertiwi
Aya dina panjajahan
Tinangtu urang sangsara.

TANDAK/PANAMBIH
Gerakan : Anca

2. Indonesia nu merdika
Perlu pangrojong-pangjaring
Pamumule nu sampurna
Pangraksa beurang jeung peuting
Malar nagri jaya sakti
Pinareng unggah darajat
Kaunggulan Lemah Cai
Wajib dijaga dirumat.
Daftar Pustaka

Atik Sopandi dan Enoch Atmadibrata


1977 Khasanah Kesenian Daerah Jawa Barat. Bandung; Pelita Masa

Asep Solihin
2001 belajar 17 pupuh Buhun, Studio Karawitan STSI Bandung

Drs.Heri Herdini, M.Hum Bentuk Tembang Pupuh


1. Mang Koko - Nataprawira P.1987

Seni Swara Sunda Lagu-lagu Pupuh


Bandung : Mitra Buana.

Koncara Ganda Yaya. 2007


Kawih-kawih kanggo murangkalih.
Ciamis

Sumber internet :

http://id.wikipedia.org/wiki/Kidung_Sunda
Sri Sukesi Adiwimarta, 1999, ‘Kidung Sunda (Sastra Daerah Jawa)’,
http://ridwanfjr.multiply.com/journal/item/2/17_Pupuh_sunda
http://galuh-purba.com/niaga-pupuh-kawih-sunda/
http://id.shvoong.com/humanities/arts/2231865-macam-macam-pupuh-
sunda/#ixzz1p4IJ3kKQ
http://asezao.heck.in/guru-lagu-jeung-guru-wilangan-pupuh.xhtml

Anda mungkin juga menyukai