Anda di halaman 1dari 1

Bismillahirohmanirrohim

Bapak ketua MKKS anu ku sim kuring dipikahormat, bapak-bapak kepala


SMA/SMK/SLB, nu sami rawuh hadir anu ku simpukring dipikahormat , Ibu pupuhu DWP
sat. pendidik SMA/SMK/SLB anu anu sami dipihormat. Ibu-ibu pupuhu,ibu pengurus,kalih
ibu-ibu pendamping DWP SMA/SMK/SLB anu sami ku simkuring dipikahormat

Assalamualaikum wr.wr

Alhamdulillahirobbilaalamin, dina dinten ieu urang sadaya tiasa kempel ngariung kalayan
sehat, dina raraga kegiatan rutin DWP sat.pendidikan SMA, SMK, SLB kab ciamis

Sholawat miwah salam urang lelerken ka junjunan uarang habibana wanabiyana


Muhammad saw, oge ka para sahabatna,kulawargina,tabiin tabiiat, tur mudah-mudahan
safaat dugi ka urang sadaya salaku umat anu tumut kana ajarana mantena, amiin ya
alloh ya robbal alamiin.

Ibu-ibu hormateun simkuring, hatur nuhun ku kasumpingan ibu-ibu sadaya di ieu haflah.
Mudah-mudahan angkatna ibu-ibu sadaya janten amala kasaean. Amiin

Salajeungna ngahaturkeun nuhun ka ibu-ibu panata calagra nu aya di wewengkon kulon


anu di deudeul ku 6 sakola diantawisna,SMA Cihaurbeuti ,SMA Sindangkasih ,SLB
Negeri Ciamis,SMK N I Ciamis, SMK NI Panjalu, srg SMA Panumbangan , utamina ka
ibu pupuhu DWP unit SLB miwah anggota anu parantos keresa nyayogikeun
tempat,ngadamel persiapan sareng sajabina. Hatur nuhun

Bu ibu anu kusimkuring di pihormat, teu karaos nyeyelekna waktos urang tepang deui
sareng sasih agustus. Sasih anu paling bersejarah kanggo urang salaku warga nagara
Tasyakur bibikmat tiasa kaluar tina kadzoliman ssalami 350 tahun. Kukituna, mangrupi
rasa syukur urang sadaya pokja wewengkon kulin dina kagiatan ieu nyandak tema”
Bersama DWP kita jalin kekeluargaan dn keadaran nasionalisme dengan
mengedepankan kreatifitas”.

Mudah-mudahan ku ayana pertemuan ieu tiasa langkung ngaraketkeun deui tali


silaturahmi sareng rasa kesersamaan diantawis urang sadayana.

Mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten tina sanes kanten kakirangana hatur nuhun
kana perhatosananan.

Wabillahi taufik walhidayah.

Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai