Anda di halaman 1dari 1

Assalam’muallaikum wr. wb.

Sampurasun

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina
kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu
hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana
ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat. Simkuring ngadeg didieu bade ngadugikeun biantara anu
judulna Jujur.

Rerencangan didieu aya anu terang teu jujur teh kumaha? Jujur teh kieu yeuh, misal tadi simkuring teu
sholat subuh, teras ditaros ku pun bapa "Opang tadi sholat subuh teu?” Tuluy simkuring ngawaler
“Henteu pa.” Tah kitu nu namina jujur teh. Ulah sampe kieu, geus mah teu solat tuluy ditaros ku pun
bapa teh ngabobodo. Tah nu kawas kitu nu salah teh! Geus mah meunang dosa pedah teu solat
ditambah deui dosa pedah ngabobodo, nya beuki loba bae eta dosa teh dikuadrat kuadratkeun. Terang
teu upami nu seueur dosa engke lebetna kamana? Aya nu hoyong lebet ka naraka? Bisi aya nu bade
ngusulkeun slipas kaditu. Naudzubillah nya. Urang sadayana kedah jujur dina sagala omongan, kedah
jujur dinu sagala pagawean, jeung nu paling penting urang sadayana kudu jujur kanu jadi kolot.

Tah kukituna hayu urang sasarengan niatan ti mulai ayeuna urang sadaya bakal jujur dina sagala
pagawean, sagala omongan, jeung dina sagala hal di kahirupan ieu. Kukituna, hayu urang sasarengan
ngaoskeun basmalah, bismillahirrahmanirrahim.

Mung sakitu anu tiasa simkuring dugikeun, hapunten bilih aya kalepatan.

Wassalamualaikum wr. wb.

Anda mungkin juga menyukai