Anda di halaman 1dari 1

IDUL FITRI

Assalamualaikum Wr.Wb.
Bismilahirohmanirohim
Alhamdulilahirobil alamin wasolatu wasolamu ala asrofil anbiyai walmursalin waala alihi
wasohbihi ajmain amabadu
Hadirin jamaah solat Idul Fitri anu ku simkurjng dipihormat
Langkung tipayun urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Hadirat Alloh SWT
Alhamdulilah kalayan kudrot sareng irodat mantena urang sadaya dina taun ieu masih keneh
tiasa ngalaksanakaeun solat Id dina kaayaan sehat walafiat. Solawat miwah salam mugia
salalamina dilimpahcurahkeun ka jungjunan urang sadaya yakni kanjeng nabi besar Muhammad
SAW ka kulawargina,kapara sohabatna oge ka urang sadaya selaku umatna tug dugi ka akhir
jaman. Amin ya robal alamin.
Para bapa miwah para ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Sateuacana urang ngalaksanakeun solat Id mangga urang doakeun ka dulur-dulur urang anu
dina danget ieu teu tiasa ngalaksanakeun solat Id ku jalaran teu damang ima teu damang lahir
atanapi teu damang bathin mudah-mudahan aranjeuna didamangkeun sakumaha bihara bihari
deui amin yarobal alamin.
Pon kitu deui ka karuhun –karuhun urang sadaya anu parantos ngantunkeun alam fana
ieu parantos mulih ka jati mulang ka Rohmatuloh muadah-mudahan sing ditampi iman
islamna,ditarima amal ibadahna,dihapunten sadaya dosa perdosana oge disafaatan ku kanjeng
nabi Muhammad SAW kalayan ditempatkeun dina tempat anu mulya mungguh Alloh SWT.Amin
ya robal alamin
Anu salajengna ibadah saum urang samudayana anu sasasih lamina sareng ibadah anu
sanesna ima solat tarawehna,zakat fitrah sareng infaqna anu dipungkas ku solat Idul Fitri
mudah-mudahan ditampi ku Alloh SWT . Amin ya robal alamin.
Hadirin Rohimakumuloh
Dupi tata cara solat Id sakumaha biasa :
1.Niat ( usoli sunatan li Idul Fitri rokataeni mamuman lilahita ala Allohu akbar)
2.Rokaat ka 1 maos takbir 7 kali, rokaat ka 2 maos takbir 5 kali
Dina sela-sela takbir maos tasbih (subhanalohi walhamdulilah wala ilaha ileloh Allohu akbar
lahaola walakuata ila bilahi aliyil adim )
3.Shapna kedah dirapetkeun kalayan kiblatna rada nyerong ka palih kidul
4.Musopahah
5.Pemandu solat Idul Fitri nya eta :
a.Imam : Bapa Anap
b.Khotib : Bapa Iso
c.Ngungahkeun : Bapa Hendar
d.Balagoh : Bapa Adang
e.Sambutan bapa Bupati : Bapa Amat
Rupina sakitu anu kapihatur mudah-mudahan aya dina kalancaran kalayan kenging pahala anu
manglipat ganda ti Alloh SWT.
Hasbunaloh wanimal wakil wassalamualaikum Wr.Wb.
Waktos nyanggakeun ka Bapa Adang

Anda mungkin juga menyukai