Anda di halaman 1dari 5

ASSALAMU’ALAIKUM, WR.

WB
MUQODDIMAH……………DST,

Hadratul Mukarromin, Para Alim Ulama,


Para Ustadz Wal Ustadzah Anu Kusimkuring Di Pihormat.
Wabil Khusus Keluarga Besar, Keluarga Jembar, Keluarga Bapa Effendi Slamet Kalih Ibu Elis
Sulastri, Hormateun Simkuring.
Para Sepuh Bini Sepuh, Para Tokoh Agama, Tokoh Masyarakat, Aparatur Desa
Pemerintahan, Para Tamu Undangan Anu Sami Linggih, Anu Teu Tiasa Disebatan Hiji-Hijina, Anu
Sami Rawuh Sadayana, Anu Ku Simkuring Dipihormat Sareng Anu Insya Allah, di Muliakeun Ku
Allah Swt.
Sugrining Puji Hayu Urang Sanggakeun Ka Dzat Anu Maha Suci Allah Azza Wajalla, Anu
Parantos Maparinan Kakiatan Ka Urang Sadaya, Ku Kituna Kalayan Qudrat Sareng Iradatna Dina
Dintenan Ayeuna Urang Tiasa Tepang Silaturahmi Sasarengan Dina Raraga Tasyakur Binikmah
Walimatussafar di bumina bapak Efen sakulawargi.
Sholawat Kalih Salam Hayu Urang Sanggakeun Ka Junjunan ‘Alam Kanjeng Nabi Anu
Mulia, Anu Linuhung Tur Agung, Buktosna Habibana Wanabiyyana Muhammad Saw. Katut Ka
Kulawargina, Para Sahabatna Tur Dugi Ka Urang Samudayana Anu Insya ALLAH di angkeun janten
Ummat Mantena Amin. YRA…

1
Langkung Tipayun. Simkuring Nyanggakeun Lemek Pangrampes, Marhaban, Ahlan Wasahlan,
Marhaban Bihudurikum.
Wilujeng Sumping Kasugrining Hadirin tamu undangan samudayana anu Alhamdulillah Parantos
Dugi Di Ieu Tempat Kalayan Sehat Wal A’fiat, Salamet Diperjalanana Tur Teu Aya Halang Harungan
Anu Teu Di Hareupkeun. Pamugia silaturahmi urang dina dangeut anu mulia iyeu tiasa di catet janten
amal kasaean sinareng amal ibadah di sisi Allah swt ginanjar sapaposna.
Mitra Sepuh Anom Kadang Wargi Hormateun Simkuring

Dina Danget Ieu Neda Nepangkeun Simkuring Kapapancenan Tugas Janteun Pangjajap Acara Dina
Raraga Tasyakur Binnikmah Walimatussafar Kersana Bpk. Efen kalih Ibu Elis Dina Dinteun ieu
Nyareungan Sareng Kaping 22 Syawal 1444 H. Dadahut Memeh Guluyur, Kebat Lumampah inshya
Allah Seja Ngalaksakeun parentah anu aya dina rukun Iman anu ka-5 nyaeta perjalanan suci menuju
Makkah Al Mukarromah, Ibadah Haji ka Baitullah.
Ku kituna, dina kasempatan anu mulia ieu, Kersana Bapak Efen kalih Ibu Elis sakeluargi neda
nyuhunkeun pangdorong doa sinareng restu ti Bapak/Ibu para wargi hadirin samudayana, Pamugia
Bpk. Efen kalih Ibu Elis tiasa dipasihan kakiatan, kasehatan sinareng kalancaran ku Allah swt. Dina
nalika ngalaksanakeun ibadah haji ka Baitullah, oge Akhirna tiasa kenging ganjaran Ibadah Haji anu
Mabrur sareng Mabruroh, Aamiin Yra. 2
Hadirin Mitra Sepuh Anom Kadang Wargi Hormateun Simkuring

Sateuacanna, supados langkung sugema, ranggeuyan acara urang sebatan heula.


Diantawisna nyaeta,
 Dikawitan Ku Bubuka,
 Anu ka 2 Dilajengkeun Kana Aosan Al-Qur’anul Karim Kalih Sholawat Nabi,
 Acara Anu Ka 3 nyaeta Tawasul ngintunan arwah karuhun urang sadaya.
 Acara Anu Ka 4 Nyaeta Sanduk Sanduk Papalaku ti atas nami kulawargi
 Acara anu ka 5 nyaeta, mauizatul hasanah ( Ibu Hj. Yeni Rohliani)
 Diteraskeun Kana Doa sinareng Tutup
 Terakhir, Bras Seja di Pungkas Ku Ramah Tamah.

Supados Teu Nyangkolong Teuing Kana Waktos, Sumangga Ranggeyan Acara Urang
Sami-Sami Kawitan Ku Ngaoskeun Kalimah Basmallah Sasarengan.”
Bismillahirrahmanirrahiim”.
Salajengna Hayu Urang Sami-Sami Lenyepan Galindengna Lafazd-Lafazd Alqur’anul Karim,
Kalih Sholawat Nabi Anu Bade Diaoskeun Ku Kersana _______________Kamanteuna
Dihaturanan.
3
Alhamdulillah Aosan Ayat Suci Alqur’an Baris Di Dangukeun Ka Urang Sadaya, Pamugi
Janten Amal Ibadah Sareng Amal Sholeh Pikeun Anu Ngaoskeunana, Sinareng Tambih - Tambih
Kaimanan Pikeun Urang Anu Ngaregepkeunana…Amin Yra.
Mitra Sepuh Anom Kadang Wargi Hormateun Sim Kuring
Acara Salajeungna Nincak Kana Acara Tawasulan anu bade di kasepuhan ku ku kersana Bpk
Aj_________________. Sumangga di haturanan
Dst…
.

4
MITRA SEPUH ANOM HORMATEUN SIMKURING,

Acara Tikawit Dugika Akhir Parantos Rengse Dilaksanakeun. Salajengna Dihaturanan Kanggo
Menyantap tuangen sinareng leeuteun anu parantos di sayogikeun diteraskeun kana Ramah Tamah
Ngawilujengkeun Doa Sinareng Restu Ka kersana Bapak Efen kalih Ibu Elis anu sakedap deui bade di
panggil ku Allah kangge ngalaksanekun ibadah haji ka Baitullah.. Inshya Allah Pamugia dipasihan rohmat
tur kabarokahan ku Allah swt. Lancar, salamet di perjalanan dina waktosna tur tiasa uwih deui ka lemah cai
ku kaayaan suci ditampi amal ibadah haji na ku Allah swt. Oge teu hilap pamugia urang sadayana oge tiasa
tiasa di panggil digampilkeun kangge ngalaksanakeun Rukun Iman anu ka -5 berhaji ke Baitullah Aamiin
yra..
Hayu Urang Pungkas Ieu Acara Ku Aosan Hamdalah Sasarengan (Alhamdulillahirobbil A’alamin).
Simkuring Salaku Pangjajap Acara, Seja Amit Mundur Neda Jembar Sihapunten, Hapunten Kanu Kasuhun,
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana, Wabillahi Taufik Wal Hidayah,
Wassalamu’alaikum, Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai