Anda di halaman 1dari 3

ACARA POKOK PHBI

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Bismillahirrohmanirrohim

- Alhamdulillahirobil 'alamin washolatu wassalamu ala asrofil ambiya iwal mursalin sayyidina Muhammadin wa ala
alihi wa ashabihi ajma'in amma ba’du

-Saparantos simpribados macakeun tahiyatul muslimin tipayun urang sasareng muji ka gusti Allah robbul Izzati,
Puja urang sanggakeun ka Allah Azza wa jalla tasyakur urang sanggakeun ka Allah anu maha gopur anu mana
parantos masihan kanimatan ka urang sadaya anu teu ka ukur.

Sholawat sinareng salam semoga terlimpah curah ka baginda alam pemimpin umat sadunia Habibina Wasyafi'ina wa
Maulana Muhammadin SAW.

Katut ka kaluargina tur ka para sohabatna, para pengikutna oge urang sadaya mudah mudahan kenging syafaatna
jaga di poe kiamat, Amin ya rabbal Alamin.

Hadrotul mukarromin para tokoh agama, kiyai, para haji, para ulama anu ku pribadi di hormati mudah mudahan
sadayana di pasihan kemulyaan ku Allah SWT.Aamiin

- Anu ku pribadi di hormati segenap aparatur pemerintah Bapak Lurah , Bp Ketua MUI, Bp RT, RW mudah-
mudahan aya dina lindungan Allah SWT, Aamin.

Teu hilap oge ka Para Jamaah sadayana, Bapak-bapak, Ibu-ibu sareng hadirin mudah-mudahan di pasihan magfiroh
ku Allah SWT, Amin.

- Alhamdulillah atas karunia ti Allah SWT sehat jasmani sareng rohani serta ni'mat Iman sehingga urang senantiasa
riung mangpulung, bongkok ngaronyok di tempat anu mulya mungguh Allah SWT dina acara (PHBI) Peringatan
Hari Besar Islam Maulid Nabi besar Muhammad SAW.

- Atas nama moritibul acara atau MC bade menyampakeun susunan acara anu parantos disiapkeun ku panitia PHBI
di antawisna:

1. Pembukaan

2. Pembacaan ayat suci Al – Qur’an

3. Tawasul

4. Sambutan - sambutan

5. Acara inti, Tausiah menyambut acara PHBI Maulid Nabi Muhammad SWT Insya Allah anu bade di isi ku
Mubaligh urang sadayana

a. BP. KH.Yusup Mubarok Ti majalaya

b. PB. KH. Dasep Sugandi Ti Suka Bumi

c. BP. KH. Roma Fadhilah Ti Situgunting

6. Penutup / Do'a
1. Supados teun yangkolongteuing kana waktos urang buka ie acaraku pembukaan ummul Qur’an ( surah Alfatihah )

Mudah mudahan ku Aosan Surotul Fatihah acara urang Di pasihan kalancaran ti awal dugi ka akhir sareng
mudah – mudahan nyandak kaberkahan kanggo urang sadayana amiin YRB

2. salajeungna acara kadua nyaeta pembacaan ayat suci Al-Quran anu bade dikumandangkeun ku BP. Ustadz Deden
Ijudin waktos sinareng tempat di sanggakeun ka mantena

3. Acara anu ka-3 Tawasul, anu memimpin kana ieu Tawasul di sumanggakeun ka guru urang naeta BP.
KH. ........................... waktu sinareng tempat oge tur hormat disanggakeun. Kamanteuna.

Alhamdulillah acara tawasul parantos dilaksanakeun

4. Kanggo acara anu saterusna nyaeta sambutan-sambutan

Sambutan anu kahiji Nyaeta Bp Ketua Panitia PHBI

Sambutan anu kadua Ketua Bapak RW.01

Sambutan Anu ka tilu Bapa Lurah Sukahaji

Sambutan anu ka opat Bapa Ketua M.U.I Kecamatan BBk Ciparay

Alhamdulillah tadi sambutan - sambutan anu parantos disampaikeun ku Ketua panitia PHBI sareung Bapak
Ketua Panita, Bp Rw, Bp.Lurah sareng Bp ketua Mui BBK Ciparay. Mudah mudahan anu tos didugiken aya dina
kapaedahan turmanfaat kanggo urang sadayana aminn.

5. Di teraskeun kana acara anu ka lima Ayeuna urang nincak kana acara inti nyaeta Tausiah Agama. Mincak kana
waktu ninggang kana mangsa, Janji panitia bade ngadugikeun Mubaligh anu ka hiji ti Majalaya pikeun nyiarken
Agama Alloh acara Maulid ieu, kituna ka Syaikhuna Al-Mukarrom KH. Yusup Mubarrak waktu sinareng tempat
tur hormat disangakeun ka manteuna.

- Anu salajeungna Tausiah nu kadua ti Suka Bumi ka Syaikhuna Al-Mukarrom KH.Asep Sugandi waktu sinareng
tempat tur hormat disangakeun ka manteuna.

- Anu salajeungna Tausiah nu ka tilu ti Situgunting Guru Urang sadayana ka Syaikhuna Al-Mukarrom KH.Roma
Fadillah waktu sinareng tempat tur hormat disangakeun ka manteuna.

Alhamdulillah wa syukurillah, hatur nahun ka syaikhuna Al-Mukarrom KH...anu parantos masihan tausiah anu
kacida luas tur jelas, mudah-mudahan aya manfaatna kanggo urang sadaya tur bisa/tiasa ngamalkeunana. Aamiin

Acara terakhir nyaeta penutup/Doa Insya Allah bade disumanggakeun Al-mukarrom Ustadz/KH............

Ku kituna pribadi selaku pembawa acara/MC nyuhunkeun dihampura dina sadaya kakirangan sarung kalepatanna."

Anda mungkin juga menyukai