Anda di halaman 1dari 9

CARPON

Diajukeun Kanggé Mata Kuliah Pembelajaran Bahasa Daerah Untuk AUD


Dosen Pengampu : Drs. Endang Hidayat, M.Pd

Disusun Ku :

Ajeng Raraningrum
1804451
5C PGSD

PENDIDIKAN GURUPENDIDIKAN ANAK USIA DINI


UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
KAMPUS PURWAKARTA
2020
A. PERKARA CARITA PONDOK
Carpon saur KBBI (Kamus Besar Bahasa Indonesia) Carpon asalna ti dua kecap
nyaeta carita nu artina tuturan anu kumaha kajadian hiji hal, sareng pondok artina carita
nu dicaritakeuna pondok (nu teu langkung ti 10.000 kecap) nu mere kesan leuwih sareng
musatkeun ti hiji tokoh di jero caritana. Teu aya cerpon nu panjangna nepi ka 100 kaca.
Bisa urang simpulkeun Carpon nyaeta carita rekaan nu teu bener-bener kajadian, sareng
carita nu dicaritakeunna pondok diukur ku jumlah kecapna nyaeta 5.000 – 10.000 kecap.
Kajadianana oge ukur hiji peristiwa anu di asongkeun ku pangarang teh. Kitu deui
palakuna, umumna tara loba. Latama, boh latar tempat boh latar waktu, sarua deuih
henteu loba.
B. BASA DINA CARITA PONDOK
Dina carita pondok (carpon) oge dibagi babaraha bagean basa, nyaeta :
1. Ngandung kecap sifat
2. Ngagunakeun kecap katerangan
3. Ngandung kalimah langsung jeung kalimah nteu lansung
4. Ngagunakeun basa anu sifatna konotasi
5. Basa anu digunakeun nteu baku jeung nte formal
6. Ngagunakeun basa babanding, ngulang, kakaitan jeung sajabina
C. Gelarna jeung Kamekaran Carpon dina Sastra Sunda
Gelarna jeung kamekaran carpon dina sastra sundaa diantara teh nyaeta:
1. Awal abad ka-20 dina tahun 1930
2. Carpon dina mangsa harita leuwih loyog kana sifat panglipur
3. Dina tauh 1959medal buku kumpulan carpon
4. Asupna wangun carpon kana sastra sunda teh estu beunang disebut “lancar
5. Ceuyahna carpon dina sastra sunda

Dina taun 1959 kakara medal deui buku kumpulan carpon karya RAF anu judulna
Carita Biasa. Medalna eta buku teh terus dituturkeun ku buku-buku sapandeurieunana,
di antarana wae Papacangan beunang Rusman Sutiasumarga, Hujan Munggaran
beunang Ayatrohaedi, Neangan beunang Tjaraka, Jurig beunang Tini Kartini, jeung Di
Luhureun Jukut Reumis beunang Yus Rusyana. Lian ti eta dina taun 1963 medal
antologi (kumpulan) carpon jeung sajak anu disusun ku Ajip Rosidi jeung Rusman
Sutiasumarga judulna Kanjut Kundang.
Pangarang sunda anu sok narulis carpon teh di antarana Sjarif Amin, M.A. Salmun,
Tjaraka, Ki Umbara, Wahyu Wibisana, Iskandarwassid, M. Rustandi Kartakusumah,
Saini KM, Dudu prawiraatmadja, Karna Yudibrata, Min Resmana, Yus Rusyana,
Abdullah Mustappa, Ahmad Bakri, Kis WS, Djohar Efsa, Usep Romli HM, Adang S,
Eddy D. Iskandar, Godi Suwarna, Beni Setia, Taufik Faturohman, Jeung Budi Rahayu
Tamsah. Sedeng pangarang ti golongan wanita upamana wae Tini Kartini, Ningrum
Djulaeha, Aam Amilia, Ami Raksanagara, Sum Darsono,Holisoh ME, Tetty S.
Nataprawira, jeung Mumun Munayah.

D. BABAGEAN CARPON
Babagian carpon oge dibagi kanu babaraha bagean:
1. Carpon kolot
2. Carpon barudak
3. Carpon rumaja
E. MANFAAT CARPON
Manfaat carpon oge teh nyaeta:
1. Nambihan kosa kata basa sunda pikeun panulis jeung jalmi anu maca
2. Eusi carita tiasa ngahibur kanggo pembacana
3. Aya pesan moral anu tiasa dicandak tur dilarapkeun dina kahuripan sadidinten
4. Nambihan kakreatifan panulis jeung pembaca atawa anu ngadangukeun
F. CONTO CARPON
TUKANG NYIEUN TEMPE
Aya tukang témpé, tempatna di sisi walungan cidurian, ari baréto mah cara nyieun
téempé teh teu siga ayeuna, miceuna kulitna téh maké mesin giling, baréto mah kacang
nu meunang ngaléob téh tuluy ditincakan dina karungna kénéh, engké mun kulitna geus
lalvsotan, kakara di kumbah.
Harita téh aya turis urang Amérika, ningali tukang témpé keur nincakan karung
kacang kadélé meunang ngaléob ku cai panas téa, késangna ngucur, bajuna kalotor. Ari
turis éh bibirigidigan bari ngomong iy mani joroh cenah. Sanggeus naliti cara-carana
nyieun témpé, manéhna balik ka Amérika maksudna rék nyieun témpé nu henteu jorok
siga di indonesia.
Tuluy manéhna nyieun mesin keur nyieun témpé anu bisa nyieun 10 ton sapoéna, ti
dituna mah rék ngéléhkeun tukang témpé tradisional maké mesin industri. Sanggeus
réngsé nyieun pabrikna tuluy nyobaan nyieun kira-kira 3 ton digiling maké mesin anti
karat, caina geus disaring ngarah setéril, tuluy dibungkusan ku plastik nurutan di
indonésia. Sanggeus tilu poé ku manéhna diilikan nepi ka teu saré tilu peuting. Barang
dibuka éta témpé téh teu jadi, angger baé awur-awuran kacang kénéh. Lantaran
panasaran, tuluy nyieun deui-nyieun deui, tapi angger teu jadi-jadi, atuh manéhna siga
anu putus asa, ahirna balik deui ka indonésia ceuk pikirna bisi aya nu kaliwat tina
panalitianana baréto bari rék nanyakeun deui.
Barang datang ogé langsung baé manéhna norostos nyaritakeun pangalaman nyieun
témpé, tuluy nanya kieu: “Kunaon nya témpé kuring geuning teu jadi waé ?”. Ari tukang
témpé téh seuri bari siga nu rada sinis bari ngomong kieu.
“ Yeuh. baréto anjeun nyebut jorok ka kuring. ari ayeuna datang deui !”, “Enya
rumasa waé kuring téh teu ngarti, naon sababna témpé kuring téh gagal baé ?” , ceuk
urang amérika téh, “ Yeuh déngékeun, jadina témpé téh saenyana mah dilantarankeun nu
baktéri nu aya dina dampal suku kuring !” ceuk tukang témpé.
Ari urang Amerika téh olohok baé bari teu ngarti pacampuran jeung éra, tuluy ngaléos
indit. Ceuk pikir tukang témpé téh “ pantes baé moal jadi témpé da henteu maké ragi !”
( maksudna ragi témpé nu bisa jadi jamur témpé téa ). Ari carana ngaragian témpé téh
tukang témpé tetep dirusiahkeun.
SOAL –SOAL!
PG
1. Carita nu artina tuturan anu kumaha kajadian hiji hal, sareng pondok artina carita nu
dicaritakeuna pondok (nu teu langkung ti 10.000 kecap) nu mere kesan leuwih sareng
musatkeun ti hiji tokoh di jero caritana, nyaeta?
a. Cerpen (a)
b. Carita
c. Bewara
d. Pupuh
2. Carita nu dicaritakeunna pondok diukur ku jumlah kecapna nyaeta?
a. 3.000-5.000 kecap
b. 5.000 – 10.000 kecap (b)
c. 10.000- 15.000 kecap
d. 15.000- 20.000 kecap
3. Teu aya cerpon nu panjangna nepi ka..........kaca. nu dimaksud titik-titik teh nayeta?
a. 300 kaca
b. 200 kaca
c. 100 kaca (c)
d. 50 kaca
4. Dina carita pondok (carpon) oge dibagi babaraha bagean, nyaeta?
a. 3
b. 2
c. 4
d. 6 (d)
5. Basa dina carita pondok teh nyaeta, kecuali..?
a. Ngandung kecap carita (a)
b. Ngagunakeun kecap katerangan
c. Ngandung kalimah langsung jeung kalimah nteu lansung
d. Ngagunakeun basa anu sifatna konotasi
6. Lian ti eta dina taun 1963 medal antologi (kumpulan) carpon jeung sajak anu disusun ku
Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga judulna..
a. Maling kundang
b. Kanjut Kundan (b)
c. Ande-ande lumut
d. Si kabayan
7. Babagian carpon oge dibagi kanu babaraha bagean?
a. 2
b. 4
c. 3 (c)
d. 5
8. Nu ka asup kana babagean carpon teh nyaeta, kacuali..?
a. Carpon kolot
b. Carpon barudak
c. Carpon rumaja
d. Carpon kolot baheula (d)
9. Manfaat carpon teh nyaeta, kecuali...?
a. Nambihan kosa kata basa sunda pikeun panulis jeung jalmi anu maca
b. Eusi carita tiasa teu ngahibur kanggo pembacana (b)
c. Aya pesan moral anu tiasa dicandak tur dilarapkeun dina kahuripan sadidinten
d. Nambihan kakreatifan panulis jeung pembaca atawa anu ngadangukeun
`10. Contoh dina carpon teh nyaeta?
a. Si kabayan
b. Tukang nyien tempe (b)
c. Si iteung
d. Monyet jeung sakadang kuya
Essay
1. Naon dimaksud carpon!
2. Sebutkeun basa dina carpon!
3. Dibagi sabaraha babagian tina carpon teh? Sebutkeun!
4. Sebutkeun manfaat tinu carpon!
5. Jieun conto tina carpon!
Jawaban !!
PG
1. A
2. B
3. C
4. D
5. A
6. B
7. C
8. D
9. B
10. B
ESSAY
1. Carpon saur KBBI (Kamus Besar Bahasa Indonesia) Carpon asalna ti dua
kecap nyaeta carita nu artina tuturan anu kumaha kajadian hiji hal, sareng pondok
artina carita nu dicaritakeuna pondok (nu teu langkung ti 10.000 kecap) nu mere
kesan leuwih sareng musatkeun ti hiji tokoh di jero caritana.
2. Dina carita pondok (carpon) oge dibagi babaraha bagean basa, nyaeta :
 Ngandung kecap sifat
 Ngagunakeun kecap katerangan
 Ngandung kalimah langsung jeung kalimah nteu lansung
 Ngagunakeun basa anu sifatna konotasi
 Basa anu digunakeun nteu baku jeung nte formal
 Ngagunakeun basa babanding, ngulang, kakaitan jeung sajabina
3. Babagian carpon oge dibagi kanu babaraha bagean:
 Carpon kolot
 Carpon barudak
 Carpon rumaja
4. Manfaat carpon oge teh nyaeta:
 Nambihan kosa kata basa sunda pikeun panulis jeung jalmi anu maca
 Eusi carita tiasa ngahibur kanggo pembacana
 Aya pesan moral anu tiasa dicandak tur dilarapkeun dina kahuripan
sadidinten
 Nambihan kakreatifan panulis jeung pembaca atawa anu ngadangukeun
5. TUKANG NYIEUN TEMPE
Aya tukang témpé, tempatna di sisi walungan cidurian, ari baréto mah cara nyieun
téempé teh teu siga ayeuna, miceuna kulitna téh maké mesin giling, baréto mah kacang nu
meunang ngaléob téh tuluy ditincakan dina karungna kénéh, engké mun kulitna geus
lalvsotan, kakara di kumbah.
Harita téh aya turis urang Amérika, ningali tukang témpé keur nincakan karung
kacang kadélé meunang ngaléob ku cai panas téa, késangna ngucur, bajuna kalotor. Ari
turis éh bibirigidigan bari ngomong iy mani joroh cenah. Sanggeus naliti cara-carana
nyieun témpé, manéhna balik ka Amérika maksudna rék nyieun témpé nu henteu jorok
siga di indonesia.
Tuluy manéhna nyieun mesin keur nyieun témpé anu bisa nyieun 10 ton sapoéna, ti
dituna mah rék ngéléhkeun tukang témpé tradisional maké mesin industri. Sanggeus
réngsé nyieun pabrikna tuluy nyobaan nyieun kira-kira 3 ton digiling maké mesin anti
karat, caina geus disaring ngarah setéril, tuluy dibungkusan ku plastik nurutan di
indonésia. Sanggeus tilu poé ku manéhna diilikan nepi ka teu saré tilu peuting. Barang
dibuka éta témpé téh teu jadi, angger baé awur-awuran kacang kénéh. Lantaran panasaran,
tuluy nyieun deui-nyieun deui, tapi angger teu jadi-jadi, atuh manéhna siga anu putus asa,
ahirna balik deui ka indonésia ceuk pikirna bisi aya nu kaliwat tina panalitianana baréto
bari rék nanyakeun deui.
Barang datang ogé langsung baé manéhna norostos nyaritakeun pangalaman nyieun
témpé, tuluy nanya kieu: “Kunaon nya témpé kuring geuning teu jadi waé ?”. Ari tukang
témpé téh seuri bari siga nu rada sinis bari ngomong kieu.
“ Yeuh. baréto anjeun nyebut jorok ka kuring. ari ayeuna datang deui !”, “Enya
rumasa waé kuring téh teu ngarti, naon sababna témpé kuring téh gagal baé ?” , ceuk
urang amérika téh, “ Yeuh déngékeun, jadina témpé téh saenyana mah dilantarankeun nu
baktéri nu aya dina dampal suku kuring !” ceuk tukang témpé.
Ari urang Amerika téh olohok baé bari teu ngarti pacampuran jeung éra, tuluy ngaléos
indit. Ceuk pikir tukang témpé téh “ pantes baé moal jadi témpé da henteu maké ragi !”
( maksudna ragi témpé nu bisa jadi jamur témpé téa ). Ari carana ngaragian témpé téh
tukang témpé tetep dirusiahkeun.

Anda mungkin juga menyukai