Anda di halaman 1dari 3

nadhom nyiar elmu

ust. muhammad hadad ahmad faqih al hasby (khadim majelis hasbiyallah)

1. dikawitan kubismillah 7. gera pek aji elmuna


sim abdi ngalap barokah pek taroskeun ka ahlina
nyuhusun nadzom seja lillah tong isin dulur datangna
manfa'at dugi ka barjah ke pasti aya hasilna

2. alhamdu sadaya puji 8. dosa lamun teu di ajar


kagungan Alloh nu hijii eta jalma pasti sasar
jalma tong hanyang kapuji bakal leungit sipat sobar
mangka kudu daek ngaji sangsara di arah mahsar

3. solawat kalayan salam 9. nyiar elmu di wajibkeun


hatur kapanutan alam ku rosul di p[arentahkeun
numingpin agama islam anu bakal nyalametkeun
muhammad syayidul anam pek di ajarna sing leukeun

4. teu hilap ka sohabatna 10. nyaeta elmu agama


anu to'at ka anjeuna nu di sebar keun ulama
sareng ka kulawargana pikeun sadayana jalama
nu di antos barokahna nu hayng hirup utama

5. wajib di alajar ngaji 11. meumpeung aya kasempetan


ngan ulah hayang ka puji sina milarian jalan
lahir batin sing ngahiji milari ridlo pangeran
pan Alloh parantos janji ulah ngan jadi alesan

6. Alloh bakal maparinan 12. abdi ukur ngawartosan


ka jalma anu ariman kasadaya insan insan
kanabi nu ahir jaman sabab ajal teh ngantosan
di aherat pasti aman di dunya ukur ngasaan

DKM MESJID AL-HIDAYAH


nadhom nyiar elmu
ust. muhammad hadad ahmad faqih al hasby (khadim majelis hasbiyallah)

13. gera pilari elmuna 19. ulah luntur ka ibunan


anu aya manfa'atna ulah gedag ka anginan
ulah ngan ukur capena ulah laas kahujanan
teu aya buruhan nana percaya kanu kagungan

14. ari elmu nu manfa'at 20. sadayanage nu gusti


eta karaosna ni'mat Alloh anu gaduh pasti
ku fada jalma di hurmat nu ngatur hirup jeung mati
kalayan jadi safa'at tekad keun na jero ati

15. sabab jalma sadayana 21. nu gaduh alam sadaya


heunteu aya nu sampurna mung gusti Alloh nu mulya
seueur kakirangan nana palawargi sing percaya
ngan tong liren milarina nu teu percaya bahaya

16. ka hiji elmu taohid 22. pangkat ukur puypulasan


siang apal tong ulad elid harta ukur cocooan
ngarah teu kabawa palid mun teu dipake sukuruna
elmu pikihna sing mufid ke bakal jadi hisaban

17. ari taohid ka gusti 23. loba duit pangkat luhur


Alloh simpeun jero ati lega sawah lega lembur
yakina sieun ku gusti lamun teu dipake sukur
ti hirup dugi kamati bakal jadi siksa kubur

18. ngarasa hirup di atur 24. loba harta luhur pangkat


snang sehat pakir udzur boga imah tujuh tingkat
ti hirup sampe di kubur boga pamajikan opat
ku Alloh nu robbul ghopur teu di bawa ka aherat

DKM MESJID AL-HIDAYAH


nadhom nyiar elmu
ust. muhammad hadad ahmad faqih al hasby (khadim majelis hasbiyallah)

25. mun harta hayng barokah


tong lebar pake sidekah
mun aya gra ka mekah
moal beurat ke di barjah

26. nu mampuh teu daek zakat


tara ngalakonan solat
kamekah teu daek angkat
komo puasa teu kuat

27. nu kitu pasti cilaka


sabab gusti Alloh murka
anu kitu teh doraka
jadi panghuni naraka

28. ari naraka teh tempat


siksa anu paling beurat
pikeun jalama nu ma'siat
anu teu kaburu tobat

(wallohu'alam)
ust. muhammad hadad ahmad faqih al
hasby (khadim majelis hasbiyallah)

DKM MESJID AL-HIDAYAH

Anda mungkin juga menyukai