Anda di halaman 1dari 2

Nama : Adi Kusuma Wardhana

Kelas : X MIPA 2

Tugas : Bahasa Sunda (Nyusun Laporan Wawancara)

LAPORAN WAWANCARA SARENG TATANGGA NGEUNAAN PROFESI

Dinten : Rebo

Kaping : 17 Maret 2021

Tabuh : 15.35

Tempat : Jl. Persada Kemala Blok 18 No. 1, Bekasi Barat

Anu Ngawawancara : Adi Kusuma Wardhana

Narasumber (biodata) : Radit Mahardika, lulusan Universitas Brawijaya (UNBRAW), 21 taun,


kalahiran solo
Pewawancara : “Assalamu alaikum wr.wb.”

Narasumber : “Wa’alikum salam.”

Pewawancara : “Punten bapa tiasa nyuhunkeun waktosna sakedap?”

Narasumber : “Mangga, bade aya naon jang?”

Pewawancara : “Iyeu bade wawancara ka bapa, kanggo tugas pangajaran Bahasa Sunda.”

Narasumber : “Oh, mangga..”

Pewawancara : “Hatur nuhun pa tos nyayogikeun waktosna.”

Narasumber : “Muhun sawios. Bade Wawancara ngenaan naon?”

Pewawancara : “Tentang profesi nu ditekunan ku bapa.”

Narasumber : “Oh, mangga pisan.”

Pewawancara : “Pertarosan ka hiji, ari bapa teh profesina janten naon?”

Narasumber : “Janten guru, sareng ngisi acara di kajian-kajian DKM sakola.”

Pewawancara : “Naon motivasi ti bapa pikeun ngeusi kajian-kajian salaku motivator di sakolaan?

Narasumber : “Saleresna mah ieu teh parentah ti Alloh SWT.”

Pewawancara : “Kanggo tema kajian ti bapa, biasana condong ka arah mana?”

Narasumber : “Saleresna mah campur, agamana aya, tapi condongna mah ka management sareng
administrasi.”

Pewawancara : “Salian ngajar disakola, bapa masihan materi di kajian-kajian di sakola mana wae?”

Narasumber : “Hampir sadaya sakola di kota bandung jeung di solo pernah.”

Pewawancara : “Bapa masihan kajian ka para pelajar SMA hungkul?”

Narasumber : “Leres, di tingkatan SMA. Kanggo murang kalih SD, SMP mah heunteu.”

Pewawancara : “Aya pesen ti bapa kanggo para pelajar sadaya?”

Narasumber : “Kedah rajin diajar wae, sareng ulah hilap dibarengan ku ibadah taat sareng agama.”

Pewawancara : “Hatur nuhun pa, cekap sakitu wae wawancara singket ti abdi”

Narasumber : “Muhun sami-sami.”

Pewawancara : “Wassalamu alaikum”

Narasumber : “Wa’alaikum Salam.”

Anda mungkin juga menyukai