Anda di halaman 1dari 23

BAHAN AJAR

PENGAJARAN 1
HIBURAN

A. Maca (Membaca)
a. Bacalah wacana di bawah ini!

Lalajo Lumba-lumba

Basa pere semester kahiji, kabeneran di Bandung aya pintonan Lumba-lumba.


Tempatna di lapangan Tugu Bandung Lautan Api, Tegal Lega. Lalajo Lumba-lumba teh
henteu poe Minggu, poe Minggu. Kuring mah lalajo teh poe Senen, indit ti imah teh jam
salapan isuk-isuk, leumpang we sorangan da kabeneran teu pati jauh. Satengah jam oge
tepi, tuluy meuli karcis.
Barang sup ka jero, geuning lain barudak wae nu lalajo teh, ibu-ibu jeung bapa-bapa
oge aya ,tapi lolobana mah barudak sakola dasar, da keur pere. Mani kesel ngadagoan
pintonan dibuka, jam sapuluh dibukana teh. Hadena bae ari isuk-isuk mah henteu karasa
panas teuing. Hanteupna teh tina seng, mun ti beurang mah cenah sok panas pisan. Mani
atoh barang pintonan mimiti dibuka, mimiti nu dimaenkeun teh anjing laut, sina luluncatan,
sina ngagulingkeun bal. Lucu pisan, anjing laut teh bisa ngitung.
Beres anjing laut, tuluy aya lutung leutik, aya biruang deuih. Lalucu kabeh oge, tapi
nu lucu pisan mah lumba-lumba. Aya dua lumba-lumbana teh jeung galede deuih,
ngareueum dina babalongan nu ngahaja meunang nyieun. Mimiti dialungan bal gede ku
pelatihna, ana jelebet teh bal ngacleng tarik naker ka palebah penonton. Atuh ger surak.
Lumba-lumba teh tingsiriwik ngulingkeun bal dina jero balong, sakapeung balna
diapungkeun deui ka palebah penonton, ger deui sarurak. Cara anjing laut tadi, lumba-lumba
oge pinter ngitung. Tapi hiji, nu hiji deui mah kawasna diajar keneh.

b. Jawablah Pertanyaan di bawah ini !


1. Di mana ayana pintonan lumba-lumba teh ?
2. Naon anu mimiti dipintonan ?
3. Sebutkeun naon bae kaulinan anjing laut ?
4. Terangkeun kumaha kaulinan lumba-lumba ?
5. Sasatoan naon wae anu sok bisa dilatih atraksi ?

a. Kata Serapan dari Bahasa Asing


Ku sebab kapangaruhan tina basa-basa sejen. Dina basa Sunda loba kecap-kecap
serepan (injeuman) tina basa-basa sejen. Contohna tina basa Arab, Belanda jeung Inggris.
Basa Belanda loba pisan pangaruhna kana basa Sunda sabab Belanda kungsi ngajajah lila
pisan ka bangsa urang sarta basa Belanda kungsi diajarkeun di sakola-sakola. Basa
Inggris oge teu kurang pangaruhna sabab ayeuna basa Inggris teh ngarupakeun basa
asing anu utama di dunia. Kecap-kecap serepan di antarana nyaeta :
Kondektur Parkir Televisi Mobil Derek Selip Terminal
Kenek Mesin Supir Oplet Beus Stop Bagasi
Disiplin Radio Rem Karcis Tiket Stasiun

I.Isilah titik-titik di bawah ini dengan kata serapan di atas ?


1. Panumpang anu teu acan meuli. . . . teu meunang naek pesawat terbang.
2. Di jalan tol lamun aya mobil anu mogok sok gancang di . . . .
3. Mang Andi jadi . . . Kopaja di Jakarta.
4. Lantaran longsor jalan teh jadi leueur, mobil loba nu . . . .

4
5. Di tempat keramaian mah . . . kandaraan teh kudu ati-ati.
6. Nyeuseuh oge ari make . . . mah teu cape.
7. Hayang hiburan mah atuh stel wae . . . lalagunana aralus.
8. . . . . keur mentaan duit ongkos ka panumpangna.
9. Naek kareta api mah kudu ti . . . teu bisa timana bae.
10. Budak anu hirupna . . . mah pasti boga jadwal pagawean sapopoe.

a. Kecap Anteuran
Dina basa Sunda aya anu disebut kecap anteuran. Eta kecap biasana
nerangkeun caritaan (Kecap Pagawean). Contona: jung nangtung, tret nulis,
barebot lumpat. Conto dina kalimahna:

Barebat lumpat
 Sanggeus lila nangtung, barebat manehna lumpat.
Contoh kecap anteura bus asup gek diuk am dahar kring nelepon
blug labuh dug sare jung indit brus mandi
jol datang rot nginum

I. Isilah titik-titik di bawah ini dengan kecap anteuran di atas !


1. . . . dina korsi bari maca koran.
2. Budak teh . . . , nincak cangkang cau.
3. Lantaran tunduh, . . . dina dipan.
4. Sanggeus lila didagoan, manehna . . . .
5. Teu kungsi lila . . . ka jero kelas.
6. Manehna oge . . . da lapareun.
7. . . . nginum mani beak sagelas.
8. Teu kungsi lila . . . rek ngabejaan baturna.
9. Isuk keneh . . . da sieun kabeurangan ka sakola.
10. Sanggeus dangdan . . . ka ondangan.

BAHAN PANGAJARAN 2

B. Ngaregepkeun (Menyimak)
a. Bacalah !
Dongeng Baheula

Jangan baheula kira-kira 3000 taun ka tukang, anu jadi raja di nagara Yahudi teh
Kanjeng Nabi Sulaeman.
Dina iji poe di eta nagara aya dua awewe parebut budak.
Ceuk nu saurang, ‘Ieu teh anak kuring. Anak manehna mah geus maot, tadi peuting
maotna, kuring oge bubuhan saimah reujeung, mantuan ngurus layonna.”
Ceuk awewe nu saurang deui, “ Bohong! Nu maot mah anakna. Eta mah nu diais ku
manehna ayeuna, anak kuring. Basa kuring keur sare, sanggeus babantu tea tayohna
anak kuring dicokot ku manehna. Dihilian ku anakna anu geus maot”.
Teu aya nu bisa mutuskeun saha anu salah, saha anu bener.
Nya tuluy eta dua awewe teh ngadareuheusan ka Kanjeng Raja.
Dawulan nabi Sulaiman, ‘Kieuayeuna mah, ieu budak urang beulah bae. Maranehna
pada kabagean sabeulah sewang. Tah, adil ari kitu mah! Teu kudu parebut deui, algojo!
Pek geura beulah tah eta budak!
Algojo ngalugas pedang. Kerewek suku budak teh dicekal.
Sirahna dipontengkeun. Pedangna diheumbatkeun.
5
Tapi, gabruk bae budak teh dirangkul ku anu ngadakwa bari ceurik rawah-riwih.
Omongna “Gusti, mangga bae pasihkeun eta budak teh ka eta awewe. Gusti abdi henteu
tega pun anak kedah dibeulah mah, upami hirup keneh mah, abdi Gusti tiasa keneh ningal
sareng mikanyaah ka menehna.”
Dawuhan Raja, “ Algojo, sok bikeun eta budak teh ka indungna! Tah, eta keur
nyeungceurikan! Ari eta awewe nu saurang deui kudu dihukum, bisa nular kagorenganana!”

b. Isilah titik-titik di bawah ini sesuai dongeng di atas !

1. Jaman baheula pisan kira-kira . . . .


2. Aya dua awewe parebut budak, ceuk nu saurang . . . .
Ceu awewe nu saurang deui . . . .
3. Sanggeus babantu anak kuring . . . .
4. Teu aya nu bisa mutuskeun saha anu salah saha anu bener, terus dua awewe
teh . . . .
5. Dawulat Nabi Sulaiman . . . . .

I. Rarangken tengah: ar – in jeung – um

Contoh: Ginanjar kawilujengan .... jumerit.


Sinerat Pinunjuk
Kumasep Kumalayang

Terangkan apa arti dari pemakaian sisipan –in dan –um pada kalimat – kalimat di
bawah ini!
1. Ulah gumantung wae ka batur Gumantung =. . . . .
2. Kade ulah gumede! Gumede =. . . . .
3. Anak mah kudu sumujud ka indung bapa. Sumujud =. . . . .
4. Hate teh sumeblak wae Sumeblak =. . . . .
5. Budak teh gumeulis pisan Gumeulis =. . . . .
6. Beja teh geus sumebar ka mana-mana Sumebar =. . . . .
7. Hirupna pinanggih jeung kabagjaan . Pinanggih =. . . ..
8. Bisa sumerah ka Gusti Allah Sumerah =. . . ..
9. Gedang teh kakara gumading, can asak pisan. Gumading =. . . ..
10. Putrana teh keur meujeuhna rumaja putri. Rumaja =. . . ..

BAHAN PENGAJARAN 3
C. Wacana
a. Bacalah!

Ngibing

Basa keur kelas lima SD, abdi kungsi milu diajar tari di Gelanggang Taruna. Pernahna teh
deukeut Pasundan Plaza. Guru tarina teh istri , wedalan Asti. Hayang diajar tari naon bae di
dinya teh bisa. Ari kuring mah hayang diajar tari Sunda. Ceuk Bapa abdi mah ngibing cenah.
Latihanana saminggu sakali, unggal poe Kemis, ti jam opat sore nepi ka jam lima. Sakapeung
mah sok tepi ka jam genep.
Dina hiji poe, Ibu Guru teh sasauran, “Latihanana sing sarae, engke bade dipintonkeun dian
televisi!” saurna. Teras Ibu Guru teh milih barudak nu rada pinter ngibingna. Mimiti dipilih keur nu
baris mintonkeun ibing Merak, tuluy nu baris mintonkeun ibing Kukupu teh. Latihan teh ayeuna
6
mah teu cara sasari, mimitina jam dua atawa jam tilu. Sakapeung mah saminggu teh jadi dua kali
latihanana.
Isukna, isuk-isuk keneh pisan sarerea geus ngarumpul di Gelanggang Taruna. Sanggeus
barudak arasup, sarerea tuluy didangdanan ku Ibu Guru jeung rerencanganana. Beres
darangdan, bari nungguan anu rek milem ti TVRI geus daratang.
Nu pangheulana disyuting teh ibing merak, tuluy disusul ku ibing Kukupu. Tapi barang keur
tengah-tengahan ngibing, ujug-ujug gebret teh hujan. Ngibing teh teras we henteu eureun,
lantaran kagok tereh anggeus. Tapi lantaran tiris, ngibing teh asa bari pupurungkutan. Sabulan ti
harita pintonan ti Gelanggang Taruna teh aya dina televisi. Ceuk Bapa abdi mah alus, cenah teu
kaciri kabuluan ieuh.

b. Selesaikan Kalimat-kalimat di bawah ini sesuai dengan wacana di atas!

1. Diajar tarina teh di Gelanggang Taruna, pernahna teh di . . . . .


2. Guru tarina teh istri, wedalan . . . singgetan tina . . . . .
3. Latihanana saminggu sakali unggal . . . . .
4. Barudak ngarumpul di . . . . .
5. Sanggeus ngarumpul di . . . . .

.........................
I. Kalimat Langsung
Perhatikan contoh!
Rudi : “ Minggu hareup kuring rek ka Sukabumi”.
Kalimat dengan ciri-ciri penulisan seperti di atas disebut kalimat langsung. Isinya sebuah
berita atau warawan. Karena itu jika diubah menjadi kalimat tidak langsung akan berbunyi:
Rudi nyarita, minggu hareup manehna rek ka Sukabumi. Atau
Rudi nyarita yen minggu hareup manehna rek ka Sukabumi

Ubahlah kalimat-kalimat langsung di bawah ini menjadi tidak langsung di bawah ini menjadi
kalimat tidak langsung, seperti contoh di atas !

1. Yadi : “Lamun libur sakola, rek ngalongok Aki di Tasik.”


2. Bu Wida : “ Harga sayuran mah naekna tara gede teuing”.
3. Pa Andi : “Isukan ulangan Basa Sunda”.
4. Ratih : “Abdi mah modal ngiring piknik, pun biang undur!’
5. Bapa : “Mending kana kareta api ngarang gancang”.
6. Pa Ali : Jadi patani mah kudu gede tanaga.”
7. Bu Eli : “Jadi padagang mah kudu bageur ka pembelina.”
8. Budi : “Abdi mah hoyong jadi dokter”.
9. Ratna : Subuh keneh padagang mah kudu geus aya di pasar.”
10. Bu Yuli : “Taneuh teh alusna mah ulah dikualan, tapi kudu
dimangpaatkeun!”

UJI KOMPETENSI

I. Berikut tanda silang (x) pada huruf a, b, c atau d di depan jawaban yang benar!
1. Lumba-lumba teh kaasup sato . . . . .
a. Darat b. Cai c. ayana di rawa d. Ayana di laut
2. Sato nu kaasup herman ka manusa nyaeta....
a. anjing b. Lumba-lumba c. Paus d. lutung
3. Nu kaasup kecap serepan tina bahasa Asing di handap ieu nyaeta . . . . .
a. mogok b. selip c. tabrakan d. Mundur
4. Kondektur keur mentaan ongkos ka . . . . .
7
a. Pagawe b. Padagang c. Panumpang d. Pangamen
5. Kecap anteuran aya dua rupa biasana nerangkeun . . . . .
a. Subyek (jejer) b. Predikat (caritana) c. Obyek d. Katerangan
6. Sanggeus pribumi ngabageakeun Didi . . . diuk dina korsi.
Kecap anteran nu merenah nyaeta . . . . .
a. Rot b. Gek c. Clak d. Jung
7. Toni mah rek ka bandung lebaran teh.
Kecap mah jeng teh kasup kecap . . . . .
a. Anteuran b. tugas c. Panganteb d.pangamen
8. Kaputren hartina kaputrian nyaeta tempat para . . . di karaton.
a. putri b. Permaisuri c. Emban d. dayang
9. Lamun ka Garut mah atuh, kade pangmeulikeun . . . di alun-alun.
a. opak b.dodol c. Rangginang d. Wajit
10. IIih . . . sendal Ruri mah sanes nu ieu. Kata ganti anu bener dina kalimat di luhur.
a. Jing b. atuh c. Geura d. Bisi

II. Isilah titik-titik di bawah ini ini dengan kata-kata yang telah disediakan!

Dahar, berebet, geblug, terekel, geleber, gek, nginum, suling, awi, dan kacapi

1. Alat kesenian . . . maena dijentrengkeun ( Alat kasenian . . . Mainya dipetik).


2. Manehna am . . . mani ngeunah (Dia am . . . sangat nikmat).
3. . . . sora jalema nu labuh ( . . . suara orang yang jatuh).
4. Angklung dijeuna tina . . . (Angklung dibuatnya dari . . . ).
5. Rot ... cai herang (Rot . . . air putih).
6. Budak teh... lumpat tarik pisan (Anak itu...lari kencang sekali).
7. .... diuk dina korsi(...duduk di kursi ).
8. Manuk teh ... hiber (burung itu ... terbang).
9. Monyet teh ... naek kana tangkal kalapa (Monyet itu ... naik pada pohon kelapa).
10. Mang Dedi pinter niup ... (mang Dedi pandai meniup ....)

8
PANGAJARAN 2 KOMUNIKASI DAN TRANSPORTASI

Bahan Pengajaran 1
A. Maca (Membaca)
a. Bacalah wacana di bawah ini!

Mangpaat Satelit Palapa


Din, maneh nyaho teu ti mana asal muasal kecap Palapa teh Umar nanya ka
Samsudin sobatna. Nurutkeun buku sajarah mah, harita waktu Patih Gajah Mada ti karajaan
Majapahit sumpah moal ngadahar buah palapa lamun can bisa ngahijikeun Wilayah
Nusantara, ceuk Samsudin.
Ayeuna dina pangajaran IPS aya ngaran Satelit Palapa, naon eta hartina kuring poho
deui, ceuk Umar. Lamun kitu mah urang tanyakeun wae ka Pak Guru, ceuk Samsudin. Dina
pangajaran IPS kelas genep Pak Mansyur ngajentrekeun ngeunaan palapa teh kitu.
Palapa ngaran satelit domestik Indonesia Satelit Palapa ngarupakeun Sistem
Komunikasi Satelit Domestik (SKSD). Stasiun pengendalina ayana di Cibinong Bogor Jawa
Barat. Satelit teh ayana kira-kira 36.000 km di luhureun Pulo Kalimantan, maksduna suoaya
bisa ngajangkau sakuliah Wilayah Nusantara jeung nagara-nagara ASEAN sejenna. Nagara
urang mimiti ngabogaan Satelit Palapa teh dina bulan Juli 1976 anu munggaran di ngaranan
Palapa A-1 jeung A-2 , umurna ngan 7 tahun nepi ka palapa A-1. Beak bulan Juli 1983 nu
kadua B-1 bulan Juli 1983 diteruskan Palapa B-2P jeung B-2R, B-3, Palapa B leuwih
panjang umurna nyaeta 8 tahun, kakuatanana leuwih gede, diluncurkeun ku pesawat Ulang
Alik ti pangkalan NASA Amerika Serikat.
Satelit Palapa teh gunana keur Alat Komunikasi jarak jauh atawa telekomunikasi
siaran televisi, telepon jarak jauh, telegraf jeung faksimile teh ngagunakeun jasa satelit. Ku
ayana satelit Palapa, sakabeh wilayah di Indonesia dihijikeun ku ayana saluran
telekomunikasi, bisa lalajo TV ti stasion televisi mana wae. Pokona loba pisan gunana Satelit
Palapa teh dunya asa tambah heureut jeung leuwih gampang di jug-jug ti hiji daerah ka
daerah sejen, atawa ti hiji nagara ka nagara sejen rasana seperti teu aya watesna.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini sesuai dengan wacana di atas!


1. Ti mana asal ngaran Palapa teh ?
2. Ku naon satelit domestik urang ngarana Palapa?
3. Naon hartina satelit domestik teh?
4. Ti mimiti iraha nagara urang ngabogaan satelit domestik?
5. Di mana satelit Palapa diteundeuna?

Bahan Pangajaran 2

B. Ngaregepkeun (Menyimak)
a. Simaklah!

Lalu Lintas
Pamarentah urang ayeuna keur giat-giatna nguruskeun patali marga boh di darat,
udara atawa di laut. Rupa-rupa tarekah dilaksanakeun upamana ngaganti kendaraan ku anu
anyar jeung leuwih modern, nambah jumlahna jeung nyiapkeun tanaga jeung karyawan anu
parigel.
Keur ngarojong tarekah eta, pamarentah geus tarekah eta, pamarentah geus
ngaluarkeun Undang-undang No. 14. Undang-undang eta disebut Undang-undang Lalu

9
lintas jeung Angkutan Jalan disingget UULAJ. Undang –undang ieu geus disahkeun ka
Lembaga Tinggi Nagara urang nyaeta DPR.
UULAJ ieu loba pisan mangpaatna , salah sahiji contohna nyaeta keur para supir
kudu ati-ati dina ngajalankeun kandaranana, Ieu penting pisan sabab keur ngurangan
kamungkinan kajadian kacilakaan. Sabalikna lamun para supir beus jeung angkutan umum
sejenna dina ngajalankeun kandaranana meunang ngebut, bisa nimbulkeun kacilakaan
jeung sejenna dina ngajalankeun kandaranana meunang ngebut, bisa nimbulkeun
kacilakaan jeung tabrakan. Tina kacilakaan eta anu dirugikeun nyaeta panumpang, akibatna
bisa deui tiwasna panumpang. Ku ayana eta kabeh oge pasti ngarasakeun Undang-undang
tadi mani penting pisan jeung wajib dilaksanakeun ku pengguna jalan.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini sesuai dengan wacana diatas !


1. Lembaga naon anu ngesyahkeun UULAJ?
2. Naon kapanjangan UULAJ?
3. Ku naon Undang-undang Lalu lintas No. 14 teh penting keur
4. Kunaon di sapanjang jalan dipasang tanda- tanda lalu lintas
5. Saha nu ngatur lalu lintas di jalan raya ?
6. Departemen naon anu nguruskeun lalu lintas di nagara urang ?
7. Naon harti tiap-tiap warna lampu lalu lintas teh ?
8. Kumaha akibatna lamun supir ngajalankeun mobilna sok kebutan?
9. Kumaha kaayaan lalu lintas/patali marga di kota-kota gede ?
10. Keur naon diayakeun Zebra Cross?

BAHAN PENGAJARAN 3

C. Mengemukakan Kritik
a. Bacalah!

MANGPAAT HELEM

Pa Danu ngajak Tono indit ka kota, maranehna rek balanja kaperluan bengkel. Pa
Danu nyiapkeun kandaraan, STNK, SIM, KTP jeung Helem. Kunaon kudu make helem, Pa!
Ceuk Tono. Urang kudu taat kana aturan lalu lintas sabab keur kasalametan sarerea, suka-
suka anu ngalanggar bakal nyolakakeun dirina, atawa nyilakeun batur. Helem salah sahiji
kalengkepan pengendara sepeda motor. Jawab Pa Danu. Hayu urang indit!
Di jalan Danu nyaksian kaayaan kendaraan rame pisan. Aya anu mobil atawa motor
ngebut jeung nyiap salah mangsa di jalan Pa Danu di eureunkeun ku pulisi waktu harita keur
di ayakeun Operasi lalu Lintas, kabeh diperiksa hiji-hiji. Wilujeng siang Pa! Saur Polisi.
Wilujeng siang saur Pa Danu. Punten nganganggu perjalanan Bapa, tiasa di tingalikeun
surat-surat kendaraan Pa? Oh tiasa Pa! Saur Pa Danu.
Pa Polisi mariksana teh taliti pisan, surat-surat Bapa lengkap mangga bapa
teraskeun perjalanan, saur polisi. Di jalan Tono ngobrol bae jeung Bapana. Untung urang
lengkap surat-suratna nya Pa! Nya kitu matak kudu lengkap lain ngan susuratan wungkul,
tapi kelengkepan nu sejen seperti helem. Helem teh sabenerna gunana anu utama nyaeta
keur ngajaga sirah urang bisa ditagor kana benda anu terus seperti batu jalan.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Saha anu indit ka kota?
2. Naon anu disiapkeun ku Pa Danu samemeh indit?
3. Naon sababna Pa Danu kudu nyiapkeun susuratan jeung kalengkepan?
4. Naon Tujuan Pa Polisi ngayakeun Operasi lalu Lintas?
5. Naon sababna Pa Danu dititah neruskeun perjalanan ku Pa Polisi?

10
KEGIATAN

I. Buatlah kalimat kritikan berdasarkan gambar di bawah ini !


1.
. . . . .

2.
. . . . .

3.
. . . . .

4.

. . . . .

5.

. . . . .

Bahan Pengajaran 4

D. Kegiatan
a. Kalimat Ajakan

Perhatikan contoh kalimat di bawah ini!

(1) “Ulin, yuk!”


(2) “Urang ulin, Yuk!”
(3) “Yuk, ulin!”
(4) “Yuk, urang ulin!”

Keempat kalimat di atas disebut kalimat ajakan karena isinya berupa ajakan, mengajak
kawan bicara untuk melakukan sesuatu. Kalimat ajakan biasanya ditandai dengan
pemakaian kata yuk (Ayo) atau urang (mari, mari kita), atau kedua-keduanya.
Buatlah kalimat ajakan seperti contoh di atas yang isinya berturut-turut sebagai
berikut!

1. Mengajak bermain sepeda.


2. Mengajak menengok Ida yang sedang sakit.
11
3. Mengajak berenang.
4. Mengajak kursus bahasa Inggris.
5. Mengajak memancing di sungai.

b. Isilah titik titik dibawah ini dengan kata: kemungkinan, keharusan, atau
kepastian!

Contoh: Kuring mah kudu dahar heula. (keharusan)

1. Kawasna mah rek hujan. (. . . .)


2. Ria mah sigana moal milu. (. . . .)
3. Jigana mah tereh halodo. (. . . .)
4. Rupina mah macet di jalan. (. . . .)
5. Urang kudu diajar supaya pinter. (. . . .)
6. Kuduna mah bebeja heula supaya aman. (. . . .)
7. Sadayana oge kedang ngiring rapat. (. . . .)

UJI KOMPETENSI

I.Berilah tanda silang (x) pada huruf a, b, c atau d, di depan jawaban yang benar!

1. Salah sahiji mangpaat Satelit Palapa nyaeta ningkatkeun kamajuan widang . . . .


a. kaamanan b. perhubungan c. sosial d. Ekonomi
2. Pengendali sistim komunikasi Satelit Domestik ayana di . . . .
a. Bandung b. Depok c. Bogor d. Jakarta
3. Palapa ka 2 diluncurkeunana make pesawat . . . .
a. Terbang c. Ulang alik
b. Helikopter d. Garuda
4. Ngirimkeun tulisan ti kejauhan disebut . . . .
a. telegram c. faksimil
b.telegraf d. teleks
5. Anu aya hubunganana jeng patali marga nyaeta . . . .
a. UULAJ c. BRI
b. SKSD d. DPR
6. Di jalan raya leumpang ulah balanga. kecap balangah sarua hartna jeung. . . .
a. tuhu c. calawora
b. disiplin d. goncang
7. . . . ulah balangah meuntas jalan teh, bisi ka dupak mobil!
a. ah c. iy
b. hey d. walah
8. Ku ayana komunikasi anu leuwih maju dunya teh asa heureut. Kecap heureut sabalikna
tina . . . .
a. sempit b. lega c. Gede d. deukeut
9. Trotoar teh digunakeun keur nu . . . . .
a. dagang c. leumpang
b. meuntas d. nyupir
10. Kandaraan anu teu make mesin diantarana . . . . .
a. beak c. Kapal
b. parahu d. sepeda
II. Isilah titik dibawah ini!

1. Bapa nyimpen . . . di garasi.


2. Lalu lintas teh ari peuting sepi, tapi ari beurang mah . . . deui.
12
3. Pengendara motor kudu make . . . . .
4. Anu mawa delman disubut . . . . .
5. Alat pangukur SKSD palapa ayana di . . . . .
6. Pesawat anu bisa ngirimkeun gambar nyaeta . . . . .
7. Lantaran teu make helem Toni . . . . ka pulisi.
8. Make . . . mah bisa ketangkep siaran TV luar negeri oge.
9. Sumpahan Patih Gajah Mada nyaeta moal ngadahar buah lamun can bisa
ngajihijikeun . . . . .
10. SKSD singkatan tina . . . . .

13
PANGAJARAN KESENIAN
3

Bahan Pengajaran 1

A. Maca (Membaca)
a. Bacalah wacana di bawah ini!

C A L U N G

Waktu pesta samen naek ka kelas genap Hasan, Hamid, Udin, Didi jeung Rido
ngawakilan kelas lima ngayakeun hiburan, nyaeta maen calung. Calung teh nyaeta ngaran
hiji kasenian Sunda anu ngagunakeun calung pikeun waditra pokona.
Calung tea didamelna tina awi ilaharna sok awi hideung. Jumlah pamaen dina calung
aya lima urang. Waditra pokona dina maen calung aya lima rupa nyaeta; calung kahiji,
calung kadua, calung katilu, calung kaopat jeung kosrek atawa kecrek, sedengkeun waditra
panambahna nyaeta kendang indung lengkep sareng kulanterna, ditambah goong sareng
kempul.
Pakaenana make seragam calung nyaeta kaluhurna diiket barangbang semplak,
nganggo kumpret sareng pangsi beureum ditambah ku karembong koneng meulit dina
cangkeng. Hasan jeung baladna ngajajar ti kenca ka kutuhu ngaradeg ajeg nyepeng
calungna sewang-sewangan.
Tung – ting – tung sora calung mimiti ditakol, dung .......... pak, dung....... pak
ditembal sora kendang. Ger nu nongton surak ayeuh-ayeuhan bungah lantaran nu nyalung
parantos ngawitan. Barudak teh narabeuh calung bari kakawihan, joged jeung ngabodor.
Kakawihanana rupa-rupa, aya oray-orayan, kaso pondok, koso panjang, panon hideung jst.
Nu mingpin dina maen calung teh disebutna dalang.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Kelas sabaraha anu maen calung teh?
2. Saha wae anu ngawakilan kelas lima maen calung?
3. Naon anu disebut kasenian calung?
4. Sabaraha urang pamaen calung teh?
5. Sebutkan waditra panambah dina calung?

Bahan Pengajaran 2

B. Menyimak Cerita
a. Simaklah!

Goong Batara Guru

Bonteng Sakadang Peucang dipaking ku monyet. Atuh peucang teh kacida


ambekeunana. Manehna neangan akal, hayang males kanyeri ka monyet. Kabeneran,
maenehna nenjo sayang nyiruap dina tangkal peuteuy. Tuluy peuncang teh depa
handapeunana, ngadogoan Sakadang Monyet liwat.“Lakadalah,” omong peucang dina
pikirna. “ Itu geuning kadieu nu maling bonteng aing teh!”Barang geus deukeut, monyet
nanya. “Keur naon, Ki Sobat ?
14
Bet kawas aya nu dipikirkan?” Jawab peucang. “ Nya eta atuh, mani geus ngarasa kesel
pisan kuring teh. Kudu nungguan Goong Batara Guru, bisi aya nu maling.”
“Na mana goongna?” ceuk monyet.
“Tuh, di luhur !’ Monyet tanggah. Breh katenjouen aya nu ngagantung, bunder segede
goong.
Ceuk peucang, “Hanjakal, kuring teu bisa naek! Mun bisa naek mah, rek ditabeuh tah
goong teh. Bejana sorana kacida ngeunahna, bubuhan Goong Batara.”
“Cik ku kuring urang tabeuh, nya?” omong monyet.
“Ulah, bisa Batara Guru bendu! Da ngan kuring bae anu didinan nabeuh teh.”
“Sakali bae, kuring hayang ngadenge sorana. Jeung ongkoh Batara Guruna oge
euweuh di dieu!”
“Ke atuh ari maksa mah. Kuring rek nyumput heula, bisi nu kagunganana sumping,
ngadangu goongna aya nu nabeuh. Mun Kuring onaman nu nabeuhna, moal kitu-kieu. Tapi
mun nu sejen mah, goongna tangtu ruksak.”
“Jig atuh, geura nyumut sing jauh!” cek monyet ka peucang. Berebet peucang lumpat
ngabecir. Terekel monyet baek. Ari geus nepi ka palebah sayang nyiruan, geplak bae
“goong” teu dipeupeuh ku rengang peuteuy.
Harita keneh, breng nyiruan teh ka luar, nyareureudan monyet. Monyet luluncatan tina
dahan kana dahan. Tapi nyiruan terus nyareureudan. Kabeneran teu jauh ti dinya aya
balong. Monyet tuturubun, lep teuleum. Eungap-eungap oge maksakeun maneh. Rada lila
teuleumna.
Nyiruan baralik deui kana sarangna. Ari monyet barengep beuteungna. Nyerina nataku. Tapi
manehna henteu ari ambek pisan mah ka peucang teh, lantaran rumasa boga dosa, nyaeta
maling bontengna tea.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini sesuai dengan wacana di atas!

1. Saha anu jadi tokoh dina dongeng di luhur teh?


2. Kunaon peucang keukeuleun ka monyet?
3. Kumaha akal peucang keur ngabales kanyeri ka monyet?
4. Naha monyet teh katipu atawa henteu ka peucang?
5. Kumaha ahirna dongeng di luhur teh?
6. Terangkeun ngandung pesan naon anu dicaritakeun tina carita di luhur!

Bahan Pengajaran 3

C. Membaca Isi Wacana


a. Pupujan Kuring

1. Indonesia lemah cai kuring


tanah endah teu aya bangsana
geus kamashur hejo lembo,
gunung-gunung parentu,
pasir-pasir sakuriling bingkling,
sawahna uplak-aplak
paselang jeung lembur,
cai curcor matak waas,
jalan but-bat anu gede anu leutik,
estuning matak betah.

2. Indonesia, Kuring arek jangji,


rek setia kawalan bumela,
kuring seja soson-soson,

15
mupusti jeung mupunjung,
moal pisan rek gindi pikir
moal rek bengkok sembah,
rek bela tumutur,
sangkan anjeun tetap jaya,
rayat anjeun dina aya sugih mukti,
sarenang sarerea.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Kaasup pupuh naon wacana di luhur teh?
2. Aya sabaraha pada pupuh di luhur?
3. Dina sapadana aya sabaraha padalisan
4. Dina pada ka hiji naon kalimah utamana?
5. Dina padanu kadua naon anu jadi pokok kalimahna?

Bahan Pengajaran 4

D. Menulis Kejadian
a. Bacalah

Barisan Puisi Anu Poho


Dina acara kenaikan kelas taun kamari. Di SDN Pondok Cina diayakeun panggung
kasenian. Sakabeh murid galumbira pisan harita teh. Tiap-tiap kelas mintonkeun
kasenian, aya nu nyanyi, main musik, rupa-rupa tarian, paduan suara, rampak sekar
jeung aya oge anu maca puisi. Dina mintonkeun teh gantian contona giliran ti kelas hiji,
dua, tilu, opat, lima jeung dina puncakna acara paturay tineung pikeun murid kelas genep.
Acarana teh kacida ramen, sabab disaksikan oge ku para sepuhna murid-murid anu
bade nongton barudakna manggung tea. Waktu salah saurang murid kelas tilu tampil
bade macakeun puisi, murangkalihna teh wanter, sae pisan deklamasi tea atoh penonton
pada rame surak. Tapi teu disangka-sangka murangkalih deklamasina teh macana
ngadak-ngadak eureun jigana aya nu poho dina bait panuntun. Manehna ngahuleung
terus tungpul luak-lieuk kakenca-kakatuhu samar polah, kaciri pisan keur bingung tapi
anu narongton mah terus wae teu terangeun yen anu deklamasi teh nuju poho
bacaanana, disangkana manehna ngahuleung teh hiji bagian tina gayana maca puisi teh
dina panggung.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Acara naon anu diayakeun SDN Pondok Cina waktu pesta kenaikan kelas?
2. Kasenian naon wae anu dipintonkeun?
3. Saha anu deklamasi teh?
4. Naon anu poho dina waktu deklamasi di panggung teh?
5. Naon anu dilakukeun budak dipanggung waktu maca sajakna poho?

I. Gaya basa Raguman Tunggalan


Gaya basa tunggalan nyaeta sabagian keur kabehan.
Conto: Di kampung eta ngan aya imah lima suhunan, maksudna lima imah lain suhunan
wungkul
Coba jawab pananya di handap ngeunaan gaya basa ragum tunggalan!
1. Menta rambutan lima siki mah.
Tanya : Nu dipenta teh ngan siki rambutan wungkul atawa buah rambutan
Jawab : . . . . .
2. Buku bacaan teh ngan aya genap jilid.
Tanya : Aya sabaraha bukuna teh, jilidna wungkul atawa jeng bukuna?
16
Jawab :. . . . .

3. Juli meuli kembang ros lima gagang.


Tanya : Nu dibeli teh gagangna wungkul atawa jeung kembangna?
Jawab : . . . . .
4. Urang mah geus wareg, tadi geus nyaeta.
Tanya : Naha waregna teh ngan dahar sate wungkul atawa make sangu?
Jawab : . . . . .
5. Unggal sirah kabagean duit lima ribu sewang.
Tanya : Anu kabagean duit lima ribu teh sirah wungkul atawa jelemana?
Jawab : . . . . .

UJI KOMPETENSI

I. Isilah tanda silang (x) pada huruf a, b, c, atau d di depan jawaban yang benar!
1. Ngaran alat kasenian anu di tiuo di jieuna tina awi disebutna . . . . .
a. Harmonika c. tarompet
b. Suling d. saxopon
2. Salah sahiji ngaran pupuh nyaeta . . . . .
a. Daun pulus b. Kalangkang c. Dangdang gula d. Bubuy bulan.
3. Tukang nabeuh gamelan sok disebut. . . . .
a. Dalang b. Sinden c. Nayaga d. wirasuara
4. Pupuh dangdang gula aya . . . padaksan.
a. 8 b. 9 c. 10 d. 11
5. Tuti meuli kembang malati lima gagang lima gagang kaasup kana gaya basa ....
a. Rautan b. Sisindiran c. Raguman d. Pleonasme
6. Panon poe bijil ti beulah wetan surup ti beulan kulon. Nu kaasup kecap majemuk dina
kalimah di luhur nyaeta . . . . .
Panon poe b. Bijil c. Beulah d. kaler
7. Alus jadi pa alus-alus, loba jadi . . . . .
a. Paloba-paloba
b. Paloba-loba
c. Paloloba
d. Paloba loloba
8. Pa luhur-luhur asal kecapna . . . . .
a. Luhur b. Palu c. Luluhur d. Paluhur
9. Budak leutik bisa ngapung. Babaku ngapungna peuting. Ungkara di luhur kaasup
pupuh . . . . .
a. Kinanti b. Pucung c. Mas kumandang d. Magaton
10. Dongeng goong batara guru kaasup dongeng . . . . .
a. Sasakali b. Pamuk c. Fabel d. Babad

II. Isilah titik-titik di bawah ini dengan kata-kata yang telah disediakan!
Kuda lumping; Lenong; Topeng; Kuda Rengong; Wayang Kulit;
Debus; Jaipongan; Ondel-ondel; Sisingaan; Wayang golek

1. Kasenian . . . mah ngagunakeun wayangna tina kai.


2. Penari dina seni . . . biasana make kedok.
3. . . . teh dina arak-arakan Batawi, make boneka gede.
4. Kasenian . . . asalna ti daerah Subang.
5. Seni . . . kaasup seni tari ciptaan anyar.
6. Di daerah Jawa mah biasana pagelaran . . . . , lain wayang golek.
7. Dina kasenian . . . mah kuda teh ngalengkahna kawas nu nari, nurutkeun wirahna
kendang.

17
8. Kasenian . . . teh kaasup seni drama tradisional di Batawi.
9. Seni . . . teh kaasup seni ngamen, make kukudaan.
10. Kasenian . . . masih keneh hirup di daerah Banten.
,
PENGAJARAN
PERISTIWA
4
BAHAN PENGAJARAN 1

A. MACA (MEMBACA)
a. Bacalah dengan suara nyaring!

Panto Gerbang Dipake Tameng


Dina hiji waktu, Baginda Ali geus dijenengkeun panglima perang. Anjeuna katut
tentara Islam anu satrria keur ngepung benteng Al-Qamus di Kaibar, nyaeta salasihiji kota
tempat dumukna urang Yahudi. Barang Panglima Ali maju nyaketan eta benteng, anjeuna
ditangtang ku Panglima Yahudi, ngaran Marhab.
Der galungan, Sirah Marhab disabet ku pedang, nepi ka topi wajana murag. Lantaran
teu untupan nyanghareupan musuhna, Marhab ngacir ka jero benteng. Ku tentara Islam
diudag nepi ka lebah tembok benteng. Di dinya der perang campuh jeung sesa perjurit
musuh.
Dina keur puncakna perang pati, tameng anu dicepeng ku Panglima Ali ragrag,
lantaran anjeuna dikurubut ku pirang-pirang musuh. Nenjo kitu, musuh teh beuki warani.
Ngan wae Ali ngamuk lir singa kalaparan, nyedekkeun tentara musuh nepi kana lawang
benteng. Durukduk panto gerbang didudut, nepi karujad. Tuluy ku anjeunna dianggo tamen.
Bangun hampangeun pisan, teu beda jeung tameng biasa.
Bereyek tentara Islam arasup ka jero benteng, rek meakeun sesa-sesa pasukan
Yahudi Teu lila ti harita, musuh serah bongkokan.
Sanggeus perangna rengse, Panglima Ali miwarang tentara pikeun masangkeun deui
panto benteng kana urutna.Tapi tetela, eta panto teh sakitu ku tujuhan oge teu kaugetkeun
saeutik-eutik acan.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Naon sababna Panglima Ali jeung pasukanana ngepung benteng Al-Qamus?
2. Saha anu nangtang Panglima Ali?
3. Kunaon Marhab ngacir ka jero benteng?
4. Naon sababna tameng Panglima Ali ragrag?
5. Kumaha akal Baginda Ali sanggeus tamengna ragrag?

Kegiatan
I.Kalimat Perintah
Perhatikan contoh di bawah ini!

1. Punten, pangyandakeun buku! 4. Pangmeulikeun kurupuk ka warung


2. Bawa kadieu! 5. Caian supaya encer
3. Sok teundeun di dinya! 6. Alungkeun ka solokan!

Pakailah kata-kata perintah di bawah ini !


Asup, baca, bawa, buka, gula, piceun, pindah, simpen, tukeur, tulis

1. . . . heula, tuluy caritakeun eusina!

18
2. Jeruk teh . . . ka kulkas supaya angger seger!
3. . . . dina meja supaya heunteu katincak!
4. . . . deui supaya amis!
5. Ieu korsi . . . ka tukang!
6. . . . tas buku ka dieu!
7. Ieu runtah . . . kana ranjang!
8. . . . dina buku catetan!
9. . . . jandela teh supaya teu panas teuing!
10. Ieu sapatu cacad, . . . ku nu alus

Buatlah kalimat perintah dengan kata-kata di bawah ini!


1. Bejakeun
2. Bikeun
3. Pangbejakeun
4. Pangmawakeun
5. Pangmelikeun

II. Homonim
Homonim atau kecap saharti artinya, satu kata penulisannya maupun
pengucapannya sama tetap berbeda artinya.

Contoh: 1. Sumur teh jeri pisan


2. Bawa tas teh ke jero, ulah disimpen di luar.

Contoh kata-kata yang lainnya :


Atur, angkat, beuki, goreng, kaleng, karang, manah, pajeng, tarik,
tawar, tuang, tukang
Pakailah kata-kata homonim di atas untuk menyempurnakan kalimat-kalimat di
bawah ini!

1. Kedah nyandak . . . bilih kahujanan di jalan.


2. Leumpangna pagegeye bari silih. . . . .
3. Henteu kudu ka pasar da sok aya . . . sok lewat.
4. Lumpatna . . . pisan, henteu ka udak.
5. Jarum teh diwdahan kana . . . leutik.
6. Dahar roti . . . mah biasana make mentega jeung gula.
7. . . . eta peti teh ka jero, ulah diantep di luar.
8. Korsi nu di hareup kudu dipindahkeun ka . . . . .
9. . . . heula, ulah waka dibeuli.
10. Bapa Romli nuju . . . sareng sate.

BAHAN PENGAJARAN 2

B. Ngarerepkeun (Menyimak)
a. Simaklah!

Cikarak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok

Mahmud geus aya opat taunna masantren di Sukamanah. Tapi can loba kabisana. Kana
aksara oge can paham pisan. Manehna ngarasa bosen diajar, da teu aya kamajuanana. Jeung
19
ngarasa era deuih ku babaturannana. Barudak anu sahandapeun manehna umurna sarta
pandeuri asupna ka pasantren, geus barisa maca Qur’an. Ari manehna maca tuturutan oge
masih keneh can lanca, nya tuluy manehna pamit ka guruna rek mulang bae ka lemburna. Ku
guruna diidinan.
Di jalan, Mahmud eureun ngareureuhkeun cape. Diuk di iuh bari nenjokeun cikaracak
Mapay akar, nyakclakan ninggang batu. Sanggeus reureu, jung Mahmud nangtung rek
nuluykeun lalampahana. Ku manehna kabireungeuh, batu anu kacakclakan cai teh nepi ka
geus legok.
Ceuk Mahmud dina pikirna, “ Eta teh batu hirup, teuas. Tapi nepi ka jadi legok. Pilkadarangan
katinggang ku cikaracak sakeclak-sakeclak Kituna teh tangtu geus mangtaun-taun. Boa geus
aya puluh taunna, da batu sakitu teuasna. Geuning ari dikeureuyeuh mah, najan batu sakitu
teuas, bisa legok ku cai anu sakitu leutikna, era-era oge aing rek balik diajar, moal rek bosenan.
Ceuk beja mah Ki Santri ahirna dijabah maksudna ku Nu Kuwasa, jadi anu kawater ka mana-
mana.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Naon judul carita di luhur?
2. Dimana Mahmud teh masantren?
3. Kunaon pangna Mahmud pamit ka guruna?
4. Kajadian naon anu kapanggih ku Mahmud di jalan?
5. Naon nu jadi pikiran Mahmud kana kajadian teh?

KEGIATAN

I. Kata Sambung
Kecap sanajan kaasup kecap sambung, karena tugasna menyambungkeun kalimah.
Kata-kata sambung lainnya di bwah ini, yang ditulis pada sisi kanan adalah padanannya,
khusus dalam pemakaian ragam halus (lemes).
Contoh: Manehna teu nurut sanajan geus dinasehatan.
Boro boro bujeung-bujeung basa waktos
Ku kituna ku margi kitu ku lantaran kitu ku margi kitu
Ku jalaran kitu lamun upami lantaran
Margi padahal sanajan sanaos
Upama upami waktu waktos
Boh. . .boh. . . . . komo nya. . . nya

Pakailah kata sambung di atas untuk menyempurnakan kalimat-kalimat di bawah ini!


1. . . . teu rajin di ajar, tangtu moal naek kelas.
2. Urang teh. . . . . bisa leumpang, hudang oge teu bisaeun.
3. Manehna teu datang . . . . . geus dibejaan.
4. Beus teh mogok . . . . . panumpang kapaksa ganti kandaraan.
5. Linda mah . . . , geulis . . . bageur.
6. Yanti teu ka sakola . . . . . gering.
7. Adikna oge bisaeun . . . . . anceukna.
8. Sasak teh palid . . . . . aya banjir tea.
9. Mangga teh . . . nu gede . . . nu leutik hargana sarua.
10. . . . kuring geuring, dilongok ku babaturan.

BAHAN PENGAJARAN 3

20
C. Biantara (Pidato)
a. Bacalah
Hidep kudu bisa pidato atawa biantara? Tah ayeuna hidep kudu biantara di hareupeun
babaturan sakelas! Carana, apalkeun atawa talar naskah pidato ieu di handap, terus
biantarakeun di hareupeun babaturan.
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh
Parasaderek hormateun sim kuring, dina ieu kasempatan sim kuring bade medar perkawis
Pentingna Digawe Gotong Royong.”
Saderek sadayana, di kelas genep daftar piket atanapi daftar regu kerja. Dina eta daftar
diserat nami-nami anu kagiliran janten piket. Ku kituna, sing saha bae tangtos terang kana
waktos giliranana damei di kelas.
Namun, hanjakal masih keneh aya rerencangan urang anu teu merhatoskeun tugasna. Anu
sanes mah ngalaksanakeun piket, ieu mah dongkap ka sakola oge malah kasiangan. Ku marga
kitu, peryogi ditandaskeun wirehna urang teh kedah gotong-royong.
Naon margina urang kedah gotong-royong? Saderek sadayana, ku didamel gotong royong,
urang bakal tiasa ngarengsekeun tugas kalayaan gotong-royong, beberes di lebet kelas teh
enggal pisan. Benten sareng dipidamel mung ku opatan kalayan henteu gotong royong. Sok
sanaos dipidamelna ti tabuh genep oge, dina tabuh tujuh teh teu acan rengse.
Parasaderek, ayeuna urang parantos terang wirehna didamel gotong royong teh penting
pisan. Ku margi kitu,m sim kuring umajak ka sadayana, hayu sasarengan didamel gotong royong
kango kapentingan urang!
Saderek sadayana, rupina pedaran ti sim kuring dicekapkeun sakieu bae. Mugi-mugi bae
ageung mangpaatna kango urang.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

B. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Mana anu jadi bubuka dina biantara di luhur?
2. Naon anu jadi pedaran/eusi biantara di luhur?
3. Keur saha eta eusi biantara teh ditujukeunana?
4. Kira-kira saha anu pantas nepikeun biantara di luhur teh?
5. Mana anu kaasup panutup biantara di luhur?

UJI KOMPETENSI

I. Isilah tanda silang (x) pada huruf a, b, c, atau d di depan jawaban yang
benar!
1. Sakieu wae anu tiasa didugikeun ku simkuring, Wassallamu alaikum
warohmatullahi wabarokatuh. Kalimah di samping di pake piken. . . . .
a. Panutup b. Bubuka c. Di tengah d. Eusi
2. Solawat Sinareng salam mugi didugikeun ka Rosululloh SAW. Kecap asal tina
kecap digaris handap nyaeta . . . . .
a. Areng b. Sareng c. sinar d. Nareng
3. Sakola SD Kencana ngayakeun rupa-rupa kegiatan ekstrakurikuler diantarana
silat, kasenian, pramuka, PMR jeung drum band. Tujuan nana pikeun
nyalurkeun bakat jeung ningkatkeun kaparigelan murid-muridna. Pokok pikiran
tina paragraf di luhur nyaeta . . . . .
a. SD Kencana b. Sakola SD c. Nyalurkeun bakat d. Kegiatan
ekstrakulier
4. Bagian hareup tina buku nyaeta . . . . .
a. Jilid b. Daftar isi c. Kata pengantar d. Daftar pustaka
5. Lantaran imahna kabawa banjir kang Apud jeung kuwargana jadi . . . . .
21
a. Tuna netra b. Tuna karya c. Tuna daksa d. Tuna wisma
6. Berita anu di bacakeun biasana dina . . . . .
a. TV jeung radio b. Koran c. Telepon d. Majalah
7. (1) nangtukeun tema
(2) nangtukeun anak tema
(3) nyieun poko pikiran tiap paragraf
(4) ngembangkeun poto pikiran tiap paragraf
Kagiatan di luhur kudu di perhatikeun mun rek nyieun . . . . .
a. Karangka b. Paragraf c. Karangan d. Judul
8. Aya hiji rupa kembang
Raranggeuyean tapi leutik
Matak lucu lewat saking
Bacaan di luhur ngagambarkeun kembang . . . . .
a. Ros b. Melati c. Campaka d. anggrek
9. Dina usum hujan kota Jakarta sok kacahaan.
Anu ngakibatkeun caah teh di antarana . . . . .
a. Runtah b. Imah c. Tatangkalan d. Jalan
10. Ayeuna keur usum halodo panjang, di padesaan sawah-sawah garing, akibatna
kakurangan. Beas, beda ti keur usum . . . . .
a. Halodo b. Paceklik c. Hujan d. Panas

II. Isilah titik-titik di bawah ini dengan kata-kata yang tersedia

amis budi, gegeroan, banjir, pidato, tema, paribasa, gempa, labuh, tibalik, tinangtu

1. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok . . . . .


2. Ungkara di luhur kaasup . . . . .
3. Neng Rita mah nya geulis nya . . . . .
4. Kuring ngalieuk sabab kadenge ayu nu . . . . .
5. Hujan gede terus-terusan ngalantarankeun . . . . .
6. Gedong-gedong tea nu runtuh lantaran . . . . .
7. Ampir . . . hadena kaburu muntang kana tambang.
8. Mobil teh tijungkel, tuluy. . . . .
9. Hadirin anu di mulyakeun ku Allah SWT. Kalimahna di luhur biasana di pake
pikeun . . . . .
10. Lamun urang daek prihatin ti leuleutik . . . bakal bagja geus kolotna.
11. Ngarang pidato mah, mimitina kudu nangtukeun . . . heula.

22
Pengajaran
5 Perdagangan

Bahan Pengajaran 1

A. Ngaregepkeun (Menyimak)
a. Simaklah cerita di bawah ini!

Tukang Kopeah

Di Cimaranten aya tukang kopeah, ngarana Sueb. Dina hiji poe manehna indit ti
imahna, mawa dus rada gede pinuh ku kopiah jualan. Maksudna rek dibawa ka
Jatiwangi, sabab di ditu loba nu pesen ka manehna. Jalan ka Jatiwangi teh
ngaliwatan leuweung leutik. Satengahing jalan eureun sisi walungan, rek nyelang ka
cai heula. Dus kopeah ditunda handapeun tangkal kiara. Ari balik ti cai dus teh geus
muka, sarta
Ceuk Sueb dina hatena, “ Beu, aya bae jelema jahat teh!” keur mikir kitu,
Sueb ngadenge anu ngorosok di luhur kai. Ari dilieuk, bet loba monyet marake
kopiah.
“ Eta geuning, mangkelukna nu maling kopiah aing teh!” omomg Sueb.
Tuluy monyet teh dibaledokan. Monyet kalah kangarenyohan, bari nurutan kawas nu
ngabaledog, Sueb ngacung-ngacungkeun leungeunna. Diturutan ku monyet. Sueb
ngahuleng , mikir, kumaha akalna sangkan kopiah anu sakitu lobana beunang deui
ku manehna.
Teu lila mikirna Sueb ngacungkeun leungeunna. Monyet-monyet nanurutan,
ngaracungkeun leungeunna. Sueb muka kopiah, ieu oge diturutan ku monyet teh. Ti
dinya mah lung bae kopiah teh ku Sueb dialungkeun kana deukeut dus.
Sueb tanggah, “Nuhu Sadang monyet!” omong Sueb bari seuri.Monyet-
monyet tingrarenyoh. Tayohna mah narurutan Sueb sareuri.

b. Selesaikan kalimat-kalimat di bawah ini sesuai dengan wacana!


1. Di Cimaranten aya tukang . . . . .
2. Dina hiji poe manehna . . . . .
3. Maksudna rek dibawa ka . . . . .
4. Satengahong jalan Sueb . . . . .
5. Ari balik ti cai . . . . .
6. Ceuk Sueb dina hatena . . . . .
7. Keur mikir kitu Sueb ngadenge . . . . .
8. Sueb ngacungkeun leungeunna . . . . .
9. Ti dinya lung bae . . . . .
23
10. Teu nyalahan kopiah teh . . . . .

Bahan Pengajaran 2

B. Guneman (Percakapan)
a. Bacalah!
Ka Pertokoan

Yudi : Iraha urang rek mimiti ngelaksanakeun tugas ti Pa Guru Teh Di!
Didi : Enya nya iraha, alusna mah ulah ditunda-tunda bisi poho.
Sigit : Kelompok urang teh meunang tugas naon, Yud?
Yudi : Ya ampun ari sigit, piraku geus poho, kapan kelompok urang teh meunang Tugas
keur nyatet kaayaan di Pusat Pertokoan atawa di Mall, terus bandingkeun jeung
kanyatan di pasar
Sigit : Aeh enya, iraha atuh mimitina.
Didi : Kumaha lamun engke balik sakola, urang mimitina ti toko anu pangdeukeutna, ti
dinya terus mapay ka saban toko.
Yudi : Wah, lamun kitu mah lila teuing!
Sigit : Urang bagi pancen wae, ulah bebarengan terus! Kieu kuring ka toko pakean, Yudi
ka toko sapatu, Didi ka toko buku kumaha satuju? Ke urang ngumpul deui di
hareupeun Mall.
Yudi : Satuju lamun kaburu mah ulah ngan saukur hiji toko wungkul, leuwih loba leuwih
alus, sangkan urang bisa ngabandingkeunana.
Sigit : Beres bos!
Sanggeus barudak rengse ngalaksanakeun tugasna, maraneh ngumpul ka
hareupan mall bari ngarobolkeun hasil pagaweanana sewang-sewangan.
Yudi : Meunang sabaraha toko Git? Kuring mah meunang opat toko.
Didi : Kuring oge opat toko, maneh Yud?
Yudi : Jigana kuring nu panglobana mah, meunang lima toko, mimitina toko sapatu, toko
tekstil, toko elektronik, toko parabot jeung toko dahareun.
Dedi : Wah asik atuh ka toko dahareun mah.
Sigit : Dasar tukang dahar, ceuk Sigit bari seuri.
Yudi : Di, naon anu dijual di toko buku?
Didi : Loba pisan, lain buku wungkul anu dijualna, di dinya aya alat-alat olahraga, alat
alat tulis, alat-alat komputer, kaset, tape rekorder jeung video.
Sigit Coba ayeuna urang bandingkeun, naon bedana jualan di pasar jeung di pertokoan.
Yudi : Di pasar daragangan di elos - elos, aya oge anu daragangna teh di teh di tenda
-tenda.
Dedi : Nu dijualna oge beda, di pasar lewih loba dahareun, jeung kaperluan masak. Di
pertokoan oge aya anu sarua seperti minyak goreng, gula, kecap jeung saterusna.
Sigit : Saberna loba anu sarua, ngan tempatna wungkul anu ngabedakeunana teh.

b. Jawablah pertanyaan di bawah ini!


1. Saha anu meunang tugas ti Pa Guru?
2. Naon tugasna?

24
3. Sebutkeun pembagian tugas maranehna?
4. Kumaha hasilna? Saha anu panglobana asup ka toko?
5. Terangkeun kumaha kacindekana hasil pagawean barudak anu tiluan teh?

Uji Kompetensi

I. Berilah tanda silang (x) pada huruf a, b, c, atau d didepan jawaban yang benar!
1. Padagang mah balanjana teh di . . . sabab leuwih murah.
a. Mal b. Pabrik c. Grosir d. Pasar
2. Pasar tradisional jeung pasar . . . hampir sarua, bedana dina tempatna
beresin jeung teu kudu nawar da hargana geus ditangtukeun.
a. Kaget b. Swalayan c. Inpres d. Loak
3. Sanajan nagara urang kaasup nagara agraris tapi angger wae beas mah
sok . . . ti nagara laen.
a. Ekspor b. Impor c. Meuli d. Ngajual
4. Padagang . . . teh sok jualan dimana wae.
a. Kaki lima b. Kios c. Jongko d. Elos
5. Dua kalimah anu ngahiji ngabogaan dua jejer jeung caritaan disebut kalimah .....
a. Aktip b. Pasip c. Ngantet d. Transitif
6. Bu Marni jualan sayuran di pasar Agung. Nu kaasup jejer dina kalimah di luhur
nyaeta....
a. Bu Marni b. Jualan c. Sayuran d. Pasar Agung
7. Leumpangna lir macan teu naungan. Kalimah di luhur kaasup gaya basa....
a. Rarahulan b. Babandingan c. Renta d. Lalandian
8. Guru Nuju nerangkeun, Dani heurey bae. Nu kaasup caritaan dina kalimah di
luhur aya dua nyaeta . . . . .
a. Guru, Nuju b. Nuju, nerangkeun c. Nuju, Dani d. Nerangkeun,
Heureuy
9. Sabaraha harga buku tulis teh sakodina? Anu nuduhkeun kecap balanja dina
kalimah di luhur nyaeta . . . .
a. Sabaraha b. Hargana c. Buku Tulis d. Sakodina
10. Kamari Ibu Meser daging di toko swalayan, waktos bayar Ibu kedah ka . . . .
a. Loket b. Kasir c. Pelayan d. Bank

II. Isilah titik –titik di bawah ini dengan kata-kata yang tersedia!

Nawar, Ekspor, Grosir, Diskon, Kasir, Pramuniaga, Payu, Pasar, Sales,


Kwitansi

1. Indonesia loba . . . pakean jadi ka nagara-nagara di Afrika.


2. Balanja hayang murah kudu ka . . . . .
3. Lamun balanja kudu daek . . . heula bisi ka mahalan teuing.
4. Teu Mahal teuing sakitu mah, da hargana geus di . . . . .
5. Daganganana loba keneh, titatadi can . . . . .
6. Tempat panggihna nu meuli jeung nu ngajual nyaeta di . . . . .
25
7. . . . Pagaweanana nawar-nawarkeun barang.
8. . . . lolobana teh awewe.
9. Di toko swalayan lamun urang balanja di bere bon, bayarna di . . . . .
10. Bukti pembayaran disebutna....

26

Anda mungkin juga menyukai