Anda di halaman 1dari 2

✅Innalhamdalillah...

✅Asyhaduanla illahha illalloh...


✅Allohumma sholi’ala muhammadin wa’ala alihi wa ashabihi ajma’in
Amma ba’du,
✅Faya ibadalloh usikum wanafsih bitaqwalloh,
✅qolallohuta'ala fil qur'anilkarim
✅audzubillahiminasyaithonirrojiim
✅Ya ayuhaladzina amanu ittaqulloha...
✅Ya ayuhannassu taqurobbakumuladzi...
✅Ya ayuhaladzina amanu ittaqulloha....
al ayat

Teu liren2 urang sadaya haturkeun puji syukur kahadirat Alloh Swt, anu tos masihan
ka urang sadaya nikmat iman tur islam, karunia anu kacida ageung nu tos
dipasihkeun ka hamba2Na, mudah2an urang sadaya kalebet anu kengeng
hidayaNa sarta aya dina kaayaan Iman tur Islam dugi dongkap waktos ajal urang
sadaya.

Sholawat sareng salam mugia salamina diwuwuhkeun ka jungjunan urang sadaya,


panutan umat, kakasih Alloh, Rosullulloh SAW, ka para Kulawargana, sahabat2na,
tabiin, tabi’ut tabiin dugi ka urang sadaya salaku umatna anu satia satuhu kana
ajaran manteuna dugi yaumal qimayah, mudah2 urang sadaya kalebet umatna anu
baris kengeng safa’at diyaumal hisab jaga, amin ya Alloh ya Robbal’alamin.
Dina kasempatan ieu simkuring ngawasiatan khusus kanggo diri simkuring oge
umumna kanggo urang sadaya Hayu urang sami2 tingkatkeun kataqwaan ka Alloh
SWT, ku ngajalankeun sagala parentahNa sareng ngajauhan naon2 anu dilarangNa,
Margi taqwa mangrupikeun modal pikeun urang sadaya dina ngaraih kahirupan anu
baris dipikaridho Alloh tur ngaraih kabagjaan dunya rauh kabagjaan akherat jaga,

Ikhwatul iman sidang jumuah rohimakumulloh,


Dina kahirupan muslim, urang sadaya tiasa wae masih kadang ku kasadaran
ngalakukeun kacerobohan2 anu sabenerna dilarang ku Alloh SWT , namung tina hal
eta, Alloh SWT teu pernah nutup panto tobat pikeun sadaya hambaNa, tampa
ningali sakumaha gede sareng sakumaha seeur kasalahan anu tos ku urang sadaya
lakukeun, Alloh SWT ngadawuh dina surat Az-Zumar ayat 53 dugi 54
Qul ya’ibadiyalladziina asrofuu ‘ala angfusihim la taqnatu mirohmatillahi innallohi

innalloha yagfiruddzunuba zamii’an innahu huwal ‘ghofururrohiim (53) wa aniibuu ila

robbikum wa aslimuu lahu mingqobli aya’ tiyakumul ‘adzabu summa latungshorun(54)


Carioskeun: Hei hamba2Ku anu ngalampaui wates kana diri maranehna sorangan,
ulah aranjeun putus asa tina rahmat Alloh, saestuna Alloh ngahampura dosa2
sadayana, saestuna AnjeuNa anu maha pangampura tur maha welas, sareng malik
anjeun ka pangeran anjeun, sareng sumerah diri ka anjeuNa sateuacan datang azab
kaanjeun lajeung anjeun teu tiasa di tulung deui.

Ikhwatul iman sidang jumuah rohimakumulloh,

Alhamdulillah urang sadaya tos aya dina kaping 4 sasih romadhon sasih anu pinuh ku
barokah, seueur ka istimewaan2 sareng kaberkahan anu teu aya disasih2 anu sejenna,
dimana pahala2 baris dilipetgandakeun sareng panto
pangampura dibuka lega-lega, mangka atos sakedahna muncul rasa bungah tur sumangeut
pikeun diri urang sadaya margi masih dipasihan kasempatan anugerah kanggo
ngajalankeun ibadah disasih
Romadhon anu mulya ieu,

Romadhon nyaeta sasih anu mulya, hiji muslim dikedahkeun senantiasa ngado’a,
nyuhunkeun ka Alloh SWT di dugikeun deui sareng Romadhon dina kaayaan sehat,
Imam Mu’la bin Fadhal kantos nyarios, “ maranehna (atanapi salafus sholeh) ngadoa
salami genep sasih supaya didugikeun ka sasih Romadhon, di riwayatkeun yen
tiantara doa anu sering di aos tokoh tabiin, yahya bin Abi Kutsair nyaeta “
Nun Gusti dugikeun sim abdi ka sasih Romadhon sareng dugikeun sasih Romadhon
ka Abdi”

mekeulan diri ku pangatahuan fiqih ngeunaan shaum,


hiji muslim kedah uninga leres2 ngeunaan elmu fiqih dina shaum, ieu anu kalebet
rukun shaum, syarat shaum, perkara anu ngabatalkeuna sareng sadaya hal anu
kakaitan sareng shaum. Pangatahuan ieu wajib diuninga supaya shaum anu baris
dijalankeun ngajadi sah sacara sare’at, sabab amal kasaean anu teu di barengan ku
elmu pangatahuan baris sia2 diamalkeuna pikeun hiji muslim,

Barokallohuli walukum...

➡️Khutbah ka -2
Alhamdulillahi washolatu wassalam ‘alarosulillah, nabiyina muhammad wa alihi
washohbihi
wamawwalah,
wa asyhaduanla ilahaillalloh wahdahula syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan
abduhu warosulluh, Allohuma sholi'ala muhammad wa'ala alihi wa ashabihi ajma'in
amma' badu

Paya'ibadallohi uushiikum wanafsii bitaqwallohi faqod fajal muttaquun,


wa ahusyukum'ala tho'atihi la'allakum turhamuun,
qolalohuta'ala fiil quraanil kariim yaa ayyuhaannasu'budu robbakumulladzi
kholaqokum walladziina mingqoblikum la'allakum tattaquun.

▫️
Innalloha wama laaikatahu yusholuna alanabii..
▫️
Allohummasholi 'ala muhammad wa 'ala ali muhammad, kama...
▫️
Allohuma firlilmuslimina wal muslimat...
▫️
Robbana firlana wali ikhwaninaladzina sabaquna bil iiman,...
▫️
Robbana latu'ziqulubana ba'daid hadaitana wahablana miladunkarohmah innaka
'antalwahhab
▫️
Robbana taqobal minna innaka anta sami'ul alim wa tub alaina innaka
antattawwaburrokhim
▫️
robbana atina fiddunya hasanah...
▫️
subhanarobika robbil'izati ...
▫️
ibadalloh.. innalloha ya'murubiladli wa ihsan...

Anda mungkin juga menyukai