Anda di halaman 1dari 2

Hadirin sidang Jumah anu mulya Langkung ti payun hayu urang sami-sami

manjatkeun puji sareng syukur ka Alloh Robbul Gofur. Dzat anu teu liren-liren ngalimpahkeun ni’mat ka urang sadayana,
kalebet ni’mat taufik sareng hidayah-Na. Sahingga dina waktos anu mulya ieu, urang sadayana tiasa ngalaksanakeun salah
sawios parentah-Nya, nyaeta solat Jumat berjamaah.

Solawat sareng salam anu sampurna mugi salamina dicurahkeun ka Panutan Alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad
saw. Solawat sareng salam oge mugi dicurahkeun ka para sahabatna, para tabi’in, tabi’ tabi’in, dugika urang sadayana salaku
umatna. Mudah-mudahan urang sadayana kenging taufiq hidayah kanggo tumut kana ajaran mantenna kalayan di akherat
kenging syafaatna. Amin ya robbal alamin.

Sidang Jumah rohimakumulloh, Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib seja wasiat khusus ka diri
pribadi umum ka hadirin sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Sabab,
takwa teh pang hade-hadena bekel urang, terutami bekel mayunan kahirupan lana akherat tea anu disebat alam panjang poe
padang nagara tanjung sampurna. Salajengna kedah kauninga ku urang yen kabagjaan dunya jeung akherat teh gumantung
kana sehatna hate, sedengkeun sehatna hate gumantung kana rupa-rupa perkara. Di antarana pinuhna hate ku kayakinan
sareng kaimanan ka Alloh, euyeubna hate ku rupa-rupa sifat pinunjul, sareng bersihna hate tina rupa-rupa panyawat sareng
sifat tercela. Hayu urang sami-sami titenan salah sawios pidawuh Alloh dina Al-Quran anu mangrupikeun petikan doa Nabi
Ibrahim:

‫ ِإَّال َم ْن َأَتى َهَّللا ِبَقْلٍب َسِليٍم‬، ‫ َيْو َم ال َيْنَفُع ماٌل َو ال َبُنوَن‬، ‫ال ُتْخ ِز ِني َيْو َم ُيْبَع ُثوَن‬

Hartosna, “(He Pangeran abdi), ulah ngahinakeun ka abdi dina poe maranehna dihudangkeun. Nyaeta poe nalika teu guna
deui harta jeung anak turunan, kecuali jalma anu madep ka Allah kalayan nyandak hate anu salamet (beresih),” QS. as-
Syu’ara [26]: 87-89).

Tah ngalangkungan eta ayat tetela pisan yen nu salamet di akherat teh nyaeta jalma anu nyandak hate anu beresih. Sanes
kanten janten modal keur ngahontal kabagjaan akherat, hate anu beresih oge janten sarana keur ngahontal caang jeung legana
hate anu janten modal keur ngahontal kabagaan dunya anu keur dirandapan. Tah ku hal sakitu, hayu urang paluruh naon
wae perkara anu matak nganteurkeun kana caang jeung legana hate teh. Sakumaha anu parantos dirangkum ku para ulama,
saeutikna aya 5 perkara anu matak nganteurkeun kana legana hate:

1. Taat ka Alloh sareng ka rosul-Na Hadirin kaom Muslimin rohimakumulloh, taat ka Alloh mangrupakeun salah sawios
sifat jalma anu iman jeung takwa ka Alloh. Sedengkeun jalma anu iman jeung takwa ka Alloh bakal dipikacinta ku Alloh.
Naon sagala masalahna bakal dibere jalan kaluar. Oge jalan rezekina bakal dibukakeun ku Alloh, malahan tina jalan anu teu
disangka-sangka. Tah eta sadayana sabab keur bungah, caang jeung legana hate. Hayu urang regepkeun dawuhan Alloh
dina Al-Quran.

‫ َو َيْر ُز ْقُه ِم ْن َح ْيُث اَل‬، ‫َوَم ْن َيَّتِق َهَّللا َيْج َع ْل َلُه َم ْخ َر ًج ا‬

Hartosna, ”Sing saha-saha jalma anu takwa ka Alloh, maka Allah bakal ngajadikeun jalan kaluar ke manehna, oge bakal
maparin rezeki ka anjeuna tina jalan anu teu disangka-sangka,” (QS. ath-Thalaq [65]: 2-3).

2. Eling ka Alloh Salajengna, sabab legakeun hate teh nyaeta manteng eling ka Alloh anu maha nyiptakeun. Sanes kanten
janten sabab lungsurna katengtereman sareng katenangan hate, dzikir ka Alloh oge janten sabab salametna urang tina
ngareumpak larangan Alloh. Nalika urang geus sapek-pekkeun ngareumpak larangan Alloh, urang bakal emut deui kana
cegahan-Nana. Urang kaburu sieun ka Anjeunnna. Tah justru eta pisan urang pentingna emut sapapaosna ka Alloh dina
sagala rupi kaayaan. Ari eling ka Allohna mah bade ngalangkungan lisan, atanapi ngalangkungan hate. Langkung sae deui
urang emut ka Alloh teh nya lisan nya hate. Jaminan keur jalma eling ka Alloh, tos jelas dina Al-Quran:

‫ َأاَل ِبِذ ْك ِر ِهَّللا َتْطَم ِئُّن اْلُقُلوُب‬Hartosna, “Sing uninga, yen ku eling ka Alloh hate aranjeun bakal tengtrem,” (QS. ar-Ra’du [13]: 28).

3. Tobat sareng Sumerah Diri ka Alloh Tiap jalma tangtosna ngagaduhan dosa. Ubarna nyaeta tobat sanduk-sanduk ka
Alloh. Ibarat urang tos bobolokot kotor terus mandi. Tah eta gambaran jalma anu tobat ka Alloh. Ningal hambana anu tobat,
Alloh kalintang bingahna. Oge sagigireun ti tobat, lamun urang hayang tenang hate teh nyaeta sumerah kana naon nu janten
papasten Alloh. Saena atanapi gorengna. Nanging, sing yakin, sagala rupa perkara anu datang ti Alloh, pasti sae. Goreng
soteh di payunen paningal urang. Mungguh Alloh mah, sakali deui, teu aya gorengna. Teras kumaha deuih jaminan Allah
keur jalma anu tawekal atawa sumerah diri ka Alloh? Dina Al-Quran parantos ditetelakeun:

‫َوَم ْن َيَتَو َّك ْل َع َلى ِهَّللا َفُهَو َح ْسُبُه ِإَّن َهَّللا َباِلُغ َأْم ِرِه‬

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu tawakal ka Alloh, maka Alloh bakal nyukupkeun (kaperluan)-na.” (QS. ath-Thalaq
[65]: 2-3).
Walhasil, dina sagala rupa perkara urang kedah tumarima kana papasten Alloh. Rezeki urang bade seueur saalit kedah
bersyukur ka Alloh. Sabadana ikhtiar anu maksimal, urang kedah sumerah ka Alloh. Pokona dina sagala widang urang kedah
gumantung ka Alloh. Lamun urang atos kitu, tangtu hate urang bakal tenang jeung lega. Sing emut anu matak nyumpekkeun
hati teh nyaeta totojrokna hate urang sorangan. Bingungna urusan sadayana diemutan ku urang, teu dipasrahkeun ka Alloh.
Teu narimana hate kana papasten Alloh. Teu syukurna hate ka Alloh. Nu akibatna urang ngarandapan karugian. Di dunya teu
syukur, teu kaburu ibadah, oge di akherat teu kenging rido Alloh. Kacida rugina.

4. Nungtut Elmu Alloh,

Sidang Jumah anu mulya, peryogi kauninga ku urang sadayana, yen nyiar elmu teh kalebet sabab tenang jeung caangna hate
tina poekna kabodoan. Ku hal sakitu, urang ulah pere tina nyiar elmu Alloh. Katambih nyiar elmu teh mangrupakeun
kawajiban urang paripaos ti mimiti diais nepika dipais harti lebet liang kubur. Sabab, elmu teh cahaya anu bakal
nganteurkeun pemilikna kana jalan kasalametan. Hadirin sadayana,

5. Tulung tinulung jeung Mere Mangfaat ka Papada Jalma , yen jalma anu nulungan bubutuh batur, maka bakal ditulungan
deui bubutuhna ku Alloh. Sing saha-saha jalma anu nulungan kasusah hiji jalma, maka bakal ditulungan kasusahna ku Alloh
dina poe kiamah. Nya ieu pisan anu matak ngondang kabungah hate urang. Bayangkeun ku urang, nalika keur bingung urang
aya nu nulungan. Tah batur oge moal beda ti kitu. Bakal bungah hatena, gumbira atina, nalika ku urang dibantu bubutuhna,
nalika ditulungan kasusahna. Kitu pisan dawuhan Kangjeng Rosul dina hadisna.

‫ َفَّر َج ُهللا َع َّز َو َج َّل َع ْنُه ِبَها ُك ْر َبًة ِم ْن ُك َرِب َيْو ِم اْلِقَياَم ِة‬،‫ َوَم ْن َفَّر َج َع ْن ُم ْس ِلٍم ُك ْر َبًة‬،‫ َك اَن ُهللا َع َّز َو َج َّل ِفي َح اَجِتِه‬،‫َم ْن َك اَن ِفي َح اَجِة َأِخ يِه‬

Hartosna, “Jalma anu nulungan kana bubutuh batur, maka bakal ditulungan bubutuhna ku Alloh. Sing saha-saha jalma anu
nulungan kasusah hiji muslim, maka bakal digampangkeun salah sahiji kasusahna ku Alloh dina poe kiamah.” (HR. Ahmad).

Ku hal sakitu, urang ulah pere nyieun kahadean sareng tulung tinulung ka batur. Sabab, kahadean eta anu bakal balik ka
urang. Pek tulungan batur, sabab Alloh bakal nulungan ka urang nalika butuh. Mudah-mudahan urang kalebet jalma anu
iman jeung takwa oge nu resep tutulung ka batur. Mudah-mudahan di akherat urang kalebet jalma anu bakal ngawaris surga
Firdaus salami-lamina. Amin ya robbal alamin.

‫ َأُقْو ُل َقْو ِلْي َهَذ ا َو َأْسَتْغ ِفُر‬، ‫ ِإَّنُه ُهَو الَّسِم ْيُع اْلَعِلْيُم‬،‫ َو َتَقَبَّل ُهللا ِم ِّنْي َوِم ْنُك ْم ِتَالَو َتُه‬، ‫ َو َنَفَعِنْي َو ِإَّياُك ْم ِبَم ا ِفْيِه ِم َن ْاآلَياِت َو الِّذْك ِر اْلَحِكْيِم‬، ‫َباَرَك ُهللا ِلْي َو َلُك ْم ِفي اْلُقْر آِن اْلَعِظ ْيِم‬
‫َهللا اْلَعِظ ْيَم ِلْي َو َلُك ْم َو ِلَس اِئِر اْلُم ْس ِلِم ْيَن َو اْلُم ْس ِلَم اِت َفاْسَتْغ ِفُرْو ُه ِإّنُه ُهَو اْلَغ ُفْو ُر الّر ِح ِمْي‬

Anda mungkin juga menyukai