Anda di halaman 1dari 2

Mata Pelajaran : Basa Sunda

Kelas : XI IPA -IPS/2


Hari tangga : Selasa, 25 Mei 2021
KUIS Soal : Teks wawacan

Pilihlah jawaban yang paling tepat!


1. Carita atawa dongeng nu ngandung unsur sajarah lokal disebutna ....
A. sage
B. wage
C. mitos
D. babad
E. parabel
2. Puseur dayeuh Sumedanglarang dipindahkeun ti Kutamaya ka Dayeuh Luhur lantaran....
A. aya pituduh ti karuhun
B. ngalegaan wilayah karajaan
C. nyingkahan pangrurug ti Karajaan Cirebon
D. kaayaan taneuh ti Dayeuh Luhur leuwih alus
E. puseur dayeuh Kutamaya geus kurang strategis
3 Karajaan munggaran di Jawa Barat nya eta ....
A. Kawali
B. Galuh
C. Tarumanagara
D. Salakanagara
E. Sunda Sembawa
4 Ieu di handap anu henteu asup kana dongeng babad nya eta ...
A. Babad Galuh
B. Babad Cikundul
C. Babad Sumedang
D. Babad Cijulang
E. Babad Priangan

5. Kolotna nini atawa aki urang disebutna...


A. incu
B. buyut
C. udeg-udeg
D. kait siwur
E. janggawareng
6. Sumur Bandung teh perenahna ....
A. di jalan Braga Bandung
B. di jalan Dalem Kaum
C. di tukangeun pendopo Bandung
D. di tukangeun Mesjid Agung Bandung
E. di tukangeun Kantor PLN Cabang Jabar Banten
7. Ungkara “Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung” ngandung harti ....
A. Kota Bandung jadi puseur dayeuh Jawa Barat.
B. Cai di Sumur Bandung teh loba .
C. Sumur Bandung teh jadi tanda ngadegna Kota Bandung.
D. Sumur Bandung teh anu mere karaharjaan keur rayat Jawa Barat
E. Sumur Bandung teh anu mere karahayuan keur dayeuh katut rayat Bandung
8. Geusan Ulun ka Sintawati teh perenahna.....
A. nini
B. buyut
C. udeg-udeg
D. janggawareng
E. kait siwur
9. Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh nu ngadegkeun karajaan ....
A. Sunda
B. Galuh
C. Kawali
D. Pajajaran
E. Salakanagara
20. Nepi ka maotna, urang Sumedang euweuh anu apaleun di mana tempatna. Ngan cenah, Aki Sayang
Hawu teh sabenerna mah teu maot , tapi tilem di Kabuyutan Dayeuhluhur. Nepi ka kiwari tempat paragi
tilemna loba anu ngajarahan, ngan aya pantanganana, ulah make batik motif Jawa atawa motif Cirebon.
Kecap tilem sasaruanan nya eta....
A. aya
B. maot
C. leungit
D. nyampak
E. arapaleun

Anda mungkin juga menyukai