Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum wr.wb.

Alhamdulillah wani matillah. Wasyukurillah wala haula wala kuata illabillah (amma ba'du)

Puja sinareung puji kagusti anu maha suci. Allah robbul ijjati

Syukur ka allah anu maha gofur. Anu parantos maparinan nikmat panjang umur, aman makmur ieu
lembur, tur muga2 masyatakatna jalalujur.

Aaminn ya robbal aalamiin

Kalayan disareungan ku palindung tur pitulung ti manteuna, urg sadaya tiasa riung kpel di ieu masjid din
kaayaan sehat wal afiat.

Alhamdulillah

Teu hilap solawat sinareung salam muga salamina dilimpah curahkeun ka jungjungan urg sadayana,
habibana wanabiana muhammad SAW. Ka kulawargina, ka pasa sohabatna, ka tabiin tabiatna, oge muga
dugi ka urg sadaya salaku umatna.

Aamin ya allah yarobbal aalamiin

Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun ka pihak penyelenggara nu parantos masihan waktos
kanggo simkuring ieu dipayun nyarios. Salaku perwakilan ti karang taruna ranting 12 desa mekarjaya.

Anu saterasna anu kusimkuring dipikahormat

Bapa ketua DKM sareng jajaranna

anu kusimkuring dipikahormat Bapa mubalig

anu kusimkuring dipikahormat Rengrengan kepamarentahan kaRWan 12

anu kusimkuring dipikahormat Para sesepuh tokoh masyarakat

Teu hilap anu kusimkuring dipikahormat para bapa para ibu pemuda pemudi sadayana nu kersa hadir
dia ieu acara dina rangka memperingati isra mirajna kanjeung nabi muhammad SAW. Muga kagiatan urg
ieu d janteunkeun amalan soleh, tiasa ningkatkeun kaimanan urg sadaya. Tiasa ningkatkeun kacintaan
urg ka rosullalah tur ningkatkeun kacintaan urg k sesama.

Aamin ya robbal aalamiin.

Alhamdulillah bapa ibu sadayana dina saaih ayeuna. Karang taruna ranting 12 parantos 3 sasih
diajegkeunnana. Simkuring sareung rengrengan ngahaturkeun nuhun ka para sesepuh tokoh masyarakat
sareung ka rengrengan pemerintahan, pa rw pak rt sadyana nu parantos ngadukung tur ngabimbing
barudak karang taruna. Naha kusimkuring tdi disebat barudak, da emng tujuan utamana di ajegkeuna
oge karang taruna teh hoyong ngagabungkeun pamuda pamudi rw 12 dina kegiatan anu insaya alaah
positif.

Kumargi kitu simkuring sareung rengrengan nyuhungkeun dukungan sareung dorongan ti bapa ibu
sadayana, anu khususna ngagaduhan murangkalih kanggo ngiring gabung kana kagiatan karang taruna.
Ku kituna, ka para warga sadayana, khususna pamuada pamudi di ka RWan 12. Hayu urg sasarengan
babareungan ningkatkeun ieu lembir ngajaga ieu lembur. Da pami sanes ku urg kusaha deui. Pami sanes
ayeuna bade iraha deui.

Sareung muga2 kagiatan2 irg dina karang taruna teh dicatetkeun janteun amalan soleh kanggo urg
sadayana. Aamin y robbal aalamiin

Teu karaos berjalana waktos. Sakali deui simkuring ngahaturkeun nuhun ka penyelenggara parantos
maarina waktos kango simkuring nyarios. Sanajan rada nyorocos kan daripada ngaharewos seeur anu
teu ka aos.

Simkuring nyuhungkeun hapunteun dina ieu istilahnamah sambutan teh aya pribaos kirang nyusun
dauna kirang entep sereuhna, oge jangal tina bahasana. Hapunteun kalayan simkuring sanes ahlina.

Panutup catur pamungkas carita. Ahiru kalam wabillahi taufik walhidayah

Wassalamualaikum wr wb

Anda mungkin juga menyukai