Anda di halaman 1dari 1

Assalamalaikum Wr.

Wb

Sabadana nyanggakeun tahiyatul islam

Puji sinareung syukur urang sami-sami panjat keun ka dzat nu maha Gofur Allah Taala, nu parantos
maparin nikmat kaurang sadayana, sahingga urang tiasa riung mumpulung dina ieu tempat, mugia
allah maparin kaberkahan ka urang sadayana.

Solawat sinareung salam mugia salamina tercurah limpahken ka baginda Alam habibana wanabiyana
muhammad saw, katut kakaluagina, ka para sohabatna, ka para tabiin tabiiatna, dugi ka para
umatna, mugia ku ngalangkungan ieu acara urang ka angket umat mantenna, amiin

Pengatur waktu pembawa acara ku simkuring dipihormat, mugia Allah ngamulyakeun

Para alim ulama, asitid wabilkhusus pangerta kasepuhan tipalih lebat, kasepuhan ti palih tongoh
sareng pangersa kasepuhan ti cilawa nu sami-sami ku simkuring dipihormat, mugia Allah
ngamulyakeun

Pangersa nu sengaja di ulem kersana ustad… nu kusimkuring dipihormat, mugia allah mulyakeun

Para aparatur pemerintahan nu kusimkuring di pihormat

Para bapa para ibu nu te tiasa disebatan hiji-hiji nu sami-sami ku simkuring dipihormat,

Sateacanna ngalengkeun kana sepatah dua patah sambutan wawakil ti panitia peringatan hari besa
islam di pedalkenna kangjeng nabi Muhammad SAW, simkuring romaos jalmi biasa nu te luput tina
dosa, nyuhunken hela di hapunten ka para ibu bapa sadayana, tina dosa perdosaan nu alit anu
angeung, anu dhohir anu batin, anu karaos sareng nu te karaos, dunia akhir, mugi keresa
ngahapuntennana, .. haturnuhn, atuh sawaleurna pami aya ti bapa/ibu, tapi mun dikira-kira mah
moal aya, simkuring dengan dua tangan terbuka ngahapunten ka sadayana.

Para hadirin rohimakullah, simkuring ngawakilan panitia maulid nabi muhammad saw, kahiji
haturnhun rewu nuhun kapara ibu para bapa anu parantos ngaluarkan sagala rupi pangorbanan boh
hartana, tanagina, emutan, atuh mudah-mudahan naon wae anu parantos dikorbankan ku para
wargina sadayana, Allah maparin ganjaran kasadayana, atuh nu ngaluarkan hargana mugi Allah
ngabales ngalipat-lipat, digampilkan kana pakasabannan digampilken milik rizqina, kitu deui anu tos
ngorbanken tanagina sareng emutanna mudah-mudahan allah maparikn ganjaran nu berlipat-lipat
ka urang sadaya, ku berkahna ieu riungan mudah-mudahan anu nuju te damang Allah ngangkat
panyawatna, anu dina nju kaayaan susah, mugi allah ngangkat kasasuhanna ngagentos kana ka
mudahan, amin ya robal alamin.

Saterasna simkuring atas nami panitia nyuhunken di hapunten, tina sagala kakirangan dina
pelaksaan ieu acara, baik dina tuang leetna, dina tempat sareng nusanesna, da sakei buktosna, mugi
para ibu para bapa wabilkhuhus nu diulem, mugi tiasa ngahapuntenna.

Simkuring ngaraos bingah, sanaos seer kakirangan, tapi alhamdulilah ku kakampokan sareng ka
istiqomah para wargi sadayana wabil khusus qoriah musholla attaqwa, sehingga terlaksana ieu
acara, mudah-mudah tiasa mempertahanken kakompakanna, nguatkeun ukhuwah islamiyah sareng
istiqomah tina kasaeuanna.

Kitu nu tiasa di pihatur, hapunten pami aya kalepetan, leresna ti Allah SWT, lepatna eta sama-mata
kabodoan simkuring, Wabillahitoufik walhidayah, wasallamualaikum wr. wb

Anda mungkin juga menyukai