Anda di halaman 1dari 2

ASSALAMU’ALAIKUM WR.

WB
Nu di pihormat,hadirin wal hadirot,anu alhamdulillah dina waktos ayeuna aya
dina haflah mubarokah anu mudah-mudahan di mulyaken ku allah aamiin.
Ngahaturkeun ka pangatur waktos anu parantos maparin waktos kanggo
simkuring cumarios dipayuneun para hadirin sadayana.
Sagala puji urang sanggakeun ka Alloh anu tos maparin nikmat anu pang ageung
na buktosna nikmat iman & islam, teu ka kantun sholawat sinareng salam urang
sanggakeun ka panutan alam nyaeta kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Para hadirin & hadirot hormateun simkuring ka papancenan ti pun guru,seja bade
diajar cumarios dipayuneun para hadirin sadaya na sanes parantos tiasa,mung
dina raraga diajar bilih dina cumarios simkuring seer lepat na ku kitu na sing
ageung hapunteun na.
Hadirin rohimakumulloh
Kanjeng Rosul nguningakeun dina sapalih hadits

Hartosna:saha jalma anu hijrah,maksad tujuan bade milari ilmu,maka eta jalma
bakal di hampura sateuacan ngalangkahna.
Hadirin rohimakumullah
alhamdulillah hakekatna ku allah syareat urang tiasa masaken hadir dina raraga
bade milari ilmu da lamun ningal ka wegah mah matak pami ibu-ibu meuning
keneh ningali hanca sinetron pami bapa-bapa ninngal sepak bola,tapi
alhamdulillah urang tiasa dina ieu tempat sing janten wasilah urang di hapunten
sagala rupi dosa anu karaos sareng teu karaos,mung kade bu,pa niatan urang dina
manah kedah istuning lillahitaala ulah karna pipiti atanapi anu sanesna,upami
urang di niatan seja karna allah linggihna dina ieu tempat upami aya nu hnt
kabagean pipiti moal ambek-ambekan,lereus bu?
Simkuring kirang langkung tilu sasih ku pun biang sareng pun bapa di hijrahken k
pesantren te aya sanes kanggo hoyong kengeng elmu manfaat,pidoana ti para
hadiriin simkuring sing tiasa sabarna,margi di pesantren mah seer pisan
cocobina,tapi alhamdulillah sok sanaos kitu karaosna ku sim kuring nikmat,linggih
di pesantren seer rerencangan tiditu tidie anu rupi2 watekna oge mudah-
mudahan simkuring sing hasil maksad nyaeta kengen elmu anu manfaat aamiin ya
Allah ya robbal alamin.
Hadirin rohimakumullah
Tikawit dugi ka akhir di cekapken sakie,hapunten bilih kalepatan nu leresna eta
lungsurna ti Allah nu lepatna istuning kabodoan simkuring .
Akhirulkalam assalamualaikum wr wb

Anda mungkin juga menyukai