Anda di halaman 1dari 1

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamua’laikum  Warohmatullohi  Wabarokatuh

Allohu Akbar 3x, Allohu Akbar Kabirowalhamdu lilahi katsiro. Wasubhanallohi bukrota wa asila. Laa Ilaha Illalohu wahdah,
sodako wa’dah, wanasoro abdah, , Wa a’azza jundah, wahazamal ahzaaba wahdah, Lailaha Illaloh wallohu akbar. Allahu
akbar walilahilham.

Allhamdulillahirobbila’lamin, wassolatu wassalamu alaa asyrofil anbiyaai walmursalin, waalaa alihi wasohbihi ajmain. Amma
Ba’du..
Langkung ti payun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Hadirat Allah SWT anu parantos
maparin mangpirang2 kani’matan ka urang sadayana, Sholawat miwah salam mugia dicurahlimpahkeun ka jungjunan urang
sadayana habibana wanabiyana warosulana kangjeng nabi Muhammad Saw, teu hilap ka kulawargina, ka para sohabatna, ka
para pengikutna, tug dugi ka urang sadayana salaku umat mantena anu turut tumut kana ajaran mantena dugi ka yaumal
qiyamah.

Alhamdulilah wasyukru ala niamilah, kalayan kudrot tur Irodatna Alloh SWT, urang sadayana tiasa riung mungpulung,
pamprok jonghok,patepang wajah di haflah mubarokah ieu, dina raraga syukur ka gusti alloh ku tiasa ngalaksanakeun sholat idul
Adha 1440 H, saba’da urang sadayana ngalaksanakeu soum sunat ti antawis kaping 1 dugi kaping 9 dina sasih dulhijjah
dipungkas ku meuncit qurban kalayan ihlas hate ngaharep magfiroh alloh SWT. Sasih dulhijjah mangrupikeun sasih pamungkas
dina tahun ieu, mudah-mudahan sagala rupi amal kasaean urang sadayana aya dina panampian Alloh SWT, Amiin.
Hadiriin walhadirot Rohimakumulloh.dina kasempetan Dinten Idul adha ieu, urang silih bebaskeun tina dosa
perdosaan, urang silih hampura papada urang, ulah geuneuk maleukmeuk , tapi kudu caang bulan 14 jalan gede sasapuan,
beresih silih hampura. Ngaharep rido alloh SWT.
Hadirin walhadirot rohimakumulloh anu ku sim kuring dipihormat, dina kasempetan ieu sim kuring atas nami
pengatur acara oge atas nami ketua RT oge atas nami keluarga, seja nyuhunkeun dihapuntn ka ibu bapa sadayana oge para
wargi tina sagala rupi kalaepatan anu karaos anu teu karaos, anu dihaja anu teu dihaja oge, tina cariosan, sikep oge tingkah laku
sim kuring anu tangtosna panginten seueur kakirangan, kalepatanana, sakali deui nyuhunkeun dihapunten. Kinten2 bade
ngahapunten ka sim kuring? Hatur nuhun, sawangsulna ti sim kuring pami aya kalepatan, dosa perdoasaan ti ibu, bapa
tangtosna sim kuring ngahapunten pisan.
Hadirin sadayana supados ulah nyangkolong kana waktos. Dupi rangkaian atanapi susunan acara ti kawit dugi ka
akhir anu baris didugikeun teeh
Acara anu ka -1 sareng ka 2 nyaeta Pembukaan sakaligus hadiah/doa ka ahli kubur, anu dina kasempetan ieu digarap ku sim
kuring, salajengna
Acara anu ka 3 sareng ka 4 uraian hikmah idul fitri sakantenan oge imam shalat idul fitri anu baris didugikeun ku kersana ketua
DKM nyaeta kersan bapa aang saepuloh salajengna
Acara ka -5, khutbah idul fitri anu baris didugikeun ku kersana bapa ade kamaludin.salajengna
Acara terakhirna, Musofahah.

Hadirin walhadirot rohimakumulloh, eta rupina runtuyan acara anu baris dipedar , sim kuring atas nami pengatur
acara,nyuhunkeun dihapunten tina kakirangan oge kalepatanana, kalayan ditutup ku doa robbana aatina…….. wasamu’alaikum
Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai