Anda di halaman 1dari 2

Kagiatan Ekstrakurikuler

Ekstrakurikuler nyaeta kagiatan anu dilakukeun ku siswa sakola atawa universitas di luar jam
belajar standarna kurikulum. Kagiatan-kagiatan iyeu aya di tiap jenjang pendidikan ti sakola
dasar sampe universitas. Kagiatan ekstrakurikuler ditujukeun supaya siswa kersa
ngembangkeun kapribadian, bakat, sareng kamampuan di unggal bidang diluar bidang
akademik.

Kagiatan iyeu diayakeun secara swadaya ti pihak sakola oge siswa siswi nyalira kanggo
ngarintis kagiatan di luar jam pelajaran sakola.
Kagiatan ti ekstrakurikuler nyalira kersa bentukna seni, olahraga, pengembangan kapribadian,
sareng kagiatan lain nu gaduh tujuan positif kanggo kamajuan siswa sareng siswi nyalira.

Dina waktos ayeuna kagiatan ekstrakurikuler dikenal nyaeta kagiatan tambahan pelajaran anu
sesuai sareng pelajaran anu dihoyong sareng katulis dina daftar kagiatan ekstrakurikuler.
Kagiatan ekstrakurikuler biasana disayagikeun dugi sonten dimana siswa sareung siswi
parantos teu aya pelajaran wajib deui di kelas, teras kagiatan ieyu dimulai parantos uih
sakola. Manfaat tina kagiatan ekstrakurikuler kersa dikaitkeun sareung kanggo nambah nilai
anu kurang dina mata pelajaran nu dicandak, kanggo ngembangkeun bakat siswa sareung
siswi, sareng oge janten sarana pangulinan nu dikadeudeuh ku siswa sareung siswi atawa
janten sarana pangulinan sinareng belajar.

Kagiatan ekstrakurikuler salami iyeu ditujukeun ka murid-murid nu sakola di sakolaanna.


Dina kayaan kagiatan iyeu, kagiatan belajar ngajar oge kanging makin lancar sareng supaya
nambah wawasan anu leuwih dibandingkeun dikelas. Kagiatan ekstrakurikuler diwajibkeun
ka siswa siwi sadayana disakolaan eta.

Manfaat, fungsi, sareng tujuan diayakeunna kagiatan ekstrakurikuler disakola sareung di


kampus nyaeta kanggo wadah nyalurkeun hobi, minat sareng bakat kanggo siswa atawa
mahasiswa anu positif kanggo ngasah kamampuan, dara kreativitas, jiwa sportifitas,
ningkatkeun rasa percaya diri, sareng anu sanesna.

Dihandap iyeu contoh nama-nama ekstrakurikuler anu umumna aya di institusi pendidikan
formal, nyaeta:
A. Ekstrakurikuler / Ekskul Olahraga :
– Sepak Bola
– Bola Basket
– Bola Voli
– Futsal
– Tenis Meja
– Bulutangkis
– Renang
– Billyard
– Bridge
– Fitnes
B. Ekstrakurikuler / Ekskul Seni Beladiri :
– Karate
– Silat
– Tae Kwon Do
– Gulat
– Tarung Drajat
– Kempo
– Wushu
– Capoeira
– Tinju
– Merpati Putih
C. Ekstrakurikuler / Ekskul Seni Musik
– Band
– Paduan Suara
– Orkestra
– Drumband / Marchingband
– Akapela
– Angklung
– Nasyid
– Qosidah
– Karawitan
D. Ekstrakurikuler / Ekskul Seni Tari Dan Peran
– Cheerleader
– Modern Dance / Tari Modern
– Tarian Tradisional
– Teater

Anda mungkin juga menyukai