PERSAHABATAN
Di bumi Fahri
Assalamualaikum..
Farel : "Mangga ka jero, eh loba babaturan. Puntennya ieu imahna sempit kieu."
Ruli : "Ah sarua wae. Punten oge ieu jadi ngarepotkeun rani."
Fahri : "Ah teu kunanaon malah mah urang resep maraneh ulin ka imah urang jeung
hayang ninggali karya urang anu laina."
Rian : "Maneh emang hebat ran! Puisi sunda anu kumaneh jieun alus kacida nu dipajang
di mading sakola, loba siswa anu maracana kuat calerik di dinya keneh."
Farel : "Ah, bisa wae maneh ana. Urang ge masih diajar keneh. Karya urang masih eweh
nanaonan lamun dibandingkeun jeung karya sastrawan laina."
Raihan : "Lamun terus di asah, iraha-iraha ge maneh pasti bisa nyaingan sastrawan nu
kakoncara laina ran, urang yakin eta."
Hafiz : "Oh, Heuh urang hayang ningali karya-karya maneh nu laina ran, kajeun?"
Fahri : "Sakalian oge urang hayang belajar kamaneh, supaya nilai palajaran sastra urang-
urang bisa naraek."
Rian : "Urang oge hayang diajarkeun nyieun puisi sunda nu alus supaya engkena lamun
aya ujian sastra urang teu hese-hese amat."
Ruli : "Mangga sok bae. Hayu atuh asup ka kamar urang! Diditu loba karya-karya urang
anu tos disimpeun nu encan di publikasikeun."
Hafiz : "Wah, geuningan maneh jago ngalukis oge nya Farel. Naha heunteu dipajang oge
hasil lukisan maneh di madding sakola? Pasti loba anu rareseupeun."
Fahri : "Sabenerna mah eta lukisan terakhir urang, soalna bapa urang teu reseupeun
lamun ningali urang ngalukis wae. Bapa urang menta supaya leuwih fokus heula ka
sakola soalna lamun ngalukis teh urang mah sok bisa jam-jaman nepi ka poho kana
waktu belajar."
Raihan : "Terus, kumaha lamun karya maneh anu sejena kos puisi jeung karya sastra
anu lain?"
Fahri : "Lamun soal eta, bapa urang teu nyahoeun, sabab lamun urang keur nyieun puisi
atawa sastra laina, bapa urang nganggapna urang keur belajar."
Rian : Terus, Kumaha lamun jeung indung maneh?
Farel : Lamun indung urang mah kajeunen wae, malah mah titah ngembangkeun bakat
jeung minat urang.
Hafiz : Urang ngadenge-denge maneh jago oge maen gitar nya ran?
Fahri : Ah, teu sajago kitu, ngan ukur sering nulis lirik lagu jeung nganyanyikeuna make
gitar karesep urang ieu.
Raihan : Maneh emang hebat ri! Salain jago di sastra, jago oge maenkeun alat musik
gitar.
Faris : Coba atuh nyanyikeun hiji mah lagu ciptaan maneh ran! Urang hayang
ngadengekeun!
Fahri : Urang heunte kitu jago nga-nyanyikeuna. Urang mah ngan saukur nyiptakeun
lirik jeung nyieun arasemen musikna hungkul.
Fahri mulai maenkeun senar gitarna, jeung nganyanyikeun sala sahiji lagu ciptaana.
Babaturana nu lain, ngan ukur ngadengekeuna sabari ngararasakeun suara petikan
senar gitar jeung suara rani nu merdu. Sageus rani beres nyani, sakabeh babaturana
teleleprok kabeh.
Hafiz : Wah, urang jadi hayang diajar maen gitar oge euy.
Rian : Bisa, tapi ulah ayeuna nya? Kan isukan isuk urang aya ujian sakola..
Faris : Lamun kitu, ayeuna urang baralik heulanya ran. Nuhun rani tos nyempetkeun
waktuna.