Anda di halaman 1dari 7

Drama Sunda

Anggota Kelompok:
 Rayhan Imanudin
 Muhamad Rifa Fauzan Firmansyah
 Muhamad Dimas Rizaldi
 Sadewa Bekti Lexa Sapurta
 Satria Kinan Fathan Ghani
 Dika Maulana Pratama

Rayhan Imanudin (peran salaku Rani)


Muhamad Rifa Fauzan Firmansyah (peran salaku Anya)
Muhamad Dimas Rizaldi (peran salaku Zahra)
Sadewa Bekti Lexa Saputra (peran salaku Indah)
Satria Kinan Fathan Ghani (peran salaku Tiara)
Dika Maulana Pratama (peran salaku Fina)
Judul:Duduluran
Rani mangrupakeun sala sahiji siswi di SMA anu boga
bakat tina widang seni, musik jeung sastra. Karya-
karyana sering dipajang di mading sakola jeung kadang
mah sok dimuat di sababaraha koran jeung majalah.
Poe ayeuna Rani kadatangan rerencangana ti sakolana
nu hayangeun ningali karya-karya lain di bumina.

*Di bumi Rani*

Assalamualaikum..

Rani : “Mangga ka jero, eh loba babaturan. Puntennya


ieu imahna sempit kieu.”

Indah :”Ah sarua wae. Punten oge ieu jadi


ngarepotkeun rani.”

Rani :”Ah teu kunanaon malah mah urang resep


maraneh ulin ka imah urang jeung hayang ninggali
karya urang anu laina.”

Anya :”Maneh emang hebat ran! Puisi sunda anu


kumaneh jieun alus kacida nu dipajang di mading
sakola, loba siswa anu maracana kuat calerik di dinya
keneh.”

Rani :”Ah, bisa wae maneh Anya. Urang ge masih diajar


keneh. Karya urang masih eweh nanaonan lamun
dibandingkeun jeung karya sastrawan laina.”

Anya :”Lamun terus di asah, iraha-iraha ge maneh pasti


bisa nyaingan sastrawan nu kakoncara laina ran, urang
yakin eta.”

Zahra :”Oh, Heuh urang hayang ningali karya-karya


maneh nu laina ran, kajeun?”

Indah :”Sakalian oge urang hayang belajar ka maneh,


supaya nilai palajaran sastra urang-urang bisa naraek.”

Fina : “Urang oge hayang diajarkeun nyieun puisi sunda


nu alus supaya engkena lamun aya ujian sastra urang
teu hese-hese amat.”

Rani : “Mangga sok bae. Hayu atuh asup ka kamar


urang! Diditu loba karya-karya urang anu tos
disimpeun nu encan di publikasikeun.”

*Teu lila, rani jeung sakabeh babaturana asup ningali


ka kamar.
Indah : “Wah, geuningan maneh jago ngalukis oge nya
rani. Naha heunteu dipajang oge hasil lukisan maneh di
madding sakola? Pasti loba anu rareseupeun.”

Rani :” Sabenerna mah eta lukisan terakhir urang,


soalna bapa urang teu reseupeun lamun ningali urang
ngalukis wae. Bapa urang menta supaya leuwih fokus
heula ka sakola soalna lamun ngalukis teh urang mah
sok bisa jam-jaman nepi ka poho kana waktu belajar.”

Fina :”Terus, kumaha lamun karya maneh anu sejena


kos puisi jeung karya sastra anu lain?”

Rani :” Lamun soal eta, bapa urang teu nyahoeun,


sabab lamun urang keur nyieun puisi atawa sastra
laina, bapa urang nganggapna urang keur belajar.”

Fina :”Terus, Kumaha lamun jeung indung maneh?”

Rani :”Lamun indung urang mah kajeunen wae, malah


mah titah ngembangkeun bakat jeung minat urang.”

Tiara :”Urang ngadenge-denge maneh jago oge maen


gitar nya ran?”

Rani : “Ah, teu sajago kitu, ngan ukur sering nulis lirik
lagu jeung nganyanyikeuna make gitar karesep urang
ieu.”
Tiara :”Maneh emang hebat ran! Salain jago di sastra,
jago oge maenkeun alat musik gitar.”

Anya :”Coba atuh nyanyikeun hiji mah lagu ciptaan


maneh ran! Urang hayang ngadengekeun!”

Rana :”Urang heunte kitu jago nga-nyanyikeuna. Urang


mah ngan saukur nyiptakeun lirik jeung nyieun
arasemen musikna hungkul.”

Zahra :”Buru atuh Rani, ulah era-era.”

Rana :”Nya deuh, mun kitu mah.”

*Rani mulai maenkeun senar gitarna, jeung


nganyanyikeun sala sahiji lagu ciptaana. Babaturana nu
lain, ngan ukur ngadengekeuna sabari ngararasakeun
suara petikan senar gitar jeung suara rani nu merdu.
Sageus rani beres nyani, sakabeh babaturana
teleleprok kabeh.

Anya :”Wah, urang jadi hayang diajar maen gitar oge


euy.”

Tiara :”Rani, bisa maneh ngajarkeun urang maen


gitar?”

Rani :”Bisa, tapi ulah ayeuna nya? Kan isukan isuk


urang aya ujian sakola.”
Tiara :”Oh enya. Iraha-iraha engke urang ulin deui ka
imah maneh.”

Rana :”Oke, ulah bosen-bosen ulin kadieu.”

Indah :”Lamun kitu, ayeuna urang baralik heulanya


ran. Nuhun rani tos nyempetkeun waktuna.”

Anda mungkin juga menyukai