Anda di halaman 1dari 5

Dina hiji poe, di Kampung Janda Bolong, kedatangan warga anyar.

Aranjeunna pindahan ti kota Bogor


Kampung Cibarengkok, pindah ka Kampung Janda Bolong lantaran hayang nempatan imah titinggalan
indung na Budi atawa Ninina Leo jeng Lea.

Di poe eta, barudak Kampung Janda Bolong keur arulin di imah Kona. Lewih tepatna di imah kolot
angkatna si Kona.

Enuy : Eh maraneh... apal teu, urang boga tatangga anyar siah. ceuk si emak mah pindahan ti kota
Bogor.

Siti : Wah... Pasti imahna aggreng nu ti kota mah

Kona : Ah henteu oge, boa kota na ge kampung sarua jiga kieu

Enuy : Heem bener. da sakeluarga eta teh cicingna di imah almarhumah nini icih. jiganamah eta budak
hiji hijina tea anu ngarantau ka kota

Aceng : ohh.. jadi imah eta te kosong deui ena mah

Idoy : hayu ah urang ajakan ulin budakna, sugan atuh boga budak anu geulis ke urang bogohan haha

Kona : kanu geulis wae maneh mah. Mun ituna geulis ge moal daekeun ka maneh nu jiga rametuk

Idoy : ehh tong salah. Kiye kiye sok disebut kasep ku si Mamah unggal dititah.

Aceng : ahaha anjirrr.. eta mah ngabebenjokeun meh maneh daek dititah

Kona : emang rada pogo sieta mah

Pas barudak ker rame ngobrol, datang si Leo jeung si Lea nyamperkeun barudak eta

Leo : hey barudak, urang bisa gabung teu?

Siti : oh enya sok atuh, naon sih nu henteu jang Aa kasep

Enuy : (merebeja) mne nu kitu disebut kasep?, kasep ti mana na? kasepan keneh si Kona

Siti : (merebeja) mata maneh katarak, nyaho kasepan si Aa tibatan si Kona mah

(Enuy masang benget geleh)

Kona : kadieu A, gabung we

Aceng : Aa pindahan nya? soalna can pernah nempo Aa saacan na

Idoy : calik hela A, maneh mah lain na tawaran hela diuk kalah tatanya (ka s Aceng)

Aceng : eh hh poho. hampura A, sk mangga calik


Kona : hampura nya A, calikna dinu teras kieu

(Leo jeng Lea diuk)

Leo : te nanaon, hapunten nya ngawagel waktos aranjen

Siti : te nanaon A, piguh alurang mah resep

Enuy : maneh mah resep teh da ninggali nu kasep

Siti : bae atuh kali kali, cuci mata

Idoy : eh btw, alurang can kenalan ieu teh

Kona : ohh enya, kenalan heula atuh, namina saha?

Leo : kenalkeun, nami abi Leo Saputra sareng itu Lea Saputri. Alurang kembar teu sairas

Idoy : ohh.. lantesan beda. sugan teh kabogohna

Leo : ahaha nges biasa aing disangkina kitu wae ku batur ge

Lea : Aa tong kitu, te sopan!

Leo : oh enya hilap, hapunten tacan biasa nyarios lemes

Aceng : anjir keren euy.. aing sia di Kampung sebelah mah

Leo : henteu sih, ngan abi jeng babaturan we, da dikeluarga mah nya ngangge biasa lemes da te sopan

Siti : ai Lea sabaraha taun?

Lea : abi, umur na 17, ai maraneh?

Enuy : sami, alurang ge 17 taun. Ngan Lea mah ciga nu cicingeun nya

Lea : ahh biasa we te cicingeun. Ngan karek pendak jdi rada jaga imej hehe

Siti : ah jeng alurang mah tong isin isin, jdi diri sorangan weh

Enuy : heeh tah bener ceuk si Siti

Lea : nya atuh

Te lila, Leo dichat ku Bapana piwarang uih

Leo : eh dak, abi uih tipayun nya, Bapa abi tos ngachat piwarang beberes heula kamar. Soalna tadi pas
nepi langsung kadieu (musik)

Kona : ohh muhun sok atuh mangga, bantosan moal?


Leo : te kedah ngarerepot, tipayun nyaa

Kona, Idoy, Aceng : muhun mangga

Leo : Dek, uih heula cek s Bapa beberes heula kamar

Lea : enya A, kela

Lea:Abi uih heula nya,di piwarang uih ku bapa

Siti:Oke,enjing urang ameng deui nya?

Lea:Sip atur jadwall weh.

Saengges Lea jeung Leo indit,Barudak Kampung Janbol langsung ngarobrol deui

Aceng:Gila anjir ngomongna ayah,Fix etamah orkay

Idoy:Heeh anjir urangmah nyebut na oge babeh paling alus bapa

Enuy:Heeh tah bener nu ceuk si kona

Siti:Pokonamah urang dek balik heula,tunduh hayang sare

Enuy:Heeh jug gera balik da moal di jajapkeun

Sore na barudak kumpul deui di teras imah kona

Kona:Weh.. maneh mawa gitar euy,bisa maenkeunna?

Leo:Nya bisa,matak mawa gitar ge

Aceng:Asik euy beuki rame ieu mah nongkrong teh

Idoy:Heeh euy bisa nyanyanyian resep, bisa ngaluarkeun sora emas nu di sumputkeun

Enuy:Sora maneh mah da emang alusan keneh di sumputkeun di kubur jero jero

Lea:Tong kitu enuy,ke si idoy nyeri hate siah

(lagu lembut tutur katamu)

Siti:Ngariceup woy! palaur kasambet

Lea: Eh a,Lea rek reques lagu ah

Leo:Hoyong lagu naon de?

Lea:Lagu Last Child we a,Karesep ade tea


Leo:Maraneh nyaho lagu eta teu?Urang nyanyi babarengan

Kona:Kabeneran,arurang oge mineung nyanyanyian lagu last child,tapi teu make gitar da te barogaeun

Leo:Hayu gas urang nyanyi bareng

(nyanyi)

Aceng:Geus magrib euy,sholat sholat!

Idoy:Hayu ah sholat heulaa

(skip mesjid)

Leo:Ah.. Berjamaahna oge enggesan tinggal arurang

Saha nu hayang jadi imam

Idoy:Si kona we

Kona:Eh naon ka urang si kaduy nu sok jadi imam mah

Aceng:Tapi kan si aduy na keur euweuh

Aduy:Assalamu'alaikum (nyanyi)

Naon yeuh nu tiis di babawa?

Kona:Alhamdulilah maneh panjang umur,iraha maneh balik?

Aduy:Tadi sore

Aceng:Naha teu ngilu nongki?biasana ge pangsemangatna

Aduy:Heem duh tadi teh kasarean cape teuing ,Ieu saha?

Kona:Ieu babaturan anyar alurang. Leo ti jakarta

Aduy:Oh.. Salken aduy nu pang gantengna (Sasalaman)

Leo:Leo..(senyum)

Idoy:Geus atuh anjir kedeui,hayu urang sholat kaburu isya

Kona:Eh heeh poho. Hayu hayu

(skip sholat)

Anda mungkin juga menyukai