Anda di halaman 1dari 4

PROGRAM PENGUATAN PROFIL PELAJAR PANCASILA (P5)

PALAKU :
● Tim tari
- Siti
- Reina
- Azizah
- Putra
- Raffi
- Riana
● Tim sisindiran
- Vanisa
- Desvita
- Ali
- Fathir

PROLOG :
Di hiji waktu samemeh Magrib Raffi ngajakan ka barudak nu
sejen urang raramean di lapangan.
// backsound ??

DIALOG :
Raffi : Hayu barudak urang kalapangan, urang ulin ulinan.
barudaks : “Hayuu”
Putra : Hayu urang maen Oray-Orayan
barudaks : “Hayu”
// Maen Oray Orayan pake backsound laguna. si Riana anu
katewak, si riama ngomong
Riana : ahk naon urang nu benang teu resep ahk, mending
urang nari weh
// Siap siap posisi tari, backsound mojang priangan, samemeh nari
enggesan si putra ngomong
Putra : Ges ahk nari wae cape, mending lalajo nu ngabodor
// Tim sisindiran masuk, backsound ???

SISINDIRAN

Vanisa ; Pani
Desvita : Lia
Fathir : Ucil
Ali : Ojan

//backsound tetep
// Pani ngomongkeun nu beres Nari jaipong
Pani : Naon sih nu jaipongan teh cararentil pisan, garumelis pisan
ehk Lia dieu, loba nu ngomong nu tadi jaipong geulis cenah
Lia : ah.. nu aya ge geulis jeung gaya keneh urang
Ojan : ehk.. maneh mah sirik wae, percuma gaya diheulakeun ari
tara mandi mah.
hayang ulin ka kota
tapi keur teu boga kendi
ari hayang disebut gaya
tapi tara mandi
hahaha…
Lia : Ari ngitung denyut nadi
Si ara keur erek ngaji
Ceuk saha tara mandi
Sok mandi tapi sakali
Ojan : sarua wae ari kitu mah, maneh mah cumentil
Pani : Naon Sih maneh mah urang ge awewe hayang disebut
geulis
Ojan : Mapay sawah bade ka walungan
Wawasuh wadah dina pancuran
Janten jalma tong sok pundungan
Matak moal aya nu maturan
// ucil datang sabari ceurik
Pani : Aya kutil
Tapi leutik
Eta si ucil
Kadon ceurik
// Ucil didatangan
Lia : Lampu neon bentukna aneh
Kunaon ai maneh..?
Ucil : Meuncit meri nararakit
Boboko wadah bakatur
Lain nyeuri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
Pani : Aya baju meni resep
Hanjakal dibeuli batur
Aya jalma nu di resep
Hanjakal geus ku batur
Hahaha karunya teuing maneh Ucil Ucil…
Lia : Ah keun we ucil, da urang ge teu boga kabogoh tapi urang
kudu…
lamun urang meuli uyah
ulah poho meuli cikur
lamun urang hayang bungah
Ulah poho rasa syukur.
Ojan : Matakna ucil yeuh tong waka mikiran kabogoh, ayeuna mah
pikiran mah masa depan we cing bener heula rek sakola
kamana..?
Ucil : lieur ey.. mikirkeun engke rek sakola atawa gawe…
Lia : rek ngalongok ka bi yayah
ngan teu jadi da geus cager
rek digawe rek kuliah
nu penting mah jadi jelema bener
Ojan : tah eta
Ucil : ka cikampek jeng si ola
balikna jeung si nana
kahayang mah da sakola
bingung kaman manana
Pani : ucil, sakola kamana mana ge, nu penting mah diajar nu
bener.
kabeh : aya sirem ngajalajar
aya dina pepelakan
sok sing getol diajar
utamakeun pendidikan

// beres sisindiran. Backsound adzan Maghrib si Raffi ngomong


Raffi ; Hayu ahk ges magrib urang balik bising di culik ku
wewegombel
// kabehan nangtung ka panggung ngomong
KABEH : Sadinten dua sadinten
Sadinten di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Anda mungkin juga menyukai