Anda di halaman 1dari 21

NASKAH XII MIPA 2

"WAYANG GOLEK GATOTKACA GUGUR"

ADEGAN I

(gugunungan dicabut, kaluarkeun arimbi, kresna, gatotkaca jeung bima)

Kacarios di pasanggrahan randuwatangan, tempat kemahna arya bima, anu dina danget ayeuna
kasumpingan sri maha prabu batara kresna. Anu maksad bade nyawalakeun katangtosan perang
baratayuda

Kunira mangsa ngandika, kawedaling lisan mekaten, pengandikanepun leuyeuk geudeuh atra lan
pertela, perbawa tina wibawa lan komara, ngandika

Arimbi: bagea sasumpingna raka batgara, kalayan tansah diajeng-ajeng, tumorojog tanpa laratan taya
hibar ti anggalna. Nyanggakeun sembah pangabaktos ka hunjuk panjenengan Kalayan aya pikersaeun
naon raka batara?

Kresna: eit yahahahahahaha kieu yayi, saperkara akang teh sono, lantaran ti kawit dimimitianna perang
jayawinangun perang baratayuda urang teh hese riung mungpulung Malihan saprak paman sangkuni
euyah-euyahan ti beulah wetan, dina lalakon jayadrata gugur, ngajak perang teh diteruskeun nepi ka
peuting

Arimbi : diteraskeun dugi ka wengi?

Kresna : timbalan yayi

Arimbi : lajeng, lajeng, lajeng saha nu bakal jadi senopati agung pamanggul jurit ti pihak kurawa?

Kresna : anu bakal jadi senopati agung pamanggul jurit ti pihak kurawa teh lintang ti karna pisan yayi.

Arimbi : wadipati karna?

Kresna : timbalan

Arimbi : lajeng, lajeng, lajeng saha nu bakal jadi senopati agung pamanggul jurit ti pihak pandawa?

Kresna : deudeuh yayi, akang teh pada-pada kadieu oge sabenerna mah heurin ku letah. Rek dibejakeun
bisi kumaha onam, teu dibejakeun da ieu teh geus jadi katangtosan, hasil gempungan sareng para
kadang pandawa. Anu bakal jadi senopati agung pamanggul jurit ti pihak pandawa teh nyaeta
gatotkaca!!!

Kaget tunira hing kang hamidangu


Kaayaan dina waktos ayeuna, arimbi ngahuleng ngaraga meneng olohok ngembang kadu, bingung nu
teu manggih tungtung susah manah nu taya sudana. Saprak ngadangu kasauran ti maha prabu batara
kresna

Arimbi : gatotkaca, deudeuh anaking anak ibu, salira teh meunang munjung-munjung tinu maha agung,
muja brata tinu maha kawasa, muja semedi tinu maha suci. Eukeur mah eukeur salira teh dina mangsa
umur tilu taun kaleungiteun mangsa bubudakeunnana, kari-kari ayeuna geus nincak kadewasaan salira
teh kudu mangkat ka pangperangan, deudeuh anaking anak ibu. Naha teu bisa digantian kunu sejen raka
batara?

Kresna : wayahna yayi, gatotkaca teh geus disumpah satria. Anu ngaran-ngaran satria, teu meunang
ngeclakeun cimata sakumaha meunang peristiwa. Baheula gatotkaca disaksian ku sakabeh hamba
rahayat. Toh pati jiwa raga, heug nyawa kadieukeun kasalametan. Tega ngocorkeun getih demi
kapentingan bangsa jeung nagara. Jadi kumaha yayi, aya idin keur si gatotkaca?

Arimbi : moal raka batara.

Kresna : kumaha yayi?

Arimbi : moal raka batara, kolot naon kasebutna nu negakeun pati ka budakna. Leuheung basa mun
salamet, palebah kajantenan keris manjing warangka, saha nu bakal tanggung jawab kana ieu perkara.

Kresna : emh... cilaka, sing emut yayi, mangkatna gatotkaca ka medan perang teh lain keur kapentingan
pribadi, mangkatna gatotkaca ka medan perang teh demi kaamanan jeung katingtriman balarea. Dina
kajadianna gatotkaca nemahan pati tumekaning perlaya dina ieu perang jaya winangun, perang
baratayuda oge gatotkaca teh bakal dicatet dina sajarah, bakal seungit ngatanna sapanjang jaman.

Kaayaan dina waktos ayeuna arimbi ngahuleng ngaraga meneng, bingung nu teu manggih tungtung
susah manah nu taya sudana. Laju arimbi ngaleos tanpa permios.

Bima : (ngagerem) mmmmmmmmmmmm

Kresna : yayi arya. Kumaha yayi arya?

Bima : aing nu bakal mutuskeun kana ieu perkara.

Kresna : kumaha yayi arya?

Bima : arimbi pamajikan aing, gatotkaca anak aing. Sagala rupa anu ngarandapan kulawarga aing, aing
nu bakal tanggungjawab. Aya idin keur si gatotkaca pikeun mangkat ka pangperangan.!!!

Kresna : kumaha yayi arya?

Bima : aya idin ti aing.!!!

Kresna : sakali deui yayi arya, memeh akang ketrok palu.


Bima : idin aing, gatot aya idin ti aing tot.

Kresna : eitz, gatotkaca meunang idin, gatot kaca meunang idin pikeun jadi senopati agung pamanggul
jurit.

(hidup gatotkaca.!!!)

Kresna : gatotkaca, kahareup gatotkaca !!!

(Gatotkaca pindah rada hareup)

Kresna : gatotkaca, parantos kadangu naon rupi kasauran?

Gatotkaca : parantos uwa.

Kresna : kumaha ceunah gatotkaca?

Gatotkaca : parantos aya idin pikeun kaula mangkat ka pangperangan.

Kresna : parantos sanggup gatotkaca?

Gatotkaca : parantos uwa, toh patijiwa raga kasanggakeun demi kapentingan bangsa jeung nagara.
Kaula tega ngocorkeun getih demi kasalametan bangsa jeung nagara. Balungbang timur jalan gede
sasapuan.

Kresna : nanging sakedap gatotkaca, aya nu kedah didugikeun ku uwa.

Gatotkaca : cekap uwa.

Kresna : sakedap gatotkaca.!

Gatotkaca : cekap uwa, kaula parantos surti, kaula parantos ngarti kana sagala rupi hal perang
baratayuda!!!

Kresta : gatotkaca.!!!

Gatotkaca : cekap uwa, pileuleuyan uwa.!!! (kaluar gatotkaca)

Kressa : luar biasa gatotkaca kasumangetannana. Yayi arya (bari ngalieuk ka bima) geura tuturkeun
gatotkaca, bisi aya siku siwulung wulung, galagahkancana, maung ngamuk gajah meta!!! (kaluar kresna)

Bima : moal diisuk pagetokeun (kaluar bima)

ADEGAN 2

(Kaluar Cepot)
Cepot : aduh iyeu heuh mani capek kieu

Catrik 1 : capek teh tas timana atuh kang?

Cepot : biasa bisnis

Catrik 1 : bisnis naon ?

Cepot : biasa etah ngitungan beas

Catrik 1 : atuh mahade beas sakitu loba na diitungan kang

Cepot : heuh baelah biasa jama pengangguran

Catrik 1 : euhh akang mah oon

Catrik 2 : heuh geus gandeng naha ngaromongkeun bisnis, sugan urang teh keur bisnis!

Cepot : ouh heueh hampura.. hampura.

Aya acara naon iyeu teh rarame kieu?

Catrik 2 : akang teu nyaho?

Cepot : teu

Catrik 2 : rarame kieu teh keur aya praktek Bahasa Sunda nyaeta pagelaran Wayang Golek

Cepot : Pagelaran Wayang Golek?

Catrik 2 : heueh

Cepot : anu acarana aya di SMA nu di Kuningan tea?

Catrik 2 : heueh bener

Cepot : sakola nu di Garawangi

Catrik 2 : nah nya

Cepot : anu kepala sekolah na pinter?

Catrik 2 : nah heueh

Cepot : anu kepala sakola na kasep?

Catrik 2 : nah bener pisan, saha cing kang?

Cepot : teuing
Catrik 2 : ihh goblok, dikira teh apal

Cepot : saha eta kepala sakola teh? amun nteu salah mah etateh papih H. Indra Gunawan Suryono S.Si

Catrik 2 : tah si apal

Cepot : heuh eta aya bejamah kasep, pinter

Catrik 2 : jelas atuh

Catrik 1 : ntos cekap cekap isin aya jalmi na

Cepot : aduh mana iyeu jalmina?

aduh hapunten bapak kepala sekolah Papih H. Indra Gunawan Suryono S.Si iyeu mah punten sanes abdi
tumawantun bapak manawi iyeu mah manawi aya artos tiis mah nyelang heula saratus

Catrik 1 : ahh ntos cekap isin ku bapak kepala sekolah

Cepot : Ges ahh cicing iyeu teh keur neangan tatambaheun.

Sakola mana iyeu?

Catrik 1 : SM NegeriA 1 Garawangi

Cepot : SMA Negeri Garawangi, sakola anu pangalus na berprestasi tea? eta sekola teh aya bejamah
alus, sakola teh barudak na palinter. Tapi kadang saya mah sok bingung ari budak sakola ayeuna
komodeui barudak awewe eta biwir kalah barereum,panon harideng,bujur di montok-montokeun
etateh nanaonan?

Catrik 1 : ulah kitu ah cekap-cekap lah isin.. isinn

Cepot : heuh, ari budak sakola mah hiji disakola teh neangan elmu bener?

Catrik 1: bener

Cepot : dua eta budak sakola teh neangan pengalaman, bener?

Catrik 1 : bener

Cepot : tilu ari sakola teh neangan babaturan, etamah ngges karuhan bener.

Catrik 1 : bener kang

Cepot : heuh ari ningali budak sakola ayeuna nu ngaranna awewe heuh, biwir eta dibereuman, baju
diletik-letikeun heuh siga nu kakurangan bahan bae.

Catrik : jeh ulah kitu ulah kitu isin..isin


Capit : heuh eta suku, bitis ditembong-tembongkeun, kuku dipanjangkeun pedikyur di kutek sagala heuh

Catrik : jehh si akang mah ari ntos..ntos

Catrik 2 : trus eta kumha atuh kang mantan si akang teh si ayu tea?

Cepot : saha?

Catrik 2 : eta anu semok tea, kan modelanna jiga kitu si akang mah

Cepot : siga Kumaha?

Catrik 2 : eta nu bujur na semok

Cepot : terus?

Catrik 2 : eta anu dadana dikaharep-harep keun, anu lempang na gutat-gitet

Cepot : heuh, naon sia wawanian kitu yeuh. Geus ayeunamah didieu boga lagu siga laguna Doel
Sumbang anu judul na Runtah, eta lagu sarua ngomongkeun biwir alus jeung panon na aralus

Catrik 1 : musikan atuh kang

Cepot : iyeu teh ek di setel moal?

Penonton : setel

Cepot : setel moal?

Penonton : setel

Cepot : sakali deui memeh akang ketrok palu, setel moal?

Penonton : setel

Cepot : okey, musyrikk

Catrik : naha atuh kang , kalah kana musyrik sagala

Cepot : ouh heuh atuh salah, musikkk

(Setel Lagu Runtah)

Cepot : Panon na alus irung alus biwir alus

Ditempo ti harep ti gigir meni mulus

Nang hanjakal pisan kalakuan siga ...


Catrik : Dalang

Cepot : saha eta? Wawanian kitu

Catrik : teuing kang

Cepot : saha maneh ngomong kitu, ulangi lahh

Panon na alus irung alus biwir alus

Ditempo ti harep ti gigir meni mulus

Nang hanjakal pisan kalakuan siga ...

Mana eta geura tembalan?

Catrik : tadi titah cicing si akang mah

Cepot : ehhhh dengekeun heula jiga kieu

Ditempo ti harep ti gigir meni mulus

Nang hanjakal pisan kalakuan siga setan

ngarti?

Catrik : ngarti kang

Cepot : cik ulangi,

Nang hanjakal pisan kalakuan siga?

Catrik : .....(cicing Bae)

Cepot : jehhh sia mah ulangi,

nang hanjakal pisan kalakuan siga...

Catrik : setan

Cepot : nah cik, ku urang benerkeun

(Setel deui lagu Runtah)

Cepot : Panon na alus irung alus biwir alus

Ditempo ti harep ti gigir meni mulus


Nang hanjakal pisan kalakuan siga ...

Catrik : SETANNN

Cepot : geus lah aing mah erek balik bae balik

Catrik : naha bet pundung kang?

Cepot : eta catrik meni eweuh nu baleg pisan

Catrik : ouh heuh hampuran atuh kang

Cepot : heuh naha nyebutkeun setan na kalah tarik teuing

kanu didieu? noga nyawa sabaraha didinya wawanian kitu

Catrik : biasa we iyeu mah keur iyeu

Cepot : maneh mah tingali era atuh ku penonton. Urang we iyeu mah nu nyanyi catrik mah cicing

Panon na alus irung alus biwir alus

Ditempo ti harep ti gigir meni mulus

Nang hanjakal pisan kalakuan siga setan

Gunta ganti jalu teu sirik na unggal Minggu

Catrik : eup.. eupp era atuh kang

Cepot : Tah penonton tina lagu etateh urang bisa nyokot loba elmu heuh. Hiji panon na alus, irung alus,
biwir alus ditempo ti harep ti gigir meni mulus. Nang hanjakal naon heuh eta sarua siga jaman ayeuna,
penampilan aralus jang naon? ari lain jeung hayang ditembongkeun ka lalaki doang. Ari geus
dilecehkeun mah naon? bebejana pelecejan seksual heuh eta jaman ayeuna. Biwir di bareureuman,
Panon diharidengan sugan alus ari kitu teh? Ari kitu teh siga naon..

Catrik : siga naon?

Cepot : teuing, geus lah ayeunamah nu didieu sadayana budak sakola ayeunamah pokus belajar sakola
teh moal lila, nikmati kahirupan disakola, ari ngaran-ngaran sakola teh

aya nu merebeja mah masa-masa endah Komo deui masa putih-abu. Ntos ah ayeunamah saya erek
pamit undur diri bae, hapunten mun aya kasalahan, nuhunkeun dihapunten pisan.

Dawala : A geura balik

Cepot : ehh eta si Dawala geus ngageroan geus moal bener, balik heula ah Assalamualaikum

(Kaluar Cepot)
Kaayaan dina waktos ayeuna, gatotkaca nuju tatan-tatan angkat ka pangperangan.
Kasumangetannana ngagedur lir seuneu nu keur meujeuhna ngalentab. Kitu kaayaanana.

(Kaluar Gatotkaca)

Gatotkaca : Saban saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng
kabandungan masa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu reureuh-
reureuh, da geuning anu bakal karasa mah anging kadar ti Allah SWT, manusa kadar rencana, Kabul aya
tinu maha agung, laksana aya tin maha kawasa (Kaluar Cepot)

Cepot : agan, euleuh nyanggakeun sembah pangabaktos agan.

Gatotkaca : diterima pot.

Cepot : hawatos agan, bisi leungit dibawa perang mah dompet teh

Semar : jang, ulah heureuy teuing jang, keur genting ieu teh

Gatotkaca : pidu'ana wa, dina nyanghareupan pasukan kurawa teh kaula bakal ngerahkeun pasukan
garudamaya, pasukan nu tan katingali, pasukan nu teu katempo.

Semar : eh sae agan sae.

Cepot : kadenge ku maneh dawala, juragan gatotkaca rek mawa pasukan jurig cenah.

Dawala : pasukan garudamaya a

Cepot : enya pasukan garuda food.

Semar : jang, cicing jang, tong hareureuy teuing.

Gatotkaca : kaula rek mangkat wa, pileuleuyan uwa, cepot, pidu'ana pot. (kaluar gatotkaca)

Cepot : kantenan agan, duh eta ku gede wawanen nyah juragan gatotkaca.

Semar : jang, tuturkeun juragan gatotkaca, bisi aya nanaon jang. (kaluar semar)

Cepot : hayu ah dawala, urang milu nuturkeun (kaluar cepot jeung dawala)

ADEGAN 3

(Kaluar Buta 1 & 2)

Buta 1 : kunaon ieu lempang teh narigtegan

kieu, sempoyokan kieu, eh sempoyongan


Buta 2 (buta mabok) : halo sahabat hijrah

Buta 1 : hijrah lebah mana sia teh, ai maneh timana

Buta 2 : Aya naon ieu teh

Buta 1 : Batur rapat eweuh sia teh

Buta 2 : alah sorry bos hampura euy

Buta 1 : tas timana

Buta 2 : itu dipojok bos

Buta 1 : ker naon

Buta 2 : ah biasa we bos, ngahaneutan bos

Buta 1 : ngahaneutan!?

Buta 2 : heeuh

Buta 1 : siduru?

Buta 2 : anjir taun 2023 aya keneh bahasa siduru, teu gaul bos, apaan tuh siduru

Buta 1 : siduru sa teh meleum suluh, diriung- riung

Buta 2 : ah teu gaul bos

Buta 1 : atuh cek maneh ngahaneutan teh naon?

Buta 2 : hah

Buta 1 : ngahaneutan teh naon

Buta 2 : atuh drink dong, minum bos

Buta 1: sia teh mabok

Buta 2 : Yo'i bro

Buta 1 : kadieu sia, goreng patut kasebutna sia make jeng, nyeunyeukek botol harepeun umum JAHAT,
nyontohan nu teu hade kabatur sia, teunyaho aink Jegeur Desa Garawangi geloo

Buta 2 : Terus lamun maneh jegeur Desa Garawangi aink kudu bilang owoww gituh hah, oray kawat
macok nu gelo bos, so what gitu loh, Najan sia bos jagong gede moal di tarajean ku hamba bos , cicinglah
kumaha abdi, hirup-hirup abdi, uruskeun mah urusan pribadi tong uruskeun diri abdi bos

Buta 1 : Lain masalah Kitu sia teh


But 2 : naon

Buta 1 : yeuh dengekeun kumaneh, ai ngaran ngaran mabok kunagara dilarang, ku agama diharam keun,
deur nyeunyeukek botol kitu, doraka campeulak, diri sorangan jadi ruksak, Awak katelangsara, Ngaran
lembur jadi goreng, nga geringan awak sorangan, dengekeun sadul

Buta 2 : leuheng keneh abdi bos

Buta 1 : leuheng kumaha

Buta 2 : leuheng keneh abdi, mabok puguh cukang lantarannana kulantaran minuman keras, leuheng
aink mah ukur pribadi ruksak teh, tapi aya nu lewih tibatan aink bos

Buta 1 : naon

Buta 2 : Anu mabok tanpa minuman

Buta 1 : lah emang aya nya?

Buta 2: aya

Buta 1 : naon?

Buta 2 : Mabok jabatan, mabok kapangkatan, mabok kadudukan, teu saetik ayeuna jelma anu mabok
kapangkatan kadudukan rahayat jadi korban, dengekeun ku sia bos, anjir, tong dikeprokan lah da lain
japati aink mah lah

( penonton ngeprokan kulantaran Alus papatahna)

Buta 1 : Eta teh ngadukung belegug

Buta 2 : teu butuh dukungan bos, lamun saweran butuh bos aink

Buta 1 : heeh ke ti bapak Kapala sakola, ti bapak Ebod, ti bapak ibu dewan juri

Buta 2 : Kitu bos..

(Penonton: sawer)

Buta 2 : kalem sawer sawer, tong dikitu kege ngartieun, muhun nya pak.... bu... hehe

Buta 1 : heeh salah Kitu teh

Buta 2 : moal karasa ku bos kaperih aink bos, yeu dangukeun ku obos nya, satiap Aya haseup tangtu
Aya...bener teu, Seneu bos, Bae batu nyaho ai si obos cicing Bae

Buta 1: heeh seneu, nyaho aink oge


Buta 2 : Aya cukang lantaranana bos kieu teh, nah urang mah kakara ayeuna nyenyekek botol teh bos,
baheula mah aink mah kieu( ngacung keun lengen kaluhur)

Buta 1 : solat?

Buta 2 : lain, ku dreum euy

Buta 1 : lewih parah sia mah euh

Buta 2 : sakieu mah leheung bos

Buta 1 : Ari Kitu kunaon

Buta 2 : Nyeri hate bos

Buta 1 : nyeri hate?

Buta 2 : heeh

Buta 1 : Naha

Buta 2 : putus jeng kabogoh bos

Buta 1 : putus jeng kabogoh nepi KA mabok

Buta 2 : heeh

Buta 1 : ah teu pira sia teh

("Wer nyawer", Aya NU nyawer)

Buta 2 : naon Aya NU nyawer, mana, alah aduhh tuh di kalungkeun, aduh nuhun, tisaha ieu, tibapa
kapala sakola?, alah jajakallah, haturnuhun

( catrik: "bari mabok Aya NU nyawer")

Buta 1 : anjing teh, nyaho kieu mah mabok aink

Buta 2 : ah kabitaeun jah, tingali aink jadi mis yunipersss delekeun, nuhun bapa kapala sing kagentosan
anu langkung- langkung, panjang yuswa, ageung milik na, sehat, Rido ieu teh pa kepala sakola?

("Ridoo")

Buta 2 : tambihan deui atuh Ari Rido mah

Buta 1 : siamah dipenta hate menta jantung siamah

(Catrik: " euy, dibere hate menta jantung")


Buta 2 : Kitu bos, marukanna kumaha, adohh aink rada haneut ayeunamah bos euh, ngeunah nya
dikakalungan kuduit, hanet

Buta 1: heeh heeh, heeh pira ge putus make jeng mabok

Buta 2 : pira nya

Buta 1: heeh

Buta 2 : aduh eta meni enteng nyarios si encep, pira pajarkeun teh cenah, lamun ngudag karna pira, tong
boroning putus cinta, kamari di jati nangor Aya Nini nini nepi ka geleng ku treuk teu pira teu lurat leret
bos, teu pira Tah bos, rek Kitu wae hirup hah, euhh dodet ku aink anying

Buta 1 : lain kumasalah Kitu sia mabok, pikageleheun ka kolot Kitu teh, sia teh sapi

Buta 2 : aying kasar dele euy, tong kasar anjing sia teh heeh, dangukeun ku siobos

Buta 1 : Naon

Buta 2 : Matak aink galau

Buta 1: heeh

Buta 2 : Lima taun bobogohan bos

Buta 1 : tuluyy

Buta 2 : ti poe senen nepi Ka poe jumaah dianter gawe KA kahatek, Sabtu Minggu diapelan KA Imah na
bari mawa martabak jang pimitohaeun bos, Lima taun Lila na bos bayangkeun eweh waktu nu teu
kaliwat

(Penonton: "lima poe")

Buta 2 : Lima taun anjing siateh

Buta 1 : tong gug ga gog gog sia teh

Buta 2 : oh sorry bos sorry bos santay santay, maklum aink mabok bos

Buta 1 : sia teh meni diumbar teuing gug ga gog gog teh sia

Buta 2: apan aink mah mabok bos, wajar apan mabok mah

Buta 1: heeh tuluy kumaha

Buta 2 : Lima taun bobogohan nganter unggal poe eweh waktu nu teu kaliwat, Minggu kamari nempo
Ulin kaimahna, ditempo dihareupeun Imah na Aya janur kuning melengkung bos, Dikawin tatangga boss,
perihh bos perihh, bejad hate aink bos
(Catrik: " watir yeu")

Buta 2 : sakieu mah leheung bos sakieu mah

Buta 1 : naha

Buta 2 : untung hati ini buatan Allah bos

(Catrik: " amun..")

Buta 2 : Mun buatan cina ges bajred bos, nya bos

Buta 1 : heeh heeh nyaho aink Oge, lamun maneh galau Kitu kulantar Kitu, heuh cing jadi kauntungan
cing jadi hikmah keur maneh, naon hikmah na, mereun mana Kitu Oge lain jodo maneh, mana Kitu Oge
awewena teu bener, mun dikawin Matak pinyerieun, sanajan maneh Bogoh Oge Ari Matak pinyerieun
da moal geunah Kana rumah tanggana, leheung ayeuna can katalian kurumah tangga, kumaha lamun
misalkeun maneh ges boga budak tuluy pamajikan maneh teh nyeleweng, beger deui pan leweih nyeri,
mending ditembongkeun ti ayeuna keneh, sanajan perih tapi eta perih teh sing jadi ubar, satiap ubar teh
pait, Ngan eta pait teh bakal jadi amis kahareupna, ulah ulah Kitu sia teh nya

Buta 2 : krokkkkkkkk( ngorok molor)

Buta 1 : kalah ka molor si anying, euyyy( bari ngagetrok ngaleunggutkeun Kana hulu di hejo)

Buta 2 : adoh atos bos dakwah na bos

Buta 1 : coba coba si eta

Buta 2 : tong dakwah hareuppen abdi lah

Buta 1 : Naha

Buta 2 : tong boroning pangkat siobos

Buta 1 : ai Kitu..

Buta 2 : Mamah Dedeh Tara didenge kuaink

Buta 1 : Mamah Dedeh da'i, anu terkenal

Buta 2 : heeh

Buta 1: naha

Buta 2 : geuleuh aink mah

Buta 1 : geuleuh kumaha

Buta 2 : teu konsekuen kana dakwah na


Buta 1 : Naha

Buta 2 : Ngadenge aink Dina dakwah na, " mari kita Jumatan mari kita solat Jum'at" ai maneh na Tara
solat Jum'at bos

Buta 1 : apan awewe

Buta 2 : ah teu bisa

Buta 1 : abong NU mabok, abong NU gelo sia

Buta 2 : ges lah pokonamah kumaha amal lah bos lah, heeh

Aduh kehela nendeun hela duit bos bising soeh bos, Lang nitip lang, awas dipaok dalang goblog sia

Buta 1 : doraka sia

Buta 2 : ah kumaha aink wae, minum hela bos

Buta 1 : naon eta teh minuman teh, ieu naon, Amer

Buta 2: naon Amer

Buta 1 : anggur merah

Buta 2 : lain bos

Buta 1 : euuu arak

Buta 2 : ah teu level bos

Buta 1 : intisari

Buta 2: ah naon intisari, murahan bos

Buta 1 : zipax

Buta 2: wah mahal teuing bos

Buta 1: Zidane

Buta 2 : ah teu kahontal bos, mening keneh ngontrak aink mah Mayar kontrakan bos ah

Buta 1: Naon atuh

Buta 2 : ieu

Buta 1 : heeh, vodka

Buta 2 : teu nyaho bos vodka mah Mun vodol mah nyaho bos
Buta 1 : ehhh si jurig, abong NU mabok sia mah, naon atuh

Buta 2 : ieu

Buta 1 : heeh

Buta 2 : Nutrisari bos

Buta 1 : Nutrisari

Buta 2 : heeh

Buta 1: piraku mabok ku nutrisari

Buta 2 : heeh Nutrisari namah biasa bos, oplosanana nu luar biasa

Buta 1 : Naha, dioplos kunaon

Buta 2 : oplos jeng ci kiih Nini Nini bos, Pahang demi Alohh

Buta 1: nya heeh atuh

Buta 2: Kitu bos lah

Buta 1: heuh nya ges atuh nya geus atuh

Buta 2: nginum hela bos lah

Buta 1 : heuh sok atuh

Buta 2 : Buka hela ku encep yeuh bos

("Cteukk, shhhhhh" Sora muka botol minuman")

Buta 2 : tingali bos ngabudah kieu bos

Buta 1 : mana eweh Oge

Buta 2 : heeh caritana atuh maneh teh bos

(Catrik: " dukung")

Buta 2: dukung aink

Buta 1 : heeh poho, hampura hampura

Buta 2 : euhh di bata kuaink

Buta 1 : di botol!
Buta 2 : eh heeuh dibotol

Buta 1 : sing baleg atuh

Buta 2 : Baleg bos atuh ah, dukung aink bos

( "cteuk, shhh" Sora muka botol minuman ")

Buta 1 : anjir heeh we dele tuh tingali ngabudah kitu

Buta 2 : mana bos, ah mabok anjir, heeh Kade Kitu tong mabok bae tuh goblog Kitu sia teh

Buta 1 : Apan sia NU mabok, naha nubleugkeun ka aink. Ges ges ah, aing ek mere info loker heula yeuh.
(Ngomong jeung penonton) Kuring meunang proyek euy penonton, juragan gatotkaca ayeuna rek
mangkat perang. Kuring jeung balad-balad kuring ditugaskeun pikeun jadi pasukan garudamaya,
pasukan nu teu katempo pikeun ngagempur pasukan kurawa. (ngageroan pasukan) hey waladia dulur,
karumpul, kumpul, kumpul.

(Krokkkkk suara buta 2 ngorok)

Buta 1 : Astaghfirullah si buta 2 malah molor, heh hudang hudang (buta 1 nepak kepala buta 2 ambih
hudang). Maneh ngadenge aing tadi ngomong naon teu?

Buta 2 : Ngadenge atuh bos, kieu kieu ge, urang mata perem tapi celi mah kadenge hungkul.

Buta 1 : cing tadi aing ngomong naon?

Buta 2 : si bos teh mere tuduh kan ka penonton jeung ka urang , mere tuduh si bos menang proyek.

Buta 1 : heeh tah eta. Kumaha nyaneh erek tarima proyekan na moal?

Buta 2 : atuh tarima lah bos, eh kedap kedap urang ti awal acan nyanggakeun sembah pangabaktos ka
bos

Buta 1 : Telat nyaneh mah. Heeh ges ges ditarima, diuk, diuk, diuk. Geroan nu sejenna!

Buta 2 : heuy dulur-dulur, kadieu Kemon besti!

(Kaluar Buta 3)

Buta 3 : aya naon bos?

Buta 1 : diuk, diuk.

Buta 3 : mangga bos. (bari diuk)

Buta 1 : moal loba carita, langsung bae to the point. Urang teh ayeuna pisan meunang proyek euy,
juragan gatotkaca ayeuna rek mangkat perang. Urang ditugaskeun pikeun jadi pasukan garudamaya,
pasukan nu teu katempo pikeun ngagempur pasukan kurawa.
Buta 3 : aya duitan teu bos?

Buta 1 : ulah waka nanyakeun buruh siah!

Buta 3 : eeeeeh kudu puguh atuh bos, pan urang tugas teh ninggalkeun anak pamajikan bos, rek kumaha
nasib anak pamajikan urang bos? Ayeuna mah jaman realistis bos, naon-naon ge geus kudu ku duit bos.
Can harga BBM naek bos, duh pokona mah ripuh lah bos mun kudu dicaritakeun mah.

Buta 2 : jeeeeeh kalah curhat sia mah!

Buta 3 : aduh hampura bos, kabawa suasana tuda euy bos.

Buta 1 : geus lah, tong loba omong, urang mangkat, urang kepung wakul buaya mangap pasukan
kurawa, urang tandasa tah pasukan kurawa.!!! (kaluar buta 1)

Buta 3 : laaah hese euy nepikeun aspirasi di jaman kiwari mah. Abong keneh suara rakyat. Teu didenge
sakumaha cacarawakanna oge.

Buta 2 : tong ngomong teuing lah, hayu urang mangkat (kaluar buta 2)

(Gugunungan Ngaliwat Muter)

Buta 3 : laaaaaaah euweuh nu ngadenge omongan rakyat mah euy (bari kaluar buta 3).

ADEGAN 4

Pasukan kurawa keur cicing, tuluy datang pasukan garudamaya.

Buta 2 : aaaaaaaah ieu yeuh pasukan kurawa, diheureuyan ku aing. (bari ngababet ti kajauhan)

Kurawa 1 : aduh, saha ieu euy! Boa aya nu rek nyantet euy.

Buta 2 : ah beres, teu ketempoeun euy. Sakali deui lah! (bari ngababet deui ti kajauhan)

Kurawa 2: alah heueuh euy, sungil sigana mah ieu tempat teh euy.

Buta 2 : ah, moal dililakeun deui ku aing serang siah pasukan kurawa.!!!

Dihajar nepi ka ngagaloler eta pasukan kurawa.

Buta 2 : beres lah, urang laporan ka juragan meh geuwat meunang buruh. (bari kaluar buta 2)

ADEGAN 5

(kaluar karna)
Karna : kurangajar eta si gatotkaca.!!! Nganggap ka aing mata peda, rek nguji kana kasaktian aing.!!!
Sangkana aing moal bisa nempo pasukan nu dikirim ku si gatotkaca. Rasakeun sia gatotkaca, pasukan
garudamaya bakal keuna ku senjata ti aing.!!! Kerr.!!! (karna ngalungkeun senjata terus kaluar)

ADEGAN 6

(pasukan garudamaya posisi keur cicing)

Senjata nu dialungkeun ku karna beunang ka pasukan garudamaya, terus pasukan garudamaya


mecleng hiji-hiji ku senjata ti karna.

ADEGAN 7

(Karna Kaluar)

Karna : rasakeun siah gatotkaca, pasukan dedemit beak digempur ku aing.!!!

Jelebet!!! (gatotkaca ujug-ujug nendang adipatikarna sakolebat hampir teu katempo wujudna)

Karna : kurangajar sia gatotkaca, wani ngabongohan ka aing.!!! Lamun wani dieu ka hareupeun aing.!!!

Jelebet..!!! (gatotkaca ujug-ujug nendang deui adipatikarna sakolebat hampir teu katempo wujudna)

Karna : kurangajar si gatotkaca, rasakeun sia senjata ti aing gatotkaca.!!! Kerr...

(karna ngalungkeun senjata ka gatotkaca terus kaluar karna)

ADEGAN 8

(kaluar gatotkaca)

Gatotkaca beunang ku senjata karna tapi teu teurak

Gatotkaca : tiis wa senjata teh, teu teurak-teurak acan euy. Meuli deui wa ka taraju nu seukeut
senjatana wa.!!! (terus kaluar deui gatotkaca)

ADEGAN 9

(Kaluar Karna)
Karna : kurangajar eta si gatotkaca, bener-bener rek nguji kasaktean aing, rasakeun siah gatotkaca,
senjata konta basma, senjata pamungkas ti aing. Kerr... (ngalungkeun senjata konta terus kaluar)

ADEGAN 10

Kaayaan dina waktos ayeuna, gatotkaca parantos ningali adipati karna ngaluarkeun senjata konta,
laju gatotkaca melesat ka awang-awang.

(gatotkaca hiber, disusul ku gugunungan terus sababaraha kali terus gugunungan nangtung
tukangeuna gatotkaca nonghol)

Kaayaan dina waktos ayeuna, gatotkaca parantos aya di duwur paksi, nanging eta senjata konta masih
keneh ngudag-ngudag. Laju gatotkaca hiber leuwih luhur deui.

(gatotkaca hiber, disusul ku gugunungan terus sababaraha kali terus gugunungan nangtung
tukangeuna gatotkaca nonghol)

Kaayaan dina waktos ayeuna, gatotkaca parantos aya di hantalamur, nanging eta senjata konta masih
keneh ngudag-ngudag. Laju gatotkaca hiber leuwih luhur deui.

(gatotkaca hiber, disusul ku gugunungan terus sababaraha kali terus gugunungan nangtung
tukangeuna gatotkaca nonghol)

Kaayaan dina waktos ayeuna, gatotkaca parantos aya di mega peteng, nanging eta senjata konta
masih keneh ngudag-ngudag. Gatotkaca parantos sadrah, lantaran sakumaha jauh hiberna gatotkaca
eta senjata konta basma bakal terus ngudag.)

ADEGAN 11

K.bendana: Lo............Lo.............. ieu amang lo, geus waktuna hidep ngiring jeung amang ka sawarga lo.

Gatotkaca : euleuh amang, hampura amang.

K.bendana: geus waktuna lo....

Gatotkaca : mangga amang, ieu meureun nu dihariwangkeun ku ibu teh, mangga amang.

Geura asupkeun eta senjata konta teh kana awak kaula.

(senjata konta nobros awak gatotkaca)

Gatotkaca: ampuuuuuuuuuuuun, ampuuuuuun

(gatotkaca kabuntang-banting di awang-awang tuluy ragrag.


ADEGAN 12

Kaayaan dina waktos ayeuna, gatotkaca parantos keuna ku senjata konta basma. Tapi masih keneh
aya tanaga panyesaan, laju gatotkaca ngaragragkeun maneh mobat-mabit kana kareta jatisura, nu
ditunggangan ku raja kurawa

ADEGAN 13

(Gatotkaca ngagoler gugur di pangperangan)

ADEGAN 14

(Gatotkaca kaayaan ngagoler geus jadi mayit)

Kresna : gatotkaca.... deudeuh kasep anaking gatotkaca. (bari ngarangkul ka jasad gatotkaca)

Arimbi :gatotkaca, deudeuh anaking anak ibu... (bari ceurik)

Semar :aya ana, agan.... (bari ceurik)

Bima :gatot, hampura aing tot.

Cepot : agan, deudeuh agan...

Dawala :agan, deudeuh agan...

(Saban-saban kajadian dina kahirupan, urang bakal pinanggih jeung sagala rupa kajadian. Bagja pati
jeung cilaka anu bakal kasorang kaalaman ku urang sadaya. Sakitu rupina lalakon gatotkaca gugur teh.
Kembang pinetik sinebaran sari-sari tutup lawang sigotaka.)

Anda mungkin juga menyukai