Anda di halaman 1dari 3

PANCEN BAHASA SUNDA SISINDIRAN!

1. Jieun conto pondok sisindiran nu temana ngeunaan covid-19, dina eusina bisa
mangrupa banyol atawa sesebred, bisa piwuruk. Nu penting eusina ngeunaan
mangsa pandemic covid-19. Wangun dramana kudu mangrupa sisindiran.
Sisindiranna bisa dina wangun paparikan atawa rarakitan. Dina wangun dramana
kudu aya:
a. Prolog atawa bubuka narasi pikeun muka dramana.
b. Eusi dramana.
c. Epilogna atawa panutupna.
Caritana teu kedah panjang nu penting aya amanat anu bade didugikeun
ngalangkungan drama sisindiran.
2. Pek hidep jieun conto wawangsalan nu eusi wangsalna:
a. Saniteizer
b. Corona
c. PSBB
d. Isolasi
e. Lockdown
f. Karantina
g. Virus

Mangga dina wangsal di luhur hidep kantun ngadamel cangkang jeung eusi nu
aya patalina jeung wangsalna!
WABAH PANYAKIT COVID 19

Di hiji lembur,di caritakeun Aya si Agus anu sono ka rerencanganna nyaeta


Si Budi Jeung si Samidi anu keur beberes imah

Agus:jalan jalan ka meksiko


Balikna meuli samangka
Meni laminya teu Sono
Kumaha damang didinya

Samidi: Alhamdulillah,sehat Gus

Budi:Gus,anjeun tos nyaho teacan Yen di kampung sabelah teh aya anu tos
Katepaan Corona

Agus:Leres, kuring nembé nguping, Btw, kumaha carana pikeun nyegahnanya?

Samidi:Ka pasar meuli calana


Jalanna ka Sindangkasih
Sangkan teu beunang corona
Urang Kudu beberesih

Budi:Sareng tong hilap nganggo masker Jeung ngumbah panangan

Agus:oh kitunya hatur nuhun

Budi:Ulah rék ngala guramé


Bisi kaala arwana
Ulah rék kumpul nu ramé
Bisi tépa ku corona.

Samidi:Leres,sareng ayenamah pamarentah lewih masihan peraturan


Sosial distancing minimal 2 meter

Agus:ayeunamah urang kudu nga jauh pisannya Sangkan meh te kakenaan


Corona Jeung kudu bebersih

Budi:hehehehe, siap
Sakitu sisindiran anu kapihatur ti abi
Obat leho make insana
Meulina di neng Yuliana
Hatur nuhun kana perhatosanna
Punten kana kalepatanna

Wassalamualaikum Wr.Wb.
Pek hidep jieun conto wawangsalan nu eusi wangsalna:

Pikeun ngaberesihan tangan


Ngabongkarna make buldozer(saniteizer)

Virus anyar jol ti Cina


Usaha loba tekorna(corona)

Sakola hese ulin hese kudu cicing diimah


Di Batasan jiga PBB(psbb)

Sangkan teu pacampur jeung batur heula


Bungkus kado make solasi(isolasi)

Nutup lingkungan tina kagiatan rutin


Matak herang ningali nu hejo daun(lockdown)

Dipisahkeun jeung batur


Abdi bogoh ka neng Tina(karantina)

Bibit panyakit anu nyebar


Jadi pendekar kudu loba jurus(virus)

Anda mungkin juga menyukai