Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum Wr.Wbr.

Sampurasuuun
Dewan Juri anu ku Sim kuring dipihormat
Bapak ibu Guru, anu dipihormat
Bapa Camat,
Bapa Gubernur,
Teu hilap ka Bapa Presiden Jokowi anu ku Sim kuring dipihormat, di bumina masing-masing

Nepangkeun sim kuring Farrel


Sim kuring asli Sunda, tapi nami mirip Eropa
Kunaon atuh lain ari asli sunda mah teu make ngaran, Ujang, Asep atau Budi
Margi ceuk kolot ngaran Asep mah sok nimbulkeun kahuruan, aya istillah. Tidak akan ada ASEP
kalau tidak ada API.

Hadirin sadayana, kedahna mah Sim kuring teh ayeuna aya di Arab Saudi, kumargi teu aya nu
ngajak, jeung teu aya artosna deui, janten Sim kuring aya di dieu ngiringan borangan atawa
ngabodor sorangan.
Menurut Kamus bahasa Sunda Borangan teh hartina SIEUN,
Sieun teu diseungseurikeun….
Sieun te lucu…
Ah pokona mah sieun wae lah.

Bapa, Ibu Hadirin sadayana, Borangan teh salah sahiji Bodor anu Intelek atawa Cerdas,
anu ngabutuhkeun pamikiran. Jadi upami bapak, ibu hoyong katingali cerdas seuri wae, sawios
teu lucu oge. Atanapi upami ayeuna can kahartos emutan wae heula, engke seurina bisa
minggu payun, teu sawios.

Sim kuring kadang-kadang sok bingung, ka Pangurus Masjid, naon margina ? aya pangalamam
sim kuring, harita beres sholat Dzohor sim kuring kaluar, barang rek nutupkeun panto, aya
tulisan TUTUP PINTU DENGAN RAPAT. Sim kuring mikir naha nutupan panto wae kudu make
RAPAT heula ? Pan kabayang meureun lamun kudu rapat heula. Enca nyieun undangan rapatna
nyiapkeun konsumsi kacida repotna. Padahal ngan saukur arek nutup pintu masjid doang.
Hadirin sadayana, sim kuring kadang-kadang sok mikir, ku lagu-lagu barudak ciptaan Ibu Kasur
sareng Ibu Sud, contona lagu Tik-tik bunyi Hujan, eta lagu teh cek sim kuring mah lagu paling
teu nyambung dina kata-katana. Kieu laguna :

Tik tik tik..


Bunyi hujan diatas genteng
Airnya turun tidak terkira
Cobalah tengok dahan dan ranting
Pohon dan kebun basah semua

Coba pikiran ku urang,


Tik-tik bunyi hujah di atas genting,
Airnya turun tidak terkira.
Cobalah tengok dahan dan ranting
Pan hujan teh diluhur genteng, kunaon urang kudu ningali dahan dan ranting ?, naon hubunganana ?
kuduna mah Cobalah tengok ke atas genting, sabab hujana diluhur genteng.
Ieu mah malah beuki teu nyambung Pohon dan kebun basah semua.

Beuki bingung wae Sim kuring mah, kuduna mah nu basah semua teh kenteng lain Pohon dan kebun
sabab ti awalna ge hujan teh turuna di atas genting.

Kuduna mah laguna teh kieu :


Tik tik tik..
Bunyi hujan diatas genting
Airnya turun tidak terkira
Cobalah tengok ke atas genting
Genting jadinya basah semua

Jeung aya deui lagu : Naik Delman

Pada hari minggu ku turut ayah ke kota


Naek Delman istimewa ku duduk dimuka
Teu kabayang ku Sim kuring mah eta kusir beungeutna didiukan, ku urang nya ?
Aya deui lagu anu bisa ngarusak kana jiwa barudak teh.
Contona :
Balonku ada lima, Rupa-rupa warnanya
Merah kuning kelabu, hijau muda dan biru
Meletus balo Hijau Dar..hatiku sangat kacau
Balon ku tinggal empat ku pegang erat-erat.

Pira ge balon meletus hiji, hati geus kacau


Komo mun meletusna kabeh, meureun moal tepi kokosehan mah.
Kuduna mah Meletus Balon Hijau Dar, Hatiku biasa saja.

Balonku tinggal empat ku pegang erat-erat


Coba eta kos nu euweuh pagawean, rek naon opat balon kudu dicekel tipepereket.

Hatur nuhun, sim kuring FARREL


Wassalamu’alaikum Wr.Wbr.

Anda mungkin juga menyukai