Anda di halaman 1dari 1

TUGAS BAHASA SUNDA TANGGAL 5 OKTOBER 2020

Panumbu catur: Auzikny .L. Najmulmunir


No absen : 5
Kelas : Xi Ipa 1

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh,

Para hadirin, saderek sadaya anu di mulyaken ku gusti Allah ta’ala. Bapak kepala sakola
MAN 1 sareng bapak ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, oge rerencangan sadayana
anu ku sim kuring dipika asih, Langkung tipayun, hayu urang panjatken puji sinareng syukur
ka Gusti nu maha suci, dimana anu tos maparingan ka urang sadaya sagala kanikmatannana,
terutami nikmat iman sareng Islam kaurang sadayana.

Sholawat sinareng salam urang sami-sami panjatkeun ka jungjungan urang nabi Muhammad
SAW, nu tos nyandak urang sadaya kana jalan kaleresan.

Salajengna, sim kuring ngawakilan Panitia acara Mauli Nabi ngahaturken nuhun ka para
saderek sadaya nu tos tiasa sumping rurumpahen di lapangan MAN 1 ieu, piken nyomponan
uleman dina raraga Maulid Nabi Muhammad SAW, mugi kasumpingan sadayana nyandak
kaberkahan kanggo urang sadayana, Aamiin..

Teu hilap sim kuring ngahaturken rewe rewu nuhun laksa kabingahan ka para donatur, para
dermawan, rerencangan sadayana nu tos sami sami ngarojong, ngabantos moral, atanapi
materilna, terutami nu tos ngabantos mangrupi jamuan, janten acara Maulid Nabi tiasa
dilakasanaken di halaman MAN 1 ieu.

Sateuacan nincak kana acara pokok, sim kuring nuhunkeun dihapunten, ka para undangan
sadayana bilih dina panghormatan, sajian, atanapi leeuteunnana kirang mernah kana
manah, kirang cocok kana hate, da mung sakieu ayana.

Dupi kanggo ngeusi acara Maulid ieu sakumaha biasana, nyaeta bade di aosken riwayat nabi
dina kitab AlBarjanji, nu bade di aos ku bapa pembina Prisman MAN 1 bapak Mujahidin
sareng rerencangan, mugi urang sadaya nu ngadanguken, nu ngabandungan ieu riwayat
kenging safaat ti rosulallah di dunya atanapi di akheratna, Aamiin...

Mangga nyanggaken ka bapa Mujahidin nu bade maosken Kitab Albarjanji. Cekap ngan
sakitu wae anu tiasa ku sim kuring tepikeun,

Wassalamualaaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Anda mungkin juga menyukai