Anda di halaman 1dari 9

DOKUMEN NEGARA

SANGAT RAHASIA
ASESMEN SUMATIF AKHIR JENJANG
SEKOLAH DASAR (ASAJSD)
TAHUN PELAJARAN 2023/2024

Mata Pelajaran : BAHASA DAN SASTRA SUNDA


KELAS/SEMESTER : VI (Enam)
Jenjang Pendidikan : SD NEGERI ..................
Hari, Tanggal : Rabu, 8 Mei 2024
Pukul : 10.00-12.00 WIB

DINAS PENDIDIKAN KABUPATEN LEBAK


UPTD SATUAN PENDIDIKAN SDN ………………
KECAMATAN CIKULUR
Alamat : ……………………………

2024
MATA PELAJARAN
Mata Pelajaran : BAHASA DAN SASTRA SUNDA
Jenjang : SD

WAKTU PELAKSANAAN
Hari, Tangga : Rabu, 8 Mei 2024
Waktu : 10.00 – 12.00 WIB

Petunjuk Umum
1. Tulislah lebih dahulu Nomor, Nama Peserta Anda pada Lembar Jawaban Asesmen Akhir
Jenjang Sekolah Dasar (LJASAJSD) yang telah disediakan.
2. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum anda menjawab.
3. Laporkan kepada pengawas asesmen kalau terdapat tulisan yang kurang jelas, naskah soal
rusak atau jumlah soal kurang.
4. Jumlah soal terdiri atas PG 30 butir, isian berstruktur 5 butir dan uraian 5 butir, semuanya
harus dijawab.
5. Dahulukan menjawab soal-soal yang anda anggap mudah.
6. Berilah tanda silang pada salah satu huruf yang dianggap benar pada LJASAJSD
7. Apabila ada jawaban anda yang salah dan ingin memperbaikinya, gosoklah dengan karet
penghapus, kemudian silang jawaban yang menurut anda benar.
8. Periksalah pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas asesmen.
9. Tidak diperbolehkan menggunakan kalkulator, tabel matematika atau alat bantu hitung
lainnya.

SELAMAT MENGERJAKAN

A. Pilih salah sahiji jawaban ku cara mere tanda cakra (X) dina huruf A, B, C, atawa
D dihareupeun jawaban anu bener!
Pek titenan bacaan! Pikeun ngajawab nomer 1-4
Raden Dewi Sartika
Raden Dewi Sartika dibabarkeun dina kaping 4 Desember 1884 dikota Bandung.
Sakumaha ilaharna putra-putri ningrat dina waktu harita, Raden Dewi Sartika disakolakeun di
sakola Walanda.
Sepuhna nyaeta Raden Somanagara ngaharepkeun sangkan Raden Dewi Sartika jadi
wanoja anu binangkit. Harepan sepuhna kalaksanakeun ti kelas panghandapna keneh Raden
Dewi sartika nyongcolang dina kapinteran na dibandingkeun sareng rerencangan dikelasna.
Malihan mah ti nuju alit keneh Raden Dewi tos katingal ngagaduhan sifat welas asih jeung
handap asor kasasama ku kituna teu aneh lamun Raden Dewi Sartika dipikaresep ku
rerencangan sareng ku para sepuh.
1. Harepan sepuhna sangkan jadi naon Raden Dewi Sartika teh?
A. Wanoja anu binangkit
B. Wanoja anu pinter
C. Wanoja anu gaduh sifat welas asih
D. Wanoja anu handap asor

2. Naon sababna Raden Dewi Sartika dipikaresep ku rerencangan na sareng ku para


sepuh?
A. Sabab Raden Dewi Sartika putri ningrat
B. Sabab Raden Dewi Sartika murangkalih anu pinter
C. Sabab Raden Dewi Sartika disakolakeun di sakola Walanda
D. Sabab Raden Dewi Sartika ngagaduhan sifat welas asih jeung handap asor
kasasama

3. Kalimah anu saluyu jeung bacaan diluhur nyaeta….


A. Raden Dewi Sartika disakolakeun di sakola Jepang.
B. Raden Dewi Sartika the turunan putri raja
C. Ti nuju alit keneh katingal ngagaduhan sifat welas asih jeung handap asor
kasasama
D. Harepan sepuhna kalaksakeun janten jalmi anu bageur

4. Sinonim tina kecap binangkit nyaeta….


A. Kreatif C. Bageur
B. Pinter D. Wanian

5. Rahmat : Dupi pupujian teh naon, Sin?


Sinta : Pupujian teh sok disebut oge nadoman.
Rahmat : Upami pupujian sok digalindengkeun ….?
Sinta : Biasana mh di masjid.
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan paguneman ….
A. Kusaha C. Kumaha
B. Dimana D. Kamana
6. Eling-eling dulur kabeh Judul anu saluyu jeung pupujian disisi
nyaeta….
Ibadah ulah campoleh
Beurang peuting ulah weleh A. Pepeling
Bisina kaburu paeh B. Panggeuing
Sabab urang bakal mati C. Nasehat
Nyawa dipundut ku gusti
D. Amanat
Najan raja nyakrawati
Teu bias nyingkiran pati

7. Sateuacan angkat ka padamelana, Pun Bapa … heula, abdi oge sami … heula. Ari
menu na sangu goreng sareung ceplok endog.
Kecap anu merenah tur sopan pikeun ngalengkepan kalimah ….
A. tuang – dahar C. ngaleueut – nginum
B. tuang – neda D. neda – tuang

8. Perhatikeun pupuh di handap ieu!

Endah pisan kawah putih


Duh Basisir Pangandaran
Mani bruh breh Gunung gede
Matak betah Ranca Upas
Matak waas Cipanas
Ras emut Situ Panjalu
Alam endah nagri uarang

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh Asmarandana diluhur nyaeta….


A. 8-i,8-a,8-e,8-a,7-a,8-u,8-a
B. 8-i,8-n,8-e, 8-a,7-a,8-u,8-a
C. 8-i,8-a,8-e,7-a,8-a,7-u,8-a
D. 8-i,8-n,8-e,8-a,7-a,8-u,8-u

9. Ieu kaulinan teh biasana pikeun barudak awewe. Maen na ngagunakeun bal karet
leutik (sagede bal pingpong) nu bias ngampul. Ngarah ngampulna alus biasana
dikeueuman heula ku minyak tanah antara sajam nepi ka dua jam, gumantung bahan
bal. sajaba ti bal karet, merelukeun sabangsaning siki. Bias ku kewuk atawa tina
kuningan nu geus dicitak siga beuti suuk.kalayan jumlajna antara geunep nepi ka 12
siki.
Teks diluhur medarkeun kaulinan….
A. Cingciripit C. Beklen
B. kaleci D. Anjang-anjangan

10. Kalimat dihandap ieu anu kaasup kecap barang dituturkeun ku kecap sifat nyaeta….
A. Pun bibi angkat ka Cianjur
B. Badrun meuli motor alus
C. Aki keur ngabedahkeun Balong
D. Ibu guru keur mamatahan barudak nu kabeurangan

11. Candra ngajakan Sobur maen gatrik. Kalimah ajakan anu merenah nyaeta….
A. Sobur, rek maen gatriok moal?
B. Sobur, isukan kuring rek maen gatrik.
C. Sobur rek maen gatrik jeung candra.
D. Sobur, maen gatrik yu, ah!

12. Pek tengetan gambar!


Ngaran kaulinana anu luyu jeung gambar nyaeta….
A. Sondah
B. Galah
C. Gatrik
D. Kaleci

Pek titenan sing gemet pupuh magatry! Pikeun ngajawab nomer 13 jeung 14

Resep pisan lamun hirup loba dulur


Rasa bungah suka ati
Sapopoe estu akur
Sabab silihpikaasih
Mun pajauh matak sono

13. Pupuh magatru diwangun ku ….. padalisan


A. 2 C. 4
B. 3 D. 5

14. Watek pupuh Magatru nyaeta….


A. Pikaseurieun C. Gumbira
B. Prihatin D. Sedih

Pek titenan bacaan ! pikeun ngajawab nomor 15-16!


15. Teu aneh deui lamun orang Indonesia resep pisan kana es kalapa muda alias duwegan
teh. Seger, wareg, raos jeung hargana murah. Tapi salian ti eta, cai duwegan aya
mangpaatna keur kasehatan. Cenah mah lamun nu nuju kakandungan rajin nginum cai
duwegan, mangka cai ketuban ibu hamil teh ngalantarankeun orok bakal beresih
kulitna, rambutna gomplok, jeung herang socana. Ku sabab dina cai kalapa the rea
ngandung vitamin C anu gede mangpaatna pikeun miara kulit.
Dumasar kana bacaan, anu henteu kaasup mangpaat cai duwegan…..
A. Ngalantarankeun orok bakal beresih kulitna
B. Ngandung vitamin C anu gede mangpaatna pikeun miara kulit.
C. Ngalancarkeun sirkulasi getih jeung pencernaan
D. Nurunkeun kolesterol

16. Antonim tina kecap wareg, murah, jeung gede, nyaeta….


A. Lapar, awis, leutik C. Lapar, leutik, awis
B. Seubeuh, awis, leutik D. Leutik, awis, lapar

17. Kecap anu sawanda jeung kecap ketewel nyaeta….


A. Hiris ngora C. Kalapa ngora
B. Nangka ngora D. Jagong ngora

18. Pek baca sing gemet!


Nangkadak atawa nangka campedak teh hasil inovasi para ahli di Taman Wisata
Mekarsari, Jawa Barat. Nangkadak hasil upaya nyokot kapunjulan nangka jeung
campedak. Nangka mah bisa didahar langsung, atawa diolah dijieun kiripik jeung
dodol. Kitu deui, bisa di campur jeung es buah. Beuratna nu gede mah bisa nepi ka
40 kg hese di pesek, da loba geutahna. Warnana koneng oren. Ari campedak,
beuratna antara 3-4 kg, kulit jeung daging buahna babari di pesek, euweuh
geutahan. Daging buahna ipis, warnana koneng, rasana amis jeung seungit.
Nangkadak mah babari dipelakna jeung tereh buahanana.
Dicutat tina Buku Basa Sunda pikeun murid kelas V
Ide pokok paragrap diluhur nyaeta ….
A. Nangka ukurana leuwih ti campedak
B. Nangkadak babari di peulakna jeung tereh buahanana
C. Nangkadak hasil inovasi para ahli Taman Wisata Mekarsari
D. Kaunggulan nangkadak tina nangka jeung campeudak
Pek titenan bacaan! Pikeun ngajawab nomer 19 jeung 20.
Jalak Bali atawa Curik Bali teh nyaeta manuk nu panjangna 25 cm. Manuk nu resep
disada. Warna buluna bodas, mangrupa sato nu hirupna matuh dina hiji tempat
(endemik) nu aya di Pulo Bali Beulah Kulon. Ieu manuk teh minangka sato endemik
Pulo Bali nu masih aya, sanggeus maung ( harimau ) Bali geus teu aya di kieuna. Ti
mimiti taun 1991 sato nu kagolong kana kategori kritis teh digolongkeun jadi fauna
identitas ( maskot ) di provinsi Bali.
Dicutat tina Buku Basa Sunda pikeun Murid
kelas VI

19. Alesan Jalak Bali pada ngala sarta dijadikeun piaraan .…


A. Ayana ngan ukur di Pulo Bali
B. Gampang ngala jeung ngurusna
C. Mahal hargana jeung gampang ngajualna
D. Alus sora jeung buluna

20. Jalak Bali disebut sato endemik Pulo Bali sabab ....
A. Hirupna matuh di Pulo Bali
B. Sorana alus
C. Rupa buluna bodas
D. Asup kana kategori kritis

21. Kecap ngarumpul, kalaluar, jeung rumasa, ngabogaan rarangken ....


A. –ar-, -ka-, -um-
B. –nga-, -la-, -um-
C. –um-, -al-, um-
D. –ar-, -al-, -um-

22. Titenan unsur-unsur carita!


(1) Tema
(2) Judul
(3) Palaku
(4) Galur carita
(5) Padalisan
(6) Amanat
Anu teu kaasup unsur carita pondok nyaeta nomer ….
A. (4) jeung (6) C. (2) jeung (5)
B. (3) jeung (5) D. (1) jeung (3)

23. Pek titenan judul carita!


(1) Karajaaan Galuh Pakuan
(2) Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
(3) Raden Dewi Sartika
(4) Sasakala Japati Sukuna Beureum
Nu kaasup judul dongeng nyaeta nomer ….
A. (1) jeung (3) C. (1) jeung (4)
B. (2) jeung (4) D. (2) jeung (3)

24. Rarangken “di” jeung “ka” anu nuduhkeun kana tempat aya dina kecap…..
A. di madrasah, ka kebon C. dibere, katingali
B. di imah, kabawa D. dibuka, ka pasar

25. Bagian biantara teh aya nu disebut pamungkas, eusina nyaeta….


A. Ngeunaan mangrupi muji syukur jeung ngadugikeun salam
B. Pedaran ngeunaan jejer biantara kalawan make basa anu jelas tur kaharti ku
balarea
C. Sanduk-sanduk menta dihampura bisi aya kasalahan dina biantara, terus
ditungtungan ku amitan jeung doa
D. Ngahaturkeun nuhun ka panitia jeung para hadirin anu ngaluuhan acara

26. Pek titenan biantara dihandap!


Assalamu’alaikum. Wr. Wb…..
Sugrining puji sinareng syukur urang sanggakeun ka gusti nu Maha Suci, anu
parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan ka urang sadayana, di antawisna
nikmat kasehatan sareng kakiatan dugi ka urang sadayana tiasa kempel di ieu
patempatan.
Bapa miwah ibu sareng rerencangan sadayana anu kusimkuring dipihormat,
kalintang bingahna dina danget ieu urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok
jonghok patepang wajah, dina raraga ngagedurkeun sumanget pikeun ngajaga
kabersihan di kota bandung khususna, umumna disakuliah Jawa Barat.
Biantara diluhur kaasup kana bagian…..
A. Sambutan C. Eusi
B. Bubuka D. Pamungkas

27. Lamun keur maca biantara, alusna make sora anu….


A. Lalaunan C. Gogorowokan
B. Jentre D. Leuleus

28. Kantong Reni mani alus.


Kecap Kantong Reni kaasup kana….
A. Jejer C. Objek
B. Predikat D. Keterangan

29. Pek titenan paragraph sing gemet!


Nyirorotna hasil panen pangedena mah balukar tina alih pungsi atawa lahan
robahna tataruang. Lahan anu tadina diprioritaskeun keur tatanen kiwari geus robah
jadi bangunan pabrik, padumukan, took, pasar jeung jalan aspal. Cilakana, robahna
tataruang tina pasawahan jadi industri the teu dibarengan kunyitak sawah anyar. Laian
ti kitu, ngurangan nana lahan tatanen teu dibarengan ku teknologi pikeun “pengadaan”
swasembada pangan boh di kabupaten boh di provinsi.

Kecap anu ditulis dengdek dina bacaan diluhur ngandung harti…..


A. Ngolahkeun barang bari ngagunakeun alat
B. Kagiatan ngahasilkeun barang
C. Ngaluarkeun barang ti pabrik
D. Mariksa barang bisi aya nu cacad

30. Mipit kudu amit ngala kudu menta.


Harti paribasa diluhur nyaeta…..
A. Taya pisan tapakna
B. Kudu bebeja heula kanu bogana
C. Boga elmu teu nyaho maksudna
D. Pagawean nu moal aya hasilna

B. Jawab pananya di handap ieu ku jawaban nu merenah !


31. Anu kaasup kecap serepan tina basa Arab nyaeta….
Pek titenan carita pondok dihandap, pikeun ngajawab pananya nomer (32-33)
Manuk Piit
Enya oge bel balik sakola geus disada, Barudak MI Darawati henteu langsung
budal saperti biasa, sabab hujan angina mani ngagebret. Root hujan kakara barudak
lalumpatan baralik. Dihandapeun tangkal cengkeh, reza manggih saying manuk piit
murag. Barang ditoong, anak manuk piit mani recet. Tayohna saying manuk piit teh
murag ku hujan angina.
“Kumaha atuh miarana?” Saur Amih basa Reza ningalikeun anak manuk piit
saopat-opat.”Abdi oge tiasa, Amih. Apan kapungkur kantos gaduh anak manuk piit.
Diparaban na teh ku beas kenging ngabeuweung,” tembal Reza.

32. Saha nu jadi tokoh carita pondok diluhur?


33. Kumaha carana maraban manuk piit teh?
34. Pa Guru : Dang, kunaon kamari teu sakola?
Dadang : Nyeri waos Pa. Gugusina aya nu copong
Pa Guru : ……….
Dadang : Parantos Pa, kamari oge teras dilandongan ka Puskesmas
Kalimah pananya nu merenah pikeun ngalengkepan pagumenan nyaeta….
35. Tabuh 07.00 barudak kabeh nya kitu deui guru-guru geus ngarumpul. Teu lila mobil
nu rek dipake karyawisata teh datang. Atuh barudak teh mani surak teu sirikna ajrag-
ajragan. Tuluy barudak arasup kana mobil bari di absen ku ibu guruna. Teu lila mobil
mangkat nuju katempat anu di tuju.
Judul nu merenah keur potongan carpon ….

C. Jawab pananya dihandap ieu!


36. Pek titenan bacaan !
Cep Rama saban poena getol sholat barjamaah di masjid, sanajan hujan ngagebret
tarik, teu ngajadikeun hahalang pikeun indit ka masjid. Kabiasaan ieu teh miconto ti
nu jadi bapana Cep Rama, nyaeta H. Wijaya nu katelah jadi pamuka agama di
lemburna.
Tulis Paribasa anu merenah pikeun kaayaan carita diluhur!
37. Robah wangun kalimah aktif dihandap jadi kalimah pasif!
a. Ibu nuju ngagoreng endog di dapur.
b. Aki sareng bapa nuju ngabedahkeun balong.
38. Jieun kalimah make kecap kaayaan :
a. Beureum euceuy
b. Hade pisan
39. Aya sabaraha bagian biantara teh? Jelaskeun!
40. Pek tulis ku hideup pupuh balakbak, tuluy tangtukeun guru lagu jeung guru wilangan
na sing daria!

Anda mungkin juga menyukai