Kristus Raja Panutan urang Nu ikhlas nandang tunggara Seba raga disalib di Golgota Sugih kaasih-Na jembar kanyaah-Na Nebus dosa umat sadaya Tuhu ka Rama-Na tumut ka Kersa-Na Pikeun nanjeur Karajaan Allah Gareja di Tatar Sunda Kukuh pengkuh Iman ka Gusti Ngajungjung cara jeung ciri Kayaktian budaya jati diri Iman jeung harepan welas sareng asih Jadi bukti iman ka Gusti Akur guyub rukun tulung tinulungan Jadi dasar hirup babarengan Kedalkeun ucapan syukur Margi Gusti parantos nyaur Cigugur tempat nu subur Umat Gusti hirup kalawan akur Sipat silih asih asah sareng asuh Dasar hirup sabilulungan Iman ngakar mekar Gareja motekar Jadi berkah pikeun masarakat