Anda di halaman 1dari 3

Kumpulan Carita Sunda Lucu Bodor Matak Seuri - Bodor Sunda jaman kiwari

3 pamuda naraek taksi, 3 pamuda nu keur marabok nyetop taksi. Ceuk Sopir Taksi na jero
hatena: "ieu jelema gawena ngan marabok wae, digawean siah ku aing".
Sanggeus eta 3 pamuda naraek taksi, supir ngahurungkeun mesin sakeudeung trus dipareuman
deui.
Supir : "Parantos dugi den, mangga tarurun"
Pamuda ka-1 turun bari mayar, nu ka-2 sasalaman bari ngomong nuhun.
Ari pamuda ka-3 pas turun kalah nyabok, bari ngambek: Engke deui mun mawa taksi tong
ngebut2 kitu lah bahaya! kalem we nyupirna!=D X_X.
Supir taksi: Dasar jelema garering..:/ :D =)) =D

Angkot Jeung Ojeg


Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.
Mie panyabab ka Naraka
HATI-HATI.......
8 jenis MIE nu t'meunang dikonsumsi sbb bisa ngakibatkn ka naraka, nyaeta:
1.mie dua ALLOH.
2.mie mie susu lain muhrimna.
3.mie luan aliran sesat.
4.mie kiran teuing dunia.
5.mie harep asup surga ku amalan goreng.
6.mie lampah pagawean setan.,
7.mie ceun runtah kana beungeut mitoha.
8. Mie kul pamajikan batur..:D
Ditilang Bapa Polisi
Waktu eta teh si "Bedul" ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit.
Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit
make helem ieuh. Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun
manehna
Bedul: "Ku naon pa abi di eureun keun??"
Polisi: "Arek mariksa"
Bedul: "Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA...........
Polisi: "lain eta maksud saya mah"
Bedul: "Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala"
Polisi: "Ari SIM na mana ??"
Bedul: "Oh eta mah bi can gaduh pa!"
Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat
parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM,
Langsung maneh na eureun
Bedul: "Aya naon deui pa ??? SIM aya .... motor komplit Naon deui pa?"
Polisi: "maneh teu pakai helem... Kapaksa ku saya maneh di tilang..."
Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung
polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi
Bedul: "Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge"
Polisi: "Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???"
Bedul: "Ohhh euya ya... geuning aing bolohoy!"
Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan...

Kadaharan Paling Haram


Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"

Dina Rangka Pupujieun


Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di ITB. Caritana hiji
sobat Adun meuli gantungan konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun.
Ibro (sobat Adun) : "Dun, tempo yeuh urang meuli ieu." (bari ningalikeun gantungan konci).
Adun: "Jang Naon Bro ?"
Ibro : "Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya, ku urang dijawab 'Papa baru pulang
sekolah di ITB'" (kata Iqbal dengan penuh Wibawa & Kebanggan).
Adun: "Lamun anak maneh nanya 'pah ITB teh apa ?'"
Ibro : "Institut Teknologi Bandung."
Adun: "Lamun anak manek nanya 'Kalo Institut Apa ?'
Ibro : "Institut......nya institut....!. Ari ceuk maneh naon..?" (Iqbal balik nanya bari ngetest)
Adun: "Piraku poho? pan aya laguna..."
Ibro : "Kumahaaaa...?" ( panasaran)
Adun: "Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu ngambeu."
Ibro : "Gelo sia mah, kakolot teh." (bari indit)
Adun: "Bae ahh..."

Diudag Pulisi
Keur anteng ngagebér motorna, Odoy ngareret kana spion ari breh teh ditukangeun aya saurang
pulisi keur ngudag manehna. Najan haben dikalaksonan, Odoy jongjong ngagas motorna, teu
malire da ceuk pamikirna teu rumasa ngalanggar. Dasar motor nu ditumpakan Odoy kaluaran
taun heubeul, diuber ku motor king taun panganyarna, atuh ngan sasiet oge kaberik. Kapaksa
Odoy eureun, dina hatena gogolono, pasti cenah urusan jeung pulisi mah ujung ujungna duit.
Mangkaning dina dompetna ngan ukur dua puluh dua puluhna, eta ge meunang nyanyapa tina
handapeun kasur basa samemeh indit.
"Aya naon pa, make nguber ka abdi ?" tanya Odoy bari mukakeun helem.
"Ari ujang teh tatangga bapa anu dilembur tea sanes ?" ceuk pulisi negeskeun
"Sanes, abdi mah teu gaduh tatanggi anu janten pulisi Pa !"
"Punten atuh ari sanes mah, eta we apal ka helemna, geuning sami jeung tatangga bapa, tadina
mah bade wiat saur ka indung budak dilembur, yen bapa moal kalembur salami tilu dinten, aya
dines !"
"Oh kitu nya !" ceuk Odoy nahan piseurieun.
Keur guntreng kitu kalalaran aya motor ngaliwat nu numpakna make helem persis pisan jeung nu
dipake ku Odoy.
"Boa boa itu tatangga bapa mah, punten nya jang tos ngarerepot !" ceuk eta pulisi ngabius
ngudag motor nu karek ngaliwat, bari haben kalaksona ditabeuh sapapanjang jalan.
"Salamet..salamet !" Odoy nyenghel bari ngusapan dompetna.

Anda mungkin juga menyukai