Anda di halaman 1dari 2

Ririungan urang karumpul

Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan


Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan

Moal lila jeung babaturan


Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere pegat simpai, bakal kasorang


Takdir ti gusti hyang widi, pasti kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukut, hayu urang sosonoan

PATURAY
Asa kamari urang sasareungan di ajar di aping ibu bapa guru
asa can lami urang sosobatan cunduk waktos na ayeuna papisah
papisah urang bakal papisah
pateubih urang bakal pateubih
paanggang urang bakal paanggang
paturay urang bakal paturay

Lulus ujian kacida bungah na


ibu bapa guru duh langgeung jasa na
junung sakola ngudag cita-cita
muga-muga jaga urang teupung deui
pileuleuyan sobat-sobat sarerea
pileuleuyan duh ibu bapa guru
rek paturay kacida sedih na pileuleuyan
duh kantun waas na....

Cunduk Waktu

Cunduk kana waktuna geuning..


Urang téh bakal papisah.. Papisah..

Salam gugupay katineung abdi..

Moal hilap salamina..

Cunduk waktu ninggang mangsana..

Urang teu wasa kumaha.. kumaha..

Najan resep sasarengan..

Urang téh bakal papisah.. Papisah.. (2x)

Cunduk kana waktuna geuning..


Urang téh bakal papisah.. Papisah..

Salam gugupay katineung abdi..

Moal hilap salamina..

Cunduk waktu ninggang mangsana..

Urang teu wasa kumaha.. kumaha..

Najan resep sasarengan..

Urang téh bakal papisah.. Papisah.. (2x)

Moal hilap salamina..

Anda mungkin juga menyukai