Anda di halaman 1dari 6

Indung bapa

Gusti pangeran abdi


Mugi asih asih ka pun biang
Sakumaha pun biang ka abdi
Miasih taya lirenna

Gusti pangeran abdi


Muga nyaah nyaah ka pun bapa
Sakumaha pun bapa ka abdi
Nu nyaah taya reureuhna

Asih indung2x
Asih bapa2x
Teras nganteng
Teu laas ku mangsa
Duh indung 2x…. Duh bapa 2x
Welas asih ihlas taya pamrih

Du’a indung2x..du’a bapa2x


Nungtun jalan sangkan bener pinter
Duh indung2x..duh bapa2x
Nungtun lengkah sangkan ulah salah
Jalan layang
Jalan layang 2x
Jalan diluhur ngembat panjang
Tinggeuleuyeung pasuliweur kendaraan
Malar gancang muru pangjugjugan

Jalan layang2x
Jalan diluhur ngembat panjang
Motor mobil ngalaju antay antayan
Tartib lancar nepi ka tujuan

Jalan layang liliwatan


Meulah kota diatur unggal jalur
Jalan layang Peupeuntasan
Pareng nyemprung asa lelenyapan
Pelesiran

Yu mapai dayeuh priangan


Ti cimahi yu urang miang
Saban kota urang anjangan
Babarengan yu pelesiran
Ka bandung kade kalangkung
Kota jasa tempat balanja
Nu wisata timana-mana
Bandung puseur budaya sunda
Urang sindang ka sumedang
Mapai jalan cadas pangeran
Tuang tahu nikmat pisan
Pelesiran bari gogonjakan
Ka garut kajojo ku dodolna
Ka tasik lalucu sopenirna
Ciamis raos galendona
Ka banjar pangandaran endah alamna
Nataan pupuh

Urang tembang diajar ngahaleuang


Lagu pupuh aya 17
Urang tataan
Urang apalkeun
Kumaha laguna
Kumaha dangdingna

Urang tembang diajar ngahaleuang


Lagu pupuh aya 17
Urang tataan
Urang apalkeun
Kumah laguna
Kumaha dangdingna

Pupuh kinanti jeung pupuh sinom


Asmarandana jeung dangdagula mijil
pangkur durma jeung gurisa gambuh ladrang lambang
maskumambang
balakbak magatru JEUNG pucung wirangrong jeung
jurudemung2x

URANG TEMBANG DIAJAR NGHALEUANG


LAGU PUPUH AYA 17
LAGU-LAGUNA
DANGDING DANGDINGNA
HALEUANG TEMBANGNA
OMAT KUDU BISA
Paturay
Asa kamari urang sasarengan
Diajar diaping ibu bapa guru
Asa can lami urang sosobatan
Cunduk waktosna ayeuna papisah

Papisah..urang bakal papisah


Patebih.. urang bakal patebih
Paanggang..urang bakal paanggang
Paturay.. urang bakal paturay

lulus ujian kacida bungahna


ibu bapa guru duh ageung jasana
junun sakola ngudag cita-cita
muga-muga jaga urang tepung deui

pileuleuyan sobat-sobat sarerea


pileuleuyan duh ibu bapa guru
rek paturay kacida sedihna
pileuleuyan duh kantun laasna
Jasa guru
Abdi tiasa maca jasana BAPA ibu guru
Abd tiasa nulis jasana BAPA ibu guru
Abdi tiasa ngetang jasaNA BAPA IBU guru
Abdi tiasa Tembang jasaNA BAPA ibu guru

Ibu guru bu
BAPA guru pa
NU TEU WELEH NGAPING NGAGEUING
IBU GURU
BAPA GURU
AGEUNG JASANA PAHLAWAN ABDI SADAYA

Anda mungkin juga menyukai