Anda di halaman 1dari 14

BASA SUNDA

KAWIH ASUH BARUDAK

OLEH:
UBUN R. KUBARSAH

DIRÉKA KU MANG OPOH


SDN SUKAMERTA II
CITA-CITA
Cita-cita, cita-cita
Jadi putra bangsa béla nagara
Indonesia langgeng jaya
Adil makmur kertaraharja
Hayang jadi dokter héy bidan perawat
Jadi TNI-POLRI héy gagah perkasa
Ngubaran pasén sangkan gancang séhat
Siap babakti ka lemah cai
Jadi guru dosén wartawan seniman
Jadi ahli hukum diplomat téknokrat
Olahragawan atlit nasional
Ahli ékonomi patani mandiri
Hayang jadi pamingpin jujur
Cita-cita, cita-cita
Walikota bupati gubernur
Mangka laksanan mun diajarna rajin
Jadi wakil rakyat menteri presidén
Cita-cita, cita-cita
Cita-cita mulya cita-cita jaga
Pareng laksana mun diajarna tigin
Musik
Lagu
BASA SUNDA
Basa Sunda basa Sunda
Basa indung urang Sunda
Sapopoé kadé lali
Sasauran basa Sunda
Ka indung jeung ka bapa Diajar basa Sunda diajar basa Sunda
Ka lanceuk jeung ka adi Titénan dina kamusna
Sing tarapti bari hadé budi Na koran jeung majalah
Basa Sunda basa Sunda Sing ngarti ulah salah
Basa indung urang Sunda Resep temen maca buku sunda
Di sakola kitu deui Diajar basa Sunda diajar basa Sunda
Sasauran basa Sunda Titénan dina laguna
Ka ibu bapa guru Apalkeun haleuangna
Ka sobat babaturan Sing béntés kalimahna
Sing iatna hormat diajarna Resep temen ngawih lagu sunda

Lagu Musik
JALAN LAYANG

Jalan Layang jalan layang


Jalan di luhur ngembat panjang
Tinggeuleuyeung pasuliwer kendaraan
Malar gancang muru pangjugjugan

Jalan layang jalan layang Jalan layang liliwatan


Jalan di luhur ngembat panjang Meulah kota diatur unggal jalur
Motor mobil ngalaju antay antayan Jalan layang peupeuntasan
Tartib lancar nepi ka tujuan Pareng nyemprung asa lelenyapan

Lagu Musik
PELESIRAN
Yu mapay dayeu priangan
Ti Cimahi yu urang miang
Saban kota urang anjangan
Babarengan yu pelesiran
Ka Bandung kadé kalangkung Urang sindang ka Sumedang

Kota jasa tempat balanja Mapay jalan Cadas Pangéran

Nu wisata ti mana-mana Tuang tahu nikmat pisan

Bandung puseur budaya Sunda Pelesiran bari gogonjakan


Ka Garut kajojo ku dodolna
Ka Tasik lalucu supenirna
Ciamis raos galéndona
Ka Banjar Pangandaran éndah alamna

Lagu Musik
CIAYUMAJAKUNING
Ciayumajakuning Ciayumajakuning
Singgetan ngaran kota-kota
Ciayumajakuning Cirebon Indramayu
Majalengka Kuningan
Ciayumajakuning Ciayumaajakuning
Sarakan dayeuh tatar Sunda Ayo yo ayo ke Cirebon deleng keraton
Ciayumajakuning Cirebon Indramayu Bagus temenan seni topéng lan tarling
Majalengka Kuningan Ayo yo ayo Indramayu kota ayu
Aduh senengé aja klalén seni sintrén
Hayu yu hayu urang nyimpang ka Kuningan
Ka Linggarjati Darmaloka Cibulan
Hayu yu hayu wisata ka Majalengka
Resik kotana éndah asri talagana

Lagu Musik
WADITRA
Urang nabeuh yu gamelan Sunda
Pak ting tung ting pak kendang ditepak
Saron peking panerus selentem
Rincik bonang kenong reujeung goong

Urang nabeuh yu waditra Sunda


Nu ditiup suling tarompét toléat
Nu dikését rebab piul tarawangsa
Nu ditakol dogdog calung tarawangsa Kacapi dikemprang sintreuk
Angklung direundeuk-reundeuk
Barudak igel-igelan
Galumbira euy éngklak-éngklakan

Lagu Musik
JABODETABÉK
Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi
Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi
Jabodetabék dayeuh maneuh tatar Sunda
Jabodetabék panyangga ka ibukota
Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi Kota asri héy kota industri
Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi Pangwangunan mekar motékar
Jabodetabék ngadeg nanjung sauyunan Kota asri héy kota industri
Jabodetabék nanjung ngudag kamajuan Pangwangunan keur karaharjaan
Seni jeung tradisina
Basa jeung budayana
Alam lingkungannana
Kota métropolitan
Jabodetabék
Lagu Musik
KATUMBIRI
Katumbiri warna-warni
Katumbiri warna-warni
Beureum gading konéng héjo
Biru wungu pulas katumbiri
Melengkung di luhur langit
Katumbiri datangna duka ti mana
Nu lungsur ti kahyangan
Melengkung di luhur langit
Widadari putri geulis ayu wangi
Katumbiri nutugna duka kamana
Nu lungsur ti kahyangan
Katumbiri warna-warni
Widadari nu wangi anteng marandi
Katumbiri warna-warni
Katumbiri katumbiri
Éndah teuing duh katumbiri
Cahyana hurung ngempur
Tarajé titihan putri
Pulas seni nu linuhung
Katumbiri karya Maha Agung
Lagu Musik
WISATA BUDAYA
Ta ta ta wisata ka Purwakarta
Ti Jatiluhur terus ka Cirata
Mi mi mi wisata ka Sukabumi
Selabintana Pelabuhan Ratu
Tempat wisata di tatar Sunda
Klung klung klung ka saung angklung
Pada ngajugjug ti mana-mana
Di Ujungberung silat benjang nanjung
Wisata alam éndah kacida
Bang bang bang ti Bandung ka kota Lémbang
Wisata seni matak narik ati
Ka Maribaya Tangkuban Parahu
Wisata seni budaya
Seni cianjuran kamashur ti Cianjur
Seni jaipong seni sisingaan
Bang ting tung ting bang
Ti Karawang Subang
Lagu Musik
HUJAN TURUN
Tuh langit mendung
Langit mendung kasorénakeun
Tuh hujan turun
Hujan turun teu eureun-eureun
Tatangkalan dituaran
Pasir lamping geuning bulistir Walungan di tatar Bandung
Cai hujan palid ka hilir Caina umpal-umpalan
Taneuh urug matak kaletir Di buruan di jalan-jalan
Cai nguyumbang banjir cileuncang
Ti ayeuna urang riksa
Luhur pasir melak tatangkalan
Sina subur héjo lémbok
Datang hujan moal kacaahan
Lagu Musik
DU’A INDUNG BAPA
Gusti pangéran abdi
Mugi asih, asih ka pun biang Asih indung (asih indung)
Sakumaha pun biang ka abdi asih bapa (asih bapa)
Miasih taya lirénna Teras nganteng teu laas ku mangsa
Gusti pangéran abdi Duh indung (duh indung)
Muga nyaah, nyaah ka pun bapa Duh bapa (duh bapa)
Sakumaha pun bapa ka abdi Welas asih ihlas taya pamrih
Nu nyaah taya reureuhna Du’a indung (du’a indung)
Du’a bapa (du’a bapa)
Nungtun jalan sangkan bener pinter
Duh indung (duh indung)
Duh bapa (duh bapa)
Nungtun léngkah sangkan ulah salah

Lagu Musik
INTERNÉTAN
Internétan yu internétan
Internétan urang muka émail
Internétan yu internétan
Internétan yu hayu muka fésbuk
Muka émail na internét Teknologi informasi
Sing bener nulis passwordna Manjangkeun komunikasi
Muka fésbuk na internét Milah milih informasi
Ulah salah milih situsna Kudu surti sing ati-ati
Internétan yu internétan Internétan internétan
Internétan inget kana waktu Nambah élmu pangaweruh
Internétan yu internétan Internétan internétan
Internétan omat tong kajongjonan Nambah luang lega wawasan

Lagu Musik
HATUR NUHUN, CAG!
PERMIOS ... !

Anda mungkin juga menyukai