Anda di halaman 1dari 5

Pemerintah Kota Bandung

Dinas Pendidikan

SD Negeri Derwati
Jl. Derwati No. 40 Kec. Rancasari

ULANGAN KENAIKAN KELAS


PELAJARAN BAHASA SUNDA SEMESTER 1 KELAS 6

A. Cakra (x) a, b, c, atawa d dina jawaban bu bener!

1. ........
Wasta abdi Sulianti

a. Saha namina?
b. Saha wasta anjeun
c. Saha ngaran anjeun
d. Saha jenengan teh?

2. Ari kalimah tanya mah dicirian ku tanda....


a. titik
b. panyeluk
c. pananya
d. kekenteng

3. .....datangna? jawabna : kamari


a. kunaon
b. naha
c. iraha
d. kumaha

4. .......
Rorompok mah di jalan Baranangsiang.
a. Di mana bumi teh?
b. Kumaha di Kopo ayeuna?
c. Di Kopo bumi teh?
d. Ari di Kopo bumi saha?

5. ......
Wangsul ti pasar abdi mah

a. tos ti mana?
b. mulih ka mana?
c. nembe ti saha?
d. mulih ti mana neng?

6. .....
Pangaosna nu ieu mah tilu rebu.
a. Sabaraha ieu mang?
b. Pangaosna nu ieu, mang?
c. Sabaraha ieu, mang?
d. Nu ieu mah sabaraha, mang?

7. ......
Alhamdulillah pun bapa sareng pun biang daramang.

a. Kumaha kabarna?
b. Ari bapa sareng ibu araya?
c. Bapa sareng ibu kumaha ayeuna?
d. Kumaha bapa sareng ibu wartosna?

8. nepangkeun ieu....
a. Pun bapa sareng pun biang abdi
b. Pun bapa sareng ibu abdi
c. Pun bapa sareng pun biang
d. Pun bapa sareng pun ibu

9. Mulih ti mana neng? Jawabna.....


a. tos ti dinya
b. mulih ti palih dinya
c. wangsul ti palih dinya
d. tos ti palih dinya

10. Nu kaasup cacandran nyaeta.....


a. Bandung heurin ku runtah
b. Bandung heurin ku tangtung
c. Bandung heurin ku mobil
d. Bandung heurin ku jalma

11.Angklung dijieuna tina....

a. pelastik
b. awi
c. kai
d. hoe

12. Suling dijieuna tina..


a. hoe
b. awi
c. kai
d. tamiang

13. Nu kaasup kana alat nu modern nyaeta...


a. ayakan
b. bubu
c. komputer
d. sirib

14. Ti payun abdi parantos ngupingkeun eta dongeng teh. Pun bapa kantos....
a. ngadenge
b. ngadangu
c. ngareungeu
d. ngupingkeun

15. Pakakas dapur nu lain dijieun tina awi mah....

a. boboko
b. hihid
c. ayakan
d. baskom

16. Lauk....pajarkeun teh leutik!


a. gede
b. gedean
c. galede
d.sagede-gede

17. Mamawa HP teh bisa ngondang ayana....


a. kakacowan
b. kajahatan
c. kasombongan
d. kabohongan

18. Mobil teh....wae ngangkutan runtah ti pasar Ciroyom


a. bulak-balik
b. babalikan
c. balikeun
d. sabalikeun

19. Congkrang teh ngaran pakakas paranti....


a. ngala suluh
b. meulah awi
c. motong kai
d. nyacar jukut

20. Pengki gunana paranti....


a. nandean runtah
b. sasapu
c. ngala keusik
d. ngala cai
KAAYAAN SD SUKASARI I

SD abdi SD Sukasari I, kaasup SD "Percontohan". Dina sagala widang kegiatan sok


diilukeun. Kamari oge meunang lomba calistung (membaca, mnulis dan berhitung), tingkat
kabupaten.
Murid-murid di SD Sukasari mah disiplin pisan. Uanggal poe Senen, sok make seragam
bodas-bodas, sarta didasi jeung ditopi. Sapatuna kudu hideung. Lamun aya barudak nu
ngalanggar aturan, sok dibere sanksi. Husus poe Jumaah mah, barudak marake baju takwa,
iwal nu non muslim.
Di sakola teh aya sapuluh rohangan. Nu genep rohangan dipake pikeun diajar. Nu opat
rohangan deui mah, dipake pikeun rohangan kesenian, rohangan UKS jeung pramuka,
perpustakaan jeung laboratorium.
Rohangan kesenian dihijikeun jeung rohangan olahraga, legana mah kurang leuwing 8 x 8
meter pasagi. Atuh dijerona teh aya gamelan, angklung jeung calung. Barudak sok lalatihan
degung, calung jeung angklung. Nu ngalatihna oge husus lulusan sarjana seni.
Rohangan UKS jeung Pramuka rada leutik ukuranana, kurang leuwih 6 x 7 meter pasagi.
Di ieu rohangan aya kasur, paranti istirahat upamana aya nu geuring. Atuh obat-obatana oge
kawilang lengkep. Ari nu sok ngalatih UKS jeung Pramuka mah ti Dinas kasehatan.
Rohangan nu panggedena dipake komputer jeung laboratorium ukuranana 11 x 11 meter
pasagi. Komputer aya 25 siki. Murid-murid diwajibkeun diajar komputer. Ieu nu
ngabedakeun pangajaran di SD Sukasari jeung SD sejena.

Rohangan perpustakaan ukuranana 9 x 9 meter


pasagi. Perpustakaan sakola pangalusna ditingkat kabupaten mah. Buku-bukuna lengkep.
Pengurus perpustakaan oge, lain guru didinya, tapi husus jalma nu ahli dina ngokolakeun
perpustakaan. Pernahna ieu perpustakaan aya dikencaeun rohangan diajar pantungtungna.
Jadi barudak teh bakal tenang, upama maca jeung diajar di perpustakaan. henteu kagiridig ku
murid sejen.

Dicutat tina buku Pangrumat Basa Sunda

Pek jawab sakur pananya di handap ieu!

1. ku naon SD Sukasari bet disebut SD percontohan?


2. Sebutkeun contona yen SD Sukasari teh disiplin pisan!
3. Kumaha kaayaan barudak SD Sukasari dina poe Jumaah?
4. Aya sabaraha rohangan di eta sakola teh?
5. Dipake rohangan naon wae cenah?
6. Ditingkat mana yen perpustakaan SD Sukasari kaasup alus?
7. Saha nu ngokolakeun perpustakaan sakola teh?
8. sakumaha gedena ukuran rohangan komputer jeung laboratorium nu aya di Sd sukasari?
9. Pangajaran naon nu ngabedakeun SD Sukasari jeung Sd nu sejena?
10. Kumaha kaayaan buku pangajaran di SD Sukasari?

Anda mungkin juga menyukai