Anda di halaman 1dari 3

1.

Lamun dayang dahar noga


kudu daek nya meulina
Lamun hayang asup sorga
Kudu getol nya solatna ?

2. Kaleuweung rek melak tomat


dibaturan teh ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti ngajalankeun sholat

3. Ngala tutut ka talaga


Alat na pacul ayakan
Kitu patut hayang sorga
solatna oge jarang pan?

4. Lamun ulin ka talaga


balikna sok barang bawa
lamun urang hayang surga
jalana nyaeta takwa

5. Daun salasih ngareluk


di seumat ku awi beulah
nu asih ka pada mahkluk
di rahmat ku gusti alloh

6. Ka Ema silaturahmi
Teu hilap nyandak seupaheun
Jalma nu alus budi
Pasti loba nu resepeun

7. Kamana jalan ka asia


tuh kaditu ka palih wetan
kamana jalan ka surga
tuh kaditu ka pangaosan

8. Ka pasar meser ragaji


Ragajina tinggal dua
Boga budak pinter ngaji
Nu reueus pasti kolotna

9. Ka warung meuli katuncar


Sakalian meuli jahe
Mun budak kedul diajar
Hanjakalna ke geus gede
10. Mun engke ka Bojong Menje
bakal nguriling jalanna
mun diajarna talangke
bakal kaduhung ahirna

11. Mawa peti dina sundung


ditumpangan ku karanjang
pangarti teu beurat nanggung
tapi mangpaatna panjang

12. Samping kageutahan dukuh


dikelab dikacaikeun
nu matak urang sing kukuh
papatah guru turutkeun

13. Angeun hurang sapariuk


bawangna ngan dua sihung
ulah mungpang ka piwuruk
bisi akhirna kaduhung

14. Salila milu ka dinya


teangan roda padati
salila hirup di dunya
teangan elmu pangarti

15. Rujak cikur rujak bebek


Loba nu rek ngadaharna
Jalma nu sok gede ambek
Bakal kaduhung ahirna

16. Ngawuluku ngawalajar


kudu dibaladah heula
dina waktu rek diajar
hayu urang ngadaro’a heula

17. Lamun poek nyeungeut lilin


teu pati caang seuneuna
ulah ngalobakeun ulin
bisi kaduhung ahirna

18. Haur Geulis linggar jati


Meser ayakan jeung nyiru
Urang kudu pinter ngaji
Tah dangukeun bapa Guru

19. Singgetol nginum jajamu


nu guna nguatkeun urat
singgetol neangan elmu
nu guna dunya aherat
20. Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bogohan
Bisi sakolana kaganggu

21. Lauk emas ngakan ganggeng


disamberan ku japati
boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti

Anda mungkin juga menyukai